[19/11 19:52] aji rasha: NERANGKEUN
Gusti Allah
Maparin na Nyawa
ka Manusa.
mun can harti,
Gusti Allah maparin
na nyawa,
dina waktu Ibu ngowo, barang gubragna turun,
ti Batin ka alam Dohir,
tepungna Hawa nu dua,
hawa Batin tepung,
kontak sareng hawa Dunya,
kajadian jadi nafas murangkalih,
nya eta ngaran na
nyawa.
Tiap-tiap aya nafas pasti, tangtos barengna jeung rasa, sabab hakekatna nyawa teh,
nyatana rasa
kumargi tetela pisan,
da buktina waktu dijero
mah tadi, orok teu aya nafasna.
Geuning hirup ciri bisa usik, sidik pisan hirup suci mah, hanteu kalawan nafas teh,
ayeuna mah leres kitu,
hirup teh jeung nyawa sidik, nya eta sifatna nafas,
nafas teh bareng jeung rasa.
waktos tadi lahir, barang gubrag tina Guha Garba,
teu ngaraos naon-naon,
tapi ceuk engkong kitu,
rasa teh bareng geus pasti, jeung ayana nafas tea,
ngajawab, lamun enya
Tangtu pisan pang orok teh ceurik, tina sabab enggeus aya rasa, tiris
buktina ngadegdeg,
hukuman ti Yang Agung, turut-turut asal tadi,
tina bibitna manusa,
Adam Hawa kitu,
kapan Adam teh ceuk kitab, pangna lungsur ka alam Dunya teh geuning, meunang bebendon ti Allah.
Nya dibuang ka alam Dohir, tina sirna ngajadi
teu ngeunah,
barang gubrag ka Dunya teh,
nangis bakating kaduhung, Adam Hawa jerat-jerit,
ku tina raos teu ngeunah,
ti Sawarga turun,
asal bungah jadi susah,
anu matak orok oge
geuning ceurik,
tara gubrag seuseurian.
sidik nya kitu pisan,
asalna orok ceurik teh, sasakala Karuhun,
jeung karasa dibuang teh yakin, jadi lamun anu wafat, masih aya dumuk,
nyawana masih di Dunya, sasat tacan kaluar
ti hukum Gusti,
paingan marakayangan.
Tanda tacan dileupas ti bui, masih tetep keur
dina hukuman, tacan bisa
meunang pones, pones lepasan ti hukum, tetep hanteu meunang bijil,
[19/11 19:58] aji rasha: sabab tina hanteu bisa, ngadeuheusan kitu,
kanu boga pangadilan,
neda ampun tina dosa
anu tadi, hanteu pisan
boga akal.
kapan geuning di Dunya
ge bukti, lamun urang meunang hukum beurat,
geuning kawidian apel,
tapi apelna kitu,
ulah make surat deui,
leuwih hade ngadeuheusan, payuneun nu Agung,
jeung sing bener caritana,
neda ampun moal rek
sakali deui, migawe kitu lampah.
Ulah ampun ditukangeun badis, teu ngadeuheus kapayuneunnana, ka
karatonna Yang Manon, tegesna ka dzat Yang Agung, Baetullah anu sajati,
nu teu dikulon diwetan, dikaler di kidul,
eta tempat pangadilan,
nu sampurna nya
sifat Ghofurur Rohim,
tempat ngahampura dosa.
Mun di Dunyana Raad Van Justisi, pangadilan nu langkung sampurna,
sami bae Dunya Akherat ge aya babandingannana.
Mun geus terang kana
dzat Gusti,
kantun suhud kana ibadahna, kudu khusu tobatna teh,
ulah kendat sawaktu, dipayuneunnana Gusti,
Insya Allah dihampura,
lamun hanteu kitu, tangtu nyorang paribasa,
beungeut madep atina mah jongjon mungkir,
Akbarna kamana-mana.
Mun nu kaya Akbarna ka duit, mun nu tani Akbarna ka sawah,
palangsiang galeng totos, Sembahiyang teu khusu,
ka Gusti nu Maha suci,
eling bae ka sawah, tungtungna teh atuh,
pujina ge diliwatan,
da tekadna hayang buru-buru tepi, kana Aweh Salam tea.
[19/11 20:06] aji rasha: Lebah dieu tobat jisim kuring, anu nyaritakeun ieu dadaran, nu ngaos anu ngadangu, sanes pisan jisim kuring, nyindiran kasadayana,
sakur dulur-dulur,
anu geus kersa ibadah, ngalakonan parentahna Kangjeng Nabi,
namung ieu mah nyindiran.
Kana diri sim kuring pribadi, nu karasa ku badansorangan, nya osok kitu nya gawe, lamun keur netepan waktu, upami keur resep ngopi,
bet Akbar teh clok kana kopi, keur ulin pon kitu deui,
Akbar teh bet los kana ulin, mun keur lacur Akbarna teh bet ka Istri,
hanteu khusu ka Pangeran.
Sihoreng teh pang kitu
teh geuning,
pangna Akbar
sok kamana-mana,
pantes arek kituna teh, lantaran can ma’rifatu,
kana Dzat Sifatna Gusti,
teu puguh nu dikiblatan,
ngan diwangwang wungkul, dicipta dikira-kira,
saestuning ngan saukur tuturut munding,
nuturkeun anu nungtunna.
[19/11 20:12] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kahiji
Nyaeta Nabi Adam.
Mimitina Gusti Allah,
nya ngadamel utusan
nyaeta Nabi, Nabi Adam
nu tipayun,
kieu Syahadatna,
Asyhadu anlailaaha Illallohu, Wa asyhadu anna Adam, kholifatullohi .
Dawuhanna Gusti Allah, maneh Adam dikersakeun
ku Kami,
jadi utusan geus tangtu, tatapi maneh ayeuna,
ulah hayang ma’rifat
ka Kami kitu,
kanyahokeun bae heula, wujud maneh pribadi.
Sabab wujud maneh eta, kanyataan ayana Kami pasti, dalilna geus kasebut, Wallohu batinul insan,
Al insanu dohirulloh
eta kitu,
tapi maneh ayeuna,
kudu Sholat maneh misti.
Nyaeta dua raka’at,
waktu subuh
kaluarna fajar sidik,
ari sababna pang kudu, maneh kudu tumarima,
boga nyawa
kaduana boga wujud,
tah kitu eta asalna,
mana aya
Shalat Subhi.
kitu asalna teh Sholat Subhi, paingan manusa kudu, Sembahiyang subuh tea, tumarima boga nyawa sareng wujud,
ka Gusti nu murbeng jagat
[19/11 20:18] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kadua
Nyaeta Nabi Enoh as.
kadua, Gusti Allah
ngadamel deui utusan,
Nabi Enoh nu kamasyhur, kieu Syahadatna,
Asyhadu anlailaaha Illallohu, Wa asyhadu anna,
Enoh Habibullah .
Ngadawuhan Gusti Allah, maneh Enoh dikersakeun
ku Kami, jadi utusan geus tangtu, tatapi maneh ayeuna, entong hayang ma’rifat ka
Kami kitu,
kanyahokeun heula
denge maneh denge Aing.
Dalilna Sama-Sami’an,
jeung ayeuna maneh teh Enoh misti,
kudu Shalat waktu duhur, lobana opat raka’at,
sing narima boga
dua cepil tangtu,
jeung dua suku geus nyata,
numatak manusa wajib.
kudu Sembahiyang,
tumarima boga cepil dua siki, sinarengan dua suku,
ayeuna mah
Sembahiyang teh puguh,
da nyaho asal usulna,
waktu tadina ti Nabi.
[19/11 20:23] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Katilu
Nyaeta Nabi Ibrahim as.
Nabi utusan nana
Yang Agung,
Jeng Nabi Ibrahim tea,
kieu Syahadatna .
Asyhadu anlailaaha Illallohu, Wa asyhadu anna
Ibrahim Halilullahu,
he maneh Ibrahima,
ayeuna teh jadi utusan
geus tangtu,
tapi maneh montong,
hayang ma’rifat ka Aing.
Kanyahokeun bae heula, paninggal maneh
nyaeta paninggal Aing, dalilna anu kasebut,
Basar jeung Basiran tea, ayeuna mah pek maneh teh geura sujud, kudu Sholat
opat raka’at,
Asyar waktuna pasti.
Sabab maneh ngabogaan, boga panon dua siki
enggeus bukti, jeung
leungeun kenca katuhu,
kitu eta asalna,
pangna aya Sholat Asyar
nu geus dumuk, numatak manusa Islam,
kudu Sholat Asyar misti.
[19/11 20:27] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kaopat
Nyaeta Nabi Musa as.
Kieu Syahadatna,
Asyhadu anlailaaha Illallohi, s Wa asyhadu, anna Musa Kalamullah,
ngadawuhan Gusti
nu Maha Agung,
heh maneh Musa utusan, utusan Aing pribadi.
Tapi montong hayang terang, hayang nyaho
kana dzat sifat Aing,
kanyahokeun bae kudu, pangucap maneh teh
eta sategesna
pangucap Aing geus tangtu,
dalilna teh geus disebat, Kalam Mutakalliman .
Pek Shalat tilu raka’at,
waktu magrib
maneh ulah salah deui, sabab maneh teh geus puguh, saperkara boga baham, kaduana boga lisan eta kitu, nomer tilu ngabogaan, ati moal salah deui.
[19/11 20:30] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kalima
Nyaeta Nabi Isa as.
Kangjeng Nabi Isa ,
Syahadatna ge puguh, Asyhadu anlailaaha, Illallohi Wa Asyhadu, anna
Issa Rohullohi,
[19/11 20:33] aji rasha: Ngadawuhan Gusti Allah, maneh Isa geus jadi
utusan Kami, tapi maneh
teu kudu hayang terang, hayang nyaho
kana dzat Aing satuhu, kanyahokeun heula bae, nafas maneh pribadi.
Sabab nafas maneh eta, kanyataan hirup Aing enggeus pasti,
ngan maneh ayeuna kudu, Shalat dina waktu Isya,
opat raka’at lantarannana
pang kitu, di maneh teh kanyataan, dua liang irung bukti.
Katiluna boga nafas, kaopatna boga getih
enggeus bukti, sabab mun
getihna lampus,
nafas ge moal aya,
anu matak ayeuna ge geuning kudu,
Sholat dina waktu Isya,
sabab asalna ti Nabi.
[19/11 20:43] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kagenep Nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad
Sholallohu ‘Alaihi Wasalam.
Barang Rusul kagenepna, nyaeta gumelarna
Kangjeng Nabi, Muhammad Nabi panutup, enggeus lumbrah Syahadatna, Asyhadu anlailaaha Illallohu, Wa Asyhadu anna Muhammad Rasulullohi.
Ngadawuhan Gusti Allah,
eh Muhammad maneh teh utusan Kami,
ayeuna maneh mah kudu,
ka Aing kudu ma’rifat,
sabab maneh anu
pangdeuheusna kitu,
dalilna enggeus disebat,
dina Qur’an geus kauni.
Kieu dalilna geus kocap,
nya eta Al insanu siri ,
Wa ana siruhu,
hartina teh
maneh Muhammad, sategesna rasa Aing geus tangtu, kapan pangkatna
teu lepat,
Muhammad Rosulullohi.
Ieu Aing mere burak,
pikeun engke ngadeuheus
ka Hadraut Aing,
jeung turun ka anak incu, teras ka para Wali sadaya, malah tepi ka poe Kiamat
kitu, Muslimin para Olia,
nu meunang pitulung Gusti.
Kitu geuning sajarahna,
tapi heran bangsa Islam
osok mungkir, keukeuh
pokna mo kasusul, kapan eta Gusti Allah,
enggeus jangji ka Jeng Nabi
geus ngadawuh, terus nepi ka Kiamat, turun-turun
burak tadi.
Tangtu bae mo kapendak, lamun urang cicing dina tarekat muji,
teu nyusul tarekat ilmu,
teu make Ijma Qiyas, sategesna hukum akal
teu disusul,
tadi diluhur disebat,
teu ku akal moal jadi.
heug tah sing kaharti,
eta anu genep Rusul,
dina waktu-waktuna, hakekatna di badan
urang sakujur,
tumarimakaayaan,
dina wujud peribadi.
Hakekatna Adam tea,
nya adegan wujud
urang peribadi,
Enoh nyatana pangdangu,
Ibrohim paninggal urang,
Musa nya pangucap geus
tangtu,
Isa teh panggangseu urang, nafas sifatna geus pasti.
Muhammad mah rasa jasad, nya paingan
Muhammad ceuk unggel
Hadist,
Panguluna para Rusul,
Tidak ada komentar:
Posting Komentar