Selasa, 23 November 2021

awwaludin makrifatulloh

[22/11 20:48] aji rasha: Ieu lalakon jaman ayeuna, 
hal salira anu jongkot, 
ngawincik aturannana, supaya jadi kabuka, 
kabuka tunggalna wujud, 
dipapay ti memeh aya. 
 
Nepi kana aya bukti, 
tina taya kana aya, 
geus aya bet ngalalakon, 
ngalaman di alam dunya, nyorang kana karamean, 

ayeuna baris diatur, 
urang papay ti asalna. 

Tina tadi asal sepi, 
dina alam memeh aya, 
ari geus aya bet jadi cekcok. 
Sepi dina jaman Kun Dzat, cekcok jaman Kun Fayak, 
Kun Mutlaq geus sidik
wujud, rupa sarupa-rupana. 

Rupa teu kenging disalin, 
kitu tandana Kun Mutlaq, saperti rupa awewe, 
mun kitu sidik rupana, 
teu kenging dirobah, 
rupa pameget nyakitu, 
teu beunang dipindah-
pindah. 

Rupa istri pikeun istri, pameget keur rupa lanang, henteu salah kituna teh, 
eta tandana Kun Mutlaq, 

tapi ieu ayeuna,diatur, 
ku carita sangkan terang . 

Kahijina ku pamilih, 
kaduana ku umpama, 
bade didamel lalakon, 
geura kieu cariosna, 

pang ieu urang gumelar, kersana Gusti Yang Agung, 
ngadegna gumelar sifat. 

Hanteu ujug-ujug bukti, ngersakeunnana gumelar, sasat ngadamel lalakon, 

kieu ceuk papayannana, namung upami mufakat, rempugreng dulur-dulur, 
mun teu cocog sae cempad.
[22/11 20:59] aji rasha: Perkawis Agama suci, geuning kieu dalilna, 
dina hadist 
geus kamasyhur, 
dalil teh kieu unina. 

Awwalu Dinni, Ma’rifatullah, sundana kieu eta teh, 
lamun rek lalakon agama, wajib ma’rifat heula, 
kana dzat Allah nu 
Maha Agung, 
supaya sah ibadahna. 

Tapi sanes deui, 
hal ma’rifat ka dzat Allah, 
eta teh lain sapertos, 
nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah, hawadist teh nu ngajentul, 
nu nyata aya buktina. 

Tatapi masing kaharti, atawa ka elmu tea, sabab 
Allah ta’ala teh, 
ceuk saksina 

Dzat Laesa, Kamislihi 
hartina dzat yang agung, hanteu aya umpamana. 

dawuhan Kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana, 
nganyahokeun diri maneh, diri anu sajatina, 
sabab kieu ceuk Hadistna, 

man aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha.  
Man aroffa robbaha, 
Faqod jahilan nafsah 

teh, kieu pihartieunnana, 

saha-saha jelema, 
nyaho ka dirina kitu, 
tangtu nyaho ka pangeran. 
Jeung saha nu nyaho deui, geus nyaho ka pangeranna, dirina geus tangtu bodo, 

tah eta kitu hartina, 
mangga geura manahan, dalilna eta teh kitu, 
pikeun saksi ngelmu tea. 

dawuhan Jeng Nabi, 
Illa anna awallanafsah, 
fardu ‘ain, 

kieu sundana, 
mimitina hal ibadah, 
sing terang jatining hirup, 
masing tepi ka ‘aena. 

Sasat kudu katinggal, 
sifat hirup sing kapendak, jatining sahadat  
bibitna sagala rupa, 
nya hahekat Muhammad, awalna Muhammad , 
nya eta 
Sagara Hayat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar