Minggu, 21 November 2021

nerangkeun anu langgeng di alloh anu langgeng di manusa

[21/11 11:33] aji rasha: Nerangkeun : 
Anu Langgeng di 
Gusti Allah jeung di Manusa.

anu langgeng di Gusti, 
eta ngan Qudratna Allah, nya eta kawasana tea, 
sareng kersana kitu, 
nu taya pegatna deui, 
ti awal-awalna mula, 
ka akhir pon kitu, 
terus tepi ka Akherat, langgeng bae teu aya pegatna deui, kitu tah

kawasana sareng kersana, anu langgeng di Allah teh, margi lamun ruksak kitu, kawasana nu Maha Suci, atuh Allahna ge ruksak, saperti makhluk, 
di manusa, naha aya 
langgengna saperti Gusti, 
nu teu aya pegatna. 

tangtu bae aya 
anu langgeng di manusa, 
anu langgeng di Allah,  
nya eta Qudrat jeung Iradatna, lamun langgeng di Allah. 
Kawasana kersana yakin, 
di manusa kantun kabagian, nyaeta bodona bae, 
tegesna bodo tea  
teu nyaho sama sakali, 
asal tina hanteu aya, 
geus aya pon kitu, 
tetep bae teu nyahona, 
malah terus ka batin ge 
langgeng bae moal terang. 

pan ning urang waktu tadi, memeh turun ka alam dunya, henteu mterang naon-naon, malah keur waktu dikandung, ku Ibu salapan sasih, 
didinya ge teu uninga, 
malah keurna turun, 
ti Ibu ka alam dunya, 
teu emut teu terang sama sakali, cacakan geus 
bukti jasad. 

Samalahan tina orok tadi, tina kawit leutik jasad urang, tina leutik jadi gede, 
sama sakali teu emut, ngagedeanana jasmani,
[21/11 11:36] aji rasha: nya kitu datangna rasa, paninggal pangdangu, pangangseu pangucap, 
henteu terang duka ti mana 
ti mendi,da bakating bodona tea. 

Sabab bongan katetepan dalil, Laa haula jeng wa laa quwwata, kitu eta ceuk dalil manusa mah geus tangtu, 
teu daya upaya hartina teh 
teu bisa obah, estu rokrak wungkul, .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar