Senin, 15 November 2021

prabu jaya sakti 2


- Dharma Satya Nagara migarwa Sanghyang Dewi Ningrum, putrana : Jagat Jaya Nigrat (Dharma Satya Jaya Waruna Dewa)

- Sanghyang Prabu Wisesa migarwa Sanghyang Dewi Kencana, putrana : Sri Nurcahya

Jagat Jaya Ningrat (Dharma Satya Jaya Waruna Dewa) migarwa Sri Nurcahya, puputra :
 
1. Jaya Sampurna (Jaya Sakti), nyebarkeun ajaran karesian di sakitar wilayah medal kamulyan beulah Kidul, situs makamna aya lingkungan Parigi Kelurahan Pasanggrahan Baru kecamatan Sumedang Selatan.

2. Indrasari (Gajah Handaru) nyebarkeun ajaran karesian di sakitar wilayah medal kamulyan beulah Kidul, situs makamna aya di Lingkungan Parigi Kelurahan Pasanggrahan Baru kecamatan Sumedang Selatan.

3. Lara Sakhti, nyebarkeun ajaran karesian di sakitar wilayah medal kamulyan beulah wetan, situs makamna aya di Cisusuru - Sahang, Desa Ambit Kecamatan Situraja

4. Prabu Daniswara (Sumaradira) janten Raja Resi di suku Gunung Tampomas, anu nyebarkeun ajaran ka-hindu-an di belah kaler wilayah Sumedang waktu harita, kalebet Cimalaka, Conggeang, Buah Dua, Tanjungkerta Tanjung Medar wilayah beulah kaler kiwari. Makamna aya di blok Ciemutan Dusun Cilumping, Desa Cikurubuk, Kacamatan Buahdua.

Puseurna ajaran baktha ka Hindu an harita (252 - 290 M) ayana di Cupu Manik (ponclot) Gunung Tampomas. Bukti nu kapanggih paninggalan arkeologis nu aya di kawasan Gunung Tampomas pernah ditaliti N.J. Krom dina taun 1914 jeung nyatet ayana wangunan punden berundak tina batu-batu lobana opat teras, nu ngalewatan tatecean tina batu.

Di Puncak Manik teras berundak aya patung Ganesha, batu urut tapak suku jeung genep benda, nyaeta : Goong Leutik jeung hiji deui hiji landasanna. Dina ajaran kahinduan Goong leutik eta jeung alat panakolna sok dipake pikeun samadhi.

Gunung dina papakem masyarakat sunda zaman klasik mibanda kadudukan tempat sorangan dina sistem religina atawa papakem pikeun pencerahan, ku sabab gunung Cupu Manik dianggap deukeut jeung nu sanghyang Wenang, anu biasana dicirian ku Batu "LINGGA ALPHA" atawa "LINGGA OMEGA"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar