Minggu, 21 November 2021

nerangkeun pataohidan

[21/11 12:32] aji rasha: Nerangkeun 
Patohidan

pasal jatining manusa,  
mana nyatana nu sidik,  
pasal anu disebut, 
jatining manusa , 
jirimna Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullah. 

pan ayeuna mah geus teu aya jeung Nabi Muhammad, mung kantun gaibna bae, saban umat ge teu luput, pada katetepan misti, 
ku gaibna manusa, 
barang enggeus tangtu, lamun ka udag ilmu na, 
bisa oge kapendak 
sarta kaharti, 
kana gaibna manusa. 

kumaha bisana kapendak, kapan gaib henteu ‘aen,  
pan ku ilmu, 
pada-pada gaib deui, 
mun hayang terang gaibna, nya ku gaib tangtu, 
.jalanna nganggo tarekat, sanggeus kitu urang 
bisa tohid, nyaho 
ka gaibna urang. 

kieu jalanna teh di ibaratkeun supaya enggal kahartos, 
tah ieu aya cau, 
cau asak dina piring, 
pang diayakeun ku urang, naon nu dimaksud, 
naonnana anu diarahna

salah lamun ngarah rasana,
pan rasa mah geus aya 
dina sungut, 
dina letah urang pribadi, kapan  ari cau mah, 
teu katetepan Rusul, 
sabab lamun boga rasa, 
eta cau tangtu 
bisa usik malik, 
lumpat kawas sato hewan. 

atuh naonnana nya, 
nu dipandang ku urang 
teh, eta cau
nya nganamisna bae, 
pan geuning bukti 
tina urang ninggal cau, 
anu masih keneh ngora, 
nu kacipta masih tacan 
aya amis, 
ning teu hayang ngadahar. 

Kajabana mun si nafsu tadi, keur hayang kana kekesedan, nya neangan cau hejo, 
nu masih ngora kitu, 
da kesedna nu dipambrih, 
tah kitu pahamnamah,  
leres teu, 
yen amisna atawa kesedna da rasana mah 
geus nyampak. 
geus tetep di manusa pasti, wujud cau henteu boga rasa, ngan boga amisna bae, 
tah eta tegesna nya, 
nu ngaran cauna
[21/11 12:38] aji rasha: amisna anu dumuk, 
pan gaib amis na mah, 
ngan karasa 
amis na mah teu jirim, 
aya tapi taya rupa. 

Tapi eta amis cau tadi, 
moal beunang 
sumawon karasa, 
upama wujud cau teh, 
diantep bae dipayun, 
henteu dituang, 
wujud cau teu diruksak, dibeuweung sing lembut, kakara mun geus diruksak, wujudna kapanggih amisna misti, nya jatining cau tea. 

Kitu deui manusa ge, 
kudu nyaho ka gaibna urang, anu aya hanteu tembong, akalna deui nyakitu, 
kudu bisa ngabongkar diri, ngabongkar wujud sorangan, kampa kawas suuk, 
supaya bijil minyakna, nyaeta manusa nu sajati, 
nu kasebat gaib tea. 

na kumaha ngabongkarna jasad, poma ulah salah harti, nu tadi mah ibaratna. 

yen ngabongkar diri, 
enya eta keur laku tarekat, Mautu anta qoblal maut, ruksak teh mirasa suwung, ngaraos teu boga diri, bakating fana-fanana, 
khusu ka Yang Agung, 
lat poho kana ragana, 
teu ngarasa boga raga 
nu ngajungkiring, 
alam dunya ge sirna.
[21/11 12:47] aji rasha: Kahartos teu mung anu mana nyatana manusa gaib, 
nu aya taya sipatna teh 

pan eta anu ninggal, 
dina waktu keur Tajali, 
keur Sholat Karohanian, 
nu ngaran manusa gaib. 

pan geuning puguh, 
pasal eta nu ninggali, 
aya tapi taya rupa,  
nya eta manusa gaib. 

nu ngaran gaibing abdi, 
nu ninggal waktuna Sholat, waktu keur ilang jasmani. 

Najan ayeuna ge kitu, 
nu ninggal gaibing Gusti, 
eta bae henteu lepat, 
gaib abdi pribadi, 
da tetela dohirna mah, 
panon abdi teu ninggali. 

sing kapaham patohidan 
ulah samar ulahmangmang
kana gaib jero diri, 
ayeuna kantun miara, 
dohir diri pribadi. 

Ngatur laku kai wujud, satungtung gelar di dohir, kasucian laku lampah, 
ngaji laku ki jasmani, bubuhan masih di dunya, dibanding rancana Iblis. 

Ngarancana kana nafsu, ngajakan mungkir ka Gusti, rupa-rupa pangbibita, kasukaan alam dohir, beurang peuting hanteu kurang, panggodana 
sang Idajil.
[21/11 12:49] aji rasha: urang kudu ati-ati, 
kantun ngajaga salira, 
sing pageuh muntang 
ka Gusti, neda pitulung Pangeran, nyalindung siang 
jeung wengi. 

Nya Insya Allah rahayu, lamun tohid mah ka Gusti, Iman urang tangtu kuat, 
hese katarikna Iblis, sabab geus kasafa’atan ku mu’jizat Kangjeng Nabi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar