[21/11 13:51] aji rasha: Nerangkeun
Rijalul ‘Alam
Rijalullah
nu ngaran Rijal disebut, kumaha eta hartina,
sareng naon kanyataannana nu estu.......
Sategesna basa Rijal,
hartina teh nyaeta Senapati, malah dua nu kasebut,
kahiji Rijalul ‘alam
kadua Rijalullah
Senapati duanana,
kapangkatannana sami.
Rijalul ‘alam,
Senapati ngagelarkeun
Ilmu dohir,
Ilmu Kadewaan
gelaran ti Sayid Anwar,
nu nurunkeun para Dewa
kapungkur nepi ka jaman ayeuna, turun tumuruna
Nyekelan Ilmu Istijrad, kagagahan etanu dicangking, sapanedana sok dimakbul, lamun hayang bisa gagah, sapertina hayang kuat hayangweduk, hayang Maen Po ge bisa, ku ditepak ge jadi.
Hayang gampang ngarah sarat, hayang nyirep atawa ngemat jalmi, najan hayang jadi dukun, nyageurkeun nu gering payah, ku ditepak
tempo-tempo sok Kabul,
bisa cageur ngadak-ngadak, henteu aya tempo deui.
Kusabab Ilmu Istijrad,
naon bae sakahayang
bisa jadi,
wantu Senapati kitu,
urusan hal kadohiran, tuturunan ti Dewa Guru,
terus nepi ka Ayeuna,
turun tumurunna misti.
[21/11 14:05] aji rasha: Malah manusa ayeuna, enggeus campur pagalo ngajadi hiji,
malah Ilmuna ge tangtu, lantaran geus loba pisan,
anu nyekel ilmu Kadewaan
ngakukeun Ilmu Ma’rifat, agama Islam Sajati.
Pedah sakur panedana,
sok dikabul naon bae
tekad ati,
sanajan hayang patepung, jeung karuhun nu geus wafat, ku ditepak ge harita geus
tangtu tunduh,
nya terus ngimpi patepang, jeung karuhun nu geus mati.
Tapi anu masih aya,
anu tacan sampurna Rohna anu marakayangan
anu aya keneh didunya, tangtu bisa dina sare
bisa patepung,
tatapi nu sampurna mah, weleh teu bisa kapanggih.
Rijalul ‘alam teh
Senapati Dewa Guru,
turunan ti Sayid Anwar,
Rijalullah,
turunan anu ti
Syaidina Anwas,
nu nurunkeun
turun-tumuruna Rasul,
teges Senapati Allah,
nu ngagelarkeun bumi.
Sare’at Hakekat,
Tarekat Ma’rifatna
tepi ka poe panutup, tuturunanana natrat,
terus bae Agamana ge nya kitu, nyekelan Agama Islam, saksina Qur’an jeung Hadist.
Teu nirca tina amarna,
nyaeta parentah Kangjeng Nabi Muhammad
Rasulullahu,
nyaeta
rukun Islam,
rukun Iman
sadayana ge di turut
sajarahna asal-usulna
Sayid Anwas sareng Anwar, naha eta teh
tunggal sadulur,
atawa misah turunan,
kieu eta sajarahna
Sayid Anwas sareng Anwar, estu dulur sarama
henteu saibu,
ramana anu kasebat,
nu jenengan
Nabi Isis.
Putra Kangjeng Nabi Adam, ngan sahiji anu
dijadikeun Nabi,
Nabi Sis anu kasebat, kocapkeun Nabi Sis tea,
geus kagungan garwa putri leuwih lucu, putri geulis ti Sawarga, sang Dewi Mulat kakasih.
Gancangna bae nu kocap, Dewi Mulat ngandeg enggeus tilu sasih, gaduhkakandungan
aya deui anu kocap,
hiji putri aya didasaring
laut, ngaranna Dewi Jelajah, nyaeta anak Idajil.
Sang Idajil la’natullah,
nu dibendon tadi ku
Maha Suci
nu asal Malaikatu,
kocapkeun Dewi Jelajah,
hiji mangsa jeung Nabi Sis geus patepung,
keur pelesir jeung garwana, ngalantung sisi basisir.
Dewi Jelajah kabita,
ningal Nabi kasepna
kaliwat saking,
cahayana mani mancur,
gancangna Dewi Jelajah, geus teu tahan ngabijilkeun akal tipu,
terus eta Dewi Mulat, disamber henteu katawis.
Diserenkeun ka Bapana,
sarta terus ditenung sama sakali,
Dewi Mulat
geus teu emut,
saperti anu sare tibra,
kakocapkeun Dewi Jelajah
dipungkur, wantu-wantu
anak setan,
sacipta-ciptana jadi.
[21/11 14:15] aji rasha: Digedogkeun salirana, diijabah manehna salin rupi, ilang rupana kapungkur, ceples rupa Dewi Mulat,
Nabi Isis teu terang aya
nu nyamur,
raos garwana nu enya,
teu terang aya nu nyalin.
Gancangna bae geus mulang, ka bumina pakaleng-kaleng jeung Nabi,
kocapkeun anu dicatur,
biasa bae jeung garwa,
geus salulut dina jero
tempat tidur, teu lami deui waktuna, geus reuneuh deui Nyi Dewi.
Parantos gaduhkakandungan, sanggeus boga perasaan Nyai Dewi, boga ingetan
rek wangsul,
barang dina hiji mangsa, tengah peuting keur
meujeuhna simpe kitu,
Nabi Sis keur kulem tibra, ditinggalkeun ku
Nyi Dewi.
Balik deui ka bapana, gancang bae bapana ge indit, mawa putri nu ditenung, dipulangkeun ka Nagara, diebogkeun dina jero tempat tidur, digedengeun carogena, nyaeta Jeng Nabi Isis.
Duanana teu mirasa, dipacikeuh anjeuna ku Idajil, kocap deui anu dicatur,
Dewi Mulat geus waktuna, ngababarkeun murangkalih sarta mulus, jeung moncorong cahyana, murangkalihna lalaki.
Kasep taya papadana, wantu-wantu nu bakal nurunkeun Nabi,
para Wali Mu’min kitu,
nya teras dijenengan
Sayid Anwas nu geus pada
nyarebut,
kocapna Dewi Jelajah,
garwa anu palsu tadi.
Ngababarkeun deui putra, sami bae putrana oge lalaki, jenengannana disebut
Sayid Anwar katelahna, sanggeus ageung yuswana sapuluh taun,
ka ibu nanyakeun rama,
saha ari rama abdi.
Teu hese deui ibuna,
terus terang ka putra teu lila deui, ibuna gancang cacatur, yen tuang rama ujang,
Nabi Isis putra Nabi Adam estu, di Nagara jadi Raja, barang ku putrana kakuping.
Anjeunna teras pamitan,
bade nyusul ramana di nagri, bade nyuhunkeun diaku,
diangken yen putrana,
hanteu lami murangkalih teh
geus cunduk, geus tepang sareng ramana, nyaeta
Jeng Nabi Sis.
Yaktos dina sagokan mah, teu diangken ku rama sama sakali, ditampik henteu diaku, kabujeng aya dawuhan, nyaeta
Nabi diturunkeun wahyu,
yen enya eta teh putra,
Ibuna Jelajah Dewi.
Nu bakal nurunkeun Dewa,
nu teu nurut kana
agama Yang Widi,
tekadna hayang ngaratu, sasat ngan Allah sorangan, malah-malah saumurna embung pupus,
satungtung ayana dunya, memeh ruksak bumi langit.
Ari Sayid Anwas,
anak maneh anu cikal enggeus pasti,
nu bakal
nurunkeun Rasul,
nurunkeun para Anbiya,
enya eta para Nabi Wali kitu,
jeung para Mu’min sadaya,
nu nurut Agama Aing.
Kitu sajarahna,
Sayid Anwas sareng
Sayid Anwar tadi,
jadikusababna kitu,
ayeuna geus akhir jaman, geus pacorok turunannana
patepung, turunan
Anwas jeung Anwar,
geus gulung ngajadi hiji.
[21/11 14:26] aji rasha: Geus loba jalma Kadewaan, baster Bapa Dewa
Indung Jalmi,
Agamana
ge pon kitu,
campur geus sarosopan,
da buktina loba anu niru-niru, niru-niru siga Islam,
caritana make dalil.
Malah-malah aya tarekatna, niru-niru tarekatna para Wali, dipake kedokna kitu,
dipake mipindingan, mipindingan enya eta
ilmu tenung,
ngakuna mah kabatinan,
tapi buktina mah lain.
Puguh ilmu kadohiran,
da buktina ditembongkeun
di dohir,
Istijradna
ilmu tenung,
jeung teu kudu ditapaan,
asal bae percaya terus jeung
kalbu, sagala ge di ijabah, jeung kalimahna di puhit.
Najan nyokot nyawa jalma, ku ditepak harita geus hanteu eling, kawas nu sare malulu, tapi ka jalma salancar,
anu henteu boga kayakinan
kapercayaannana ka Allah, sinareng ka Kangjeng Nabi.
Gampang pisan katerapna,
ku dipencrong beungeutna eta jalmi, lamun imanna
teu teguh,
maunatna sok kaluar, ngaburinyai katingali gancang dikepuk,
ditepak lebah-lebahna,
nya terus bae teu eling.
Siga anu sasarean, anu tibra sarena teu eling-eling,
sidik pisan ilmu tenung,
hirup tapi hanteu obah,
da buktina nafasna mah ongkoh terus,
kitu eta padikana,
netepkeun laa haola tadi.
Nu matak urang sing awas, lamun bae rek neangan
elmu batin,
mangkade bisi kapalsu,
ku ilmu Rijalul ‘Alam, kajabana mun ku urang
nu dimaksud,
nyiar ilmu kadohiran,
nya mangsa bodo teuing.
cicirenna eta
ilmu, ilmu Rijalul ‘Alam,
Cirina nu saperkawis,
dina waktu rek narima, nampa eta tarekat teh,
teu nganggo kudu puasa, dina samemehna nampa.
Jol prak bae dipiwuruk,
teu aya bema karama.
Sarsilahna kitu deui,
teu Bismillah teu Syahadat, jeung ari saenggeusna
teh, kudu bae sok ditepak, dina palebahan tarang, anu jadi mah sok terus, neunggeulan badan
sorangan.
Terus nangtung jeung sisirig, pek hut het maenposorangan, tah kitu padikana teh,
Teu cocog jeung Hadis Dalil, sanajan aya Ru’yatna,
lain Ru’yat nu sayaktos, Johar Firid nu kitu mah, cahya dunya
kasebatna,
bagian Banujan kitu,
atawa para Dewa.
Da kapan Dewa mah
jasadna ngabadan cahya, ceuk dina sajarahna ge, maotna para Dewa mah teu terus ka Akherat,
surup sinurupan kitu,
losna ka Sawarga Loka.
[21/11 14:35] aji rasha: Ciri kadua perkawis,
mun geus nyangking ilmu eta, hanteu kudu marigawe,
kana amal Rasulullah, patokanana Islam,
ari sababna dapuguh,
sok jadi aya matakna.
Sok camal ilmuna,
teu jadi pangawasana,
mun khusu ka Agama teh,
anu matak sidik pisan,
lain ilmu kabatinan,
estu keur didunya wungkul,
tara dirampid ilmu mah.
Ilmu dohir keur di dohir, pikeun nganteur nafsu hawa, batin mah keur batin bae, kajaba mun getol tapa, saperti Wali baheula, karamatna tangtu timbul, bisa dipake di dunya.
Tapi lain kana Julig,
tara nirca tina sara,
sareng tara boga hate, hasud takabur sareng ria,
ngaku luhur sorangan teu pambrih dipuji batur,
jeung geus teu hayang dudunya.
Ciri nu katilu perkawis, tabe’at Rijalul ‘Alam,
saurna sok harung gampong, ngagedekeun ujub ria, takabur caritana,
ngaku ilmu aing punjul, sadunya ge moal aya.
Lamun kitu eta sidik,
ical ti patokan Islam,
taya pisan sucina teh,
kapan tadi ceuk Islam mah, tekad kitu teh teu meunang, sumawon ujub takabur, ngahina ka papada jalma.
Kapan manusa mah,
teu ngabogaan kawasa,
bodo tur taya kanyaho,
jadi mun boga tabe’at,
ujub takabur ria,
nyaruaan Maha Agung,
ngaku aing jadi Allah.
Nu sarupa kitu lain
tabe’at manusa,
Idajil anu di tiron,
sabab ngan tabe’at setan,
anu wani nyaruaan,
kana kawasa Yang Agung, mangpang meungpeung
keur di dunya.
Sabab engke mah di akhir, dina geus kiamat dunya,
geus dipatok ku
Yang Manon,
bakal langgeng di Naraka, dina intipna Jahanam, sakanca-kancana tangtu, nyaeta nyawa manusa.
Anu waktuna di dohir,
nu biluk ka tabe’atna,
milu Musyrik
ka Yang Manon,
jeung teu nurut ka Amarna, parentahna Rasulullah, utusan Yang Agung,
tetep keur eusi Naraka.
tabe’at kitu teh,
eukeur waktuna di dunya, pibatureunana setan,
cadang Naraka Waelul,
anu kalangkung poekna.
pasal nyawana nu maot, nyawana eta kamana,
naha bijil
naha asup.
Tina kurungan manusa.
perkara nyawa manusa,
ceuk kitab mah geus
diparios,
ditetepkeun yen kaluar,
bijil tina kurungan,
jalanna oge kaluhur,
nya kana embun-embunan.
upami nyawa manusa,
make kaluar mah tangtos,
meureun masih ka kurungan, ku ieu alam dunya,
atuh mun kitu teu wangsul, tetep di pangumbaraan.
[21/11 20:02] aji rasha: eta cariosan kitab,
yen nyawana manusa teh,
kaluar tina kurungan,
tapi nyawana manusa,
anu hanteu bisa wangsul,
lantaran hanteu kapendak.
Sareng jalanna di dohir,
jalan balik ka Akherat,
kana asalna bareto,
hanteu kapendak ilmuna, ilmu nganyahokeun asal,
nya tangtu bae kasorang, manggih poek sakaratna.
Mun poek mah tangtu na, moal ninggal aya jalan, dihijab hanteu katembong, nya tangtu nyasab jadina, rasana ge tangtu eungap,
sakaratna renghap ranjug, tina ku bakating eungap.
Lila-lila bitu pasti,
ibaratna dina ban mah, kaliwatan ngompana teh,
nya tangtu bitu jadina,
nu mawi sing percaya,
yen nyawa bijil tina wujud,
nobros ti embun-embunan.
Nya tetep aya di dohir,
dina jero Haqul Adam, marakayangan terusna
kapan sidik kabuktian,
ieu di jero alam dunya,
ku Dedemit ampir pinuh, bangsa Onom Siluman.
Numawi urang di Dohir,
hirup ulah kajongjonan, buru-buru memeh maot, geura teangan ilmuna,
ilmu kasampurnaan tea, tarekatna sing kasusul,
sing nepi ka ma’rifatna.
Kana asal urang tadi,
jeung jalanna kudu sorang, dipigawe saban poe,
sabab urang sing rumasa, ganti menit jeung ganti jam, umur urang kapan maju, ngadeukeutan ka Akherat.
Kudu dibarengan misti, disorang jalanna wafat,
poma ulah lelewodeh,
bisi tinggaleun engkena,
mun geus tepi ka waktuna, Roh jasmanina teu katut, nyawa teu kabawa mulang.
Tinggaleun aya di dohir,
tetep dina Haqul Adam,
dina kurungan pabuen,
teu balik ka Haqullah,
nya eta sifatna Iman,
ka Nurna Maha Agung, akherat nu sajati.
sing harti, pasal nyawa nu kaluar, bijil ti kurungan teh,
nyaeta nu sampurna,
kumaha sabalikna,
nyawa jalma nu kasebut,
nu ngaran sampurna tea
Tidak ada komentar:
Posting Komentar