Sabtu, 20 November 2021

hirup eta ngan sa hiji

[20/11 12:47] aji rasha: Nerangkeun 
Yen Hirup Hiji 
jeung Make Ibarat. 

ulah rej kaliru, 
tetep hirup mah ngan hiji, sareng perkawis hirup mah, da tara keuna ku mati, 
hirup Allah tara ruksak, langgeng bae ngangliputi. 

Dupi nu sok keuna ku pupus, hirupna manusa pasti, 
anu ngaran nyawa tea, hakekatna nyawa teh, 
nyaeta buktina rasa, awak-awak nafsu pasti. 

Dupi anu ngaran hirup, 
hirup kagungan Yang Widi, sifatna nu padang tea, 
nu langgeng teu keuna mati, nu ngangliputi sadaya, 
tujuh bumi 
tujuh langit. 

Arasy Kursyi pon nyakitu, Sawarga Naraka deui, kaangliputi sadaya, 
ku sifatna hirup Gusti, 
ceuk kasauran Wali mah, disebat sagara hirup. 
Bibitna nyawa disebut, hirupna sakabeh jinis, 
Uteuk Tongo Walangtaga, 
Manusa pon kitu deui, 
Sato Siluman-sileman, 
asalna tinu sahiji.  

leres hirup mah teu lepat, 
mung hiji-hijina pasti, 
ari nu seueur tea mah, 
nyawa aya saban jinis.
[20/11 12:57] aji rasha: dupi anu jadi nyawa, 
naha jinisna nu tadi, 
nyaeta nu padang tea, 
nu aya di wujud jalmi. 

Lamun sayaktosna kitu, tangtu dzat anu Maha Suci, nungtut ngirangan teu lepat, margina dibagi-bagi, 
ka maliunan manusa, 
ka sato pon kitu deui. 

Kade ulah salah harti, 
ari dzatna Gusti Allah, 
teu robah langgeng 
geus pasti, 
teu ngurangan 
teu nambahan, 
mohal ruksak dzatna Gusti. 

mun can mafhum, 
urang ibaratkeun deui, sangkan kaharti karasa, 
ulah belet-belet teuing, 
ibarat lamun di Dunya, ngurungan damar sahiji. 

Ku hiji ayakan kitu, 
nu liangna laksa keti, 
sorotna teh tangtu loba, 
salobana liang tadi, 
hiji sorot liang eta, 
jadi hiji nyawa jalmi. 

Jadi sategesna kitu, 
nu jadi hirup jasmani, 
nyaeta sorotna tea, 
sorotna Sagara Hurip, 
kajeun rebu maliunan, damarna mah tetep hiji. 
 
ibarat mun di Dohir,
saperti nu tadi tea, 
ayakan jeung damar hiji. 

mungguhing hirupna Allah, mahi teu kurang teu leuwih. 

Ibaratna hiji lampu, 
nyaeta damar nu tadi, seuneuna dicarokotan, 
hiji jalma roko hiji, 
nya nyareungeut ka dinya, boh laksa rebuan jalmi. 
Naha seuneu dina lampu, ngurangan atawa leuwih, diala rebuan jalma, 
angger moal robah-robah, 
teu kirang sumawon leuwih. 

Mun sok nguping dalil, nyaeta anu disebut, 
Innalillahi  Wa inna ilaihi raji’un, 
ari hartina teh dalil, 
asal ti Allah geus 
tangtu, misti kudu balik deui, ka Allah Gusti Yang Manon. 

Lamun kitu naha urang teh enggeus undur, geus jauh 
ti Maha Suci, 
kapan Gusti Maha Agung, ngangliputi tujuh Bumi sarawuh eusina tangtos. 
Kapan tadi ge dina waktu turun, gumelar ka alam Dohir, teu kalawan ingkig kitu, ngaraos teu clok di Dohir, inditna mah teu karaos. 

Tapi eta ning ceuk dalil , 
kudu bae balik deui, 
ka Allah nu Maha Agung, naon atuh anu balik, teh?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar