[20/11 15:41] aji rasha: Nerangkeun
Sajarahna Dina Waktu Sakaratil Maot.
engke dina waktu pupus, kumaha ilmuna,
kanyaho di Dunya bae,
mun nyahona ngan saukur
ka barang Dunya.
Dina waktuna sakarat
bade na pupus,
tangtu eta nyawa
imanna ka Dunya bae,
jadi kontak nyawa na
jeung barang Dunya.
Mun geus kontak nyawa na jeung Dunya kitu,
nya balik ka Dunya,
kana Maung kana Bagong, kuma bae dina
pamuhitan nana.
Anu mawi
wajib manusa teh kudu,
wajib kapendakna,
sareng asal bareto,
nya eta ma’rifat ka
Nur Muhammad.
[20/11 15:45] aji rasha: Sangkan nyawa engke dimana rek pupus,
elingna kadinya,
geus tangtu kontakna oge, sareng
cahya Nur Muhammad
asal jasad.
Tetep langgeng dina
ni’mat bae tangtu,
nyaeta Sawarga,
anu hanteu petot-petot, langgeng bae
rasa ni’mat salawasna.
Lamun urang di Dunyana ma’rifatu, kana
dzatna Allah,
Sagara nyawa sakabeh,
dina waktu rek maot ge tangtu pisan.
Nyawa kontak sareng Sagarana Hirup,
Gedong Rosulullah,
tangtu jadina teh poho, hanteu emut ngeunah
teu ngeunah ge lepat.
Balik deui kana rasa
nu kapungkur,
rasa Allah tea,
hanteu aya naon-naon, anging Allah
anu langgeng jumenengna.
Semet ieu bae urang tutup, sakieu ge cekap, kantun ngaraoskeun bae,
lamun Tohid Insya Allah sampurna.
[20/11 15:52] aji rasha: Kalayan tekad ati, nu disarengan ku du du’a, neda-neda ka Yang Manon, reh Gusti mah sifat wenang, ngabulkeun paneda jalma, nu maksudna jalan alus,
ngudag hak kasampurnaan.
Kasampurnaan lahir batin, salamet Dunya Akherat, sareng ku safa’atna
mu’jizat na Gusti urang, Kangjeng Nabi Muhammad, nu jeneng Rosulullohu, Shalallahu ‘alaihi wassalam.
Teu mungguh ka jalma dhaif, Allah ngabukakeun ilham, sakersana jadi bae,
jeung moal aya nu bisa, ngahalang-halang kersana, sakersana Maha Agung,
moal aya mustahilna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar