[20/11 23:39] aji rasha: Nerangkeun :
Patekadan dina
Sakaratil Maot.
kumaha angkeuhan.
Waktos engke dina sakaratil, naha kudu tekad teh kadinya, angkeuhan arek mulang teh, kade salah harti, anu matak ti ayeuna, kudu tohid kitu, nyaeta bilih sulaya,
hak manusa pahili jeung
hakna Gusti,
kapan hak manusa mah.
Hanteu daya teu upaya, sategesna teu boga kawasa, anging Gusti Allah bae,
teu kudu boga maksud,
nu geus Ma’rifat mah,
kapan geus di dalilan,
Man ‘arofa nafsahu, faqod ‘arofa robbaha, wa man
‘arofa robbahu , faqod jahilan nafsaha.
kieu sundana teh
saha-saha mun bae manusa, geus nyaho ka dirina teh, eta manusa tangtu, geus tangtu nyaho ka Gusti, tiap-tiap geus uninga ka Allahna , ngarasa bodo dirina, sabab harti yen teu bisa usik malik, sumawon boga kawasa.
Jadi lamun engke arek mati, urang arek boga patekadan, atuh sasat ngaku bodo, ngaku bodona teh palsu, ngan sakur dina biwir, ati mah ngaku kawasa, mapakan Yang Agung, bet kawas hanteu karasa, kapan urang ayeuna ge keur di dohir, hayang beunghar
bet teu beunghar.
Hayang cageur bet teu weleh gering, hayang senang bet teu weleh bae susah,
lebah mana kawasana teh, komo deui dina pupus,
tekad kumaha ge
moal bisa katekanan, tinimbang dikabul,
anggur ditambah siksaan,
da doraka nyaruaan ka
Yang Widi,
sasat ngaku kawasa.
[20/11 23:57] aji rasha: Mising imut ka wiwitan tadi, waktu urang samemeh
ka dunya,
ti alam Akherat oge,
teu ngabogaan maksud
urang gumelar ka dohir,
tapi hanteu burung aya,
di dunya ngawujud,
eta kersana saha,atuh
nya anging ku
kersana Allah.
pang ayana urang di dunya, ku kersana Gusti Yang Manon,
atuh naha tadi kitu, mariksakeun deui,
hal dina pamulihan,
engke waktu pupus,
kawas boga cita-cita, cita-cita boga tekad
arek mulih, kana inten tea
pangna tadi naros pamulihan, kapan nurutkeun dalil ge, geus umum anu sok disebut, Inna lillahi wa inna ilaihi , rojiun
sundana teh yen
urang asal ti Gusti, nyaeta ti Gusti Allah. diwajibkeun kudu bisa balik, balik deui ka
Allah Ta’ala,
ceuk dalil teh,
jadi mun teu bisa wangsul,
ka Allah asalna tadi,
nya tangtu bakal cilaka, nyasab moal burung,
tangtu sakaparan-paran, untrak atrok sakabulang bentor pasti, temahna jadi sangsara.
Kapan kitu unggeling
ceuk dalil, pangna naros pamulihan,
bener eta kitu,
yen urang teh kudu balik,
ka Allah
teu kenging salah,
mung ulah kaliru,
kudu tohid ti ayeuna,
sing mirasa
urang geus aya di Gusti,
geus mulang ka Gusti Allah.
Mun geus tohid
ngarasa geus balik,
rasa urang geus
ngancik di Allah,
dina sifatna geus ‘aen,
nu tadi disebat
Nurullah iman sajati,
nu caang padang gumawang, dina lebet kalbu, beubeunangan teuleum tea, dina laut nu jerona tanpa tepi, nyaeta Sagara Hayat.
Sing kaharti,
yen mulih teh
kedah ti ayeuna,
ka Allah sing kapiraos,
na kumaha cara ngarasakeunna geus balik, bubuhan da masih aya,
urang teh lumantung,
keur aya keneh di dunya,
na kumaha ngarasakeunnana geus balik,
geus aya di Gusti Allah.
Kieu atuh,yen geus aya
di Allah teh,
kapan tadi tos ngaku, ngangken Ma’rifat ka Gusti, tapi naha teu mirasa,
Wa huwa ma’akum, babarengan jeung Pangeran, mun kitu mah masih ngarasa patebih, ngaraos aya antara.
Sabab mun boga tekad balik, tanda boga rasa anggang, jeung Allah pajauh keneh,
teu wanahnu aqrobu,
geuning kitu unggel dalil,
sundana taya antara,
Allah sareng makhluk,
sing lenyepan geura,
Na ayeuna ngaraos patebih, jeung sifatna anu
Maha Mulya,
anu tadi enggeus ‘aen,
nyaeta sifatna Enur,
wujudna iman sajati,
henteu hilap,
teu rasa pajauh,
wengi sumawonna siang, rupina teh moal tiasa lepat deui, najan nepi kana wafat. eta ning karasa,
yen teu rasa jauhna teh,
atuh mun
rasa teu jauh, jeung
dzat sifatna Yang Widi,
sasat
[21/11 00:13] aji rasha: sasat urang enggeus aya,
di Gusti geus dumuk, kapersifat ku Pangeran,
diuk nangtung leumpang
sare jeung nyaring,
teu weleh aya di Allah.
Mun geus kitu keur naon kudu boga patekadan,
engke dina waktu maot,
da henteu rasa pajauh,
kapan basa ngaran balik, kudu aya antarana,
sareng lamun kitu,
atuh Allah teh bertempat, bumen-bumen
kapan tadi unggel dalil, mungguhing Gusti Allah mah. Henteu arah henteu enggon henteu warna henteu rupa,
emutkeun bae rek sare,
dina saparantos tunduh geuning teu karaos deui,
tina eling kana lesna,
sareng henteu puguh,
teu ninggal aya tempatna,
malah henteu kudu ditekadan deui, oge bade nyaringna.
Eta we contona mah ,
da sare teh gambar
wafat tea,
tapi nyaring sare oge, sanajan ngimpina kitu,
geus hanteu kaluar deui,
tina Qudrat Iradatna,
Gusti Maha Agung,
tina kawasa kersana,
jadi atuh ayeuna mah
urang kantun nyekelan sarupa. Eta bae dalil saperkawis, nu kasebat lafad Laa haula, wa laa quwwata illa billahil ‘alillyul ‘adzim, tegesna sing ngarasa,
bodona si wujud,
teu daya teu upaya,
sing ngarasa jadi rokrakna
upama geus kitu tekad.
Jadi sasat urang teh
geus mati,
enya soteh masih usik obah, sarta masih aya keneh,
di alam dunya iyeu, dikersakeun keneh ku Gusti, hanteu gaduh nya kahayang, kantun pasrah wungkul, nandean sakersana,
cek dalilna lillahi ta’ala, pasrah bae ka pangeran.
Kantun urang Iman bae,
siang wengi ulah samar,
kana dzat sifat Yang Manon, Haqullah anu kasebut, lenyepkeun ulah rek lali,
insya Allahu ta’ala,
lamun enggeus kitu,
salamet dunya akherat,
boh hirupna
sumawon maotna deui,
da teu kaluar ti dinya.
Geus kakurung
ku hak Maha Suci,
keur hirupna
sumawon paehna,
atuh bet piraku bae,
manggih siksaan kitu,
da tetep dina hak Gusti,
enya soteh bakal aya, siksaan di kubur, sareng siksaan di Akherat,
enya eta nyawa jalma
anu balik, kana Haqul Adam tea. anu mana nyatana
kapan ieu anu bukti,
nyatana teh alam dunya,
lamun nyawa makhluk, paehna balik ka dunya, enggeus tangtu cilaka
bakal balai, nyorang sagala siksaan.
Dina engke Walyaomil akhiri, enya eta kiamat dunya,
eta nyawa anu wangsul,
nu balik ka dunya deui,
nya ieu ka Haqul Adam,
eta jalma kitu, kumaha keur di dunyana, anu teu pisan ibadah. Kawuwuhan nu teu nyaho deui, kana eta
sifatna Haqullah,
anu tadi geus kacarios,
nu ngaran sagara hirup, sabab tangtu bae
samangsa lolong di dunya, ka Akheratna terus, lolong bae saterasna, sabab dina waktu
keur sakarati, teu bisa ninggal Haqullah.
[21/11 11:24] aji rasha: da nyahona keur di dohir, taya lian ukur kana barang, kana barang dunya bae,
keur sakaratna ge tangtu, taya anu dipieling, lian ti barang dunya, boh anak boh incu, atawa ka pamajikan, kana dunya upamana
mun teu boga duit,
naon bae kabeuratna.
Atuh tangtu eta nyawa jalmi, da imanna beurat kana dunya, nya tangtu ragragna oge, ka dunya deui tangtu, kakurung ku alam dohir, nya jadina marakayangan,
ka onom nyalindung, kana dedemit siluman, kana batu
kana cai kana kai, boh nitis menitisan.
Ka manusa sok surup sumanding, lamun dina keur aya kahayang, sok nyurup ka saha bae, pokna teh hayang surutu, jeung cikopi anu amis, sakur kabeuki tadina, dina keurna hirup, da ilahar di dunya mah, hirupna teh kudu barang dahar, kapan geuning sidik pisan.
ayeuna hal anu langgeng
ti Gusti, anu teu aya pegatna, dohir batin oge kitu,
di jaman samemeh aya,
alam dunya nepi ka Akherat naon anu teu ruksak-ruksak.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar