[22/11 21:15] aji rasha: NERANGKEUN HADIST
Anu kasebut dina
kitab Mantiq
aya, dalil anu kauni,
Ru’yatullahi ta’ala, fiidunya
bi ‘ainil qolbi,
hartina teh tangtu,
ninggali Allah di dunya,
kudu ku awasna ati,
hanteu bisa ninggal
ku panon kapala.
Samalah aya lajengna,
anu kauni,
Ru’yatullahi ta’ala,
Bil akhiroti,bi’aenil ‘arsi,
sundana teh kitu deui,
ningal Allah di akherat,
ku panon teu salah deui, tatapina hanteu
kalawan kapiat.
Sabab teu adu hareupan, kusabab enggeus ngahiji, kawas kembang
jeung seungitna,
saperti gula jeung amis, kertas jeung bodasna deui,
kawas ombak sareng laut,
tah kitu eta hartina,
ceuk dalil
Awwalu dinni Ma’rifatullahi, kudu nyaho ka dzat Allah,
saha nu kudu ninggali,
lamun urang nu kudu
terang ka Allah.
Kapan geuning geus kapegat, kapiheulaan ku dalil,
Laa haula wala quata
Illa billahil ‘aliyil ‘adim,
kapan hartina teh dalil,
teu daya upaya kitu,
sasat ngajadi rokrak,
ulah salah harti,
urang soteh ceuk nu hurip, sategesna hurip hirup,
hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa,
rasa teh
nya Rasulullah.
Tah kitu hartina,
lain urang ceuk nu anyar,
nu anyar damelan gusti,
nu anyar moal tinggali,
tangtu gusti anu weruh,
anu Dzat laisa tea,
bila haiffin makanin,
enya eta
sategesna Ahadiyat tea.
[22/11 21:28] aji rasha: jadi sasat nu uninga,
nya gusti Rasulullohi,
ulah salah paham,
hartina Rosulullohi,
rasa Allah
Waman aroffa nafsahu,
faqod aroffa robbaha,
man aroffa robbaha
faqod jahilan nafsah.
Saha-saha anu terang,
kana dirina pribadi,
tangtu nyaho ka Pangeran,
saha nu nyaho ka gusti,
bodo dirina pasti,
unggel Hadist eta kitu,
naha diri nu mana,
anu kudu dipilari,
naha ieu nu ngajentul
badan badag.
Saupami sayaktosna,
kudu nganyahokeun diri,
diri ieu anu aya,
nu bukti ieu ngajagrig,
raos ieu hanteu hasil,
bet asa teu puguh-puguh, kapan enggeus katinggal, enggeus sidik ti leuleutik, moal enya susah
di teangan
ulah salah harti
kawas murangkalih,
kantenan hanteu hasil mah, neangan diri nu bukti,
naha tacan tinggali,
kana diri nu satuhu,
kapan ieu mah jasad, ngaran-ngarana oge jasmani, ngaran diri anu sabener-benerna.
Narun ,
Hawaun,
Turobun
Ma’un
bilih tacan harti,
nyaeta badan rohani,
tah eta nu kudu, ku urang
masing kapendak,
ari nu ngaran jasmani,
kudu ilang
tapi papada ilangna.
Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, kagenten ku opat rupa, kakara bisa ngajadi,
mun masih badan jasmani, kumaha geusanna mafhum, kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani,
sing kagenti
ku badan rohani tea.
Sabab hartina Jas eta,
piraku hanteu kaharti,
kapan baju ceuk sundana,
ari hartina teh
mani,
nyaeta badan rohani,
sasatna baju teh bungkus,
bungkusna rohani tea,
anu mawi moal hasil,
lamun urang nganyahokeun badan nyata.
Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah kitu ibaratna,
ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci,
mun teu ilang heula wujud,
eusina moal kapendak,
disaibaratkeun ucing, maksud ucing rek ngintip
beurit kaluar.
Kaluar tina liangna,
tapi ucingna teh cicing,
dina hareupeun liangna,
kalah paeh moal bijil,
tangtu pisan moal hasil,
tah ibarat kitu,
ucing teh ibarat jasad,
beurit ibarat nu Latif,
mo kapanggih mun jasad
teu rasa ilang.
Mun dina ucing tea mah, hayang kaluarna beurit, ucingna teh kudu nyingkah, kakara torojol beurit,
menggah di jalmi ge,
mun hoyong ma’rifatu, kana dzat Allah ta’ala,
kudu sing ngarasa pasti,
sing ngarasa hanteu ngabogaan jasad.
[22/11 21:40] aji rasha: Dina keur waktu tarekat,
sing ilang rasa jasmani, kagenten ku
Rasulullah,
rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali,
kana dzatna Maha Agung, tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani,
ceuk babasan sarangka manjing curiga.
paham, hal sundana dalil tadi, dina saha-saha jalmi,
nu terang ka Maha Agung, disebat bodo dirina,
Aya nu terang ka allah, disebatkeun bodo pasti,
sanes pinter kasebatna,
naha asa bingung teuing, naha ari nu katepi,
ma’rifat kanu Maha Agung,
dina ceuk dalil eta, disebatkeun bodo pasti,
atuh leuwih hina
tinu hanteu terang.
Bisi can kaharti,
basa bodo teh hartina,
manusa mah moal teuing, ma’rifat ka Maha Suci,
sabab dalil geus ngawengku, Laa haula wala quwata, illaa billahil ‘aliyil ‘adim,
hartina teh
teu daya teu upaya.
Mun manusa nu ma’rifat,
mutajilah eta pasti,
sabab ngajirimkeun Allah,
katinggal ku panon bukti,
ku mata anu buncelik,
atuh saperti si waru,
papanggih jeung si dadap, sidik aya dua jirim,
aya itu jeung aya diri
manehna.
Kapan Allah Nafi Isbat,
aya Isbat euweuh Nafi,
aya Nafi euweuh Isbat,
kalem timbul
Isbat ayana pasti,
diri manusa geus tangtu,
nya ieu sifatna urang,
Nafi ayana rohani,
mun keur Nafi Isbatna
kudu teu aya.
atuh saha,
nu ma’rifat ka Yang Widi,
ari sanes manusa mah,
mun teu harti,
anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi
panutup,
nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, enya eta
sareatna nu ma’rifat.
Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta
rasa,
awas paninggali ati,
eta nu bisa tinggali,
ma’rifat ka Maha Agung,
ari tinggal manusa mah,
nu make panon buncelik,
eta kitu dina
katerangannana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar