[21/11 20:07] aji rasha: Nerangkeun
Kasampurnaan Nyawa
pasal nyawa nu sampurna, teu kaluar teu kajero,
hanteu tetep-tetep acan,
da basana ge sampurna, hartina kapan geus puguh, basa sampurna teh beak.
Sirna sampurna beresih,
mun mungguh dina damar pareum beak minyakna teh, beak hurung beak panas, beresih taya sesana, hurungna ibarat nafsu, panasna ibarat rasa.
Minyak teh ibaratna
Rohna manusa,
sadayana oge seep,
bareng bae teu ayana, beresih taya sesana,
henteu aya nu kakantun,
kitu anu sampurna mah.
[21/11 20:27] aji rasha: Nu nampa ganjaran Gusti, engke waktu di Akherat,
anu bakal nampana teh,
rasa sajatina tea,
Naon eta anu ngajadi,
rasa anu sajatina,
lamun can terang,
Rasa Jati
asalna, aci tina
rasa Wujud,
Rasa jasmani ayeuna.
Engke mah rasa jasmani,
jadi hampas ibaratna, tatapina kitu ge,
mun ayeuna di dunyana, kapanggih sareng ilmuna, ilmu kasampurnaan,
mun teu kapanggih mah.
Tetep bae eta misti,
rasa dunya nu ayeuna,
bakal kababawa bae,
langgeng teu aya anggeusna, pantes atuh mun kitu mah, bakal nyorang geus tangtu, nyorang sagala siksaan.
Pendek bae mun di batin, make rasa nu ayeuna,
nu dipake di dunya teh,
moal rek bisa narima, ganjaran ti Gusti Allah, Sawarga moal asup,
tetep keur eusi Naraka.
Sabab ari ni’mat batin,
sanes keur bagian rasa,
rasa dunya ayeuna teh,
da kapan rasa dunya mah, ngan ukur pikeun nampa, kani’matanana wungkul, sanes pikeun nampa ni’mat.
kutan teh aya bedana,
ni’mat jeung kani’matan teh,
ari eta kani’matan
mun can mafhum,
anu make pagawean.
Saperti urang di dohir,
resep betah dinu caang, kapan make dipigawe,
buktina kudu ditingal,
tunggal keneh pagawean, najan boga imah alus,
ngeunahna kudu ditingal.
Malah saresmi jeung istri,
eta oge kani’matan,
sabab make dipigawe,
jeung tangtu aya bosenna, teu langgeng salamina,
tah rasa dunya mah ukur, sakitu bagiannana.
Dupi ni’mat Maha Suci, nyaeta Sawarga tea,
eukeur di batin mah engke,
teu kalawan pagawean,
teu dituang teu ditingal,
teu diangseu
teu didangu,
kapan dalilna oge aya.
Ceuk dina unggeling dalil, Maa laa ‘Aena Roat,
Wa laa Udunun Sami’at,
kieu eta hartina,
mungguh Sawarga
Yang Agung,
henteu katinggal ku soca.
Hanteu kadangu ku cepil, geus teu make pagawean, mung ni’mat anu karaos,
atuh mun kawas di dunya, meureun Sawarga teh tempat, aya gedong nu aralus, istri-istri nu arendah.
Enya soteh unggel Hadist, dicarioskeun ku kitab, dirupakeun kugedong, sareng Widadari tea, rupa-rupa kaanehan, sangkan
manusa narurut,
kabita ku kaayaan.
Jeung supaya sieun deui ku Naraka Akherat, anu matak ku Hadist teh,
disapertikeun di dunya, Naraka teh seuneu panas, godogan timah nu hurung, pitempateun nu doraka.
[21/11 20:40] aji rasha: Tapi mun nurut dalil,
anu bieu diluhur tea,
Sawarga teh hanteu tembong, atuh nyatana Sawarga,
ngan wungkul bae ngeunah, Naraka ge pon kitu deui,
ngan wungkul bae nyerina.
Lamun di Naraka
api, panas bae nu karasa, lamun di Naraka poek,
eungap bae karasana,
pon kitu mun di Naraka,
keur dina Naraka banyu,
tirisna anu karasa.
Di dunya ge kapan bukti, lamun keur muriang panas, awak teh asa digodog,
tur seuneuna mah teu aya, najan dina nirisan,
tirisna kapan sakitu, hanteu beunang disimbutan.
Tur kapan teu aya cai,
ngan mungguhing di dunya mah, lamun nampa Naraka teh, nyaeta
nampa teu ngeunah,
sok rajeun aya cageurna, kitu deui urang lamun,
nuju aya kani’matan.
Tara langgeng bae
sok bae aya tungtungna, nyorang deui Naraka teh, tatapi ari engke mah,
urang di alam Akherat, ngeunah teu ngeunah
teu campur,
teu saperti waktu di dunya.
Di Akherat mah geus misti, lamun jatoh ka Naraka,
tetep teu ngeunahna bae, langgeng teu aya watesna, kitu deui lamun urang,
jatoh ka Sawarga kitu, langgeng dina ni’mat tea.
ni’mat teh anu kumaha,
naha di dunya ge nyondong,
eta anu ngaran ni’mat,
di dunya mah ngan ukur, saper sarebu Akherat.
nu mana saur ni’mat
saper sarebuna,
nu katampa ku urang teh,
tah eta sare tibra,
dina waktu hanteu emut,
keur poho ka alam dunya.
Tapi lain waktu ngimpi, nyaeta di waktu tibra,
keur poho ka naon-naon,
tah eta ni’mat Akherat,
nu saper sarebuna,
geuning karek ku sakitu,
rasa jasmani teu kuat.
Geus beak sama sakali,
geus ilang dunya barana, boga duit ewon-ewon,
najan anak pamajikan,
anu tadi dipicinta,
lebah dinya mah teu emut,
ni’mat bae anu aya.
Tah eta kapan geus sidik,
anu nampa ni’mat eta,
nya eta rasa jati teh,
da rasa jasmani mah,
kapan geus hanteu aya,
nya rasa jati nu timbul,
aci tina rasa jasad.
Ari rasana jasmani,
asal tina katuangan,
da kapan keur waktu orok,
samemehna di daharan,
ku aci-aci nu opat,
aci seuneu angin banyu,
ning tacan boga rasa.
[21/11 20:53] aji rasha: Dupi manusa anu mawi diwajibkeun kedah Ma’rifat
ka Gusti Allah teh,
naha supaya kumah diakhirna?
Sareng supaya kumaha
di Dunyana?”
ari pikeun di akhirna mah Wallahu ‘alam,
teu beunang diujubkeun boh kana kasampurnaannana, boh kana teu sampurnana
kasampurnaan di akherat mah, nurutkeun kumaha
di dunyana”.
nu kumaha di dunyana teh?” “Anu nyumponan kana ilmu-ilmu na
Kangjeng Rasulullahu Shalallahu ‘alaihi wasalam,
nyaeta milampah ibadah Sare’at, Hakekat,
Tarekat, Ma’rifat.
Tah lamun urang bisa
nyumponan eta opat perkara, tangtu sampurna dunya rawuh Akheratna,
di dunyana
jadi syah ibadahna,
hartina amal kalawan iman, kapan ceuk Hadist oge kieu :
Hartosna pami teu lepat : Jalma Sholat teu kalawan ma’rifat teu syah Sholatna.
Malah saur Imam Ghazali mah :
Tidak ada komentar:
Posting Komentar