[26/11 18:17] aji rasha: NERANGKEUN
Rukun Islam
Sare’atna
Hakekatna
Tarekatna,
Ma’rifatna.
rukun Islam nu lima perkara, dina hiji perkara teh, opat-opat geus tangtu,
dina sahiji perkawis,
saperti dina
Syahadat,
opat pangkal, aya
sare’at hakekat
tarekat ma’rifatna
Sholat opat perkara.
aya sare’at hakekatna, tarekat ma’rifat ,
Zakat
Puasa Hajina,
opat-opat kitu,
[26/11 18:27] aji rasha: Syahadat teh
ngucap,
ngucapkeun kalimah roro, enya eta
Asyhadu Anlaa Ilaaha Illallohi,Wa Asyhadu Anna, Muhammad Rosulullohu,
eta Syahadat sare’at,
hakekatna ngaran Syahadat hirup eta tegesna.
Tarekatna Syahadat teh,
dina waktu Shalat sajatina, keur tajali ka Yang Manon,
ma’rifatna mah
sing ngarasa kaangliputi,
nu moncorong lintang Johar, caang padang alus,
nya eta dzat sifat Allah,
naha atuh mana nanya bet tepi kadinya, da iyeu mah taya sanes, mung isin ku Yang Agung,
mun nyumputkeun ilmi,
da aya hukumannana,
mun sumput salindung,
tur aya nu naros pisan, goreng temen mun dibunian, turug-turug ku Ikhwan.
aya nu dibuni-buni, saperkawis anu hanteu beunang, diterangkeun kanu sanes, nu sanes saikhwan kitu, nyaeta tarekat ilmi,
sabab eta mah titipan,
Nabi Wali kitu, sabab lamun samarangan, diterangkeun
ka jalma nu lain-lain,
doraka Dunya Akherat.
Sarta matak pecat iman Gusti Allah moal rek narima, ibadahna najan getol,
dila’nat geus tangtu, disamikeun jeung Idajil, sakumaha mujina,
ka Allah nu Agung,
tetep moal dihampura,
tetep bae keur eusi Naraka langgeng teu aya putusna.
Rukun nu kaduana teh,
Sholat
naon sare’atna hakekat
tarekatna, ma’rifat
sareatna Sholat eta.
[26/11 18:32] aji rasha: NERANGKEUN
Sare’at Hakekat
Tarekat, Ma’rifat
Sholat (Sembahiyang).
Sareatna Sholat ,
nya eta nangtung ruku
sujud lungguh
bukti ‘aen,
hakekatna puguh,
Alif Lam Lam He
nyaeta lafad Allah,
teu salah kitu,
tarekatna Sholat,
tetep bae dina keur
Sholat sajati,
Tajali ning Dzattul Mutlaq.
Ma’rifat
kudu kapanggih, sareng eta Nur Muhammad ,
ka cahya opat
sing ‘aen,
Narun
Hawaun
Maun,
Turobun ,
eta nu ngaran Sholat,
memeh awang uwung,
tah eta anu geus aya,
nu matak
Sembahiyang teh wajib, sabab asal tina Shalat.
Zakat
anu geus kamayhur,
naon sare’atna hakekat tarekatna, ma’rifat,
[26/11 18:35] aji rasha: NERANGKEUN
Sare’at Hakekat
Tarekat, Ma’rifat
dina Zakat.
rukun Islam Zakat
sare’at mah geus umum, hajat pare atawa duit, ditarima ku jalma,
fakir miskin kitu,
hakekatna,
kudu bae urang ngazakatkeun diri,
ka Gusti Allah Ta’ala.
Tarekatna nya kudu Tajali,
ma’rifatna sing bisa ngarasa, ilangna jasmani kabeh,
tanda ditarima kitu,
ku Gusti nu Maha suci,
tah kitu sahna teh Zakat,
ulah rek kaliru,
lebetkeun ka jero manah, supayana jadi bisa tohid, pasal dina sahna Zakat.
[26/11 18:40] aji rasha: NERANGKEUN
Sare’at Hakekat
Tarekat, Ma’rifat
dina Puasa.
Hal Puasa
sare’atna kapan geus ilahar, dina bulan Ramdhan tangtos, tilu puluh dinten tutup,
hakekatna
kudu nahan nafsu hawa,
ulah rek diturut,
temahna matak cilaka,
tarekat
nya gulung dina Tajali,
ma’rifatna.
Kudu panggih
jeung Ramdhanna ,
nya eta jeung saperti bulan, lir bulan pat belasna teh,
paingan disebut,
Puasa di bulan Ramedhan, yen urang kudu ninggali,
lir bulan opat belasna.
Munggah Haji,
[26/11 18:43] aji rasha: NERANGKEUN
Sare’at Hakekat
Tarekat, Ma’rifat
dina Munggah Haji.
sare’atna Haji,
nu geus lumbrah
nya jarah ka Mekah,
Baitullah nu dijugjug teh,
hakekatna,
ngalebur dosa nu tadi,
tarekatna
dina eukeur waktu Tajali tea,
ma’rifatna
kudu ngarasa ngahiji,
jasmani jeung rohanina.
rukun Islam anu lima tea, sabaraha jumblahna teh, opat-opat hiji rukun,
atuh lima kali opat,
jadi dua puluh,
ning eta sifat dua puluh
sifatna Allah Ta’ala.
[26/11 18:46] aji rasha: sihoreng teh dua puluh sifat, asalna ti Islam kabeh,
Lebah mana Gusti Maha Suci, maparina nyawa ka manusa, sabab keur jaman dikandung, ku Ibu salapan sasih,
waktu harita,
karek hirup wungkul,
nteu acan aya nyawa,
hirup suci
tandana geus bisa usik, karaos ku Ibuna.
[26/11 18:57] aji rasha: NERANGKEUN
Gusti Allah Maparinna
Nyawa ka Manusa.
Gusti Allah maparinna nyawa, dina waktu Ibu ngowo, barang gubragna turun,
ti Batin ka alam Dohir,
tepungna Hawa nu dua,
hawa Batin tepung,
kontak sareng hawa Dunya,
kajadian jadi nafas budak, nya eta ngaranna
nyawa.
Tiap-tiap aya nafas pasti, tangtos barengna jeung rasa, sabab hakekatna nyawa teh, nyatana rasa kitu,
da buktina waktu dijero
mah tadi,
orok teu aya nafasna.
ning hirup ciri bisa usik,
sidik pisan hirup suci mah, hanteu kalawan nafas,
ayeuna mah leres kitu,
hirup teh jeung nyawa sidik, nya eta sifatna nafas,
nafas teh bareng jeung rasa.
Tapi waktos tadi lahir,
barang gubrag tina
Guha Garba,
teu ngaraos naon-naon,
tapi ceuk tadi
rasa teh bareng ayana nafas
lamun enya teu aya rasa orok moal gogowakan.
Tangtu pisan pang orok
teh ceurik,
tina sabab geus aya rasa, tiris buktina ngadegdeg, hukuman ti Yang Agung, turut-turut asal tadi,
tina bibitna manusa,
Adam Hawa ,
kapan Adam teh ceuk kitab, pangna lungsur ka
alam Dunya teh ning, meunang bebendon ti Allah.
Nya dibuang ka alam Dohir, tina sirna
ngajadi teungeunah,
barang gubrag ka Dunya teh, nangis bakating kaduhung, Adam Hawa jerat-jerit,
ku tina raos teu ngeunah,
ti Sawarga turun,
asal bungah jadi susah,
nu matak orok ge ning ceurik, tara gubrag seuseurian.
sidik nyakitu pisan, asalna orok ceurik teh,
sasakala Karuhun,
jeung karasa dibuang teh yakin, jadi lamun anu wafat, masih aya dumuk,
nyawana masih di Dunya, sasat tacan kaluar
ti hukum Gusti,
paingan marakayangan.
Tanda tacan dileupas ti bui, masih tetep
keur dina hukuman,
tacan bisa meunang pones, pones lepasan ti hukum, tetep hanteu meunang bijil,
[26/11 19:04] aji rasha: sabab tina teu bisa, ngadeuheusan kitu,
kanu boga pangadilan,
neda ampun tina dosa
nu tadi, teu pisan boga akal.
pan ning di Dunya ge bukti, lamun urang meunang hukum beurat,
geuning kawidian apel,
tapi apelna,
ulah make surat deui,
leuwih hade ngadeuheusan, payuneun nu Agung,
jeung sing bener caritana,
neda ampun
moal rek sakali deui,
migawe kitu lampah.
Ulah ampun ditukangeun
teu ngadeuheus
kapayuneunnana,
ka karatonna Yang Manon, tegesna ka dzat Yang Agung, Baetullah anu sajati,
nu teu dikulon diwetan, dikaler di kidul,
eta tempat pangadilan,
nu sampurna
nya sifat Ghofurur Rohim, tempat ngahampura dosa.
Mun di Dunya pangadilan
nu langkung sampurna,
atuh bener kitu,
da moal aya bedana,
sami bae
Dunya Akherat ,
aya babandingannana.
Mun geus terang
kana dzat Gusti,
kantun suhud kana ibadahna, kudu khusu tobatna teh,
ulah kendat sawaktu, dipayuneunnana Gusti,
Insya Allah dihampura,
lamun hanteu kitu,
tangtu nyorang paribasa, beungeut madep
atina mah jongjon mungkir, Akbarna kamana-mana.
Mun nu kaya
Akbarna ka duit,
mun nu tani
Akbarna ka sawah,
palangsiang galeng totos, Sembahiyang teu khusu,
ka Gusti nu Maha suci,
eling bae ka sawah, tungtungna teh atuh,
pujina ge diliwatan,
da tekadna
hayang buru-buru tepi,
kana Aweh Salam tea.
[26/11 21:10] aji rasha: karasa ku badan sorangan, nya osok kitu nya gawe, lamun keur netepan waktu, upami keur resep tani,
bet Akbar teh clok ka sawah, keur dagang pon kitu deui, Akbar teh bet los ka Pasar, mun keur lacur Akbarna teh bet ka Istri, hanteu khusu ka
Pangeran nalika sholat
tah pang kitu teh ning, pangna Akbar
sok kamana-mana,
pantes arek kituna teh, lantaran can ma’rifatu,
kana Dzat Sifatna Gusti,
teu puguh nu dikiblatan,
ngan diwangwang wungkul, dicipta dikira-kira,
saestuning ngan saukur tuturut munding,
nuturkeun anu
nungtunna.
[26/11 21:22] aji rasha: rehna sering sok mendakan, bangsa orok nu rek maot,
pajar orok mah beresih,
teu acan aya dosana,
naha atuh kitu,
maotna make sakarat, renghap ranjug
siga nyeri-nyeri teuing, kumaha eta sababna.
pasal eta rai ulah helok ati, pang orok sakarat tangtu, kusabab tadi jalanna,
waktu gubrag gumelar
ka Dunya turun,
jalanna kana Naraka, Narakana Ibu tadi.
Waktu ngababarkeunnana, kapan sidik Ibuna satengah mati, raosna nyeri
kalangkung,
malah sok aya nu misan, bakat nyeri seueur
nu dugi ka pupus,
tah didinya jalan urang,
tadi rek turun ka Dohir.
Balikna ge moal salah, nyorang deui kana jalan
anu tadi,
anu matak renghap ranjug, nyorang nanjak upamana, pantes bae nyorang nanjak
tangtu ripuh,
cacakan tadi turunna,
Ibu teh satengah mati.
Tah kumargi eta, anu matak urang wajib nyiar ilmi, supayana ulah kitu,
akalna teu aya lian,
kudu sorang dina ayeuna keur hirup, sing kapanggih jeung ilmuna,
ilmu sakarat di Dohir.
Kapan aya ceuk dalilna,
Antal maotu qoblal maota, tah eta kedah kasusul, samemehna urang hilang, sing ngarasa hilang samemeh pupus,
ngarasa rasa sakarat,
karaos nyerina misti.
Mun disorang ti ayeuna, tangtu bae engke moal nyorang deui,
ti ayeuna geus ditungtut, unggal poe sakarat,
sangkan engke lamun geus tepi ka waktu,
sakarat enggeus beak,
kantun ni’mat bae pasti.
Sabab asalna ge ni’mat,
enya eta ni’mat Ibu Rama tadi,
dina waktu keur waktos salulut,
nya buktina wujud urang, balikna ge kudu ni’mat deui
dina Hadist geus kakocap, ganjarana ti Gusti.
Nampa sarebueun ni’mat,
nya sarebu ni’mat Rama Ibu tadi,
sabalikna urang lamun,
teu kapendak ilmuna, sarebueun kanyerian tadi Ibu,
sarebu kalieun babar,
kitu siksaanna Gusti.
nya percaya mun kitu mah kahareti,
pang orok sakarat kitu,
balik deui ka jalanna,
waktu tadi memeh kadunya turun, da moal salah mulangna, tangtuna kasampeur deui.
perkara Rosul,nu genep , naha sami Syahadatna teh nya kitu, saperti anu biasa, Syahadatna Kangjeng Nabi.
Sinareng dina waktuna, Sholatna teh
naha beda hiji-hiji,
naha sawaktu-waktu,
jeung naon sanyatana, hakekatna di badan urang sakujur,
tangtu pisan Syahadatna hanteu sami,
beda hiji-hiji Rosul,
kitu deui waktuna,
hanteu sami
pada-pada boga waktu,
[26/11 21:28] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kahiji
Nyaeta Nabi Adam.
Mimitina Gusti Allah,
nya ngadamel utusan
nyaeta Nabi Adam
nu tipayun,
kieu Syahadatna,
Asyhadu anlailaaha Illallohu, Wa asyhadu anna Adam, kholifatullohi .
Dawuhanna Gusti Allah, maneh Adam dikersakeun
ku Kami, jadi utusan geus tangtu,
tatapi maneh ayeuna,
ulah hayang ma’rifat
ka Kami
kanyahokeun bae heula, wujud maneh pribadi.
Sabab wujud maneh eta, kanyataan ayana Kami pasti, dalilna geus kasebut, Wallohu batinul insan,
Al insanu dohirulloh,
tapi maneh ayeuna,
kudu Sholat maneh misti.
Nyaeta dua raka’at,
waktu subuh
kaluarna fajar sidik,
ari sababna pang kudu, maneh kudu tumarima,
boga nyawa boga wujud,
tah kitu eta asalna,
mana aya Shalat Subhi.
kitu asalna teh Sholat Subhi, paingan manusa kudu, Sembahiyang subuh , tumarima boga nyawa sareng wujud,
ka Gusti nu murbeng jagat,
[26/11 21:32] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kadua
Nyaeta Nabi Enoh.
nu kadua, Gusti Allah ngadamel deui utusan,
Nabi Enoh
nu kamasyhur,
kieu Syahadatna,
Asyhadu anlailaaha Illallohu, terasna Wa asyhadu anna, Enoh Habibullah .
Ngadawuhan Gusti Allah, maneh Enoh dikersakeun
ku Kami, jadi utusan
geus tangtu,
tatapi maneh ayeuna,
tong hayang ma’rifat
ka Kami ,
kanyahokeun heula
denge maneh denge Aing.
Dalilna Sama-Sami’an,
jeung ayeuna maneh teh Enoh misti,
kudu Shalat waktu duhur, lobana opat raka’at,
sing narima boga dua cepil ,
jeung dua suku geus nyata,
numatak manusa wajib.
kudu Sembahiyang,
tumarima boga cepil dua siki, sinarengan dua suku,
[26/11 21:37] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Katilu
Nyaeta Nabi Ibrahim.
Nabi ibrahim
utusannana Yang Agung,
kieu Syahadatna.
Asyhadu anlailaaha Illallohu, Wa asyhadu anna Ibrahim
Halilullahu,
he maneh Ibrahima,
ayeuna teh jadi utusan
geus tangtu,
tapi maneh montong hayang, hayang ma’rifat ka Aing.
Kanyahokeun bae heula, paninggal maneh
nyaeta paninggal Aing, dalilna anukasebut,
Basar jeung Basiran tea, ayeuna mah pek maneh teh geura sujud,
kudu Sholat pat raka’at,
Asyar waktuna pasti.
Sabab maneh ngabogaan, boga panon dua siki
geus bukti,
jeung leungeun kenca katuhu,
kitu eta asalna,
pangna aya Sholat Asyar
nu geus dumuk,
numatak manusa Islam,
kudu Sholat Asyar misti.
[26/11 21:40] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kaopat
Nyaeta Nabi Musa.
Kieu rai Syahadatna,
Asyhadu anlailaaha Illallohi, Wa asyhadu, anna Musa Kalamullah,
ngadawuhan Gusti
nu Maha Agung,
heh maneh Musa utusan, utusan Aing pribadi.
Tapi montong hayang terang, hayang nyaho kana
dzat sifat Aing,
kanyahokeun bae kudu, pangucap maneh teh eta, sategesna pangucap Aing geus tangtu,
dalilna teh geus disebat, Kalam Mutakalliman
Pek Shalat tilu raka’at,
waktu magrib maneh ulah salah deui,
sabab maneh teh
geus puguh,
saperkara boga baham, kaduana boga lisan eta
katilu ngabogaan ati
[26/11 21:44] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kalima
Nyaeta Nabi Isa.
Syahadatna
Asyhadu anlailaaha, Illallohi Wa Asyhadu, anna Issa Rohullohi,
Ngadawuhan Gusti Allah, maneh Isa geus jadi
utusan Kami,
tapi maneh teu kudu,
hayang terang, hayang nyaho kana dzat Aing satuhu, kanyahokeun heula bae, nafas maneh pribadi.
Sabab nafas maneh eta, kanyataan hirup Aing
geus pasti,
ngan maneh ayeuna kudu, Shalat dina waktu Isya,
pat raka’at lantarannana
pang kitu,
di maneh teh kanyataan,
dua liang irung bukti.
Katiluna boga nafas, kaopatna boga getih geus bukti,
sabab mun getihna lampus, nafas ge moal aya,
nu matak ayeuna ge ning kudu, Sholat dina waktu Isya, sabab asalna ti Nabi.
[26/11 21:53] aji rasha: NERANGKEUN
Rusul nu Kagenep
Nyaeta
Kangjeng Nabi Muhammad
Sholallohu ‘Alaihi Wasalam.
Barang Rusul kagenepna, nyaeta gumelarna
jeng Nabi, Muhammad
Nabi panutup,
geus lumbrah Syahadatna, Asyhadu anlailaaha Illallohu, Wa Asyhadu anna Muhammad Rasulullohi.
Ngadawuhan Gusti Allah,
eh Muhammad maneh teh utusan Kami,
ayeuna maneh mah kudu,
ka Aing kudu ma’rifat, sabab maneh anu pangdeuheusna dalilna enggeus disebat,
dina Qur’an geus kauni.
Kieu dalilna geus kocap,
enya eta
Al insanu siri ,
Wa ana siruhu,
hartina teh
maneh Muhammad, sategesna rasa Aing
geus tangtu,
kapan pangkatna teu lepat, Muhammad Rosulullohi.
Ieu Aing mere burak,
pikeun engke ngadeuheus
ka Hadraut Aing,
jeung turun ka anak incu, teras ka para Wali sadaya, malah tepi ka poe Kiamat
Muslimin para Olia,
nu meunang pitulung Gusti.
Kitu geuning sajarahna,
tapi heran bangsa Islam
sok mungkir, keukeuh pokna mo kasusul,
kapan eta Gusti Allah, enggeus jangji ka Jeng Nabi
geus ngadawuh, terus nepi ka Kiamat, turun-turun burak tadi.
Tangtu bae mo kapendak, lamun urang cicing
dina tarekat muji,
teu nyusul tarekat ilmu,
teu make Ijma Qiyas, sategesna hukum akal
teu disusul,
tadi diluhur disebat,
teu ku akal moal jadi.
leres pisan geus kaharti,
eta anu genep Rusul,
dina waktu-waktuna, hakekatna di badan urang sakujur,
tumarimakaayaan,
dina wujud peribadi.
Hakekatna Adam tea,
nya adegan wujud urang peribadi,
Enoh nyatana
pangdangu,
Ibrohim paninggal ,
Musa pangucap
Isa panggangseu ,
nafas sifatna .
Muhammad mah rasa jasad, nya paingan Muhammad ceuk unggel Hadist, Panguluna para Rusul, ayeuna karaos pisan,
tingal
dangu
pangucap
angseu,
sumurupna kana rasa,
wujud ge geuning bukti.
[26/11 22:13] aji rasha: Lmun teu aya rasa, ngajolopong teu bisa
usik malik,
kitu hakekatna sadayana para Rusul,
da geus gulung dina jasad, hanteu kakurangan deui.
atuh naha,
nu ngaraji sok ngalainkeun teu percaya kanu nyebut,
nu ngaku enggeus ma’rifat, kana dzatna Gusti
anu Maha Agung,
pokna teh sabab ceuk kitab, moal aya hiji jalmi Anu bisa ma’rifat dzat, anging
Nabi Muhammad Rosulullohi, nu bisa ma’rifat kitu,
jelema mah moal aya,
jadi lamun hiji jelema
geus ngaku ngaku
geus ma’rifat dzat,
murtad hanteu salah deui.
Malah ulah dideukeutan,
bisi nular katepaan murtad seueur pisan anu kitu,
sareng anu nyaritana,
lain jalma jore-jore
nu geus masyhur,
nya nu pangkat Ajengan,
anu ngajina salapis.
nya kitu mun
nu ngaji Hadist Dalil,
puguh oge sok kaliru,
lamun hanteu ngaji Qiyas, sumawonna Ijma oge
teu disusul,
tangtuna kaliru basa,
da teu make akal deui.
Geura dipahamkeun,
saur Hadist
moal aya hiji jalmi,
nu ma’rifat dzat Yang Agung, atuh kantenan pisan,
sabab anu ngaran jalma mah geus tangtu,
ninggalna ku soca,
panon ieu nu buncelik.
Mun kitu mah bener pisan, Mutajilah geus moal salah sabab
ngajirimkeun geus tangtu, ngajirimkeun Gusti Allah,
aya urang sinarengan aya itu, jadi aya hirup dua,
tah kitu mun teu kaharti.
Ari Hadist mah teu salah, pangandika para Rusul
para Nabi,
nu salah mah geus puguh, anu ngajina tea,
kulantaran ma’nana
salancar wungkul,
sahinasna ma’na kitab, henteu dipikiran deui.
Kapan ma’na kitab Qur’an, aya dua dina Qur’an
geus ditulis,
dina Lam yakunil ,
ma’na Syahrul bariyyah, Khaerul bariyyah puguh,
nya ma’na anu kasar,
aya ma’na lemes pasti.
Kasar pikeun Naraka,
anu lemes pikeun Sawargi, kapan ceuk Qur’an teh kitu, naha arek teu percaya,
kana eta dalil Qur’an
nu geus puguh,
dalil teu meunang dirobah, ma’nana pon kitu deui.
Namung wajib kailmuna, ma’na dalil
kudu karasa kaharti,
kaluar jerona kitu,
jalankeun hukun Qiyas,
sabab anu pikeun nyampurnakeun maksud, taya lian ngan ku akal,
elmu lahir elmu batin.
Geuning tadi Hadist nyebat, moal aya nu ma’rifat
ka Gusti, Anging Jeng
Nabi Muhammad Rusul,
eta oge bener pisan,
tapi ulah netepkeun bae
kaditu,
Kangjeng Rosulullah Mekah, eta mah nu jadi bibit.
Bibitna anu ma’rifat,
tapi geura teangan
hakekat Nabi,
anu aya diwujud,
sabab Rosulullah eta,
hanteu pupus
sabab mun pupus
Dunya ge lebur,
pupus soteh majajina, hakekat mah teu mati.
Numawi geura teangan, Rosululloh tegesna
rasana Gusti,
di wujud
urang sakujur,
lamun geus kapanggih eta, tangtu bae ma’rifat,
ka dzat Yang Agung,
da eta nu ma’rifatna,
jalma mah moal tinggali.
[26/11 22:17] aji rasha: Tetep bae pang bodona,
teu boga daya upaya pasti, anging rasana Yang Agung, anu tetep uninga,
nu ninggalna teu make panon
ngandikana teu ku baham, ngadanguna teu ku cepil.
Nu gaib di wujud urang,
sing kapangih
supaya bisa balik,
balik ka rasa kapungkur, nyaeta rasana Allah,
sabab mun
teu kapanggih ayeuna
tangtu moal bisa deui mulang ka rasa anu tadi.
Tetep dina rasa Dunya, marakayangan balik
ka Dunya deui,
ku Dunya ieu kakurung, tegesna tacan kaluar,
masih tetep
dina pangbuangan kitu,
buktina loba ririwa,
loba nu surup sumanding.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar