[24/11 08:30] aji rasha: NERANGKEUN
RAHMAN – RAHIM
Murah jeung Asihna
nyatana dina badan.
mun murah Gusti Maha Suci, ku perkara hal dunya barana, naha atuh buktina teh,
bet beda-beda kitu,
aya nu beunghar
aya nu miskin,
nu senang nu susah,
jadi lmun kitu, siga-siga
Gusti Allah, pilih kasih
hanteu kasadaya jalmi, murahna dipilihan.
Malah-malah ka
umatna Gusti, ka umatna Jeng Nabi Muhammad,
nu kacida bedana teh, seuseueurna anu ripuh,
tina hal kurangna rizki,
teu sapertos sejen bangsa, hirupna jaregud,
mungguhing di bangsa Islam,
hanteu weleh nandangan
lara prihatin,
hirupna hirup sangsara.
pan tadi Gusti Maha Suci, murahna teh ka kabeh makhlukna,
tapi dina buktina teh,
teu cocog hanteu luyu,
tur tadi Muhammad Nabi,
cenah kakasih Pangeran, sagala diturut,
naha buktina salia,
ari bangsa sejen nu sanes Agami,
bet siga marulya pisan.
ulah rek kaliru manah,
sirik ka bangsa nu sejen, hirupna jeregud,
naha can ngaharti kitu,
dina kamurahan Allah,
ka sadaya makhluk,
nu geus nyata bro sapisan, geus tumiba ka diri urang pribadi,
naha can ngarasa kitu.
Nu sakitu Gusti Maha Suci, ngamulyakeun ka makhluk-
makhlukna,
tayakakuranganna teh,
geus bro sarta cukup
jeung teu pilih kasih deui,
sanajan ka hewan pisan, geus dibere cukup, samrtabat-martabatna,
mangga atuh dipiwarti,
mana kamurahan Allah.
bisi rumaos can tepi,
kana eta palebahan dinya,
bisi masih poekeun,
margi tacan karasa,
kapan aya basa tadi,
moal enya terang,
lamun tanpa Guru,
kedah basa Guru heula, sabab tadi Guru teh
nu geus dipasti,
tuduh jalan marga padang.
mangga urang dadarkeun
ayeuna mah supaya jelas
kamurahan na Yang Manon, nu tumiba dina wujud,
[24/11 08:44] aji rasha: nya eta maparin nggahota, panangan jeung suku, pangangseu jeung paninggal, jeung pangdangu pangucap eta geus bukti,
budi pamilih jeung akal.
tah sakitu pokna ti Gusti, kamurahan ka urang sadaya, papak sadayana oge,
lain murahna Yang Agung, sok maparinan rizki,
rupa barang sareng uang,
eta lain kitu
ari pasal rezeki mah,
tangtu bae beda-beda
moal sami,
aya nu leutik
aya nu loba.
Da perkawis rizki mah,
nya kumaha
ngagolangkeunnana,
eta nggahota bae,
mun urangna suhud,
temen wekel teu lanca linci,
metakeun nggahota,
sageuy hanteu untung,
piraku teu jadi senang,
tapina jalanna senang teh pasti,
kudu daek ripuh heula.
papalayeun geuning
bangsa asing,
bangsa Cina atawa Walanda, bangsa Arab Japan oge, baleunghar jaregud,
sarugih laksaan duit,
ku bakating tina suhudna, daek nyorang ripuh,
temen wekel teu bengbatan, nya metakeun kamurahan
nu ti Gusti,
daek mikir jeung praktekna.
Mana pantes
jadi sugih mukti,
beurat beunghar didunyana, da tara bosen ku hese,
tara hoream ku ripuh, dikeureuyeuh teu lanca inci, mun can hasil maksad, hanteu weleh ngatur,
beurang peuting dipikiran,
lila-lila daek mikir mah geus pasti, tangtu bisa kajadian.
pan tadi geuning unggel Hadist, dalilna teh
geuning sok disebat,
sadaya ge pada ngartos, dawuhan Gusti Yang Agung,
Waman Thalaba Saian
Jiddan Fawajiddahu,
hartina teh
saha-saha, anu temen pang mentana ka Yang Widi,
menta kalawan jeung
prakna. Tangtu pisan
Gusti Maha Suci,
ka jelema temen pang mentana, awal akhir tangtu bae, dikabulkeun samaksud, sabalikna mun aya jalmi,
kurang temen mentana, sasat kurang suhud, sumawon teu jeung prakna,
migawena gancang bosen embung mikir, bosen hoream ku bangga.
Atuh Gusti nu Maha Suci, moal enya ngabulkeun kahayang, da urangna
lanca-lence,
tah eta kitu,
numatak ulah sok sirik, pedah batur jadi senang, baleunghar jaregud,
komo ditungtungan ku sugal, nyebut-nyebut ka Gusti Allah teu adil, tur urang nu salah tampa.
Ayeuna perkara
asihna Yang Agung,
cenah asih di Akherat,
tah eta ari tacan ngaharti,
kieu eta teh,
asihna teh Allah di Akherat, piraku teu karaos,
pek papay heula atuh, Akherat teh naon ,
nyatana di badan urang,
akherat teh nyata
alam rasa, buktina mah
di urang teh,
ayeuna meureun kamafhum, pang asihna di Akherat Gusti,
[24/11 08:51] aji rasha: piraku teu karasa,
asihna Yang Agung,
ieu alam dohir,
boh di cai boh di darat.
Anu amis anu pelem
nu pait nu asin
nu lada nu gahar,
kamana sumurupna teh,
bener asup kana rasa,
jalanna mah puguh,
nya kanu opat tea,
di tampana ku rasa
teu lepat deui,
bener asihna teh Allah.
tah ning kaharti,
puguh bae pek geura manahan,
kayaan di dunya teh, cucukulan nu rarentul,
rupina laksaan keti, sinarengan beda-beda, rasana geus tangtu,
taya deui anu nampa,
anging rasa nya
rasa rasulullahi,
bakat ku asih-asihna.
1.hakna Yang Agung,
2.Hak Muhammad
3.hakna Adam,
tah eta kumaha pernahna kumaha gulungna .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar