Kamis, 18 November 2021

kuring nu ngaku islam...

[18/11 02:31] aji rasha: NERANGKEUN 
Sare’at Hakekat Tarekat, Ma’rifat dina Sholat (Sembahiyang). 

1. Sareatna Sholat teh 
nya eta 
nangtung 
ruku , 
sujud 
lungguh 
bukti ‘aen, 

ari hakekatna puguh, 
Alif Lam Lam He 
geus pasti, 
nyaeta 
lafad Allah, 
hanteu salah , dupi 

tarekatna Sholat, 
tetep bae dina keur 
Sholat sajati, 
Tajali ning Dzattul Mutlaq. 

Ma’rifat ge 
kudu kapanggih, 
sareng eta Nur Muhammad tea, 
ka cahya opat 
sing ‘aen, 
Narun 
Hawaun 
Maun,  
Turobun  

nya eta nu ngaran Sholat, memeh awang uwung, 
tah eta anu geus aya, 
anu matak 
Sembahiyang teh wajib, sabab asal tina Shalat.
[18/11 02:52] aji rasha: Sabab urang kudu sholat

عَنْ أَبِيْ عَبْدِ الَّرحْمَنِ عَبْدِ اللهِ بْنِ عُمَرَ بْنِ الْخَطَّابِ رَضِيَ 
اللهِ عَنْهُمَا قَالَ: سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّم 
يَقُوْلُ: بُنِيَ الإسْلاَمُ عَلَى خَمْسٍ: شَهَادَةِ أَنْ لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ 
وَ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُوْلُ اللهِ وَإِقَامِ الصَّلاَةِ وَإِيْتَاءِ الزَّكَاةِ, 
وَحَجِّ الْبَيْتِ, وَصَوْمِ رَمَضَانَ. (رواه البخاري و مسلم)
Abu Abdurrahman Abdullah bin Umar bin Khaththab ra. nyaritakeun : 
Kuring pernah 
ngadangu Rasululah Shallallahu 'alaihi wa sallam ngadawuh: 
"Islam diwangun dina 
lima perkara 
(1) Nyaksikeun yen henteu aya Pangeran salain Allah sareng 
Muhammad Rasul Allah, 
(2) Ngadegkeun Shalat, 
(3) ngaluarkeun zakat, 
(4) ngalaksanakeun ibadah       
      Haji sareng 
(5) Puasa dina bulan   
       Ramadhan" 
       (HR Bukhari & Muslim).
[18/11 02:55] aji rasha: Saur Ajeungan 
ari sholat teh pundasi agama, saha jalma 
ngalaksanakeun sholat 
hartina tos ngajegkeun agamana, 
saha jalma anu henteu sholat hartina 
ngarubuhkeunagamana.......
da upami 
puasa, zakat, sareng haji 
pan aya toleransina.  
Tapi mun 
ninggalkeun shalat dihaja atuh beurat itung-itunganna. 
Upamai  shalat henteu tiasa nangtung, tiasa calik, 
teu tiasa calik, tiasa bari 
ngadapang, 
teu tiasa ngadapang ku isyarat mata, 
henteu tiasa ku isyarat mata, 
hartina INNALILLAHI 
WA INNAILAHI ROJIUUN.
[18/11 02:59] aji rasha: shalat teh panginten 
tiang agama, 
anu 
janten pondasina mah 
nyaeta 
dua kalimah sahadat tea (sahadatain).
Hartina 
shalat ceuk aturan bahasa nyaeta "doa", 
ari ceuk istilah shalat teh 
nyaeta mangrupakeun laku lampah anu disarengan ku ucapan dimimitian ku 
takbiratulikhram sareng ditungtungan ku salam sakumaha anu ditegeskeun ku 
syarat-syarat anu aya.
[18/11 03:02] aji rasha: alesan nu rasional 
yen shalat teh tiang agama.  da mun ditinggal na pahala; nu langsung ka Allah teh puasa. 
shalat keur urang sorangan. teras kunaon mun awewe nu hed teu kudu diqodoan shalat nu tinggalkeun. 
ari puasa 
mah kudu dikodoan 
mun hed teh.
[18/11 03:09] aji rasha: Ceuk pemahaman engkong 
 shalat mangrupakeun 
ibadah mahdhoh 
anu ngagaduhan 
kautamaan husus 
ti Allah Swt. 
Salain eta shalat eta mangrupakeun perkara 
anu ngabedakan jalmi 
muslim sareng jalmi non muslim, 
saha jalmi anu 
ninggalkeun shalat, 
maka manehna 
tos kalebet kufur. Salajeungna 
shalat mangrupakeun 
amal anu kahiji anu bakal 
dihisab ku Allah. 
Dina salah sahiji 
katerangan hadist, 
Nabi ngadawuh 
yen shalat 
mangrupaken amal 
anu ngagugurkeun dosa unggal poe. 
Dina dawuhanna 
Rasulallah ngajelaskeun 
ka sahabat-sahabatna : "Kumaha pendapat maraneh saumpama 
aya hiji walungan ti hareupeun panto imah, 
teras tiap jalma marandi 
dina eta walungan 
unggal poe lima kali, 
kira-kira masih aya kotoran dina awakna? 
Para sahabat 
ngawaler : "Tangtu moal aya" Rasulallah ngadawuh : 
Tah eta parumpamaan 
shalat lima waktu, 
maka Allah baris ngahapus kana sagala kasalahan (Muttafaq 'Alaih).
[18/11 03:14] aji rasha: Saur Imam Ali ra : 
Lamun seug mah agama teh  ku rasio 
maka ngusap dampal 
sapatu (alas kaki) leuwih utama (masuk akal) tibatan ngusap luhurna.
[18/11 03:15] aji rasha: Di dieu urang kudu bisa milah2.. 
mana wilayah akal, jeung mana wilayah syari'ah.. 
komo lamun dihubungkeun jeung wilayah faqih mah...
[18/11 03:18] aji rasha: tapi naha 
shalat jadi hararese, 
padahal sim kuring mah 
lain hararese tapi sok haroream...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar