Jumat, 26 November 2021

pasal wadi madi mani maningkem

[25/11 12:52] aji rasha: Nu ruksakna teh ngan wujud, nya ieu wujud jasmani, rasana mah tetep aya, 
saperti kieu deui, 
boga ngeunah 
jeung teu ngeunah, 
ngan alamna 
salin deui. 

Tah kitu sababna makhluk, umurna teh hanteu sami, sanes pangersa Pangeran, panjangna pondokna deui, ngan wadahna anu teu kuat, nu matak sok tereh mati. 

Dadamelan Rama jeung Ibu, nu ngaran Wadi jeung Madi, Mani Maningkem tah eta 
nu kurang kuat, 
nu matak sok 
tereh mati. 

Piwadaheunnana hirup, 
anu kurang kuat teh, 
anu ngaran mani tea, 
sabab eta asal mani, 
lamun teu uninga, 
asal tina aci getih. 

Lamun getih Rama Ibu, 
dina waktu tadi bijil, 
keur getihna hanteu sehat, 
keur nuju aya kasakit, 
nya manina ge teu sehat, kacampiran ku panyakit. 

Atuh jadina teh tangtu, papada bisa ngajadi, 
tangtu babari bobona, 
umurna ge moal lami, 
ibarat dina kai mah, 
geus koropok ti tadina. 

 
ari pasal
Wadi Madi, Mani maningkem timana asalna jadi. 
Timana asalna dumuk, 
asal naon nu ngajadi, 
naon kanyataannana, 
di diri urang pribadi, 

muga diwejang, 
nu karasa anu bukti. 

Wadi teh asalna aci seuneu 
jadina di urang daging, 

Madi asalna, aci angin. 
Nyatana diurang sungsum, 

Mani asal cai, 
di urang ngajadi tulang, 

Maningkem  aci bumi, 
jadi kulit awak urang, 

tah kitu eta dadaran na 

Hadist geus mere terang, 
yen jalma Iman pinasti, meunang ganjaran Akherat, dipapag ku Widadari. 

Seueurna teh opat puluh, sareng kalangkung gareulis, dina lebah dinya, masih keneh bingung pikir, can tetep kapercayaan, rehna eta 
Widadari. isteri wungkul, 
teu ngupingkeun Widadari-widadari lalakina, 
pikeun mapag para istri, 
istri nu meunang Iman, 
anu ibadah ka Gusti. 

pan istri ge geus tangtu, seueur nu lakon Agami, 
jeung lalaki sama timbang, kadang kala seueur istri, naha bet hanteu ka kocap, dipapag ku Widadari. 

pasal eta Widadari, 
bener pisan tangtu aya, 
tatapi eta munasif, 
nyilokaan kani’matan, ganjaran ti Maha Suci.
[25/11 13:00] aji rasha: Ku urang kudu ka ilmu, 
pikir sing nepi kaharti, 
kudu papay mimitina, 
pikeun mikir Widadari, 
ari Widadari tea, 
rupa istri nu gareulis. 

Kapan istri teh geus tangtu, sifat kasukaan ati, kani’matan kagenahan, 
kabirahian nya ati, 
ka deudeuh jeung kacintaan, mungguhing di alam Akhir. 

Bener bae opat puluh, 
ceuk Hadist teh Widadari, pikeun sahiji manusa, 
kabagiannana pasti, 
eta teh siloka, 
yaktos mah opat siki. 

Enol mah da nalapung, kosong hanteu aya eusi, 

kieu ari sayaktosna, 
nu opat Widadari,  1.kangeunahan baham, 2.kani’matan cepil. 
3.kabungahan soca 
4.kadeudeuh pangambung 

kapan tina opat tea, 
bijil kani’matan sami. 

kuma atuh, pang mapagna Widadari,pan nyata, 
upami baham kadatangan lauk hayam, atawa 
kueh persetik. 
karaosna raos tangtu, 
malah osok hayang deui, deudeuieun karasana, 
kahartos ari kitu mah, 
istri pameget ge nampi. 
Ganjaran ti Maha Agung, leres hanteu pilih kasih, 

Widadari tina cepil. 
tina dangu, piraku teu kaharti, meureun osok mendak, ngadangukeun anu nyuling, atawa tembang nu ngunah, naon bae rupi-rupi. 
Meureun ni’mat nu kadangu, raos ceuk rasana cepil, 

deui tina soca, 
lamun ninggali, naon bae kaanehan, boh barang boh rupa istri. 
Geus tangtu resep
kalangkung, bakating 
resep ninggali, 

tina pangambung ge bijil, upami ngangseuan minyak, naon bae anu seungit. 
Kaanggseuna raos tangtu, matak nyelengit nya ati, bakating raos-raosna, 
matak ngahudang birahi, 

nuhun pisan, ayeuna mah kahareti.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar