[22/11 13:00] aji rasha: sare’at hakekat
tarekat ma’rifat,
kitu deui lamun hayang ma;rifat ka Allah ta’ala,
kudu kanyahokeun rukunna”.
“Rukun ma’rifat
aya opat perkara,
ceuk sifat dua puluh mah
sifat Wahdaniyah tea. Hartina
1 Dzatna,
1 Sifatna,
1 Asmana,
1 Af’alna.
Eta anu opat perkara
kumpul aya di manusa,
mung anu tilu mah
Dzat, Sifat, Asma eta barangna gaib
tapi aya.
Nu matak manusa diwajibkeun kudu percaya kana barang goib,
geuning dalilna
tina surat Al-Baqarah dina palebah :
Hudan lil muttaqiina
Hartosna pami teu lepat :
Ari jalma muttaqin teh
nyaeta jalma nu sieun
ku Allah,
anu ngalakonan sakabeh parentahna,
jeung nu ngajauhan kana
sakabeh cecegahna.
Hartosna pami teu lepat deui :
Jeung nyaeta sakabeh jalma anu Iman nekadkeun,
ngabenerkeun sarta
ngaku kana perkara nu gaib.
Tuh gening jalan anu kasebut Muttaqin teh nu ngalakonan kana parentahna Allah,
nu ngajauhan kana
cecegahna Allah
jeung anu Iman sarta ngaku kana goib
kedah yakin heula
kana barang-barangna,
sabab goib teh lain teu aya, tangtu ayana tapi
katingalina kedah ku goib
ari nu goib di wujud manusa teh nyaeta
Dzat Sifat Asma Allah tea, jadi ditingalina oge kedah
ku goibna manusa deui,
da manusa oge aya goibna,
gening ceuk Hadist
Wallaahu ghoibun
al insaanu ghoibun
Hartosna :
Allah goib, manusa goib.
Jadi hartina eta goib teh sifat-sifatna hakekat.
Dzat nyaeta
hakekatna Allah
Sifat nyaeta
hakekatna Muhammad
Asma nyaeta
hakekatna Adam
Tah lamun urang geus yakin ningali kana eta
sifat-sifatna hakekat, tanwande urang bisa tepi kana ma’rifatullah.
Sabab sing emut ari basa “Allah” teh eta tetep ngaran,
ngaran saparantosna Isbat hartosna
sanggeusna dohir manusa,
ari dohirna manusa teh sanggeus gulungna
Dzat,
Sifat,
Asma,
Af’alna Allah.
Alhasil lamun
manusa geus ma’rifat (ningali) kana eta sifatna nu opat perkawis,
nya nu kitu pisan nu
disebat ma’rifat ka Allah teh,
sabab eta nu 4 teh
jadi lafad
Alif (ا ,
(Lam (ل ,
(Lam (ل ,(
He (^),
barang dikantetkeun
jadi lafad Allah
(Dina lebah dinya eta lafad teh teu acan uni Allah,
jalaran can aya Tasjid (_),
jadi ana kitu
eta tasjid teh kanyataan
[22/11 13:14] aji rasha: kanyataan manusa,
sabab aya jenengan Allah teh sanggeusna aya manusa.
Jadi eta nu
opat huruf
kalima tasjid
gulungna nya uni
Allah
(Paingan dawuhan
moal aya Aing mun teu aya Muhammad (manusa),
moal aya Muhammad lamun teu aya Aing,
ayeuna bukti dina
lafadna oge,
Alif Lam Lam He teh
teu pipisahan sareng Tasjidna.
Jadi tetela
manusa teh teu aya antarana sareng Gusti Allah,
gening aya dalilna :
Wa nahnu aqrobbu ilaihi
min hablil wariid
Hartosna :
Aing leuwih deukeut
ka maneh sanajan diibaratkeun
urat beuheung jeung
maneh oge,
deukeut keneh Aing
jeung maneh.
“Ieu katerangan langkung kahartos, mung manawi aya, babandingan di dunya eta jenengan Allah teh
supados kahartoseun
ku jalma umum.
“Tangtu bae aya mah,
sabab sare’at teh
kalangkang hakekat.
mungguh sare’at mah jenengan Allah teh
beda sareng jenengan
Governement,
da Governement oge
teu kenging ditunjuk wujudna, sabab upama ditunjuk mah kaburu lain,
geura upama urangnetepkeun Governement teh ka
Paduka Sri Baginda
kapan eta mah Raja,
nuduh ka Residentna Assistant Bupati,
kapan eta mah
Pamarentahna,
nunjuk ka bawahannana kapan eta mah Nagarana, nuduh ka jalma-jalma urang kampungna,
kapan eta mah Rayatna,
jadi hartina eta Governement teh hiji perkumpulan,
rukunna opat perkara
1 ku ayana Raja,
2 ku ayana Pamarentah,
3 ku ayana Rayat,
4 ku ayana Nagara (bawahannana).
Sarukunna eta opat sifat
nya ngadeg jenengan Governement,
jadi ana kitu etaGovernement teh, ngaran anu ngaliputan
kana 4 sifat.
Sanggeus ngadeg jenengan Governement nya didinyanyieun Wet
hukuman-hukumannana, aturan-aturan
nya buktina Wet Staatsblad.
Jadi Allah oge jenengan, nyaeta
jenengan nu ngaliputan kana 4 sifat,
nyaeta
Dzat Sifat Asma Af’al tea,
Dzat teh ibarat Raja,
tah naon Rajana
dina wujud manusa?
Asma ibarat Rayatna,
tah naon nyatana
dina wujud manusa?
Af’al ibarat Nagarana,
tah naon buktina dina wujud manusa?
Upami parantos terang
kana barangna,
eta nu
opat kalawan yakin
katingali ku panon ati,
tah nu kitu pisan nu disebutkeun
ma’rifat ka Allah teh,
matak boro-boro kurang tilu, kurang hiji oge teu syah ma’rifatna.
Gening bukti
dina lafadna oge,
lamun urang nulis lafad Allah, tapi hurufna kurang hiji, naha uni lafad Allah?
Toh moal, komo lamun kurang tilu mah beuki nyocod.
Jadi ieu oge
adegan wujud manusa,
kirang hiji moal bisa ngadeg. Kitu deui nami Governement nya eta kumpulana anu opat, Dzat Sifat Asma Af’al”.
Dupi eta kana Dzat
naha wajib katingalina? Sedeng kapan Dzat mah
ceuk dalilna
Bila Haeffin,
hartina teu warna teu rupa, teu beureum teu koneng,
teu bodas teu hideung,
teu poek teu caang”.
“Teu wajib ningali
kana Dzat mah,
wajib soteh tingali (nyaho)
bae ayana bari karasa,
diibaratkeun kana
barang dunya mah
sapertos kana seuneu,
ningali mah keur kana hurungna (sifatna),
dupi tingali mah keur
kana panasna,
wajib nyaho kana
ayana panas,
saratna upama hayang yakin kana ayana panas
kedah dirampa
eta sifatna seuneu,
tangtos yakin
ayana panas teh,
kitu deui lamun urang
geus ningali
kana sifatna Gusti,
tangtos karaos
ayana Dzat teh,
sarta karaos
ngaliputannana kana
[22/11 13:33] aji rasha: ngalingputan kana
sagala sifat-sifat,
malah karaos
sifat teh kaluar tina Dzat.
Jadi,
Dzat anu leuwih kawasa,
ibarat hurung
(sifatna) seuneu tangtu pisan bijilna tina panas,
da buktina upama
urang rek nyieun seuneu
tina kayu api,
rek hurungna teh gening
kudu digesrekeun
heula sikina
sareng cangkangna,
sina panas heula.
Barang geus panas
kakara bijil hurungna,
didinya hurung jeung panas jadi hiji,
nu nyieun sareng nu dijieun.
Da kitu padika
Allah mah nu nyieun
sok ngahiji jeung nudijieunna,
teu saperti padika manusa
mun barang jieun teh,
sok pipisahan jeung
nu dijieunna,
dupi Gusti Allah mah
Anjeuna nu midamel,
Anjeuna nu jumeneng,
asal Nafi jadi Isbat.
Isbat Nafi jadi hiji,
”Dupi eta kanyataannana Dzat Sifat Asma Af’al,
naonnyatana dina
wujud urang?”
“eta mah rasiah
teu kenging dicarioskeun didieu, sabab eta teh Ilmu, jeung kapan ngambah kadinya mah kudu boga wudu heula,
hartina kudu Qurais (Tapa), sabab ieu mah
ilmuna Agama Rasululloh, kapan Kangjeng Nabi
Sholallohu ‘alaihi wassalam teh urang Qurais,
hartina kudu ahli tatapa.
Sing seueur
ngosongkeun patuangan”.
“Dina nalika
Kangjeng Rasholulloh sholallahu ‘alaihi wassalam
jumeneng di Mekah,
naha ieu ilmu teh digelarkeun ka umat-umat sadayana?”
“Henteu digelarkeun
ka sadayana,
malah sok dipidamelna oge di Guha,
nyaeta nu disebatkeun Jabbal Iqra,
mungditibankeun ka
para Sahabat bae
babakuna ka Sahabat Ali, supaya bisa turun tumurun ka putrana terus ka
zaman akhir.
Kadua perkawis nu mawi ieu ilmu teu ditibankeun
ka umat-umat
zaman harita teh
kurang perluna,
jalaran zaman harita mah
nu pada Islam teh gampang. Asal parantos ningali kana Pemeunteuna Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam, sarta atina
percaya yen ieu teh
utusanna Allah ta’ala,
sarta dilakonan parentahna harita keneh eta jalma Islam kabeh (salamet),
jadi ayeuna oge
haqna Islam teh anu parantos ma’rifat (ningali) ka Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam,
bari diturut parentahna
eta Islam.
Namung ningali teh sanes kana sare’atna (Majajina)
tapi kana hakekatna
nya eta nu kasebat
Johar Awwal
(cahya nu mimiti) didamel ku Gusti nu Maha Suci,
nyaeta
sifatna Allah ta’ala,
atawa sifat Qudrat (kawasa) babuning Roh sakabeh”.
Dupi eta anu disebat
hiji Asmana Allah teh
naon tea?”
Nu kasebut
hiji Asmana Allah ta’ala teh nyaeta
sifatna Roh
(Adam Hakeki)
barang goib keneh
nya nu sok disebut Ismudzat
Sifatna Iradatna Allah ta’ala, jadi sifat jeung Asma
Gusti Allah teh
nyaeta
Jauhar Awwal sareng Roh.
Qudrat
anu ngahirupkeun manusa, Iradat (Roh)
nu ngajadikeun
paningal,
pangrungu,
pangangseu,
pangucap,
nu mawi manusa teh
asal tina Qudrat Iradatna
Allah ta’ala,
tah eta
sifat-sifatna Qudrat Iradatna Allah ta’ala teh
asalna ti dinya,
atuh kudu balik deui ka dinya. Nu matak wajib dikanyahokeunnana,
supaya bisa mulih ka
[22/11 13:48] aji rasha: mulih ka jati mulang ka asal.
Lamun manusa
teu ma’rifat ka dinya,
tangtu maotna balik deui
ka dunya.
Kapan barukti gening
pada marakayangan jaradi jurig setan siluman,
samangsa-mangsa maot balik ka dunya,
atuh kapan ieu dunya teh bakal ruksak,
ceuk rukun Iman wal yaumil akhiri tea,
tiap-tiap balik kana tempat nu bakal ruksak, tangtu urangna nu ngeusiannana oge milu ruksak, teu salah deui”.
Naon nyatana
hiji dadamelanna
Allah ta’ala
teh?”
“Kapan ieu wujud
nu dipake nyatana teh,
naha raraosan ieu wujud teh meunang ngadamel
Ibu sareng Rama?
Beu lamun Ibu Rama tiasa
nyieun wujud atuh
Laa Haula ge lain,
kitu deui upama
manusa bisa nyieun wujud,
pisakumahaeun teuing paalus-alusna,
nyieun anak teh,
jadi saleresna
Ibu Rama mah
ngan jadi lantaran wungkul,
nu ngajadikeunnana mah tetep teu aya sanes anging
Gusti Maha Suci bae, ngabuktikeun kakawasaannana,
tatapi sanajan kawasa
kedah nganggo
sabab
bae,
ceuk dalilna :
Hartina :
Gusti Allah ngajadikeun sagala rupa kalawan
sabab bae.
Bilih can tingali ieu mah wujud ranteanna
(ngahijina) kana
Dzat-Sifat-Asma-Af’al,
atawa mun dina lafadna mah ngahijina Alif-Lam-Lam-He, katarik kana
kanyataan
(ا ,(jadi ieu Af’al teh wujud jadi huruf He-na lafad Allah.
“Naha,
sanes ieu mah anyar?”
“Anyar soteh Isbatna (ayana), kapan ieu teh barang nuNafi
Nafi Isbat jadi hiji.
“Upami enya ieu wujud teh barang Nafi,
naha atuh sok ruksak
buruk bau dikuburna?”
“Bisa jadi buruk batin,
lamun ieu wujud diaku
wujud (manusa),
da ieu mah lain
wujud manusa
tapi wujud (buktina) dadamelan Gusti Allah,
pikeun tempat manusa jeung pikeun parabot
pikeun nyumponan sagala karep manusa,
geura pikiran
upami urang hoyong
ka Batawi,
naha ieu wujudna
nu hayang ka Batawi teh?”
“Kantenan rasana
nu hayangeun mah”
“Tah gening kaharti,
enya rasa,
tapi naha eta rasa
bisa datang ka Batawi, upama teu dianteurkeun
ku ieu wujud?”
“Moal dongkap, bujeng-bujeng kanu tebih, sanaos hayang ka cai oge moal bisa upami teu dibawa ku wujud,
tapi wujud oge panginten moal bisa indit
upami teu ku
Dzat Sifat Asma
(hirup jeung rohna)
Allah ta’ala mah,
paingan ceuk Hadist
sagala karepna manusa
moal jadi lamun teu dibarengan ku Allah”.
“Tah lebah dieu Gusti Allah karaos teu pilih kasihna ka sadaya manusa teh,
sabab rata pada dipaparin wujud kanyataan Af’alna Gusti Allah,
pikeun
[22/11 14:02] aji rasha: ngabarengan
sarta ngajadikeun saniskara karepna manusa,
pan eusina ieu alam dunya sakieu parentulna, boh gedong-gedong, kapal-kapal nu di cai nu di luhur, mobil
kareta api sareng sakumna bae eusina ieu dunya,
teu aya sanes nu ngajadikeunnana
lian ti wujud (Af’alullah),
tapi anu boga karepna mah manusa,
kitu deui pikeun eusina
Akherat oge boh Sawarga boh Naraka,
ayana teh beubeunangan pagawean wujud ieu
keneh bae,
beunang nyieun ayeuna
di dunya.
Nu matak tetep
Gusti Allah Suci,
teu ngalap faedah ngadamelna manusa teh,
teu rek ngaganjar
teu rek nyiksa
ka sakabeh manusa teh,
enya soteh bakal aya Sawarga Naraka
beunang tekad laku lampah waktu urang keur waktu
di dunya,
kumaha ngagolangkeunnana kana ieu Af’alullah (wujud)
sabab Gusti Allah maparin hiji Af’al ka masing-masing manusa teh
cukup keur ngayakeun eusi dunya jeung Akherat. Kusabab kitu, atuh
sing atos-atos
ngajalankeun ieu Af’alullah teh, da ieu teh amanat
Gusti Allah barang suci,
ulah gagabah
digunakeunnana,
jalankeun kana kasaean bae, pake ibadah kanu
kagunganana,
pake muji bari dibarengan
ku soleh,
hartina
kudu suci atina,
suci ucapna,
suci laku lampahna,
ati ulah dipake sirik pidik ujub ria takabur, goreng sangka ka papada manusa,
ucap ulah dipake ngupat simuat ka batur,
wujud ulah dipake laku lampah ma’siat.
Nu matak Gusti Allah ngayakeun kitab Qur’an nyaeta,
pikeun angger-anggeranana lakuna manusa sangkan ulah nyorang kanu disebut bieu diluhur.
Alhasil
eta kitab Qur’an teh
lain pikeun ngahukuman
ka batur, tapi pikeun ngahukuman kana
dirina sorangan
(kanu macana pribadi)
tapi sabagian ageung beunangna
ngaji kitab Qur’an teh,
sok dipake ngahukum
kana kalakuan batur,
kana ilmu nu aya di batur.
Jarang anu sok dipake ngahukum
kana laku ucapna sorangan anu goreng.
Tadi ge Amaluna amalukum, hartina
amal urang keur urang,
amal batur keur batur,
sing emut,
ieu Af’alullah
lamun ku urang ayeuna dipake ngalakonkeun kagorengan saperti nu kasebat diluhur bieu, balukarna tangtu jadi
Naraka (kateungeunahan)
ti ayeuna terus kababawa ka Akherat,
malah engke mah di
Akherat beubeunangan kagorengan-kagorengan teh, boh tina ucap boh tina laku ti kawit aqil baligh tepi ka maot jadi hiji,
nya jadi Naraka
nu leuwih gede sarta dipake
tempat ku urang sarta langgeng.
Sabalikna lamun Af’alullah ti kawit aqilbaligh
dijalankeun nana
kana kahadean,
dipake ibadah
dipake laku ucap tekad
anu hade,
tangtu engke di Akherat jadi adegan Sawarga nu leuwih agung kani’matannana sarta langgeng”.
nya kedah kitu kalakuan Islam teh,
nu teu tiasa kitu
sanes Islam.
rehna ieu wujud teh
hiji kanyataan
wujud Af’alullah
(dadamelan)
jadi sidik ieu teh
sanes wujud manusa, namung upami sanes ieu, atuh nu mana ari
wujud manusa nu sayaktosna ?”
“Wujud manusa mah gaib, aya tapi teu ngajentul,
da nu jarentul mah
kanyataan Af’alullah,
diri manusa mah nyumput, nu matak ku Hadist dicarioskeun :
[22/11 14:24] aji rasha: Hartosna :
Saha-saha jalma anu geus nyaho kana dirina, tangtu nyaho ka Pangerannana, saha jalma anu geus nyaho ka Pangeran, tangtu ngarasa bodo dirina.
Tuh diri urang teh kudu diteangan gening,
atuh sidik ieu mah nu ngajentul lain diri manusa, piraku kudu neangan barang anu geus bukti,
malah ti leuleutik oge ieu
mah geus diaku,
geus kapanggih.
Tah jadi lamun manusa nyaho kana dirina sorangan tangtu ngarasa bedana
antara Allah jeung manusa (Gusti lan Kaula),
bedana nu suci
jeung nu kotor,
satiap ngarasa kotor,
geus tangtu nyaho jalanna
nu jadi kotor,
tangtu daek beberesihna
(tobat)”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar