Rabu, 24 November 2021

pasal hakulloh hakrosul hak adam...pasal basa nu opat.....pasal al qur'an kalamulloh.....

[24/11 17:46] aji rasha: pasal Haqullah 
sareng Haqul Adam tea, 
naon nyatana di badan, hakekatna 
di badan urang pribadi, 

mun tacan harti, 
Haqna Allah 
tetep eta hirup urang, 

Haqul adam mah 
nya rasa sareng nafsu, 
nyawa 
ka sebat na  

naha beda, 
nyawa sareng hirup, 

tangtu beda, 
malah-malah sifatna ge beda sabab basana ge dua. 

Ari sifat hirup mah 
nya eta sifat cahya, 
ari nyawa mah  
sifatna getih, 
datangna ge ti pandeuri, meureun karasa, 
waktu keur dikandung, 
hirup mah pan geus aya, 
nu matak dijero beuteung geus usik, 
pertanda aya hirupna. 

Malah dina gujragna ka dohir, masih keneh tacan aya nyawa, 
nu mawi taya raos, sumawonna aya nafsu, 
taya dangu taya tinggali, 
taya angsu-angsu acan, sababna pang urang kitu, keur masih dina 
Haqullah, 
hirup Allah 
nu sakalangkung suci. 

Lami-lami eta murangkalih, saprantos lebet kadaharan, sarupaning naon bae, kaayaan dunya kitu, 
mimiti rasa teh bijil, 
ngarasa aya ngeunah, 
teu ngeunah pon kitu, 
panon ge bijil awasna, 
cepil ge bijil danguna  
baham bisa cacarita. 

Lami-lami tuluy bijil deui, 
tina rasa nya bijil kahayang, hayang naon hayang naon, nyaeta ngaran nafsu, 
lebah dinya geus pasti, 
hirup kalawan nyawa, 
dua geus ngagulung, 
tadi memeh aya rasa, 
hirup wungkul nyaeta 
hirup sajati, 
roh suci 
kasebatna. 

Barang geus kacampuran getih, 
nya eta aci kadaharan, 
nu di dahar ku urang teh, 
roh bumi seuneu banyu, 
roh angin pon kitu, 
roh sagala hewan-hewan sadayana asup, 
jadi hirup suci tea, 
lami-lami ka bulen 
ku sifat getih, 
nu kalangkung kotorna. 

nya nimbulkeun 
nafsu tilu rupi, 
nya eta 
Amarah 
Lowamah, 
Sawiyah 

mawana eta nu tilu, 
narikna ka alam dohir, karepna kasukaan dunya, hayang seubeuh nyatu, jeung ngajujur kasukaan, 
resep ngadu resep lacur jinah maling, jeung ngagedekeun Amarah. 

Jadi eta nafsu tilu tadi, 
jadi tempat setan la’natullah, didinya marunggonna teh, numatak bedas kalangkung, 

Mutmainnah 
nafsu nu suci, 
teu kuat eleh loba, 
remen sok kabaud, 
bukti langka anu iman, 
nu ngestokeun kana parentahna Nabi, 
sumawon parentah Allah.

yaktos pisan eta Mutmainnah, 
nafsu nu sok narik hade, kumaha sangkanna punjul, ulah sok elehan teuing, 

nya taya akalna, 
lian ti nyalindung, 
nyalindung ka dzatna Allah, 
nu matak urang 
wajib ma’rifati, 
sangkan kuat salawasna. 

Jadi iman 
sabeurang sapeuting, 
sabab teu rasa papisahan, jeung 
Allah Gusti Yang Manon, geus Wahua Ma’akum, babarengan 
siang jeung wengi 
mun geus kitu mah mokaha, moal rek kabaud, 
ku nafsu 
nu
[24/11 19:42] aji rasha: ka baud ku nafsu goreng tea, sabab isin inggis sieun 
kuku nguntit, nu Murba 
ka wujud urang. 

Lami-lami setan 
tangtu nyingkir, 
moal daek ngagoda rancana, sabab sieuneun geus tangtos, rasana panas geus tangtu, deukeut jeung nu iman pasti, tah kitu gunana, 
mun ngelmuna tutug, 
jadi salamet bawana, 
lahir batin moal rek 
manggih balai, 
sabab beresih lakuna. 

yeuna dina pasal huruf, 
nya eta lafad Allah, 
Alif Lam Lam He 
ti mana asalna , 
pang ayana Lafad Allah. 

kieu usul asalna. 
nu matak aya huruf dalil, huruf Allah aya opat rupa, nya eta 
Alif Lam Lam He, 
nya eta Asma Yang Agung, awalna eta geus pasti, 
asalna tina dzat sifat, 
Gusti Maha Agung, 

dzat hartina kanyataan, 
sifat rupa 
eta teu salah deui, 
Johar Awal kasebat na. 
Caang padang sifatna 
geus pasti, 
tina padang bijil kanyataan, bijil cahya opat tembong, 
Nur Muhammad 
nu kasebut, 
nyaeta Adam hakeki, 
babakalna alam dunya, 
1.Narun, 
cahya beureum sifatna, 
2.Hawaun 
cahya koneng sifatna. 
3Maun 
cahyana bodas  
4.Turobbun 
cahyana nu hideung mulus, 

tah sidik geus opat rupi, 
kalima caangna, 
jadi tasjid , 

nu opat teh 
Alif Lam Lam, He  

kitu asalna teh lafad Allah. 

Sabab eta bibit nu kumelip, tujuh Bumu tujuh Langit sarawuh eusina kabeh, 
dina Hadist ge kasebut, sadaya anu kumelip, 
sakabeh asal 
ti Allah, 
lumbrah ning kitu, 
tah sayaktosna tidinya, 
tina nur nu opat perkawis, kalimana Johar Awal. 

teu pisah dzatna Maha Suci, jeung sifatna sumawon asmana, geus 
ngagulung moal geseh, 
geus saädzat anu tilu,
nteu patarengga deui, 
sasat 
Allah Muhammad Adam 
jadi gulung, 
Ahadiyat Wahdat Wahidiyat eta nami, 
dzat sifat sarawuh asma. 

Kantun anu kaopatna deui, anu kasebat Af’al Gusti Allah, nya ieu buktina alam dunya anu dumuk, sarawuh eusina deui, nya anu jadi bakalna, 
nu tadi disebut tina 
cahya Nur Muhammad, 
opat rupi kalima caangna pasti, 
hakekat Muhammad 
tea. 

Aya seuneu ieu alam dohir, 
ku sorotna Narun teu salah, cahaya anu beureum eces, 

angin kitu, sorot Hawaun cahya koneng sifatna, 

cai dunya, ku sorotna Maun nu putih, 

bumi anu nyata.
[24/11 19:55] aji rasha: Bumi eta sorotna Turobun cahya hideung sifatna  

kalimana Panon poe, 
ning buktina kitu, 
eta asmana Yang Widi, 
teu beda jeung Kadim na, tetep lima huruf, 
sabab sakitu bibitna, 
najan rukun nu lima perkawis, eta asalna ti dinya. 

Waktu oge ning lima, 
teu kaluar ti asmana Allah, 

sanajan di Mekkah oge, Imamna opat tangtu, kalimana Baetullahi, 

sanajan Gusti urang, kangjeng Nabi Rasul, sahabatna ning opat, kalimana sareng anjeuna pribadi, 
lafad Allah sadayana. 

nya di  kitab geus nyebat, 
yen tujuh langit bumi teh, 
di angliputi Yang Agung, 

ayeuna kakara sidik, 
sifatna ngangliputina, 
ku asmana kitu, 

asal asma tina cahya, 
Nur Muhammad 
utusanana yang widhi 

nu mawi wajib, 
urang kudu ma’rifat ka asal, nya eta anu bieu tea, 
sangkan ulah kasarung, 
balik deui ka alam dohir, 
da dunya mah kalangkangna, dzat nu Maha Agung, 

tangtuna enggon Naraka, 
geura bae didunya 
ge ning sidik, 
kalangkang jadi Naraka. 


Saupami sorot Matahari, dihalangan ku sahiji kaca, kalangkangna tangtos bae, ngajadi seuneu hurung, 
nu panas teu salah deui, matak ngaruksak ka urang, bisa jadi tutung, 

naha tina bibitna mah, 
Panon poe teu matak jadi balai, 
malah lamun dideukeutan. 

Saupama naek kana pasir, Gunung luhur bet tambah tiisna, tambah deukeut tambah raos, 

eta teh siloka wungkul, 
mere upami ka jalmi, 
supaya boga pikiran, 
ulah arek jauh, 
tina dzatna Gusti Allah, 
nu moncorong lir Srangenge nuju bijil, 
Srangenge alam Akherat. 

pasal kaca can ngahartos, naon nyatana anu dumuk, rakana deui ngajawab, 

kaca panghalangna tea, nya ieu buktina wujud jasmani, 
mindingan kana dzat tea. 

Sungsum tulang daging sareng kulit, 
nu jadi hijabna ka Allah, 
dina Hadist kacarios, 
lafadna geuning kitu, 
Laa Hijabbaka kauni,  
Illa Wujudika, Fafnin ‘anil Wujud, Takun Wasilan 

saurna teh 
Gusti nu Maha Suci, 
euweuh anu jadi hijab. 

Lian ti eta wujud maneh 
eta pasti, nu jadi hahalang 
ka Allah,hijab ka Gusti Yang Manon, 
mun maneh saestu, 
hayang nyaho ayana Aing, 
burak heula wujudna, 
sing ulah ngajarentul, 
ulah boga rasa aya, 
wujud reujeung bumi langit, sabab Aing Nafi Isbat. 

kumaha nya akalna teh, 
bisa ngailangkeun jasad, sumawonna alam dunya,
[24/11 20:08] aji rasha: supaya kahartos ku pikir, kajaba dina sare mah, 
didinya hanteu ngaraos, 
boga wujud rawuh dunya, 
tapi weleh teu kapendak, sareng dzatna Maha Agung, teu aya pependakan. 

nya moal manggih, 
dina keur waktu sare mah, 
da lebah sare mah poho, ilang ilmu ilang rasa, 
teu iman-iman acan, 
najan wujud teu kaemut, 
da sanes kitu jalanna. 

Kapan ari ngelmu mah, 
kudu keur nyaring mistina, 

eta mah palebah sare, 
teu aya terekatna, 
pan geus aya patokan, 
jalan ma’rifat teh 
kudu, jalanna tina tarekat. 

Sanajan bisa ninggali, 
mun teu make tarekat, 
nteu sah kanyahona teh, 

ibarat lafad Muhammad, 
nya eta Mim He Mim Dal, 
teu make tasjid mah luput, teu jadi lafad Muhammad. 

Kitu ibaratna teh, 
nyatana tasjid tarekat, 
atawa konci panyorog, pamuka lawang Akherat, panutupna lawang dunya, kakara bisa kasusul, 
eta dzatna Gusti Allah. 

Tapi kudu bisa mati, 
paeh samemehna wafat, 

kapan dina Hadist oge, 
Antal Mautu Qoblal Mauta, 

tah dalil eta saksina, 
mun ngelmu tacan kitu, 
can ditarima ku Allah. 

Ari geus katimu tasjid, 
nya Marotan Wahidatan, 
kitu eta ceuk dalil teh, 
tegesna babar sapisan, 
geus tepi ka asal Qur’an, Qur’an Nul’adzim 
kasusul, bibitna sagala rupa. 

perkawis lafad Muhammad. 
Naon nyatana di diri, 
dina wujudna manusa, 
lafad Muhammad eta teh, rupana wujud manusa, 
Mim teh nya sirah urang, 
He dada manusa 
Mim akhir bujal manusa. 
Dal teh suku enggeus pasti, 

tah kitu nyatana,  Alhamdulillah, kahartos 
Mim He Mim Dal, 

mung tasjidna can disebut, naon kanyataannana. 

aya dina salira urang teh, 
sareatna hakekatna, 
mung moal tiasa di catur, sabab rasiahna guru, 
kudu papada duaan. 

naha bet aya rasiah, 
tangtos bae, 
teu beunang lalawora, 
nyarita pasal ieu mah, kusabab geus kana ilmu, 
lain perkara Agama. 

Bener mun dina Agami, 
teu meunang aya rasiah, kudu dicarios bae, 
sabab eta mah Agama, 
keur pikeun sarerea, 
keur ibadah ka Yang Agung, 
kabeh kudu pada terang.
[24/11 20:17] aji rasha: Sarat sah nyembah ka Gusti, batal haram jeung makruhna, sunat farduna sakabeh, persasat nuduhkeun jalan, jalan tuduh Agama, 
mun prakna tah kudu kitu, kudu nurut kitab Qur’an. 

Mereskeun jalan Agami, Agama sareat tea, 
laku ucap anu aen, 
nu katinggal ku sadaya, 
nu kudu dilakonan, parentahna Gusti Rasul, 
rukun Islam 
nu lima. 

Ari hakekat mah, 
tarekat sareng ma’rifat, bagian ilmu eta teh, 

pikeun kayakinannana, sadirina-sadirina, 
keur kapercayaan kitu, 
kanu baris 
disembahna. 

Jadi geus kaluar garis, 
lain hukumaneun jalma, sumawon ku sareat teh, 
boh salahna boh benerna, anging Allah nu uninga, 
Allah nu pikeun ngahukum, engke di alam Akherat. 

Teu aya gunana jalmi, pipilueun ngahukuman, sareat ka tarekat teh, 
mangsa bodo Gusti Allah, 
da ari sareat mah, 
ngan kudu menerkeun laku, aturan amal ibadah. 

Kapan ari Iman teg, 
aya dua perekara, 

1.Iman ka Yang Manon,     nyaeta eling ka Allah, 
kana dzatna jeung sifatna, tapi sahna eling kudu, kalawan ma’rifat heula. 

Sasatna kedah papanggih, sabab kumaha rek Iman, lamun teu acan paamprok, saperti ayeuna urang, kumaha arek elingna, 
kana rupa Mekah kitu, sababna tacan ma’rifat. 

Ngan karek asmana badis, teu acan katinggal ku soca, atina teu daek nyaho, 
sanajan dicipta-cipta, 
weleh geuning pasalia, 
jeung buktina nu diditu, 
sidik henteu mangfa’atna. 

Tapi kade salah ngarti, perkara nyaho ka Allah, 
lain kudu sapertos, 
urang ninggal tanah Mekah, sidik ku panon kapala, 

ka Allah 
mah sanes kitu, 
kapan aya ceuk Hadistna. 
Ru’yatullahi, Fidun’ya 
Bi ‘ainil Qalbi , 
hartina 
ninggal dzat Allah, ti dunya teu meunang salah, kudu ku awasna kalbu, 
ku awas panon ati 

Dupi Iman hiji deui, 
bagian ahli sareat, 
Imanna eta geus tangtos, Iman kana Parentahna, 
Gusti Allah nu kawasa, 
kudu ngalokonan rukun, 
rukun Islam anu lima. 

pan geuning eta bukti, 
anu sakitu suhudna, tanda-tanda elingna teh, 
kana parentahannana, 
kudu daraek ibadah, 
buktina pasuhud-suhud, 
dina nalika cageur mah. 

Tapi dina waktu gering, 
dina keur aya halangan, wujud teu bias migawe, 
teu tiasa ngalakonan, ngalakonan Sembahiyang, atuh teu Iman mun kitu, sabab teu aya cirina.
[24/11 22:43] aji rasha: Teu Iman ka parentah Gusti, Sumawon Iman ka Allah, 
atuh rek eling ka naon, 
rek eling ka parentahna, 
da geus teu bisa hudang, 
rek eling ka Maha Agung, 
da can nyaho ti tadina. 

Mun kitu kafiran pasti, 
paeh henteu reujeung Iman, atuh meureun poek bae, 
jadi linglung rarasaan, 
nya meureun nyasab jadina, nyawana teh kapidangdung, teu bisa balik ka asal. 

Numatak urang mah, 
kudu bae dua-dua, 
Iman teh urang pigawe, 

1.Iman ka Allah, 
nya kana dzat sifatna, 
nu henteu diwaktu-waktu, 
eling bae salawasna. 

Bari leumpang bari cicing, eling bae hanteu pegat, 
keur cageur 
keur gering komo, 
salawasna moal pegat, 
nepi ka rek maot pisan, 
geus Wahua wama’akum, siang wengi reureujeungan. 
2.Iman, kana parentahan na, lakonan waktu lima teh, 
dina keur nalika jagjag, 
keur wujud taya halangan, masih keneh bisa nangtung, lakonan sakuat-kuat. 

kumaha mun geus teu kuat, badanna geus ruksak kabeh, geus teu bisa walakaya, 
moal pegat, Iman mah 
geus tangtu terus, 
Iman kanu marentahna. 

Asal geus ma’rifat jati, 
moal samara moal hilap, 
da hanteu kudu 
jeung praktek, sanajan badanna ruksak,
teu bisa walakaya, 
da teu kudu ruku sujud, 
teu ku lisan-lisan acan. 

Sababna geus ngahiji, 
jalanna tina tarekat, 
teu jauh sareng dzatna teh, 
najan nepi ka ayeuna, 
teu ngarasa papisah, 
cicing leumpang diuk 
nangtung, teu weleh reureujeungan. 

manusa kedah kituna,
kakara bisa kasusul, 
bisa balik ka asalna. 

Hadist geus nyebat, 
yen eta dalil Qur’an, pangandikana Yang Agung, disebatna Kalamullah. 

Saha jalma anu mungkir, hanteu percaya ka Qur’an, yen eta Kalamullah teh, 
kufur kafir kasebatna, 
tapi aya deuikitab,
nerangkeun yen 
Maha Agung, ngandika 
Gusti Allah. 

Teu huruf sowara, 
tapi eta dina Qur’an, 
kapan make huruf eces, 

kalintang abdi sesahna, 
teu acan tetep mikiran, 
hate masih kalangkabut, 
percayana masih mangmang. 

Sieun jadi kufur kafir, 
tapi upami percaya, 
kumaha da can karaos, kapan kedah sareng sahna, sagala pangakuan, 
ibarat nyebatkeun cau, 
bohamisna boh kesedna. 
Kedah geus di dahar misti, kakara sah pangakuna, 
moal taklid moal bohong, 
rek nyaritakeun rasana, 
boh kesed boh amisna, nyaritakeun rasa cau, 
moal arek asa-asa.
[24/11 22:53] aji rasha: Sareng kapan saur Hadist, Qur’an teh damel sahabat, Gusti Usman nu nulis teh, nyatet saur Rasulullah, geuning kitu asalna, 
kaluar ti Kangjeng Rasul, malah basana ge Arab. 

Kapan sidik Kangjeng Nabi, pangkat Nabi kasebatna, naha ari Nabi sanes, sapertos Jeng Nabi Isa, ngadamelna Injil tea, 
ning naha teu disebut, dalil pangandika Allah. 

Ditetepkeun bae Hadist, pangandika anu anyar, 
kitu deui Zabur Toret, 
Hadist bae disebatna, 

tah kumaha bedana, 
kapan sami pangkat Rasul, 
utusan Allah ta’ala. 

kieu mun can terang, 
pasal ka dalil Qur’an teh, kudu buleud nya percaya, 
yen eta pangandikana, Allah anu Maha Agung, 
sanajan aya hurufna. 

Geura dangukeun, 
unggel dina lebet Qur’an, 
eta teh nyaurkeun naon, 

kapan geuning eta Qur’an, nyarioskeun ti awalna, memeh aya awang uwung, tina Johar Awal tea. 

Terus kan Nur Jeng Nabi, nyaeta Nur Muhammad, 
bibit nu kumelip kabeh, 
terus nepi ka jadina, 
ngajadi alam dunya, 
sareng ngajadikeun 
makhluk, 
mimitina ti Nabi Adam. 
Terus Babu Hawa deui, 
bibit nurunkeun manusa, turun ka para Nabi kabeh, lalakonna dicarita, 
kabeh aya dina Qur’an, 
teu aya anu kalarung, 
nepi ka kiamat pisan. 

Dicarios ku Jeng Nabi, sadaya hanteu kaliwat, 
awal akhir dicarios, 
padahal Nabi Muhammad, teu kocap aya guruna, 
nu ka anjeunamiwuruk, 
nu muruk bangsa manusa. 

Tapi naha Kangjeng Nabi, 
bet sagala uninga, 
boro-boro nu geus tembong, sanajan nu teuacan, 
nyaeta kiamat dunya, 
anjeuna geus misaur, 
yen bakal kitu jadina. 

Padahal Kangjeng Nabi, 
teu aya nu ngawartosan, anging ku terbitna hate, 
jol tiasa sasauran, 
nyaurkeun sadayana, ayat-ayat nu kasebut, 
nu aya salebet Qur’an. 

Jadi ngandikana Gusti, 
bener teu nganggo sowara, sumawon make huruf teh, sabab ngandikana Allah, kana Qur’an Nul’adzim na, kana kadimna Jeng Rasul, nyaeta kana manahna. 

Maparin caangna ati, 
ka Kangjeng Nabi
Muhammad, 
ngadak-ngadak anjeuna teh, bray bae sagala terang, 
sagala geus kauninga, 
lahir batin geus kamafhum, caang padang narawangan. 

Tah kitu ngandikana Gusti, 
nu matak teu ku sowara, sumawon make huruf teh, ngan cumah maparin caang, kapan sidik caang eta, 
teu sowara huruf, 
tapi Kangjeng Rasulullah. 
Sadayana jol kaharti, 
terus disaurkeun pisan, 
ka sahabat nu opat teh, 
nyaurna ku basa Arab, 
teras dicatet ku Usman, sasaur-saur Jeng Rasul, 
nya jadi kitab Qur’an.
[24/11 23:04] aji rasha: Ngaranna Qur’an Nul-Majid, 

meunang nurun tina Qur’an, tina Qur’an Nul’adzim tea, 
nu teu huruf teu sowara, jeung teu nulis teu papan, 
hanteu arah engon kitu, 

naha ari Nabi sanes, 
sapertos Jeng Nabi Isa, midamelna Injil tea, 
naha bet hanteu disebut, 
dalil pangandika Allah. 

Tetep disebatkeun Hadist, pangandika anu anyar, 
kapan Jeng Nabi Isa ge, tunggal utusanna Allah, 
naha bet dibeda-beda, 
malah sumpingna tipayun, saheulaeun Nabi urang. 

bener sarua pada utusan, 
tapi kieu bedana teh, 
nu matak hanteu disebat, dalil pangandika Allah, 
sabab Ijnil Toret Zabur, 
nyarioskeun geus akhirna. 

Sajarah anjeuna pasti, 
nu parantos kalakonan, 
ku salira anjeuna teh, 

teu sami sareng Qur’an, kapan Qur’an mah eusina, nyariosleun 
Wal Awwalu, 
nepi ka akhirna pisan. 

Saha nu mere warti, 
nanging ti Allah ta’ala, 
jadi anjeuna mah notok, 
hanteu naros ti manusa, sabab manus amah mohal, bisa nyaritakeun kitu, 
kapan teu daya teu upaya

hal eta kitab nu opat,  
1.Toret  
2.Zabur, 
3.Injil 
4.Qur’an 

naon kanyataannana, 
dina badan sakujur teh, 
naon hakekatna di urang, kitab Hadist anu tilu, 
dalil mah Qur’an nyatana. 

Ari sundana teh Hadist, 
nya eta nu anyar tea, 
dalil mah nu heubeul 

tah eta naon nyatana, 
di badan urang sapata, 

kieu mun can harti, 
pasal kitab anu opat, 
kanyataan dina diri, 
ayeuna baris didadar, 
geura dangukeun. 

Mimiti Toret dicatur, sanyatana dina diri, 
nyaeta pangdangu urang, 

Zabur pangucap pribadi, 

Injil nyatana paninggal, 

Qur’an mah pangangseu. 

Sifatna nafas geus tangtu, sifatna hirup, 
tah eta nyatana Qur’an, 
nu tadi disebat dalil, 
anu tiheula ayana, 
ti barang gurujag dohir.
[24/11 23:17] aji rasha: Ari eta mah nu tilu, 
nyaeta nu ngaran Hadist, 
nu pandeuri datangna, 
pangdangu anu kahiji, paninggal sareng pangucap, eta hanteu salah deui. 

Meureun ku kamafhum, 
keur waktu gurujag lahir, 
tina kaluar si Bijang, 
panon teu awas ninggali, cepil teu aya danguna, 
baham teu bisa wawarti. 

Nafas mah geus jalan terus, barang enggeus lami, saparantos barang tuang, kalebetan aci, 
aci seuneu angin tanah, sinarengan aci cai. 

Bukti anu ngajarentul, katuangan warna-warni, lami-lami eta soca, 
bet bijil awasna geuning, cepil kaluar danguna, 
baham ge bisa wawarti. 

Kitu deui dina pupus, 
anu pangheulana leungit, 
nya danguna 
jeung tinggalna, ucapna pon kitu deui, 
nya eta nu anyar tea, 
nafasna mah 
ongkoh bijil. 

Numawi Qur’an 
disebatkeun awal akhir, awalna nu pangheulana, pangheula ayana pasti, akhirna oge teu lepat, pangakhir-akhirna leungit. 

tah kaharti nya, 
kanyataan dina badan, 
estuning aenal yakin, 
karaos kabina-bina, 
tong hilap saumur hirup. 

pasal tadi 
Gusti Allah, sifat Goniyyun ceuk Hadist, hartina teh 
Allah beunghar, 
taya kabutuhna 
Gusti. 

Naha bener kitu, 
Gusti anu Maha Suci, 
teu aya kabutuhna, 
ceuk mah masih aya, kabutuhna Maha Suci. 

Tapi kabutuh Yang Agung, 
teu butuheun kunu ngaji, 
teu butuh kunu ibadah, 
da kabeh kagungan Gusti, 
teu butuheun ku Ulama, 
teu butuheun kunu muji. 

atuh mun kitu Gusti, 
teu kasebutkeun beunghar, mun aya keneh pambrih, 

naon tuh kabutuhna Gusti. 
bener ceuk dalil teh tadi, Allah ta’ala taya kabutuhna, tapi sok nilik, 
sareatna anu nyata, 
nu karasa 
sareng bukti. 

naon atuh, kabutuhna 
Maha Suci, teh
nu yakin mah, kabutuhna Gusti Allah,teu seueur 
ngan sarupi. 

Ngan butuh teh ku wujud, 
teu ku naon-naon deui, 
kapan buktina di dunya, 
teu elat-elat nu bijil, 
jalma pada aranakan, tatangkalan nungtut jadi. 
Ting torojol ting palentung, ampir pinuh ieu bumi, sato-sato ge aranakan, 
najan seueur nu dipeuncit, tapi teu kurang nu datang, 
nandakeun butuhna Gusti.
[24/11 23:26] aji rasha: sidik pisan jeung buktina, 

Pasal dina pangkat mahluk, nyaeta ngaran hawadist, naon nu jadi sabab, 
pang sok ditungtungan mati, kedah wae osok wafat, henteu kenging mungkir deui. 

Malah dalil oge nyebut, dalilna teh Qulu nafsin, daikatul mauta, 

sundana teh eta dalil, sakebeh awak-awakan, 
yen kudu ngarasa mati. 

Tah naon sababna kitu, 
Allah geus maparin jangji, kumaha sabab-sababna, kersana Gusti Yang Widi, make mere katetepan, 
yen sakabeh kudu mati. 

Naon maksadna Yang Agung, hoyong kaharti, 
dina hal sabab-sababna, 
da moal enya mubadir, samangsa-mangsa keresa, tangtos aya sabab. 

kieu kersa Gusti, 
upama jalma teu wafat, 
pinuh temen ieu bumi, 
sesek moal aya tempat, 
tah kitu sababna 

mun ngan sakitu sababna, atuh Gusti Maha Suci, 
sanes nu sifat kawasa, 
asa kabireukan teuing. 

Naha matak naon atuh, ngersakeun Gusti Yang Widi, ngalegaan alam dunya, nyieun sarebueun kali, sarebueun alam dunya, 
moal datang ka teu jadi. 

eta mah entong dipikir, 
da kitu kersana Allah, 

sanajan kersana Allah, 
moal hanteu aya pambrih. 

Meureun aya sabab tangtu, moal mubadir Yang Widi, samangsa-mangsa keresa, aya sababna nu penting, 

Tanda bedana Yang Agung, reujeung sakabeh hawadist, lamun hawadist teu ruksak, langgeng teu owah gingsir, ana kitu nyaruaan, 
sarua jeung Maha Suci. 

pan ceuk dalil teh kitu, 
Allah sifat Baqo pasti, langgeng teu keuna 
ku ruksak, teu keuna ku mati, 
pertanda beda-bedana makhluk sareng Maha Suci.
[24/11 23:38] aji rasha: Pendekna sakabeh makhluk, tanda bedana jeung Gusti,
teu meunang nyaruaan, 
kitu rasiah Yang Widi, 
nu matak kudu wafat, sakumelip tujuh bumi. 

dina umur jalmi, 
naon margi teu sarua, beda-beda umur jalmi. 
Aya orok-orok pupus, 
aya nu geus aki-aki, 
aya nu geus jadi bujang, 
nu keur tengah tuwuh deui, rupi-rupi teu sarua, 
tah eta kumaha margi. 

Naha kersana Yang Agung, mun enya kersa Yang Widi, naha bet ngabeda-beda, kawas anu pilih kasih, 
kapan tadi Gusti Allah, 
asih ka sadaya sami. 

Rahman Rahim Maha Agung, ka sadaya murah asih, kumaha buktina murah, kumaha buktina asih, 
nu rata ka sadayana, 
ulah siga pilih kasih. 

perkara murahna Gusti, 
nu rata ka sadayana, 
nu kumelip jero bumi, 
geus ngayakeun lima rupa, 

1.seuneu 
2.angin. 
3.bumi 
4.banyu, 
5.matahari, 

eta kamurahan Allah, 
ka sadaya makhluk Gusti, mahi ku lima perkara, 
geura mun taya sarupi. 

Saupami taya banyu, 
teu aya cai sarupi, 
kumaha kira-kirana, 
urang bisa 
hirup 

nya moal bisa, 
sagala ge moal jadi. 
Tatangkalan moal hirup, sato-sato kitu deui, 
uteuk tongo walang taga, 
moal aya anu hurip, 
cacakan taya sarupa, 
bener karaos nya. 

Kantun asihna Yang Agung, naon nyatana anu yakin, 
nu papak kasadayana, 
nu sami teu pilih kasih, 
anu teu dibeda-beda, 
ka sakur anu 
kumelip. 

mun can mafhum, 
asihna Gusti Yang Widi, 
mere hirup kasadaya, 
najan sireum tongo reungit, sami teu aya bedana, 
pada bisa 
usik malik. 

Tepi ka akherat kitu, 
Allah tetep bae asih, 

matak heran, 
kapan jalma teh sok mati, tangtos ari maot tea, 
teu aya hirupna pasti. 

ulah rek kaliru pan ari hirup mah, sifat Baqo geus pasti, langgeng teu keuna 
ku ruksak, 
teu keuna ku maot pasti. 

Lamun ruksak eta hirup, 
Allah milu ruksak pasti, 

bisi masih heran, 
kapan geuning anu mati, hanteu usik hanteu obah, tanda taya hirup pasti. 

ulah belet teuing, 
hal perkara anu hilang, 
hirupna mah tetep pasti, 

nu paeh tea mah raga, 
nya eta badan jasmani. 
Kurungannana nu pupus, bungkusna roh jasmani, 

roh jasmani teh nyatana, nyaeta nyawa geus pasti, 
ari nyawa teh nya rasa, 
nu tadi asal ti dohir. 

Tapi rasa ge pang hirup, nyaeta ku dzatna Gusti, matak hirup mah 
teu robah, 
najan geus kasebut mati, sabab ngahirupan rasa, 
ti dunya nepi ka batin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar