[25/11 21:06] aji rasha: nguping carios Hadist,
jagat aya dua rupa,
1.Jagat shagir
2.Jagat kabir,
Jagat shagir wujud urang, jagat kabirnya alam dohir.
Kaayaannana kitu,
teu beda geus tangtu sami, tah kusabab kitu
kumaha pangna teu beda, shagir sareng Jagat kabir.
bener kitu, Hadist moal salah kieu bisi teu uninga,
geura bandungan
ieu dina alam dunya,
eusina eta geus pasti.
Aya beurang peuting tangtu, di diri urang ge bukti, meureun karasa,
aya sare aya nyaring,
nyaring bbandingan beurang, sare babandingan peuting.
poe tujuh ,
naon nyatana di diri,
eta palawangan nu diluhur
Nyata
dua liang irung,
dua soca
dua cepil,
ning geus genep jumlahna,
ka tujuhna baham,
tah eta poe nyatana,
moal enya salah deui.
[25/11 22:47] aji rasha: pasal dawuh lima
nu sidik, eusina nu tujuh tea,
1.pangdanguna cepil, 2.tinggalina soca,
3.pangucap pasti.
4.pangangseu irung,
5.rasana pasti,
tah geuning jejeg geus lima,
sidik geus bukti,
kantun bulan
can kaharti,
aya bulan dua belas,
dina ieu alam dohir,
naon nyatana di urang,
pasal bulan
eta anu dua belas tea,
nyatana di diri
mangga bilang ugel tangan, nu dua sabaraha hiji.
ugelna panangan bukti,
aya tilu sabeulahna,
jadi dua tangan pasti,
aya genep sadayana,
karek genep siki, mana anu
sawarehna,
ugelna dua sampean,
aya deui genep
pasti.
bener dua belas siki,
ugel dilihur dihandap,
kantun dina jero bulan,
naon buktina nu pasti.
Dina sabulan teh tangtu,
tilu puluh poe pasti,
eta sanyatana,
nu yakin dijero diri,
Nyatana ugel nu lembut, uel-ugel ramo
mangga bae etang,
tilu puluh eta sidik,
nu dina dua panangan,
ramo suku kitu deui.
Sami bae tilu puluh,
nyatana
beurang jeung peuting, panangan bagian beurang, sampean bagian peuting, numatak dina sabulan,
aya tilu puluh peuting.
Beurangna ge sakitu,
tilu puluh beurang deui,
paingan carios kitab,
taya bedana sautik.
Kantun taun nya kasebat, kabehna dalapan pasti, sawindu eta ngaranna,
naon nyatana nu bukti, nyatana di badan urang,
pasal taun,
nu dalapan eta ,
antarana ugel tangan,
peupeuteuyan dua siki,
dua tangan geus nyata, jumblah aya opat siki.
Dihandap ge sakitu,
dua bitis
dua pingping,
jadi opat jumblahna,
opat diluhur tadi, dijumblah jejeg dalapan,
eta taun teh
Jadi ngarana sawindu, hartina windu teh
saajegna diri urang,
cukup teu kurang leuwih, panggahota diri urang,
taya kakurangan deui.
nyata kabeh di diri,
kaayaan alam dunya,
geus kumpul di Jagat shagir,
tapi aya nu kaliwat,
nu teu dipilahir.
Di alam dunya teh dumuk, aya Srangenge pasti,
kitu deui aya Bulan,
Bentang-bentang laksa keti, hawa panas
hawa tiis.
[25/11 23:01] aji rasha: Hawa angin
Hawa bumi kitu,
naon nyatana nu yakin,
di badan urang sapata,
nyatana hawa nu opat,
nafsu urang eta pasti.
Amarah
Lowamah ,
Sawiah
Mutmainah,
eta moal salah deui, kanyataan dina badan,
Srangenge jeung Bulan,
naon nyatana di diri,
eta hirup urang,
tapi eta mah
Geus asup hakekat kitu,
teu beunang dijirim-jirim, dibuktikeun dina badan, sabab eta mah geus ghaib, kakara bisana nyata
kudu ku tarekat
Nganyatakeun sifat hirup, hanteu kenging ditinggali,
ku awas panon kapala,
kudu ku awasna ati,
da ari awas mata mah,
keur ninggali Johar pirid.
Caang dunya eta kitu,
Bulan Panonpoe dohir,
nu nguatkeun alam dunya,
ngahirupkeun eusi bumi, sarupaning tatangkalan,
da mun taya Matahari.
Hawa bumi angin banyu, moal bisa jalan pasti, samangsa teu jalan eta,
tatangkalan moal jadi,
moal aya hasil dunya, meureun manusa ge mati.
Tah eta geuning geus dumuk, hirupna teh Jagat kabir,
ku ayana Bentang Bulan, Panonpoe nu kahiji,
kitu deui badan urang,
enya ieu Jagat shagir.
Sageuy taya nu ngawengku, nu ngahirupkeun jasmani, Panonpoe wujud urang,
anu ngaran Johar latif,
cahya anu lemes tea,
teu beunang katinggali.
Ku panon kapala kitu,
tapina wajib kapanggih,
mun teu panggih di dunyana, di Akherat poek pasti,
poek mah atuh Naraka, tangtu jadi eungap pasti.
Kapan di dunya ge puguh, betah teh ku caang bukti, jeung jadi sagala lampah, pagawean jalmi-jalmi,
kapan kitu sidik pisan, kari-kari caang batin.
Nu tetela langgeng tangtu, teu dipiluruh ku jalmi,
atuh kumaha rek ngeunah, engke urang teh dibatin,
poek mongkleng buta rata, sarta langgeng henteu gingsir.
Geus taya tanyaeun kitu,
da geus lain tempat ngilmi, lain tempat keur ibadah, engke dina alam batin,
ngan pikeun nampa siksaan, ganjaran pon kitu deui.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar