Sabtu, 20 November 2021

nafsu

[20/11 13:37] aji rasha: Nerangkeun 
Datangna Nafsu. 

ari datangna eta si nafsu, nyaeta kahayang waktu keur dibere nyusu, 
rasa kontak 
jeung aci opat perkara. 

Sabab eta pang ayana 
cai susu, asal tinu opat, 
aci tanah jeung angin  
aci seuneu aci cai 
moal salah deui. 

Nya buktina 
nu dituang ku Ibu, 
sabab mun Ibuna teu tuang naon-naon, 
Tuang Ibu moal aya cisusuan. 

Barang tepung 
baham sareng cai susu, tangtu aya rasa, 
rasa pelem jeung amis teh, deudeuieun tina 
karasana ngeunah. 

Hayang deui hayang deui 
jadi baku, henteu kaop elat, sok ngambek 
mun teu sok geuwat teh, meni jeger ceurikna 
bakating hayang.
[20/11 13:49] aji rasha: Saniskanten jadina teh 
ku patepung,kontakna eta 
Ibu jeung Rama. 

Kabuktian jadi orok ngaguluntung, 
dina patuangan sareng 
aya hirupna teh, 
tanda hirup geus 
usik gugurinjalan. 

Barang gubrag deui ka Dunya patepung, hawa anu dua, hawa Batin jeung Dohir , barang kontak 
terus bae aya nyawa. 

Sifat nyawa 
nyaeta nafas geus puguh, hakekatna nyawa, 
rasa eta buktina teh, 
barang rasa kontak 
sareng katuangan. 

Jadi nafsu loba kahayang geus tangtu, 
bibitna kahayang sabab, 
tadi geus ngaraos, ci susu teh ngeunah diraoskeunnana. 

Mangsa-mangsa aya raos teh geus kudu, babandingannana, sareng teu raos geus tangtos, saniskanten aya
lalayanannana. 

Murakabah ngeunah teu ngeunah teh tangtu, 
kana cepil soca, ka 
pangangseu kitu keneh, enggeus tangtos aya ngeunah jeung teu 
ngeunah. 

ning bukti dina dangu oge, aya dangu ngeunah, 
aya dangu nu teu raos, nimbulkeun jadi amarah. 
Kuma bae dangu teh kontakna kitu, 
lamun dangu kontak, sareng sowara nu awon,
kajadian nya jadi 
rasa teu ngeunah. 

Kitu deui mun kontak jeung sora alus, nya nimbulkeun ngeunah, 
saterasna kitu bae, 
anu opat bae 
kumaha kontakna. 

Dina panon 
bukti geuning enggeus puguh, aya tinggal ngeunah, 
aya tinggal henteu raos, malah aya tinggal 
sok jadi amarah. 

Panon oge kumaha kontakna kontakna jeung sifat, 
sifat nu sae nu awon, 
mun nu sae 
nya ngajadi ngeunahna. 

Najan dina pangangseu oge nyakitu, aya angseu ngeunah, aya angseu hanteu raos, sami bae sareng dangu tinggal baham. 

ieu sajarahna manusa 
gelar ka Dunya. 

Kumaha dina waktu wafat, kumaha sajarahna teh,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar