Minggu, 21 November 2021

pasal puji

[21/11 13:28] aji rasha: Pasal PUJI
dalil Alhamdu, 

Alhamdulillahi 
Robbil ‘alamin 
sundana nu umumna 
nu nyurahan, 
yen ari sakabeh puji. 
Eta kagungan Yang Agung, 

tapi kalumbrahan jalmi, keukeuh patekadannana, 
eta pasal puji dzikir, 
diangken puji manehna, dipake muji ka Gusti. 

Keukeuh sok diaku, 
mun parantos muji dzikir, pokna tas muji ka Allah, 
nya bener bae eta mah, 
nu dilisankeun mah. 

Eta teh puji ti mahluk, 
neneda ka Maha Suci, 
neda dihampura dosa, 
dosa gede dosa leutik, 
jadi puji lisan eta, 
bener ti urang ka Gusti. 

mana atuh, 
sategesna puji Gusti, 
tegesna puji Allah, 
nya wujud urang pribadi. 

Tah ieu badan sakujur, sategesna puji Gusti, 
pujina Allah Ta’ala, 
tapi kitu oge 
mun acan ma’rifat mah, 
teu jadi pujina Gusti. 

Sabab mun tacan ma’rifatu, dalil laa haola teh pasti, 
moal enya kapirasa, 
ukur pangakuan biwir, 
ati mah teu mirasa, 
ngan wungkul tuturut 
munding. 

Kumaha rek mangaku, 
teu daya upaya diri, 
lamun tacan uninga mah, 
ka nu ngobahkeun jasmani, nyaeta sifat roh tea, 
anu ngusikeun jasmani. 

Malah saterusna kitu, 
kudu nganyahokeun diri, 
kanu ngobahkeun roh eta, 
nyaeta sifatna Gusti, 
sabab lamun teu uninga, 
eta jalma bisa jadi. 

Ngangken Allah na teh 
kana rohna pribadi, 
lamun kitu jadi salah, 
sasatna teu acan tepi, 
teu sampurna ma’rifatna, ma’rifat ka Maha Suci. 

Sabab nu tepi mah tangtu, sumawon ieu jasmani, sanajan rohna pisan, 
jadi laa haola deui, 
anging dzat bae nyalira, 
nu jumeneng lahir batin.

Mun tohid jalma geus kitu, wujud teh ngajadi puji, 
geus jadi pujina Allah, 
sabab sagala perkawis, parantos teu dipiboga, 
teu ngarasa pakir miskin. 

Tumarima rokrak wungkul, jadi saniskara rupi, nu tumiba ka badan, sanajan usik malik, ngan ku Kudrat IradatNa, Gusti anu Maha Suci. 

Usik malikna jeung nangtung, mun geus kitu tohid jalmi, geus jadi puji sadaya, 
ngajadi pujina Gusti, sumawonna ibadahna, 
tingal danguna ge jadi. 

Ditarima ku Yang Agung, pangbaktina ditampi, saniskarana engeus sah, 
sah Dzat sah Sifatna deui, sah Asmana sah Af’alna, enggoning hirup di dohir. 

kumaha mun eta jalma, sanggeus kitu nyorang deui. 
laku nu teu puguh, ngalanggar sala sahiji, 
anu dicegah ku sara, 
naha sah bae geus misti, 
ulah rek kaliru .....
[21/11 13:33] aji rasha: Atuh mun milaku kitu, nyorang cecegahna Gusti, sasat ngaku geus ma’rifat, sabab teu sieun ku isin, 
nu kitu martabat hewan, ciung bisa ngomong jalmi. 

Ngan sungut wungkul 
nu harus, 
hanteu terus kana ati, 
da kapan anu bener mah, ngakuna tohid ka Gusti, 
nu terus kana atina, 
tangtu sok boga pamilih. 

Sabab Allah teh kaceluk, 
dina Qur’an dina Hadist, 
ku sadaya geus disebat, 
Gusti Allah sifat Suci, 
suci Dzat 
suci Sifatna, 
suci Asma 
suci Af’alna 
 
Kari-kari urang lamun, 
ngaku geus tohid ka Gusti, geus teu ngarasa pipisahan, aqrob bae beurang peuting, tegesna taya antara, babarengan jeung nu suci. 

Tapi laku nurus tunjung, masih keneh resep cicing, dina laku nu ma’siat, 
dinu kotor haram najis, kumaha arek jadina, 
ngaku geus ma’rifat jati. 

Sidik nu kitu mah wadul, nyebutna tohid ka Gusti, najan geus boga tarekat, batal tegesna teu jadi, 
lamun pare mah ku hama, gapong moal jadi siki. 

Tangtu bakal 
meunang hukum, 
ti dunya terus ka batin, 
lamun teu gancang pertobat, sumpah moal deui-deui, ngajalankeun kitu lampah, 
rek tohid deui ka Gusti. 
[21/11 13:39] aji rasha: Tapi tobatna teh tangtu, beurat leuwihan ti tadi, 
sabab bongan geus uninga, bet henteu sieun teu isin, hare-hare jeung Pangeran, 
teu saadat jeung nu suci. 

Pantes rek gancang kasiku, doraka ti Maha Suci, 
jauh kamulyaanana, 
ti dohir dugi ka batin, 
hese rek dihampurana, 
teu gampang saperti tadi. 

Bilih tacan mafhum, 
tegesna perkara tohid, 
nyaeta anu geus bisa, 
misahkeun tina rurujit, nyingkiran laku ma’siat, ngahiji kanu beresih. 

samangsa-mangsamanusa, anu masih keneh cicing, betah dina laku salah, 
atuh nyalindung ka Iblis. 
 
Sing kaharti 
hal tohid-tohidna Ilmu, ageman urang tea, 
geus kieu mah kantun ngajaga hal laku, 
kudu beres laku tekad, ucapna pon kitu 

saupami ngarasa aqrob 
jeung Gusti, 
kudu ngaberesihan laku, 
jaga bisi kakotoran, turut-turut ka Gusti Allah 
nu Agung, 
kudu sarua sucina, 
sangkan dalit jeung hiji. 

Sing isin kunu nyarengan, siang wengi nu hanteu anggang ti diri, 
tingali sagala laku, 
kana hade jeung gorengna, lampah urang enggeus 
moal nyumput, 
kudu ngarasa isinna, 
sangkan laku teh diaji.
[21/11 13:46] aji rasha: nu matak, 
diwajibkeun kudu ma’rifat 
ka Gusti, 
gunana nyakitu, 
supaya hade lampah, tekad ucap satungtung urang keur hirup, gumelar di alam dunya, sing isin ku Maha Suci. 

Mun ngarasa geus isin mah, sugan sageuy boga keneh sirik pidik, ujub ria jeung takabur, hasud sumawon khianat, 
ka manusa ka sasama 
pada hirup, 
da tangtu meureun ngarasa, saniskara kersa Gusti.

Upama henteu ma’rifat, 
moal bisa Iman kanu 
Maha Suci, 
najan ibadahna suhud, 
sabab moal ngarasa, 
di bodona hina apesna 
si wujud, 
samangsa henteu ngarasa, 
di apesna ku ki jasmani. 

Tangtu boga patekadan, urang ngaku boga kawasa geus misti 
usik malik diuk nangtung, diaku usik sorangan, 
nya doraka ngahinakeun kanu Agung, 
ngakukeun boga kawasa, 
jadi musyrik ka Yang Widi. 

Sabalikna lamun urang, 
geus mirasa hina apesna diri, estu teu aya kagaduh, 
pakir miskin bodo hina, 
jadi timbul Gusti Allahna 
nu Agung, 
nu kawasa 
anu kersa, 
nu murba 
dohir lan batin. 

Kitu puji anu enya, 
sanes puji 
nu diharewoskeun ku biwir, kudu ngarasakeun kitu, 
kudu tumarima hina, 
pakir miskin 
estuning taya kagaduh, sagala kersana Allah, 
ti dunya nepi ka batin. 

Najan nu ahli ibadah, 
wajib bae kudu ma’rifat 
ka Gusti, 
sabab lamun henteu kitu, 
sok rajeun salah weselna, elmuna teh beunang ngaji 
ti lelembut, berkasna rajeun sulaya, sok dipake sirik pidik.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar