Selasa, 23 November 2021

martabat alam tujuh

[23/11 08:38] aji rasha: NERANGKEUN 
ALAM NU TUJUH 

1. Alam Ahadiat, 
2. Alam Wahdat, 
3. Alam Wahidiyat, 
4. Alam Arwah, 
 5. Alam Ajsam, 
6. Alam Misjal, 
7. Alam Insan Kamil 

wincikan alam sakabeh, 

1.Ahadiyatu
2.Wahdat  
3.Wahdaniyat, 
4.Arwah 
5.Ajsam, 
6.Misjal  
7.insan kamil
[23/11 08:50] aji rasha: Gera kieu bisi can harti, 

alam Ahadiyat, 

eta alam gaib keneh, 
gaib leuwih gaib, 
dalilna Dzatlaisa  
saksina, Kamislihi  pihartieunnana, 
sategesna, dzat nu teu aya upami, teu aya nu nyaruaan. 

Ku bakating Bila Haiffin, sategesna teu warna teu rupa,teu beureum teu koneng, teu hideung bodas teu paul, teu poek teu caang deui, 
jadi tacan aya sifat, estu masih suwung, 
jenengan ge tacan aya, 
tapi wajib ayana 
Yang Maha Suci, 
suwung teh dina ayana. 

Ahadiyat tadi, 
rek ngersakeun kakawasaannana, 
ibaratna ngalalakon, 
di alam Wahdat  

alam dzat sifat bukti, didinya Ahadiyat ngaluarkeun Nur anu ngaran Johar Awal, atawana sagaraning hirup tangkal nyawa sadaya. 

nya eta anu kasebat, hakekatna Muhammad wiwitan, 
utusan 
Gusti Yang Manon, 
atawa anu kasebut 
sajatina sahadat , 
nyaeta 
sa adatna, dzat jeung sifat gulung, 
Ahadiat sareng Wahdat, 
geus teu pisah ngajadi 
gulung ngahiji, 
ibaratna dina seuneu mah. 

Geus ngahiji panas sareng api, 
Ibaratna panas Ahadiyat, dupi ibarat Wahdat teh, 
nyaeta seuneu nu hurung, geus teu pisah ngajadi hiji, 
sipanas jeung hurungna, numawi disebut, 
jatining sahadat , 
atawa saadatna waktu tadi, ngahijina dzat sareng sifat. 

Datlaesa eta Maha Suci, nyaeta ibaratna panas, 
anu teu warna rupa teh, 
jeung taya upama kitu, 
sifat kanyataan pasti, nya hakekatna Muhammad, numawi disebat 
Muhammad Rasulullah, didamelna ku 
Gusti nu Maha suci, 
wiwitan sareng wekasan. 

Wiwitanna Johar Awal pasti, nyaeta cahayana Allah, wekasanna ge geus ‘aen, majajina Kangjeng Rasul, 
nu sumareh di Madinah sidik, nyaeta
[23/11 12:59] aji rasha: wekasannana, utusan 
Yang Agung, panutup Nabi sadaya, 
kitu katerangannana , 
pasal Ahadiyat Wahdat. 

pangna kudu kapanggih, 
ma’rifat kana dzat sifat, 
Gusti Maha Agung, 
da eta bibit sadaya, 
nya mun ma’rifat geus pasti, maot teh tangtos sampurna. 

Wahidiyat teh, 
sifat naon anu dumuk, kaayaannana nu sidik, kaayaan dina Wahidiyat teh, hakekat Nur Muhammad. 

Nyaeta sorotna nu tadi, 
tina Johar Awal, 
dzat sifatna Allah, 
Hakekat Muhammad eces, sifatna padang alus, 
bijil cahya opat rupi, 
cahya beureum mimitina,  koneng kitu, 
bodas,  
hideung geus pasti, 
ngarana Nur Muhammad. 

Muhammad anu caang tadi, atawana Nurullah disebat, tah eta NurMuhammad teh, hakekat Adam disebut, 
bibit pikeun alam dohir, atawa 
Asmana Allah, 
nu opat teh kitu, jadi lafad Alif Lam Lam, He 
eta teu salah deui, tadina ge asma Allah. 

alam katilu geus pasti, 
nya eta alam Wahidiyat, 
pan kieu merelena, 

dzat nu mimiti disebut, 
dua sifat nu kawarti, 
kakara kana asma, 
ning nomer tilu, 
eta kanyataannana 
sanggeus aya 
Nur Muhammad, 
atawa hakekat Adam. 

Anu tilu gulung jadi hiji, gulung 
Allah Muhammad Adam, 

kieu ceuk dina dalil na, Wanahnu Aqrobu kitu, 
Ilaihi Min Habril Warid, 

tah eta saksina, 
piraku ngawadul, 
dalil sakitu ecesna, 
mun teu ngandel kana 
dalil kupur kapir, 
numatak kudu karasa. 

 
Alam Arwah 
naon nyatana anu 
alamArwah nu kaopat, 
papay heula, tadi anu 
tilu alam, kanyataan 
dzat sifat asma na Gusti, meureun anu kaopatna. 
Af’al Gusti Maha suci, 
nyaeta alam Arwah , 

bisu tacan nyaho, 
nya ieu dunya dumuk, 
bumi 
cai 
seuneu 
angin, 
numatak disebut arwah, 
pi roh eun geus tangtu, pigetiheun sayaktosna, 
bibit Adam Manusa pon kitu majajina mah tidinya. 

jadi ieu bumi angin cai, nyaeta sorot tadi tea, tina 
Nur Muhammad eces, 
Af’alna Gusti Yang Agung, kakawasaannana buktina 
ieu alam dunya, 
babakalna dumuk, eta ti 
Nur Muhammad, 
anu tadi geus dipiwarti, 
cahya anu opat tea.
[23/11 13:19] aji rasha: Cahya beureum 
sorotna ngajadi, 
jadi hawa seuneu  
buktina panas seuneu teh, 

cahya koneng tadi,
jadi angin buktina, 

sorotna cahya nu bodas, 
jadi cai kanyataan nana
bukti, 

sorot cahya hideung tadi, 
jadi tanah kanyataannana, 

ari eta nu opat teh, dihirupkeunnana tangtu, 
ku sorotna Matahari, 
sifatna nyaeta caang, 

geura bae mun, mun didunya taya caang, moal enya manusa bisa harurip, tatangkalan oge musna. 

Tapi eta Panonpoe tadi, 
moal caang mun 
teu kasorotan ku 
dzat sifatna Yang Manon, 
nu tadi geus dipitutur, 
teu beda lahir jeung batin, 
didohirna geuning nyata, bumi angin banyu, seuneu 
gening eta jadi asma Allah yakin, Alif Lam Lam He nyatana. 

Caang mah tina Matahari, nyaeta nu jadi Tasjidna, 
nu ngahirupkeun sakabeh, didunyana oge tangtu, 
aya asmana Yang Widi, 
hiji mahikasadaya, ngangliputi estu, 
kitu katerangannana,
geura manah  masing lantip, dina karasa henteuna. 

Sing paham, sing karaos, sing nyuru kana kalbu, 
sing karasa tur kaharti, 
sasat geus katarima, 
ku Rasulullahu, 
buktina ku teu bingungna, 
samangsana hanteu bingung eta sidik, tanda-tanda geus benerna. 

alam Ajsam, 
naon buktina anu ‘aen, 
nyaeta 
nyatana jasad, 
manusa satuhu, 
asal tina opat rupa, 
tina bumi cai seuneu angin, kieu bilih kurang terang. 

nu mawi jasad ieu teh, 
asalna teh cai angin taneuh, sareatna ge karaos, 
mun Rama sareng Ibu, 
hanteu barang tuang , 
aci-aci anu opat, 
bukti ngajarentul, 
sifat-sifat kajadian, tatangkalan anu nanceb dina bumi, buahna pan dituang. 

Sabab sidik tatangkalan pangna bisa ngagedean tangkalna,pan 
bukti enggeus ‘aen, 
ku opat tadi geus tangtu, 
aci bumi 
hawa angina, 
hawa panas 
hawa banyu, 

coba mun melak, naon bae 
boh pare atawa kitri, 
mun dikirangan sarupa. 
Kira kira eta bisa jadi, 
mun teu aya anu sarupa, 
mun cai anu teu aya teh, 
nya atuh moal bisa jadi, sakabeh ge tatangkalan, huripna ku banyu, 
ning nyata, jadi sidik 
kabeh anu jaradi, 
aci nu opat perkara. 

Kajadian dina diri , 
nyaeta 
kulit nyata, 
daging geus ‘aen, 
sungsum , 

teras nya kajadian, 
hawa kulit balung,daging sungsum tea,
kajadian 

jadi nafsu opat rupi, 
1.nafsu Amarah. 
Hawa asal tina daging , bijilna ka cepil jalanna,  

2.nafsu Lawamah , 
hawana tina sungsum, 
bijilna ka panon
[23/11 13:36] aji rasha: 3. Nafsu Sawiyah, 
hawa kulit, 
jalanna teh kana baham, 

4.nafsu Mutmainah  
kajadian hawa tulang. 
Ka pangambung bijilna teh 

karepna ge beda-beda, 
aya nu sae aya nu awon, meureun kamafhum,  

alam Misjal 
naon sanyatana, 
tah eta pang kudu, diwajibkeun ku Maha Suci, manusa kudu ikhtiar, 
kudu nyiar elmu, 
pikeun nganyahokeun 
asal jasad 
dina waktu keur di Kadim, nyaeta nu opat tea. 

Nur Muhammad 
Cahaya nu opat
beureum bodas koneng, kaopatna cahya hideung
nyata, 
asalna jasad urang teh, lamun jalma enggeus weruh, kana eta opat perkawis, 
jeung kalawan yakin na, hanteu omong wungkul, 
nya ngaranna alam Misjal, nya eta ma’rifat ka alam tadi, tah kitu tuturannana. 

alam Insan Kamil , 
martabat anu kumaha, 
nu geus nepi 
kana Insan Kamil,   
nu geus dina pangkat eta, 
pameakan nu ngilmu , 
sasat nu geus ma’rifatu, 
kana dzat sifat 
Yang Widi, 
nyaeta nu tadi tea, 
Johar Awal , 
eta jatining Sahadat,  
sajatining Iman  
bibit nyawa sadayana. 

nu mawi pangkat 
Insan Kamil, 
hartina teh 
manusa sampurna, 
geus 
tepi ka asal teh, 
nyaeta 
sagara hirup, 
kasampurnaan nyawa  tangtu 
bisa balikna, 
ka asal kapungkur, 
mulih ka jati mulang ka asal, moal cidra 
Gusti Allah geus jangji, 
ka sakabeh nu ma’rifat. 

Saha manusa anu terang, 
nu ma’rifat kana dzat 
Maha suci, 
nalika di dunya kitu, 
terus tepi ka Aherat, 
moal pisah jeung 
dzatna Gusti Yang Agung, 

lamun lolong didunyana, 
di Aherat lolong deui. 
Moal pinanggih jeung caang, poek bae teu ninggal 
dzat Yang Widi, 
samangsa poek geus tangtu, nya eta naraka tea, 
da bonganna di dunya 
teu nyiar ilmu, 
sumawon amal ibadah, jongjon nganteur 
nafsu dohir. 

ayeuna aya sesebatan, 
dina Hadis aya opat nu kasebut, 
1.Dzatullah, 
2.Sifatullah . 
3.Asma’ullah,  
4.Af’alullah, 

sareatna hakekatna, 
nu nyata di badan 
urang sakujur,
sumawon dina goibna,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar