Jumat, 26 November 2021

syah adat-rukun iman- wanahnu aqrobu

[25/11 14:25] aji rasha: Syahadat 

syahna 
ngucapkeun Asyhadu, 
hana cukup ke pangucap, geus jadi Islam sajati.

jadi bae 
mung teu acan jadi utami, 
teu acan Islam satuhu, 
karek dina kaomna, 
lamun karek bisa 
maca bae wungkul, 
da maca mah Ferduna, wajibna mah kedah ngarti.

pan geus aya rukunna, 
rek maca Syahadat 
kalimah kali, 

1.kudu, netepkeun dzatna, 
2.netepkeun sifatna, 
   sifatna Allah ta’ala, 
3.netepken asma na 
4.netepkeun  disidikna 
   para Rasul, 

teh geuning kitu rukunna, kakara syah macana teh 
numawi wajib kapendak, 
eta dzat nu Maha Suci.

Kumaha netepkeunnana, lamun tacan ma’arifat 
anu sajati, kana dzat 
Gusti Yang Agung, 
sumawon kana sifatna, sabab teu beunang 
ku omongan wungkul, 
syahna sing kapendak heula, sing sidik sarta sing yakin,

Kapan kieu ceuk ma’nana, sundana teh 
Syahadat kalimah kalih, 

kaula nekadkeun, satemen-temen kaula, 
hanteu aya anu wajib disembah tangtu, 
lian ti Allah ta’ala, 
Gusti Allah ngan sahiji.

Anu kadua kalimah, 
jeung kaula satemen-temen nyakseni, yen 
Kangjeng Muhammad Rasul, eta teh utusan Allah, 

kapan sidik sundana teh  
bet make enggeus nyaksian, na kumaha ari saksi.

pan syahna saksi tea, 
kudu nyaho kalawan 
aenal yakin, 
sing sidik kanu diutus, sumawon kanu ngutusna, kudu yakin 
ulah ceuk beja ti batur, 

na iraha tepang, sinareng Muhammad Nabi.

Sareng ngutus naon tea, Gusti Allah ka Kangjeng Muhammad Nabi, 

mun teu acan patepang, sareng Nabi sumawon 
sareng Yang Agung, 

atuh gagal, 
eta pangakuan tea.
apan ngaku geus nyaksian, waktu maca 
Syahadat kalimah kalih, 

lamun kitu saksi palsu, 
na teu sieun ku hukuman, kapan bukti di dunya ge 
saksi palsu, tangtu meunang hukum beurat, tilu taun mah geus pasti.

duh kutan, 
hayang Islam 
rugina kaliwat saking, 
sugan teh cukup ku rukun, ngalakonan rukun Islam, 
nu lima 
sihoreng teh ning kitu, 
ari diboker eusina, 
ku Syahadat ge sahiji.
nu sakitu banggana, 
nya paingan dibarerikna 
ku Wali, 
ku tapa mangtaun-taun, 
toh pati jiwa raga, 
hayang nyusul 
ka jatining Asyhadu, 

jadi mun ayeuna urang, dikadarkeun bisa mangih.
Atuh untung 
sarebu kali nya untung, pangasihna Allah, 
nampa leleberanna ge, leleberan ilmu Wali 
nu baheula.
[25/11 14:43] aji rasha: Bangga mah geus dilakonan kapungkur, 
ku Wali sadaya, 
geuning Wali teh sihoreng, pangna kitu bakat ku nyaah ka umat. 

Nya paingan meunang ganjaran Yang Agung, dipaparin pangkat,
pangkat Wali-wali kabeh, 
da manahna nyaah ka umat sadaya. 

Ulah sampe umat seueur 
nu tigebrus, asup ka Naraka, jadi batur Idajil 

eta kitu manah Wali sadayana. 


Wali teh maksadna, ngabelaan umat kabeh, 
ngan lobana manusa 
sok salah tampa. 

Ngalainkeun kana ilmu Wali nyarek diteangan, 
urang mah teu kudu nyaho, ilmu Wali 
lain keur ajieun urang. 

Ana kitu 
eta omongan teh racun, ngajakan cilaka, mawa sasar kanu bodo, nyarek ulah tulus rek neangannana. 
Matak naon mun balaka bae yen tacan kapendak, 
tacan katepi ku dewek, 
ulah sok nyingsieunan 
matak murtad. 



Pasal rukun Iman 
nu genep  
1.Amantubillah
2.Wamalaikatihi . 
3.Wakutubihi 
4.Warusulihi 
5.Wal yaomil akhiri 
6.Waqodri wasorihi 
   Minallohi ta’ala 

ari sundana  
Amantubillah eta teh, 
kula ngandel percaya 
ka Gusti Allah. 

Naha percaya bener saestu, ka Allah ta’ala, 
percaya teu asa-asa. 
mun geus percaya, 
tapi pangna percaya, 
percaya kana naon, 
percaya kana ayana. 
ayana dimana atuh, 

panngna abdi percaya teh, pedah aya bumi langit 
sareng eusina. 

Sabab ieu 
damelan Gusti Yang Agung, samangsana aya, damelanna geus tangtu pisan 
aya anu ngadamelna. 

naha ngan sakitu, 
teu aya kebatna, 
mun kitu kawas ngaco, 
najan budak paham kitu mah geus boga. 

Nya leuleugeur atuh 
ari geus kolot mah, 
sing aya rangkepan, 
ulah bet bolostrong bae, 
pek larapkeun lirik 
ka badan sapata. 

Lamun paham cara tadi bae, bet siga-sigana, 
ayana Gusti Allah teh, saluareun langit ieu 
nu katinggal. 

Nya paingan sok
nunjuk-nunjuk ka luhur, 
ayana teh Allah, 
da dunya mah damelan teh, sigana manusa nyieun sangrayan. 

mun kitu jeung urang 
komo pajauh, 
da tunggal damelna, 
keur naon 
aya dalil teh, 
dina Qur’an ning dalilna disebat.
[25/11 15:35] aji rasha: nya eta dalil 
Wanahnu aqrobu, ‘alaihi 
min habril warid 

geus eces, kapan kieu sundana anu geus lumbrah. 
 
Gusti Allah 
ngaku geus hanteu pajauh, geus tara antara, 
Aing teh reujeung maraneh, najan urat jeung beuheung maneh sorangan. 
Masih aya antarana eta kitu, perkara Aing mah, 
geus taya antarana teh, 

kapan kitu ceuk eta 
dalilna Qur’an. 

kudu kumaha atuh, 
syahna nya percaya, ka Allah nu sayaktos, 

sidik pisan faham 
nu tadi mah lepat. 
Yaktos pisan 
osok boga tekad kitu, 
ayana teh Allah, 
diluhur langit tujuh teh, sumawonna jeung wujud 
mah rasa anggang. 

Tapi geuning ceuk dalil kitu, aqrob teu antara, 
sareng wujud manusa teh, 

kieu rai mun can mafhum, geura pek lemesan, kaayaannana wujud teh, papay heula tina 
dzatna Gusti Allah. 

Ari dzat teh nyaeta Nurullah sundana cahaya, 
cahayana Gusti Yang Manon, ari cahya nya eta 
hirup manusa. 

Kudu kieu ngama’naan 
eta rukun, 
rukun Iman tea, 
nu kasebat tadi teh, 

nu kahiji nyaeta Amantubillah. 

Sategesna kaula percaya estu, ka hirup sorangan, 
ka hirupna wuud dewek, mangsa hirup pertanda ayana Allah. 

Najan ieu bumi tujuh 
langit tujuh, 
bisa soteh aya, 
kulantaran ayana teh, 
aya hirup 
dina wujudna manusa. 

mun teu aya manusa mah 
eta luput, 
saha nu rek nyebat, 
ayana alam dunya teh, 
karek sare ge geus 
teu aya alam dunya teh. 

Sidik pisan ieu 
alam dunya tangtu, kaliputannana, 
ku hirup Allah 
geus tangtos, 
sifat hirup 
nyaeta dzat Gusti Allah. 

mun kitu rukun Iman teh, 
aya patri moal arek paburantak. 

Ngajauhkeun ka Allah 
nu Maha Agung, 
ayeuna karasa, 
pang akrobna 
jeung wujud teh, 
tambah isin siang wengi babarengan. 

Wamalaikatihi. 
Sundana teh 
kaula percaya estu, 
ka Malaikat Allah, 

percayana teh nu kumaha. yen aya Malikat teh, 
nya eta utusana Pangeran. 
nu tadi ngadatangkeun ayat ka Nabi Muhammad, 
utusan Gusti Yang Manon, Waktu keur jumeneng keneh di Mekah. 

mun paham kitu, 
meureun ayeuna mah, 
teu aya Malaikat teh, 
sabab jeng Nabi Muhammad geus wafat. 

Jadi meureun ayeuna mah geus teu ngutus, 
geus teu miwarang, 
Malaikat teh keur pere,
[25/11 16:14] aji rasha: na kumaha atuh 
sangkan percayana. 

kumaha sangkan Iman, 
ka Malaikat Allah teh, 
nu tadi mah salah 
ku abdi karasa. 

naha atuh ngaji kitu, 
ngaji kawas budak, 
kapan lamun ngaji 
ulah ical ti salira. 

Geura kakat kotektak 
badan sakujur, 
sangkan tereh Iman, 
kudu ngajinis ngaji teh, gancang-gancang bisi 
kaburu wafat. 
Susah temen mun 
kaburu ku pupus, 
ngajina can tamat, 
da katungkul maca bae, maca tulis tutulisan 
kitab Qur’an. 

Teu diaji Qur’an teh 
dibaca wungkul, 
ngapalkeun basana, 
eusina teu dipalire, 
ukur bisa maca jeung nyundakeunnana. 

Pedah bisa nyundakeun 
asa geus cukup, 
pake kumagungan, 
bakal ka sawaregana teh, 
tapi naon dalil nu jadi Iman. 

Jadi Iman ka 
Gusti nu Maha Agung, 
waktu keur sakarat, 
dalil naon nu bisa teh, 
anu bisa nulung nyampurnakeun nyawa. 

Sabab hanteu gampang 
Iman ka Yang Agung, 
teu beunang ku tekad, 
sumawonna mun ku enyom, beunangna teh 
anging kunu geus ma’rifat. 

umumna jelema ngan saukur maca bae, lain ngaji 
da ngaji mah anu karasa. 

pasal rukun Iman, Wamalikatihi

kieu atuh mun can mafhum, papay heulaanan, 
perkara malaikat teh, 
kapan tadi 
utusan Allah ta’ala. 

Ari Allah nya eta 
sifatna hirup, 
jadi malaikat, 
nyatana usik sakabeh, 
usik ati sumawon 
usikna jasad. 

Kapan sidik 
usik teh utusan tangtu, 
hurip nu miwarang, 
najan usik bulu oge, 
nu manjangan kabeh oge Malaikat. 
Anu matak ceuk Hadist teh rebu-rebu, para Malaikat, tatapi Malaikat teh, 
teu jirim saperti 
wujud manusa. 

Sareng tara barang dahar siang dalu, tara sasarean, meureun karaos, keur sare ge manjangan bulu mah teras. 

Tah nyaeta nyatana Malaikat, teu ical di badan, 
beurang peuting ge digawe, nya mandorna Malaikat 
nu opat. 

Usik baham 
usik tinggal 
usik dangu, 
usik angseu tea, 

enya eta mandorna teh, 
anu ngaran 
Jibril, Mikail Isrofil Ijrail 
nya ngaranna teh, 

Nya paingan Malaikat teh kamasyhur, 
teu warna rupa, 
teu lalaki teu awewe, 
sidik pisan usik teh 
teu warna rupa. 
Teu awewe teu pameget kitu, 

mun kitu teu salah, 
ceuk pangandika Hadist teh, kitab eta 
nu purah mere kabar.
[25/11 16:23] aji rasha: Wakutubihi 
eta kudu ngandel 
ka kitab Allah ta’ala. 

coba heula nu geus kapaham, kuma tadi ngandelna teh, kana eta kitabna Allahta’ala. 

kieu percayana, 
kana tulis Qur’an bae, 
kitu tah teu aya
rangkepaana. 

eta ge nya bener kitu, 
ngandel tulis Qur’an, 
tapi kudu dirangkep teh, 
kana eta tutulisan 
wujud urang. 

Jadi kieu mun tacan mafhum, kudu ngandel urang, 
kana tutulisan dewek, 
boh beungharna 
boh miskinna sing narima. 

Tutulisan wujud urang 
nu saestu, 
mun geus kitu mah, 
urang bisa sabar bae, 
moal aral mun dina 
keur waktu kakurangan. 

kumaha upama, 
urang ninggang meunang berok, 
tetep bae tulis ti Allah ta’ala. 

mun urang meunang hukum, aya dua pasal, 
dihukum lantaranna teh, 
tina maling atawa 
tina maehan. 

eta tutulisan nudihukum, tulisan ti setan, 
tina nafsu dewek, 
kapan nyaho mun maling 
sok dipanjara. 

Tutulisan ti Allah mah 
lain kitu, 
mun ninggang cilaka, 
nu tara dihaja teh, 
eta bener tutulisan 
ti Pangeran.
[25/11 16:30] aji rasha: Warusulihi, 
teges kudu ngandelna, 
ka utusab Gusti Allah, 
ari tadi ku pahaman jisim abdi, 
ka para Nabi sadaya. 
Nu baheula para Nabi-nabi, etage teu lepat, 
majajina mah sayaktos, 
tapi kusabab geus pupus, sadayana geus lastari, kantun urang percayana, malik kana wujud, 
kana hekekatna badan, 
anu jadi utusan hirup pribadi, 

kieu tekad urang. 
Sategesna geus percaya tigin, kana ieu rasa wujud urang, rasa tinggal 
rasa denge, 
rasa baham 
rasa ambung, 

pek geura rasakeun  
kumaha teu percayana, 
kana rasa wujud, 
mun baham dahar uyah, 
tangtu bae ceuk 
rasa baham teh asin, 
moal enya nyebut lada. 

Kitu deui mun dina cepil, ngadangu sorana gelap, 
ceuk rasa dangu 
geus tangtos, bieu teh sora guludug, 
tara sok pahili deui, 
tetep bae tara cidra, 
moal nyebat bedug, atawa sora gamelan, 

tadi ge 
Rusul mah geus kawarti, 
tara sok bohong jeung cidra. 

Kitu deui mun 
rasa tinggali, 
upami ninggal sifat caang, moal nyebat ninggal poek, tetep ngaku caang tangtu, 

angseu ge pon kitu deui, 
saupami ngangsu minyak, boh seungit boh bau, 
tara pahili ambeuna, 
eta kitu piraku teu kaharti, tangtuna karasa.
[25/11 16:48] aji rasha: sing kaharti, 
Rusul eta tara bohong cidra, atuh saha nu sok bohong, 

nu bohong mah manusa, torojolna enya eta tina biwir, pangucap manusa tea. 

ning sidik upami , 
bade meuli hiji rupa minyak, di warung atawa toko, memeh ditawar teh tangtu, diambung heula, saparantosna kamanah, kasaksi ku Rusul, 
yen ieu nu dimaksud, 
sabab nya seungit ieu 
nu dipilari, 
terus nanyakeun hargana. 

Ceuk nu dagang hargana saringgit, 
tina margi hayang 
harga murah, 
tuluy ucapna ngabohong, mahal teuing ah embung, minyakna ge 
da teu seungit, 
padahal ceuk rasa mah sengit tetep ngaku, 
nya ieu nu diteangan, 
ngan kusabab hayang murah nu dipambrih, 
eta akalna
manusa. 

Wal yaomil akhiri, 

carioskeun paham heula, kumaha ngimankeun nana kieu percayana tadi, 
percaya pisan, yen dunya teh bakal ruksak alam dunya, enya eta nekanan 
poe nu akhir, 
kitu tah. 

bener kitu ge eta teu salah, geus percaya bakalna teh, ngan eta mah jauh, 
kiamatna jagat kabir, kawasna moal kasorang, najan anak incu, 
jadi ayeuna mah, kudu lirik kana jagat pribadi, 
kiamatna diri urang. 

Kudu pikir ieu jagat shagir, jasad urang bakal nu tiheula, nekanan poe akhir teh, nyaeta bakal pupus, 
eta nu kudu dipikir, 

urang teh kudu percaya, 
ieu wujud bakalna nekanan 
nya eta kiamat tea. 

Mun geus kitu 
ngimankeun nana jalmi, 
tangtu bae gede kasieunna, 
meureun suhud ibadah, buru-buru nyiar ilmu, 
supaya enggal katepi, 
nepi ka ma’rifatna, 
ka Gusti Yang Agung, 
sieun kaburu ku wafat, 
enya eta nekanan 
kiamat shagir. 

Nya mukaha 
mun imanna jalmi, 
geus kitu sageuy teu ngajaga, kana laku anu awon, 
moal ngajujur nafsu, tangtuna aya pamilih, 
nu goring moal disorang, 

Rukun Iman mun kieu diaji, biasana ngan ukur dibaca, sadayana pada nyaho, 
apal basana mah tangtu, iman na teu dipikir, 
teu dirasakeun eusina, 
jadi ngaler ngidul, 
rukun Islam Rukun Iman, 

manusa mah jongjong 
iman kana duit, 
ngajujur bae nafsuna. 

bener kitu nya, 
eta rukun Iman diajina, 
kitu diimankeunnana teh, ulang ngan apalna wungkul, basana di pake cuih,
[25/11 17:13] aji rasha: sabab eta rukun Iman, 
bibitna rahayu 
salamet dunya Akherat, 
di dunya na 
moal keuna hukum bui, 
laku nu goreng dijaga. 

Nagara ge tangtu aman pasti, lamun kabeh ngarti 
rukun Iman, 
sarta eusina kahartos, dirasakeun nu saestu, sihoreng Gusti Yang Widi, pang ngyakeun rukun Iman, pamagerna nafsu, 
nafsu anu awon tea, 
ulah sampe nafsu na 
dijujur teuing, 
nafsu goreng kudu cegah. 

untung ala jeung becik teh, papasten ti Yang agung, 
mun can kaharti, 
piraku Gusti Allah, 
nyieun goreng kitu, 

kapan tadi diluhur 
tos didadar. 

Tetep Allah 
ngan midamel suci, 
gorengna mah ti Idajil tea, tadi ge geus dicarios, 

kumaha atuh eta, ngama’naan rukun, 
kumargi kitu sundana, 
kieu mun teu tinggali, 

ngimankeun nu kagenepna. 
Urang kudu percaya 
sing tigin, 
mangsa-mangsa jalma 
keur didunya, 
hirupna euweuh kadaek, 
teu ibadah teu ngelmu, 
teu ngabakti ka Yang Widi, urang sing tetep percaya, 

yen jalma nu kitu, 
dina engkena geus hilang, nyawana teh 
bakal tigebrus geus pasti, kana untung ala tea. 

Bakal asup ka Naraka api, anu langgeng 
teu aya watesna, 
cicingna di Naraka teh, 
jeung meunang 
siksaan kubur, 
sakarat mah puguh deui, 
jadi tilu kali nyorang, 
nu matak disebut, 
untung ala nya ngaranna, hartina teh 
untung ku siksaan badis, 
taya pisan kangunahan. 

Sabalikna sing percaya ati, mangsa-mangsa jalma 
keur di dunya, 
amal ibadahna daek, 
suhud neangan elmu, sareatna hakekatna 
tarekat ma’rifat, 
kabeh geus kasusul, 
urang kusu percayana, 
eta jalama bakal meunang untung becik, 
beunghar ku kani’matan. 

Saupami jalma 
geus mangarti, kana eta harti rukun Iman, 
piraku teu bageurna teh, sabab sieun geus tangtu, sageuy teu ati-ati, 
ngajaga kana lakuna, 
sieun meunang hukum, 
dunya sarawuh Akherat, sieun jatoh 
kana untung ala tadi, beunghar ku 
ka teungeunahan. 

pasal rukun Iman , 
nya kitu ngimankeunna teh, 
sing jadi ilmu, 
tangtos eling siang wengi, 
jeung matak suhud ibadah, bakti kanu Agung, 
sabab geus aya pokona, 

sing jadi kayakinan diri  

pasal amal 

amal teh 
aya opat perekawis, 

1.amal Jariyah, 
2.amal Sadrah, 
3.amal Sholeh, 
4.amal Ma’ruf 

tah eta nu opat amal. 

pasal amal teh geus tangtu, aya dua perkawis, 
aya ferdu jeung wajibna, 

ari nu feredu, 
ferdu pikeun ka manusa, 
nya eta sakumaha 
unggel Hadist, 
meureun uninga.
[25/11 20:07] aji rasha: Sakumaha unggel Hadist di lakonan mun urang kuat, 
aya pikeun hajatna teh, 
boga barang anu cukup, 
sarta kudu ikhlas ati, 

amal wajib, 
wajib mah ka Gusti Allah, 
teu meunang manusa sulaya sabab wajib ka sebat na. 

kumaha amal ka Pengeran, 

kieu amal ka Yang Widi, 
1.amal Jariyah, 
2.amal Sadrah 
3.amal Sholeh  
   tumerapna dina waktu lima           
   dina waktuSembahiyang. 

Sabab dina Sembahiyang teh nya bagian nu tilu perkara, 

1.Kasdu  
2.Ta’rud,  
Ta’yin, 

ari eta Kasdu tea, 
bagian geus tangtu, 
bagian panggawe badan, 
lebah dieu kudu ngarti, 
yen ieu teh wujud urang. 
keur jadi Jariyahna Gusti, kudu nurut 
kersana Pangeran, 
wujud teh keur dianggo, 
keur nangtung 
ngajadi huruf Alif , 

ruku 
huruf Lam awal, 

sujud huruf Lam akhir , 

lungguh eta huruf He 

teu salah deui, 
sidik pisan lafad Allah. 

nu matak masing suhud, ngalakonan eta waktu lima, keur Jariyah ka Yang Manon, 

pan keur kieu mah wungkul, ieu teh badan jasmani, 
meureun karasa, 
Jariyahna nafsu, 
ngaula kana kahayang, 
udar ider dibelaan ruksak diri, pasal ngudag kadunyaan. 

amal Sadrah, 
dimana tumerapna teh, 
rakana lajeng ngawangsul, nyaeta pagawean lisan, 
jadi urang kudu, 
dina keur maca kalimah, waktu urang keur 
Sembahiyang teh misti, 
puji kabeh waktu eta. 

Ulah nganken puji urang  
da tadi ge puji teh nu Allah, nya sadrahkeun deui bae, 
ka Allah nu Maha Agung, manusa mah kapan, 
teu daya teu upaya, 
ulah ngaku-ngaku, 
pedah geus Sembahiyang, ujub bakal ditarima 
ku Yang Widi, 
bakal manjing Sawarega. 

amal Sholeh , 
nya eta pagawean manah, pagawean ati 
sundana Sholeh kitu, 
kudu beresih pisan ati, 
dina keur waktu
Sembahiyang, 
ati teh sing lulus, 
ulah boga patekadan, 
jual meuli jeung nu 
Maha Suci, 
kudu Lillahi ta’ala.

Ulah kieu 
pangna daek, 
ngalakonan waktu anu lima, hayang diganjar ke teh, diburuhan ku Yang Agung, dipaparin Sawarega, 
ke dimana geus wafat, 

eta ulah kitu, pan dina Ushallina, di tungtungan 
aya dalil nu kauni, make Lillahi ta’ala.

Sundana teh kapan eta dalil, kudu ikhlas beresih 
nya manah, ulah rek aya kahoyong, tapi 
digawe sing suhud, 
jeung ati sing bersih, 
beresih taya pamandang, kumaula wungkul, 

kitu ibadah ka Allah, 
sanes deui sareng 
ibadah ka jalmi, 
pandang kana buruhan.
[25/11 20:16] aji rasha: naha ieu alam dunya, 
sareng ngaran manusa, 
mana nu heula dumuk, 
heula dunya apah
heula jalma. 

pan enggeus sidik jentre, Kangjeng Nabi Yullah Adam, nu didamel asalna, 
ku kersana Maha Agung, 
aci seuneu aci tanah. 
Aci cai aci angin, 

meureun tanda heula dunya, naha masik helok, 
sareng ieu alam dunya, 
ieu alam pangbuangan, malah alam dunya dumuk, alam pangriged-rigedna. 

dunya disebatkeun kotor, sarta riged pangbuangan, naha naon margina, 

kieu lamun tacan terang, geuning Hadist 
leuwih bentes, 
Kangjeng Nabi Yullah Adam, tumurun na ka dunya, 
di tundung ku Maha Agung, sasatna adam dibuang. 

Dipaksa teu 
meunang ngancik, 
ku Gusti Allah ta’ala, 
pendekna kenging bebendon, ti Sawarega dibuburak, kusabab boga dosa, 
ngala titipan Yang Agung, larangan Gusti di ala. 

Mana ngarana ge dohir, hartina dohir doraka, 
dohir teh nyata pabuen, 
malah aya sajabana, 
jaba ti Adam jeung Hawa, 
nu dibendon ku Yang Agung, hiji sato oray naga. 

Eta ge dibuang deui, 
oray tukang jaga lawang, ingkah ti Sawargana teh, 
dosana ngabuskeun setan, 
nu ngagoda Adam Hawa, oray sanggeusna ditundung, nya didamel bengker dunya. 

Kawasana Yang Sajati, didamel pamageuh dunya, sasat didamel pademen, ngabudeur ngabengkerdunya, jadi pamageuh jagat, 
buntut asup kana sungut, sarta teu patok cicingna. 

Sirahna teu patok cicing, 
kitu kersana Pangeran, 
najan didamel pademen, sirahna teu patok tempat, dina palebah-lebahna, 
mun sirah lebah kidul, 
ngan tilu bulan lilana. 

Saparantos tilu sasih, 
sirahna teh teras pindah, geleser pindah ka kulon, 
tara langkung tara kirang, beulah kulon cicingna, 
ngan tilu bulan teu langkung, upami geus tilu bulan.
[25/11 20:30] aji rasha: Sirahna teh ngeser deui, 
ti beulah kulon teh pindahna ka kaler, nya tilu bulan lamina, 
lajeng pindah ka wetan, lamina deui sakitu, 
angger bae tilu bulan. 

Nya tilu bulan sakali, 
sirah pipindahannana, salawasna kitu bae, 
geus satahun tepung gelang, ti urut ka urutna, 
mana kiwari kamasyhur, 
aya ngaran kala. 

Tegesna kala teh , 
eta sanyatana ula, 
nu disebut kala gede, atanapi 
jatingarang, 
sarta awakna oray, 
dina saban-saban taun, ngariutkeun alam dunya. 

Sabab buntut oray tadi, dikokopan ku sungutna, 
beuki lila beuki jero, 
kawasna mah alam dunya, geus tangtu ngariutna, 
sabab bengkerna ngariut, oray awakna mondokan. 

eta engkang leres pisan, perekawis jagat gede, 
tangtu pisan ngariutna, 
tina heubeul-heubeulna, 

emutan kitu, tangtos pisan moal lepat. 

Dibanding jeung jagat shagir, nya jagat wujud urang, 
upama jalma geus kolot, geus sidik meotan nana, 
eta geus kalumbrahan, tambah sepuh tambah lembut, tetela meotan nana. 

Jagat kabir jagat shagir, 
da moal aya bedana, 
kusabab eta oray teh, 
nyatana pikiran urang, 
nu tetela nyata, 
pan pikir oge kitu, 
mun geus kolot umurna. 

mun geus ngariut pikir, ragana tangtu meotan, 
beda jeung keur ngora kneh, urat wangkeng kulit merat, sartana tanaga rosa, 
ning ari enggeus sepuh, 
urat kendor kulit goplak. 
Tanaga oge meh leungit, ngariut sagala rupa, 
riut tinggal riut denge, 
ngariut nya rarasaan, 
ucap rawuh ambekan, 
bukti ning osok ngarahuh, najan lempang deukeutan. 

batu bodas ti Sawarga, 
eta ge meunang bebendon, 
ti Gusti nu Maha Mulya, dibijilkeun ti Sawarga, lantaran dianggo diuk, 
ku Hawa bari meresan. 
Ku kersana Maha Suci, 
batu dipuragkeunnana, 
teu salah ceuk sakaol, 
muragna ka tanah Mekah, malah buktina ayeuna, 
di mekah teh aya batu, 
di ngaranan Hajar Aswad. 
ngan jadi salin rupi, 
Hajar aswad teu bodas, 
jadi hideung rupana teh, sabab batu panuhun na, neneda ka Gusti Allah, panuhun na eta batu, 
nyuhunkeun siksa an dunya. 
nu matak salin rupi, 
hideung teh eta siksaan, 
kitu riwayat Hadist teh, 

aya deui hiji tangkal, 
ngaran kayu candana, 
eta ge meunang bebendu, 
ti Gusti Allah ta’ala. 

Terus dibijilkeun deui, 
sabab pake eureun Hawa, muragna ka leuweung 
ganggong, 
nya ka leuweung alam dunya, 

aya deui hiji tangkal, 
nu ngaran kayu garu, 
eta ge kai sawarga.
[25/11 20:41] aji rasha: Nya meunang bebendon deui, lantaran eta kulitna, 
ku Siti Hawa dianggo, dianggo pipinding orat, dianggo cawet ku Hawa, 
eta ge tuluy ditundung, 
di buang ka alam dunya. 

Adam muragna ka bumi, mener ka tanah Hindustan, ninggang kana 
leuweung gede, 
gunung Surandil ngaran na, 
ari murag na Hawa, 
ka Jidah pinggir laut, 
nu sakitu jauhna. 

Tur taya batur sahiji, 
margi tacan aya jalma, 
masih ngeplak tegal keneh, 
tacan aya tatangkalan, panasna ngabebetrak, sataranjang teu disarung, 
teu kekemben teu raksukan. 

Hawa nangis jerat jerit, nalangsa sampe les-lesan, ninggal laut ngeplak hejo, sreng tegal ngentak-ngentak, teu aya keur ngiuhan, 
nangis ngenes manah ngungun, keueung taya papadana. 

Aduh Gusti tobat teuing, panutan dimana lenggah, 
Siti Hawa utrak-atrok, nuturkeun indung sampean, sarta barina sasambat, 
duh Gusti hamba tulung, Gusti Adam teh dimana. 

Naha mana Ikhlas teuing, jisim abdi ngan sorangan, abdi pundut nyawa bae, tinimbang abdi kieu mah, les-lesan nangisna Hawa, sora peura soca cindul, 
meh merem socana Hawa. 

Tina nangis siang wengi, emut waktu di Sawarga, 
taya papadana raos, 
ni’mat bae salawasna, 
taya pisan kasusahan, 
siang wengi ni’mat wungkul, 

barang ayeuna di dunya. 
Ngan wungkul bae prihatin, ngenes peurih salawasna, cape balas utrak-atrok, 
geus taun-taun lawasna, neangan Adam panutan, beurang peuting usrak-asruk, nuturkeun indung sampean. 

Tunda Hawa keur prihatin, geus jauh ti tanah Jidah, 

ayeuna nu kacarios, 
Kangjeng Nabiyullah Adam, anu murag ka Hindustan, nangisna mani ngagukguk, tina emut ka geureuhna. 

duh-aduh Hawa Siti, 
duh nyai aya dimana, 
naha nyai hirup keneh, 
atawana geus wafat, 
duh Gusti anu kawasa, 
mugi Gusti Maha Agung, ngahampura dosa hamba. 

Duh Gusti Robbul ’alamin, abdi nyanggakeun duduka, neda hampura Yang Manon, sadayana kalepatan, 
mugi Gusti ngahampura, Adam keur sasambat kitu, 
jol Jabrail Malaikat. 

Malak Jabrail mepeling, 
ka Jeng Nabiyullah Adam, kieu saurna malak teh, 
kudu tobat 
ieu baca, 
dalil dawuhan Allah, 

Robbana dlollamna, 
anfussana wa in-lam taghfirlana, dzunu banna Lana qunnana, Minal khosirin dawuhan na Yang Agung, 

lajeng bae Nabi Adam. 
Nurutkeun saur Jabrail, 
Adam maca eta ayat, 
beurang peuting nteu petot, lamina teh ngaos Ayat, 
sarta teu peugat-peugat, lamina saratus taun, 
kitu ceuk hiji hikayat.
[25/11 20:52] aji rasha: Barang maosna geus nepi, saratus taun lamina, dihampura ku Yang Manon, saparantos na dihampura, 
teu kungsi lami Adam, sareng Babu Hawa tepung,
amprokna di Gunung Arfah. 

Mana dongkap ka kiwari, 
di Mekah teh aya Arfah, 
eta sasakala amprok, 
Adam sareng Babu Hawa, 

eta kitu hartina, 
nu mawi dunya dumuk, 
disebatkeun pangbuangan. 

Tina sabab eta yakin, sacarios Hadist tea, 
kitu unggeling carios, 
eta Hadist moal lepat, dawuhan para Aulia, 
tah eta kitu, bilih acan kamanah. 

Geuning nepi ka kiwari, 
anu jararah ka Mekah, 
anu munggah Haji kabeh, upama can ka arfah, 
najan geus ka Madinah, 
tacan jadi Haji, 
jadina sanggeus ka Arfah. 

Kitu sareatna Haji, 
tapi ceuk Ahli hakekat, jasmani rohani oge, 
sing amprok ulah papisah, hijikeun ulah rek renggang, supaya bisa purkatut, 
mulih kana kasucian. 

ieu alam dunya dumuk, disebatkeun pangbuangan. 

Sabab kitu asal na, 
pang Nabi Adam ka dunya, persasat dibuang bae, 
atuh meureun najan urang, urang ge eukeur dibuang, 
da aya 
di alam dunya dumuk 

Numatak mungguhing jalmi, nu pada gelar didunya, 
 wani taroh bae, 
moal aya nu merdika, boro-boro pangkat urang, najan anu jadi Ratu, 
moal pisah ti kasusah. 

Da bubuhan keur dibui, 
cicing di panjara Allah, 
nya ieu alam dunya tea numatak saha jalmana, 
nu ngumbara didunya, 
cicing dina ngeunah terus, sanajan di Raja pisan. 

Teu weleh-weleh dibanding, teu lepot ti kasusahan, 
da sasat di jero berok, 
saha bae anu ngunah, 
nu betah dipangbuangan, sanajan diempuk-empuk, 
teu aya kakurangan. 

Teu pisah tina prihatin, ganti-ganti kasusahan, 
ku sadaya ge karaos, 
boh nu miskin 
boh nu beunghar, 
pangkat menak 
pangkat cacah, 

moal ucul ti kabingung, 
ngan kur pasangka-sangka. 
Sangkaan na nu miskin, 
kanu beunghar 
nyebat ngeunah, 
padahalsarua bae, 
beunghar barang 
beunghar susah, 
nu miskin oge sarua, 
mun miskin taya kagaduh, miskin deui kasusahna. 

Nu miskin mah ning yakin, ngan sarupa kasusahna, wungkul ku dahareun bae, kumaha isuk nya dahar, 
keur anak pamajikan, 
geus cumpon ge keur isuk, cukup pikeun meuli beas. 

Geus suka bungah nya ati, geus teu aya pikiran, 
tibra sasareanna ge, 
emut-emut geus isukna, bakating ku sare ngeunah, 

kumaha ari nu cukup, 
bisa kitu sare tibra.
[25/11 20:58] aji rasha: Tah kitu eta teh 
nu matak ieu dunya, pangbuangan teu geseh, 
meureun karasa, bandingkeun jeung memeh gelar, samemeh ka dunya turun, naon nya kasusah. 

Nu matak ayeuna teh, 
wajib urang kudu tobat, enggoning keur diberok, sangkan ulah tutuluyan, urang jadi buangan, 
di hampura ku Yang Agung, dilepas tina hukuman. 

Balik k asalna tadi, 
ka asal purwa wiwitan, 
kawit ge teu naon-naon, 
teu aya pisan kaboga, 
teu rasa-rasa acan, 
sumawon na boga wujud, estu sidik 
Lahaola. 

paur liwat saking, 
sieun engke dina wafat, 
teu ditampi ku Yang Manon, tetep dina pangbuangan, balik deui ka dunya, marakayangan 
usrak-asruk, 
samemeh kiamat dunya. 

Jadi tetep bae ngancik, 
dina rasa kasusahan, 
cicing di Naraka bae, 
beurang peuting teu pegat, tina loba kahayangna, 
hayang dahar 
haying nginum, 
kabeh jadi kasusahan. 
Sareng nyanghareupan deui, kana poe akhir tea, 
nyaeta kiamat tangtos, 
Landratan Allah ta’ala, bongan aya di dunya, 
geus tangtu pisan dihukum, sabab salah pangbalikan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar