[20/11 11:28] aji rasha: Lamun hanteu aya rasa, ngajolopong hanteu bisa
usik malik,
hakekatna sadayana para
Rusul, da geus sulung dina jasad, hanteu kakurangan deui.
naha, nu ngaraji sok ngalainkeun teuing,
teu percaya kanu nyebut,
nu ngaku enggeus ma’rifat, kana dzatna Gusti
anu Maha Agung,
pokna teh sabab ceuk kitab, moal aya hiji jalmi anu bisa ma’rifat dzat, anging Nabi Muhammad Rosulullohi, nu bisa ma’rifat kitu,
jelema mah moal aya,
jadi lamun hiji jelema geus ngaku ngaku enggeus ma’rifat dzat,
murtad hanteu salah deui.
Malah ulah dideukeutan,
bisi nular katepaan murtad deui, seueur pisan anu kitu, sareng anu nyaritana,
lain jalma jore-jore nu geus masyhur, nya nu pangkat Ajengan, anu ngajinasalapis.
ngajawaban na,
enya kitu mun nu ngaji
Hadist Dalil,
puguh oge sok kaliru,
lamun hanteu ngaji
Qiyas, Ijma
teu disusul, tangtuna
kaliru basa, da teu make
akal deui.
Geura dipahamkeun, saur Hadist moal aya hiji jalmi,
nu ma’rifat dzat
Yang Agung,
atuh kantenan pisan,
sabab anu ngaran jalma mah geus tangtu,
ninggalna tangtu ku soca, panon ieu nu buncelik.
Mun kitu mah bener pisan, Mutajilah enggeus moal salah,sabab ngajirimkeun
enggeus tangtu,
ngajirimkeun Gusti Allah,
aya urang sinarengan aya itu, jadi aya hirup dua,
tah kitu mun teu kaharti.
Ari Hadist mah teu salah, pangandika para Rusul
para Nabi,
nu salah mah geus puguh, anu ngajina tea, kulantaran ma’nana salancar wungkul, sahinasna ma’na kitab, henteu dipikiran deui.
Kapan ma’na kitab Qur’an, aya dua dina Qur’an
geus ditulis,
dina Lam yakunil kitu,
ma’na Syahrul bariyyah, kaduana Khaerul bariyyah puguh,
nya ma’na anu kasar,
aya ma’na lemes pasti.
Kasar pikeun Naraka,
anu lemes pikeun bagian Sawargi,
kapan ceuk Qur’an teh kitu, naha arek teu percaya,
kana eta dalil Qur’an
nu geus puguh,
dalil teu meunang dirobah, ma’nana pon kitu deui.
Namung wajib kailmuna, ma’na dalil
kadua karasa kaharti,
kaluar jerona kitu,
jalankeun hukun Qiyas,
sabab anu pikeun nyampurnakeun maksud, taya lian ngan ku akal,
elmu lahir elmu batin.
Geuning tadi Hadist nyebat, moal aya nu ma’rifat
ka Gusti, Anging Jeng
Nabi Muhammad Rusul,
eta oge bener pisan,
tapi ulah netepkeun bae
kaditu, Kangjeng Rosulullah Mekah,
eta mah nu jadi bibit.
Bibitna anu ma’rifat,
tapi geura teangan
hakekat Nabi,
anu aya diwujud,
sabab Rosulullah eta,
hanteu pupus
sabab mun pupus
Dunya ge lebur,
pupus soteh majajina, hakekat mah teu mati.
Numawi geura teangan, Rosululloh
tegesna rasana Gusti,
di wujud urang sakujur,
lamun geus kapanggih eta, tangtu bae ma’rifat,
ka dzat Yang Agung,
da eta nu ma’rifatna,
jalma mah moal tinggali.
[20/11 11:35] aji rasha: Tetep pang bodona,
teu boga daya upaya pasti, anging rasana Yang Agung, anu tetep uninga,
nu ninggalna
hanteu make panon kitu,
ngandikana teu ku baham, ngadanguna teu ku cepil.
Nu gaib di wujud urang,
sing kapangih
supaya bisa balik,
balik ka rasa kapungkur, nyaeta rasana Allah,
sabab mun teu
kapanggih ayeuna tangtu, moal bisa deui mulang,
ka rasa anu tadi.
Tetep dina rasa Dunya, marakayangan balik
ka Dunya deui,
ku Dunya ieu kakurung, tegesna tacan kaluar,
masih tetep dina pangbuangan kitu,
buktina loba ririwa,
loba nu surup sumanding.
aya puji opat rupi,
khiji puji Hadist ‘alal Hadist.
dua , puji Hadist ‘alal Qadim, tiluna, puji Qodim ‘alal Qodim, opat, puji Qodim ‘alal Hadist.
dalil, pernahna,
dina waktuna,
Tidak ada komentar:
Posting Komentar