Selasa, 23 November 2021

wincikan sipat dua puluh

[22/11 21:52] aji rasha: NGAWINCIK 
SIFAT DUA PULUH 

Kalawan make umpama 

 
nyaeta  
Wujud, 
Qidam, 
Baqo,  
Mukholafatu Lilhawadist  Qiyamuhu Binafsihi  
Wahdaniat. 
Qudrat
Iradat, 
Elmu 
Hayat. 
Samma 
Bassar  
Qalam. 
Qodiran, 
Mudiran. 
Aliman, 
Hayan. 
Sami’an, 
Basiran  
Mutakalliman, 

eta sifat dua puluh, 
nya dibagi opat, 

Nafsiah 
Salbiah. 
Ma’ani , 
Ma’nawiyah 

naon nyatana anu puguh, sifatna di urang, 
anu ngaran Nafsiah teh

Nafsiah teh enggeus tangtu, pangambung nyatana, 

kadua 
Salbiah teh, 
nyaeta paninggal 
urang sifatna. 

tilu Ma’ani 
pangdangu sifatna, 
di urangna teu geseh, 

kaopat Ma’nawiyah 
Nyatana di badan urang sakujur, pangucap teu salah, sifatna baham urang teh, 
anu matak disebatkeun Ma’nawiyah.
[22/11 22:08] aji rasha: Nyaeta tukang ngama’naan anu tilu sifat, 
hiji pangdangu 
kadua paninggal  
katilu pangrungu, 

ngama’naan eta, 
meureun kangaraos, 
lamun urang parantos ngangseuan minyak. 

Saupami ditaros ku batur, nanyakeun angseuna, 
seungit bauna minyak teh, naha naon anu
nembalannana. 

Naha baham atawa pangambung, 
anu ngajawabna, raina 

tangtos bae baham 
anu nembalannana. 

80. sidik eta puguh, 
tukang ngama’naan, 
baham teh 
geus hanteu geseh, 
nyaeta 
tukang mere katerangan. 

nerangkeun beunang gawe anu tilu, 
beubeunangan soca, 
anu aneh atawa awon, beubeunangan cepil tea. 
Naon wae sowara anu kadangu, nu nerangkeunnana, gulung ku pangucap bae, 
anu mawi disebatkeun Ma’nawiyah. 

kantun eta nu 
dua puluh basa. 

nya eta anu dingaranan Wujud, 
kumaha hartina, 
sareng naon sifatna teh, tumerapna dibadan urang sapata. 

eta anu ngaran Wujud, hartina teh aya, 
Allah mohal euweuh pasti
tanda aya 
kusabab 
ayana nafas. 

Mohalna teh 
pang aya nafas teh tangtu, mohal bet euweuhna, samangsa aya nafas teh, tangtu bae aya hurip 
hanteu salah. 
Mangsa-mangsa aya hirup enggeus tangtu, 
mohal euweuh Allah, 
sabab 
sifatna hirup teh, 
tina dzatna sifatna 
Allah ta’ala. 

Qidam  
eta pihartieunnana. 
Allah ti heula teh, 
mohal enya Allah kapandeurian. 
Sareatna nyata 
dibadan sakujur, 
sifatna teh soca, 
awas soca ti heula teh, 
sabab eta nu 
ngabuktikeun sifat. 

kumaha numawi kitu, 
anu pangheulana, 
disebat panon, 
na kumaha dina nyatana di badan sakujur

rasakeun baheula, 
waktu keur goib keneh, 
memeh gelar ngumbara 
ka alam dunya. 

Rama sinarengan Ibu, 
Rama masih bujang, 
Ibu ge parawan keneh, 
barang tepang geus tangtu patinggal-tinggal.

Saparantos pada awas 
Ama Ibu, jorojoy manahna, dua-dua ting sereset, 
jadina teh ngajodo 
geus moal lepat. 

Sanggeus nikah geus disahkeun ku kaum, 
parantos nikah mah, 
tangtos bae sapatemon, 
dua rasa jadi hiji moal lepat. 

Saparantos rasa 
Ama Ibu gulung, 
gerentel beh urang, 
eta geuning geus eces, 
pang disebut 
panon pangheulana.
[22/11 22:26] aji rasha: Baqo 
langgeng Gusti Allah, 
hanteu keuna ku ruksak hanteu owah teu gingsir 
Allah ta’ala. 

nyaeta dzat Allah, 
eta sidik nu langgeng 
hirup eta kagungan 
Allah ta’ala. 

Mukhalafatuhu, Lilhawaditsi 
hartina eta 
beda-beda Allah 
sareng nu anyar  
mohal enya Allah 
sami jeung nu anyar. 

kumaha bedana, 
Allah sareng nu anyar teh,  

kieu bilih can mafhum, 
kapan geus kawentar, 
ku sadaya ahli ngaos, 
Gusti Allah 
ninggal teu kalawan soca. 
Ngadanguna teu kalawan cepil kitu, 
sumawon nyaurna, 
hanteu kalawan jeung lambe, 

kitu bedana mah. 
Seueur deui bedana lian 
ti kitu, panjang mun didadar, moal seep ku sapoe, 
sakitu ge meureun  karasa. 

Qiyamuhu Binafsihi  
hartina, 
Gusti Allah 
jumenengna ku anjeuna. 

Mohal aya nu ngistrenan  cacakan nu anyar, 
geuning bet hanteu ngaraos, badan urang didamel 
ku Ibu Rama. 

Najan Ibu Rama oge 
dina waktu, 
rek patemon rasa, 
teu boga tekad rama teh, 
ku sangaja niat rek midamel putra. 

Geuning sidik jumeneng 
ku anjeun kitu, 
ngan ari urang mah, 
jeung kalawan kersana , 
Gusti Allah 
ngalantarankeun ka Rama. 

kitu sareatna mah ti Ibu, 
ari hakekatna, 
estu kersana Yang Manon, 
nya eta wenangna 
Allah ta’ala. 

Wenang pisan 
Gusti anu Maha Agung, ngajadikeunnana, 
jeung wenang henteuna oge, tatapina maot 
mah geus wajib pisan. 

Wahdaniat. 
eta 
sah Dzatna 
sah Sifatna 
sah Asmana 
sah Af’alna.
[22/11 22:37] aji rasha: pasal Wahdaniat  
tumerapna dinu opat, 
dina 
baham 
soca 
cepil, 
pangangseu 
anu merwincikna kieu  

dina pangambung, 
dzatna  pangngseu  
sahna teh moal rek cidra, mun ngangseu minyak nu seungit, tetep seungit diakuna, moal bet pahili deui 
sah sifatna  
naon nu diangseu pasti, 
sah Asmana, 
boh bau boh seungit, 
moal sulaya ngarana, 
bau hangru pahang 
seungit. 
sah Af’alna 
sasat sah gawena deui, geuning pangangseu teh 
nyata, tara daekeun pahili, 
nu bau tetep bauna, 
mun seungit tetep seungit. 

Misah- misah bae tangtu, 
tah kitu sahna teh 

sanajan munguh 
di soca, 
sah dzat teh awasna pasti, sah sifatna oge nyata, 
naon anu katingali. 
Boh hideung beureum 
boh wungu, 
sakur sifat anu bukti, 
sah asmana  
kumaha dina sifatna, 
bet tara sulaya deui. 
 
qudrat, 
kieu pihartieunnana, mungguhing 
qudrat Yang Widi. 
 
Qudrat teh kawasa kitu, 
tatapi kawasa Gusti, 
hanteu kalawan pakakas, 
hanteu jeung parabot deui, tah kitu hartina qudrat, 

kumaha pangawasana, 
pang teu jeung parabot 
kieu rai mun can harti. 

Upami urang keur nuju, 
boga maksad hiji rupi, 
naon bae nu diseja, 
saperti rek nyieun bumi, samemeh prak dipilampah, tangtu ku urang dipikir. 

Kumaha kahayang kalbu, rupana eta si bumi, 
boh panjangna bohpondokna, sumawon majuna deui, 
ka kaler boh ka wetanna, kamarna pon kitu deui. 

Diatur-atur ku kalbu, dicipta-cipta ku ati, direrengga ku kahayang, 
sangkan sieup eta bumi, upami enggeus kacipta, 
kana pisaeeun eta bumi. 

Lamun kitu tangtu luyu, 
da geus kacipta ku ati, geuning eta nyata, 
geus ngadeg dijero ati, 
kana pirupaeunnana, 
sae awon eta bumi.
[22/11 22:47] aji rasha: Iradat, 
Iradat mah, 
Allah teh sifatna kersa, 
kapan bukti anu tadi, 
eta bumi geus katinggal, 
nu ngadeg na jero ati. 

Kantun ayeuna mah atuh, jadikeun kersa teh, 
rek midamel bumi tea, 
hakekatna mah geus jadi, ayeuna kantun sareat, buktikeun Iradat na 

rek midamelna teh bumi, moal cara Gusti Allah, 
teu kalawan parabot deui, 
Urang mah kudu sadia, nyadiakeun bahan bumi. 
Tihang kenteng jeung pamikul, palang dada cemped bilik, usuk 
darurung jeung sarang, sumawon bedog ragaji, tatah baliung jeung rimbas, palu gegep sugu deui. 

sifat Ilmu 
sifat Ilmu urang wincik, 
ari Ilmu eta, 
ngahiji jeung Hayat pasti, sabab, 
Ilmu jeung Hayat ngahiji. 

sabab Ilmu, 
hartin nyaeta kanyaho, 
ari Hayat
caang pasti, 
tah eta kitu sundana, 
numawi pasti ngahiji. 

Sabab kanyaho teh tangtu, dina caang eta pasti, 
da moal aya katerang, 
lamun poek buta rajin, 
sabab ari kanyaho mah, 
dina caang bae sidik. 

Dohir batin oge kitu, 
moal beda tangtu sami, dohirna lamun di dunya, 
kumaha bisa ninggali, 
lamun hanteu aya caang, piraku boga pamanggih. 

Aya kanyaho teh tangtu, 
ku caang eta geus pasti, caang katinggal ku soca, soca ieu anu jirim, 
bagian kajasmanian, 
caang tina matahari. 

Elmu batin oge kitu, 
sing sidik ‘ainal yakin, 
sing tepi kana caangna, 
caang ilmu sing kapanggih, tapi 
lain caang beurang, 
caang dina jero ati. 

Katinggali na teh 
kudu nyata ku panon ati, 
dina keur waktu tarekat, 
mujasmedi ka Yang Widi, sidakep sinuku tunggal, nununggu sihing 
Yang Widi.
[23/11 06:14] aji rasha: Samma
Allah ngadangu, 
tapi teu kalawan cepil, 

Bassar  
Allah uninga, 
teu kalawan soca 

Kalam 
Allah ngandikana, 
tapi teu kalawan biwir. 

sangkan kaharti,
jeung karasana, 
Allah  
ninggali,teu ku soca, 
ngadanguna teu ku cepil. 

udag anu tujuh basa, 
sifat dua puluh tadi, 
Qadiran  
Muridan  
Aliman 
Hayan 
Sami’an, 
Basiran  
Mutakalliman, 

tah eta masing kaberik. 

Kieu eta anu tujuh, 
hartina sahiji-hiji, 
mimitina teh 

Qadiran, 
 kawasa Gusti, 

Muridan 
Kersa Allah, 

Aliman 
uninga Gusti. 
Hayan
hirup, 
nyaeta hirupna Gusti, 

Sami’an 
ngadangu Allah, 

Basiran 
Allah ninggali, 

Mutakalliman, 
Allah nu ngandika  

Sabab eta anu tujuh, 
aya nyatana di diri, 
aya dibadan sapata, 
mun kapanggih tangtu hasil, kabuka hijabna Allah, kabingung tangtos leungit. 

Malah-malah mun, 
kapanggih nu jutuh tadi, sifat-sifatna kapendak, 
dina sakujuring diri, 
tapi sageusna kapendak, tarekatna pek pilari. 

Mun tarekatna kasusul, tanwande Ma’rifat jati, 
kana dzatna Gusti Allah, 
nu caang sajero ati, 
carek babasan jawa mah, teangan sajero dzikir. 

Nu kaya dilah gumantung, kaya sarangenge bijil, gumantung tanpa cantelan, kitu ceuk babasan jawi, 
tatapi lamun kapendak, jasmani tangtuna sepi. 
Rasa moal boga wujud, kagenten ku warna rupi, nyaeta nu tadi tea, 
nu kaya sarangenge bijil, kaya lintang karahinan, 
tur kaya emas sinangling. 

mun geus kitu, 
kakara tangtu mangarti, 
kana Nafi sareng Isbat, 
karasa sareng kapikir,
mun teu acan kapendak, kumaha bisana harti. 

Malah dalil 
Antal Mautu, Qoblal Mautu kapanggih, 
hartina bisa ngarasa, 
paeh samemeh mati, 

paeh memeh pupus, 
naon nana anu mati, 
mun nyawana anu wafat, atuh moal balik deui, 
gumelar deui ka dunya, 

kade kaliru, 
sanes nyawana anu mati, sategesna rasa nyawa, 
nu paeh sama sakali, 
ari rasa nyawa eta, 
sategesna nafsu dohir. 

Dina waktu eukeur kitu, 
teu inget ka anak rabi, sumawon ka harta banda, 
diri ge teu kapieling, 
wungkul cengeng ka 
dzat Allah, 
ninggal ku sajero ati. 

Kitu tah mafhumna eta 
nu saperkawis, 

nu kadua perkawisna, 
kudu ngersakeun misti, 
dina nyerina sakarat, 
jalan paeh ke di akhir.
[23/11 06:41] aji rasha: ceuk basa karuhun, 
ka anakna ngaweweling, 
he barudak kudu bisa, nganjang ka pageto misti, supaya maneh waluya, sangkan lampah ati-ati. 

Geura pek pikira, 
eta saur sepuh tadi, 
nu bener kabina-bina, 
geuning ayeuna kapanggih, bet aya dina hadisna, babandingan basa tadi.  

Nyaeta 
Antal Mautu, Qoblal Mautu kapan teu beda maksudna, kudu paeh memeh mati, sihoreng sangkan baroga, kasieun engke di ahir. 

mun geus ngarasa pupus, sasat geus ngarasa nyeri, ngarasa rasa sakarat, 
piraku rek liwar teuing, ngajujur laku ma’siat, 
da aya kasieun pasti. 

nambahan kana suhud, milampah parentah Nabi, rukun Islam anu lima, 
tah kitu jadina , 
Nagara ge tangtu aman, sabab geus boga pamilih. 

Mun geus junun 
ka Yang Agung, 
laku dohir ge dipilih, 
moal sagala disorang, memeh prak tangtu dipikir, tangtu dianjangan heula, dicipta-cipta ku ati. 

Ibaratna karep nafsu, 
niat hayang maling duit, barang-barang upamana, 
lamun urang inget tadi, 
kana saur sepuh tea, 
yen kudu inget di ahir. 

Nganjang kapageto kudu, tangtu ku urang dipilih, 
naha kumaha jadina, 
lamun nurut nafsu tadi, maling banda anu lian, salametna jeung balai. 

leres kahartos teu, 
bener mun geus kitu 
mah, 
nafsu goreng teh kajaring, sasat geus aya pagerna, 
nu kuat kaliwat saking. 

sifat dua puluh tea,  
dibagi deui ku opat, 
Nafsiah, 
Salbiah 
Ma’ani 
Ma’nawiyah  

Nafsiah nyaeta nafas, 
sifatna irung nu bukti. 

Salbiah paninggal 
sifatna soca nu bukti, 

Ma’ani pangdangu , 
sifatna nyaeta cepil, 

Ma’nawiyah teh pangucap, sifatna baham pasti. 

nu opat tadi,bagian nana,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar