Jumat, 26 November 2021

agama eta islam nu hirup

[26/11 16:33] aji rasha: Nerangkun 
HARTINA AGAMA 

Kieu hartina Agami, sategesna hirup tea, 
sabab mun taya hirup teh, mo aya ngaran Agama, 
Islam ge moal aya, sumawonna rukun-rukun, 
geus tangtu moal aya. 

Jadi sifat hirup pasti, 
nya sajatining Agama, 
atawa sifat elmu teh, 
numatak ngelmu teh urang, sing nepi kana caangna, 
sifat Agama kasusul, 
ulah ngan ku kira-kira. 

Kapendakna eta , 
nya eta ku rukun tea, 
ku rukun Agama tangtos, 
sareatna hakekatna, tarekatna ma’rifatna, 
dina bagian bab ilmu, 
sanes bagian ibadah. 

Dina Sembahiyang mah , ma’rifat laku ibadah, 
tina kitab kenging nyonto, najan di sagala barang, 
tetep eta anu opat, 
sareat hakekat  
tarekatna ma’rifat. 

Ibarat rek nyieun korsi, 
niat eta mimitina, 
ari geus niat mah tangtos, 
tegesna eta hakekat, 
ari terbitna hakekat, 
tina ma’rifat, 
nya tina kanyaho tea.
[26/11 16:48] aji rasha: Sabab tadi geus ka ilmi, 
geus nyaho sareng bisana, kana migawe korsi teh, 
teras di tarekatan, 
nepi ka nyareatna, 
sifatna sidik ngajentul, 
rupa korsi teu sulaya. 

Kapan ieu mah keur ngilmi, tegesna eukeur neangan, ma’rifatna ka Yang Manon, nya eta kana dzatna,  sifatna Gusti Allah, 
nya eta wujudna elmu, 
atawa jati Agama. 

Geus tangtu kengingna, 
ku rukun Agama tea, 
sareat hakekat tangtos, 
tarekat sareng ma’rifat, 
tapi anu sajatina, 
dina bagian bab ilmu, 
rasa anu narimana. 

Jalanna ku rukun tadi, 
anu opat perekara, 
anu aya di badan dewek, poko 
sareat hakekat, 
tarekat ma’rifati, 
anu aya dina wujud, 
di sajero badan urang. 

ngaran rukun Agama teh, 
bagian ilmu ayana, 
keur nyusul wujud Agama, nyaeta sifatna hirup, 
nu ngangliputi sadaya. 

eta basa anu opat,
buktina nu dina wujud, 
naon nyatana di badan 
sareat hakekatna, 
tarekat ma’rifat  

dina poko-pokona , 
 
Dupi sareat teh , poko-pokona teh baham, jalan omongan geus tangtos, tah eta pangucap urang, sajatina sareat, 
kapan pangucap teh puguh, nu ngabuktikeun sagala. 

Karamean alam dohir, 
rentul sakur anu aya, 
bibitna tina carios, 

pokona tina pangucap, 
nu ngabuktikeun samaksud, bahan-bahan geus sadia, moal jadi mun teu ngomong, 
ngabetem teu sasauran, 
sayaktosna eta kitu, 

Pokona sareat yakin, 
teu lepat deui pangucap, 
nya eta sajatina teh, 
paingan ceuk unggel kitab, lamun nu ngaji hakekat, 
teu sareng sareat 
batal ku Hadist disebat. 

batalna karaos pisan, 
sabab hartina batal teh, 
henteu jadi ceuk sundana, 

kapan nyatana hakekat, keretegna ati kitu, 
niat sagala perkara. 

paingan kamari , 
kereteg niat ka pasar, maksud teh rek meser bako, 
barang dongkap teh ka pasar, nangtung hareupeun nu dagang, 
bet Cina teu buru-buru, ngaladangan bako tea.
[26/11 16:58] aji rasha: Salila-lila,nangtunghareupeun
na, sapedah teungomong, 
jongjon hanteu ngaladangan, sakitu dina ati mah ngomong, ngomong bae dina kalbu, meuli bako anu ngeunah. 

Barang pok mah ngomong Babah meuli bako kula, 
ku Cina teh bol sok bae, 
teu lami deui ngantosan, bener mun ngaji hakekat, 
teu make sareat lapur, 
hanteu jadi pamaksadan. 

Pasal eta jol kaharti, 
tegesna poko sareat, pangucap teu lepat tangtos, 
anu aya di badan urang, 

ayeuna hakekat 
naon nyatana di badan. 
kieu mun can terang, hakekatna geus tangtos, nyatana pangangseu 
nu aya di wujud urang, sinareng nu tipayun, 
kieu katerangan nana. 

Ibarat rek tuang bistik, memeh ku baham karasa, pangangseu nu tipayun 
hakekat pada hakekat, 
sabab hakekat teh aya, 
aya tapi taya jentul, 

sabab seungit bistik tea. 
Seungitna mah taya rupi, 
kitu deui angseu tea, 
teu aya rupina tangtos, 
dupi ari buktina mah, 
sifatna bistik tea, 
bagian paninggal tea, 
anu nyidikeun sifatna. 

ayeuna tarekat 
nyatana pangdangu  salamina ge digawe, 
teu aya pisan eureunna, 
dina keur waktu nyaring mah, sora naon oge kumpul, pangdangu anu narima. 

tetela karaos pisan, 
eta jinis tarekat teh, 
nyatana di badan urang, 


ma’rifat, 
nyata nadina salira urang 
nyaeta paninggal , 
sifatna panon nu nyata, sagala sifat teh kumbuh, 
panon nu ngesahkeunnana. 

Sifat-sifat nu di dohir, gulungna kana paninggal, numawi disebatkeun 
panutup kanyaho tea, 

kakara sah kanyahona, beja-beja teh ti batur, 
kapanggih sareng buktina. 

Lahir batin oge sami, 
moal bet aya bedana, 
pokona ku eta bae, 
enya eta sategesna, 
nu ngaran rukun Agama, atawana rukun Ilmu, 
keurnganyahokeun Agama. 
Agama anu sajati, 
nya sifat hirup urang, samangsa parantos nyaho, 
kana jatining Agama, 
nya Islam eta ngaranna, sanggeus Islam kudu suhud, ngalakonan jeung rukunna. 

Nya anu lima perkawis, 
kahiji maca Syahadat, 
dua Sholat lima waktos, 
tilu kedah Zakat, 
opat kedah Puasa, 
lima Munggah Haji kitu, 
mun kabedag ku saratna.
[26/11 17:09] aji rasha: hal rukunna Agama
nu aya di wujud urang, 
nya eta nu opat tea, 
sareat hakekat 
tarekat ma’rifat. 


basa rukun , 
rukun teh naon hartina, 
bareng hanteu pili ganca. 

Paribasa sepuh tadi, 
ka urang sok mituturan, 
eh anak-anak sakabeh, 
engke bapa geus teu aya, omat turut weling bapa, 
jeung dulur teh kudu rukun, ulah arek panca bagah. 
Ka cai kudu saleuwi, 
ka darat kudu salebak, 
jeung kudu 
bongkok ngaronyok, bengkung ngariung 
ceuk basa, 
supaya maneh waluya, 
mun rempug jungkung 
jeung dulur, 
salamet dunya akherat. 

kumaha ari eta, 
rempugna nu opat tea, rukunna paninggal dangu, 
pangangseu  pangucap. 

Margi keur kieu mah ning, 
ieu nu opat perkara, 
lakuna teh nu karaos, 
masih bae pili ganca, 
hanteu bareng lakuna, 
ucap ucap dangu dangu, angseu sumawon paninggal. 

Teu nurut babasan tadi, 
yen kudu sabilulungan, 
nya eta bongkok ngaronyok, jeung bengkung ngariung tea, ka cai saleuwi pisan, 
kitu anu ngaran rukun, 
atuh dimana barengna. 

meureun karaos, 
dina waktu eukeur Sholat, Sholat sajatina tea, 
waktos Nafi Isbat gulung, 
nerapkeun Muhammad. 
Aworna kalimah kalih, 
huruf Ta’udz jeung Bismallah, keur nyalindung 
ka Yang Manon, 
kapan didinya barengna, 
nu opat teh ngahijina, 
ilangna dunya jeung wujud, kapendak wujud Agama. 

Nembe Islam 
mun geus panggih, 
kana sajati Agama, 
nyaeta hirup urang tea 
anu matak wajib pisan, 
nyaho jatining Agama, sangkan sah ibadah 
nyaho bibit rukun Islam. 

karaos pisan, 
nya didinya barengna teh, babasan tadi teh keuna, bongkok ngaronyok teh nyata, sumawon 
bengkung ngariung, 
kacai saleuwi pisan. 

Ayeuna nembe kaharti, babasan sepuh baheula, 
aya Hekekatna horeng, 
kudu rukun teh nya eta, 
nu opat di badan urang, ngaran dulur nu saestu, 
opat kalima pancer na

dina Hadist nyarios, 
aya basa opat rupa, 
Dalil Hadist, Ijma, Qiyas 

eta kumaha hartina.
[26/11 17:22] aji rasha: Nerangkeun 
Dalil, Hadist, Ijma, Qiyas 

pasal eta nu opat basa, 
kieu pihartieunna teh, 
hartina dalil , 
pangandika Maha Suci, 
nya Qur’an eta 
buktina, 
anu mawi kudu, wajib percaya kana Qur’an, 
lamun henteu percaya teh kufur kafir, cadang 
Naraka Jahanam. 

Ari Hadist pangandika Nabi, enya eta Rusul-rusul tea, utusan Gusti Yang Manon, eta wajib digugu, 

Ijma 
nyaeta pangandikana, 
para Wali jeung 
para Muslim deui, 
eta ge wajib percaya. 

Qiyas  
hartina teh akal sategesna, pikeun ngakalan nu tilu, 
Dalil Hadist Ijma  
sangkana bisa karasa, 
ma’na Dalil,Hadist Ijma 
da eta teh pikeun pikiraneun sangkan nyata barangna. 

Sabab geura pek manahan ku sagala hal mun teu 
make akal, 
moal bisa jadi bae, 
ibaratna pan puguh, karamean Alam Dohir, karajinnana manusa, 
tambah beuki maju, 
ayeuna ge kabuktian, kajadian kapal udara mobil, jadina tangtu 
ku akal. 

nu matak 
ngilmu pikeun kabatinan, 
kalanggengan Alam Baqo, ulah cicing bae atuh, 
dina asma , 
tegesna dina omongan, kapan asma mah tuduh, najan Dalil Hadist Ijma, 
eta oge pituduh teu salah tuduh jalan pikeun mulang. 
Sareng tuduh ka manusa pikeun urang gumelar 
di Dunya, kudu daek ibadah ka Gusti nu Maha Agung, kalawan jeung sahna, 
nyaeta sahna ibadah, 
kudu ma’rifatu, 
kana Dzat Sifatna Allah, 
enya eta piwadaheunnana, amal ibadah urang. 

Ulah cicing dina Asma bae, tetep cicing dina panunjukna, mun kitu mah tangtos bae, mo tepi kanu dijugjug, 
nyaeta ka asal tadi, 
da teu disorang jalanna, cicing ngadedeluk, 
nyaeta dina tunjukna, 
nu ditunjuk teu disusul 
teu dipilari, 
mun kitu mah moal datang. 

Ibaratna upami urang 
hayang terang ka hiji Nagara, upami Batawi bae, 
barang dileresan Bandung, lajeng katinggali, 
hiji jalan parapatan, 
jeung ninggal nu nangtung, hiji pilar make papan, 
dina papan aya aksara Batawi, 
ditunjuk ku gambar tangan. 
Ramo nunjuk 
ka huruf Batawi, 
boh ka kulon ka kaler 
ka wetan, 
tuluy urang cicing bae, 
dina hareupeun panunjuk, naha kira-kira, 
dikirana bakal datang, 
ka Batawi tunjuk, 

atuh moal, sabab cicing di dinya teu maju deui, sumawon ka Batawina.
[26/11 17:29] aji rasha: Jalanna ge teu disorang deui, nu ditunjuk ku gambarna tea, kumaha bisana nyaho, 
da betah dina panunjuk, hurupna asma Batawi, 
tah kitu nu ngaji asma wungkul, 
teu terang nu diasmaan, lamun kitu ngaji teh 
teu bisa nepi. 

Panunjuk teh ibaratna Dalil, kitab Qur’an eta sategesna, tuduh jalan nu sayaktos, numatak urang teh kudu, hukum Qiyas geura tungtik, kumaha pikeun akalna, tarekatna ilmu, 
sangkan urang bisa datang, ka Batawi nepi ka ‘aenal yakin, 
sidik teu ngandelkeun beja. 

Mun geus cicing 
dina panunjuk tadi, 
kantun bae neangan akalna, 
sangkan tereh tepina teh, naha rek leumpang suku, atawa rek tumpak mobil, kapal udara, 
da aya geus tangtu, 

ari eta tutumpakan, 
ngibaratkeun tarekat ilmu kapan tarekat teh loba. 
Qodariyah 
Satariyah  
Anfasiyah  
Muhammadiyah, 
Juziyah 
Hak Maliyah 
kantun milih bae atuh, 
mana nu gancang tepi, 
nu pangheulana datang, 
bisa ma’rifatu 
kana dzat sifatna Allah, sagarana hirup 
tujuh langit tujuh bumi, 
Johar Awal 
kasebatna. 

Lamun hanteu make akal , enya eta milih tutumpakan, mana anu gancang bae, 
misti kudu buru-buru, 
bisi kaburu ku pati, payunkeun hukum akal, kajeun rada ripuh, 
geura beuli ku tirakat, gancangna teh teu lian 
kudu prihatin, 
dahar sare dikurangan. 

pasal Rukun Islam, 
naha teu aya rangkepannana sare’atna 
hakekatna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar