Cara ciri kabangsaan sangkan teges tur nangtu yen kabangsaan tangtu apal yen kasajatian diri teh miwanda titis jeung tulisna,( titis na nya manusa, tulisna atawa ucap jeung lakuna nya manusa) sabab iwal ti bangsa manusa anu bakal apal yen hirup teh aya nu miboga nya eta: Ma = anu suci anu nitipkeun usik daya pangawasa dina, sir pikir budi jeung rasa, nu di sebut jatiNusa= anu asal nu disebut aci ning alam. Bumi,angin, cai jeung seuneu, sumurup dina sarining nu di leueut jeung di tuang gumulung ngahiji ngajadi raga diri katitipan ku Ruh jati( nu maha Suci), jeung ku alam nu jadi waruga.Lamun Diri. Balik jatina, mulang Ragana. Diri ngadeg tetep langgeng salalawasna nga jadi titis waris. Nyata elmu nu mangfaat.Mangkana nu di sebut ka bangsaan tangtu ngadeg kasajatian diri ka-rahayat an.
4. KA- RAHAYATAN.
Ules watek nu mampu ngadegkeun kasajatian diri nu wawuh ka asal diri yen diri teh ngangon jisim jeung jirimna nu jadi titipan tinangtu milaku sifat adil ( kala laku ti-nimbang-an)Adil teh hiji ules watek milaku ku cara “ati ati, taliti, nastiti, dihin tur pasti”. Nu disebut jiwa Rancage”
5. KA-ADIL-AN.
Ules watek tinimbangan atawa kasaimbangan hirup dina nga-wujud keun kasajatian diri “Ka Mardhi ika an”.Dasar hirup anu lima di luhur, nyata hiji gambaran pasti pikeun panataan laju ning hirup kumbuh pikeun nyahaya keun wujud anu ka sifatan ku karsa jeung kersana anu Ma-Ha na, geusan:”Wawuh ka kujur, katut apal ka pangeusina diri. Sarta mampu ngalaksana papancen hirup anu ngabdi kanu nangtuan abdi na.(ngawula) nga “badega salaku abdi nagara ragana manusa.Dina medar tur ngaguar harti misti nu mustari, taya sanes iwal ti nguningakeun hiji ajen inajen ka Sundaan numutkeun elmu titipan anu ka pibanda ku kapribadian “Manusa Sunda. Dina wengkuan nu di sebut “Tatali Paranti”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar