[26/11 14:34] aji rasha: Nerangkeun
HURUFNA SYAHADAT
ANU HIRUPNA
As1
ha2
du3
an4
la5
i6
la7
ha8
il9
lal10
loh11
wa12
as13
ha14
du15
an16
na17
mu18
ham19
mad20
ras21
sul22
lu23
loh24
Eta sabaraha,
hurufna kalimah kali,
dua puluh opat sidik,
tah geuning eta, Madinah teh jadi huruf,
huruf kalimah Syahadat,
sategesna asma Gusti,
geura susul
jati-jatining Syahadat.
Supaya syah dzatna,
numawi kedah kasungsi,
nya eta dzat sifat Allah,
dupi kenging na teh pasti,
ku hukum akal ,
sing ngarasa ilang wujud,
nya eta adegannana,
adegan wujud jasmani,
enya eta nu kasebut Adam
Upami geus ilang Adam,
teu ngarasa boga diri,
kakara jasa kapendak,
hakekat Muhammad Nabi, tiap-tiap mun kapanggih, hakekat Muhammad Rasul, tanwande jasa ma’rifat,
kana dzat sifatna Gusti,
sabab eta Rasul
nu nepikeun nana.
pasal dina rukun Agama
Aya sabaraha perkara,
jeung naon ngarana deui,
da piraku hanteu aya,
da kapan Islam ge bukti,
rukunna lima
eta nu geus umum,
sanajan iman ge aya,
rukunna genep perkawis, Agama ge
piraku taya rukunna.
kieu disebatna,
biasana teh ku jalmi,
rukun nu heula disebat,
terasna Agama pasti,
Islam disebat pandeuri, lumbrah kitu anu nyebut,
bet geuning rukun Agama,
nu heula disebat pasti,
geus merele nya
rukun Agama Islam.
Teu lumbrah anu nyarebat, jeung teu pantes deui bae, mun disebatkeun ku urang, dibalikeun saupami,
rukun Islam Agami,
meureun teu raos
geus tangtu,
da kitu kapan pantesna, lumbrahna sadaya sami, pantesna teh nya
rukun Agama Islam.
Atuh lamun kitu urang, ibadah teh geus yakin,
aya anu diluncatan,
nya eta rukun Agami,
ku urang teu dipilari,
bet jol bae kana rukun,
nyaeta rukun Islam,
dipigawe siang wengi,
arii eta rukun Agama diliwat.
[26/11 14:40] aji rasha: nurutkeun bahana tadi, nyaeta rukun Agama,
nu kedah heula pilari, saparantosna kapanggih, teras ngalakonan rukun,
nyaeta rukun Islam,
anu lima perkawis,
Syahadat
Sholat
Zakat
Puasa
Hajina.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar