[23/11 06:56] aji rasha: NERANGKEUN
SIFAT DUA PULUH
DIBAGI 4 DITERANGKEUN
DINA BARANG-BARANGNA ANU NYATA
[23/11 07:11] aji rasha: Nafsiah
ngan sahiji bagian na Salbiah, lima bagian na
Ma’ani tujuh bagian na.
Ma’nawiyah tujuh bagian
Nurutkeun dina buktina, barangna sahiji-hiji,
tangtu bae teu sarua,
da sifatna ge teu sami, baham
soca
cepil,
pangambung
malah pagaweannana, geuning bukti hanteu sami, soca cepil baham angseu beda-beda.
dina hal beda-bedana,
anu mawi hanteu sami,
jeung dina damelna deui, kahartos ,
bukti, barangna
dina baham
dina soca,
dina pangambung
dina cepil,
tangtu kanyataannana beda.
hayang nyata jeung buktina.
Nafsiah,
bagiannana ngan hiji,
sifatna ge hiji,
nyatana etapangambung, irung teu dua, nyatana
ngan hiji bagiannana.
Salbiah
eta barangna, lima
nyatana dina barangna.
[23/11 07:28] aji rasha: eta dina soca,
aya lima perkawis,
barangna nu bukti, 1.bobodasna soca, 2.hihideungna
3.kokonengna soca.
4.beubeureumna soca
5.heherangna panon sidik, bukti, lima barang jadi gulung, kawasana Gusti Allah,
dina saban-saban jinis, tangtu pisan aya bae
rasiahna.
Ma ani
barangna,
anu nyata dina cepil,
tujuh bagiannana.
lelegokna cepil, kapan eta sidik lelegokna cepil tujuh, katujuh jeung liangna,
Ma’nawiyah,
barangna nu bukti,
tujuh bagiannana
supaya gulung pisan,
sifat dua puluh tadi, ngagulungna kanu opat
sing karasa.
Ma’nawiyah
eta bagiannana tujuh
buktina
1.biwir nu handap,
2.biwir,nu luhur,
3.gugusi nu tiluhur ,
4.gugusi beulah ti handap.
5.lalangit anu ti handap,
6.lalangit, ti luhur,
7.ditengah letah sahiji.
sifat dua puluh bukti, kanu opat geus ngagulung, tembong aya barangna, enggeus sidik katingali,
ari waos naha bet hanteu kabilang.
aru eta huntu mah,
datangna oge pandeuri, sanggeus urang
kaasupan aci dunya.
[23/11 07:42] aji rasha: aya dalil,
Iqro kitabaka dalil,
kafa binafsika ,
Alyauma ‘alaika
Hasiba unina dalil,
sundana anu kamasyhur,
yen wajib pisan manusa
ngaji teh kudu ngajinis, nyaeta
ngaji saadeging badan.
Ulah ngaji luar badan,
matak ngajauhkeun Gusti,
teu ngarasa babarengan, siang wengi ngangliputi,
bener eta kitu,
sanggeusna maca daluang, terus ngaji luang ,
nyaeta rasakeun daluang tea.
Dihartikeun dilenyepan, dirarapkeun kana diri,
sing cocog jeung sareatna, hakekatna mah geus pasti, aya di diri pribadi,
nu matak kudu diemut, kalawan make tarekat, sangkan bisa ma’rifati.
Sareat sareng hakekat, tarekat ma’rifat ,
teu beunang dipisah-pisah,
kudu gulung jadi hiji,
boh dina lakon agami, sumawonna dina ilmu,
kudu gulung anu opat,
sabab manusa ge geuning, sampurna bisa gumelar
di dunya.
Taya lain ngan ku opat, pangucap
pangangseu
paninggal,
pangdangu
mun kurang hiji,
teu sampurna urang hirup, komo lamun kurang dua, pinasti moal katepi,
sumawonna kurang tilu nyucud pisan.
sing karaos, sadaya
piwejang iyeu
singa nyerep kana ati, sumarambah kana bayah, sing sumurup kana kalbu,
pasal sifat dua puluh, lajengna jadi aksara,
sabab aksara ge pasti, meunang nyutat tina
adeging manusa.
na, kumaha nu mawi,
didamel deui aksara,
sifat dua puluh tadi,
keur dameleun naon deui,
pikeun ngaunikeun Qur’an, wetna Agama sabumi,
jalan jalma ibadah ka
Gusti Allah.
pikeun ngamankeun dunya, sangkan manusa didohir, hirupna bisa waluya,
repeh rapih jeung sasami,
nu mawi aya Agami,
bakat
[23/11 07:59] aji rasha: bakat asihna Yang Agung, ngamulyakeun ka manusa,
ti dunya nepi ka batin,
diunggulkeun tina
sasama mahlukna.
pimaksudeunnana aksara,
naha eta mahi, ku aksara
nu tadi, ku hurup nu
dua puluh, pikeun
ngaunikeun Qur’an,
tangtu bae cukup
moal enya kurang.
Malah-malah tujuh welas, hakekatna mah,
ku sakitu oge cekap,
na hurup Qur’an ngan sakitu,
pan sadaya ge terang,
tilu puluh hurup pasti,
eta mah rangkepannana.
Bibitna mah moal salah,
dua puluh bae pasti,
kumargi lantarannana,
sifat dua puluh tadi,
sifatna Gusti Yang Widi,
teu kurang sumawon
langkung,
moal enya ngaleuwihan, ti sifatna maha suci,
seueur soteh eta mah rangkepannana.
huruf Qur’an tujuh welas,
beuki kurang wae geuning, kamana sawareh deui,
da moal leungit teu puguh, tangtu aya sumurupna,
katerangannana kie,
nu mawi ku tujuh welas, cukup teu kurang teu leuwih, hakekatna mah
huruf sareatna mah
teu salah,
aya tilu puluh bukti,
sabab kieu kateranganna.
ning dina sembahiyang,
dina sapoe sapeuting,
ngan tujuh welas raka’at,
teu kurang teu leuwih,
malah rukunna ge ,
tujuh welas eta puguh,
tah geuning dina ibadah, ku tujuh welas ge mahi,
tarekatna
nyusul anu tilu sifat.
nu disusul ku tarekat,
ku tujuh welas raka’ati,
ku sadaya nu disusul,
hiji Dzatna Gusti Allah,
kadua Sifatna deui,
katilu, Asmana Allah ta’ala.
Asmana nu hiji tea,
nu mahi ka tujuh bumi,
tujuh langit sadayana,
tah eta anu diberik,
nu mawi Qur’an ge
hurupna teh ngan sakitu,
hakekatna tujuh welas, nyaeta nyusul nu tadi,
Dzat, Sifatna Asma na
Allah ta’ala.
Kanyataan aksarana,
anu tilu teh
nu teu aya dina Qur’an,
aksara Ca nu ,
aksara Nya ,
aksara Nga nu ,
tah eta
anu teu aya, dina Qur’an
teu ditulis,
da hakekat dzat sifat asmana Allah.
Atawa
Allah,Muhammad,Adam,
tah eta nu diteangan,
diberikna kunu tadi,
ku tarekatna Agami,
nyaeta dina waktu,
waktu anu lima tea,
dina sapoe sapeuting,
kapan raka’atna eta
tujuh welas.
sing kapaham,
pasal tarekat agami,
bener dina waktu lima,
dina sadinten sawengi,
tujuh welas raka’ati,
teu kurang teu punjul,
[23/11 08:16] aji rasha: sing kapanggih
Dzat sipat asma na
Gusti alloh jeung akbar na
dina ibadah ,
ulah ninggalkeun waktu lima,
Sangkan sampurna ibadah, ulah gawe tanpa hasil sabab aya dina Hadist,
mun amal teu reujeung ilmu, batal teu jadi amalna,
buktina ge ning, bet teu raos
karaosna, ku salira.
Da make bingung sagala, pertandana hanteu jadi hanteu beresih nya manah, jadi mang-mang ati
ayeuna mung hayang bersih, ibadah ka Maha Agung,
pek geura teangan,
tarekat na Ilmu Wali,
mun ka pendak geus tangtu bisa ma’ripat.
Buktikeun hurup aksara,
anu tujuh welas tadi,
teangan dina salira,
jalan tarekatna Ilmi,
pikeun nyusul anu tadi,
Dzat Sipat Asma
Yang Agung,
tanwande bisa kapendak, katinggal ku rasa jati, mimitina teangan nu
tujuh welas.
Da moal enya bet beda,
jeung tarekatna Agami, pada-pada tujuh welas,
ngan aya beda saeutik,
dina migawena ,
ari ku tarekat ilmu,
nu tujuh welas aksara,
bareng dipakena teh, sawaktuna tujuh welas-
tujuh welas.
Nu mawi bisa ma’ripat,
kana jatining Agami,
tah kitu sababna,
pang kudu ma’ripat jati, sangkan urang keur di dohir, sampurna ibadah kitu,
ngalakonan rukun Islam, parentahna Kangjeng Nabi, alus pisan daek
amal jeung elmuna.
ayeuna kantun neangan,
neangan tarekat ilmi,
pasal dina hurup tadi,
anu tilu tacan harti,
huruf Ca Nya jeung Nga kitu,
nu teu aya dina Qur’an,
naha naon margi
atuh da eta mah bibit,
bibitna sagala rupa,
nu langgeng teu owah gingsir, dzat sipat asmana gusti Allah jeung Muhammad Rasul, Adam bibit Nabi bibit Wali,
kumaha sabab-sababna.
eta teh aksara,
nu tilu tea tadi,
Ca nya Nga ,
cecekna paek geura itung, aya sabaraha jumlahna, salapan pasti,
tilu-tilu dina sahiji aksara.
Tah eta, hakekatna para Wali, sareatna geuning aya,
di Cirebon geus bukti,
Wali salapan kawarti,
Wali tunggal kasapuluh,
hakekat teh geus tangtu
aya sare’at.
[23/11 08:34] aji rasha: Tapi ieu mah hakekat, nyandak tina huruf tulis,
kumaha ari hakekatna,
Wali di diri pribadi,
pan kudu ngajinis,
ngaji saadeging wujud,
naha aya nyatana,
hakekatna para Wali,
dina ieu saadeging wujud
urang.
nya kantenan aya
teu salah deui,
bilang cecekna badan,
aya sabaraha hiji,
hartina liangna diri,
tah nyata pisan,
liang-liang di jasmani,
nu dilihur tujuh jeung
dua dihandap.
Kasapuluh Wali tunggal, tunggalna wujud pribadi,
Wali hartina teh
pangurusna hal agama.
Wawakilna rasulullah,
eta kitu nu wawarti,
atuh bener bae kitu
ma’nana Wali,
nyatana eta pangurus,
naha teu rumasa,
diurus beurang jeung peuting, kapan sidik nu ngurus salapan liang.
ning lamun hayang dahar, diurus ku baham pasti,
kitu deui hayang ninggal, diurus ku panon bukti, hayang ngangseu kitu deui, tangtu diurus ku irung, hayang ngadenge ge nyata, diurus ku cepil
kiih ngising diurus
ku liang handap.
Wali teh wawakil Gusti, wawakilna Rasulullah,
eta ge bener
naha eta liang tadi,
wawakilna Rasul,
Rasul teh nyaeta rasa,
rasa mah kapan gaib,
nu bukti mah panon cepil irung baham.
mun kitu mah, leres teu
tebih ti diri, ku bawaning
nya ngahiji,
sagala rupa teh kumpul, arasup ka wujud urang,
kana saadeging diri,
teu ingkah teu ical ti salira.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar