Sabtu, 20 November 2021

rasa dzohir jeung rasa bathin

[20/11 13:26] aji rasha: Nerangkeun 
Bedana Rasa Dohir
Rasa Batin 
Make Ibarat. 

rek diibaratkeun meh, 
buru kaemut, enggal karaos  mungguhing 
dzatna Yang Manon. 

Nu disebat ku Wali 
Sagara Hirup, 
nu mahi ka tujuh Bumi, ngangliputi Langit tujuh, ibaratna mun di Dohir, 
Sagara cai nu tembong. 

Satungkebing ieu Bumi ngan ti Laut, caina teu salah deui, mahi ngahuripkeun makhluk, sanes kanten bisa jadi, saeusina Dunya tangtos. 

Ci Sagara rasana asin 
geus tangtu, 
tah ibarat urang tadi, samemeh urang 
ka Dunya turun, 
keur dina Sagara Hurip, nyaeta dzatna Yang Manon. 

Ibaratna cicing dina asin kitu, nyaeta rasana Gusti, 
tacan jadi rasa wujud, 
nyaeta rasa jasmani, 
sasat ngancik dina poho. 

Rasa asin 
nyaeta poho kapungkur, kapan laut oge bukti, 
caina asin geus tangtu, datang ka darat mah geuning, geus jadi ci hujan tangtos. 

Asal asin bet jadi hanteu geus tangtu, 
ci hujan mah henteu asin, 
tur tadi teh cai laut, 
barang kadarat geus tepi, 
bet beda rasana gentos.
[20/11 13:33] aji rasha: Jadi rasa cai asin nu di Laut, ibaratna rasa batin, 
rasa ci hujan mah 
rasa Dohir anu bukti, 
aya raos jeung teu raos. 

Ibaratna 
nu jadi hirupna wujud, 
nyaeta ci hujan tadi, 
sakeclak sewang 
geus tangtu, 
nya jadi nyawa jasmani, 
anu mawi ewon-ewon. 

Teu kaetang ibarat ci hujan hiji keclak hiji jalmi, 
jadi nyawa enggeus puguh, sifatna nafas nu bukti, 
saban wujud oge nyondong. 

Anu mawi 
jalma wajib nyiar elmu, sangkan cai hujan, 
anu tadi geus ragrag teh, masing bisa balik deui 
ka asalna. 

Teu aya deui akalna teh kudu, teangan jalanna jalan cai 
ka Laut, sing kapanggih Solokan-solokan nana. 

Mun geus kapanggih Solokanna geus puguh, teangan akalna, 
sangkan cai teh ngaleos, 
bisa balik nya 
ka Sagarana tea. 

Balik deui ka rasa asin kapungkur, 
ulah cicing betah, 
dina cai hujan bae, 
nya eta dina 
rasa alam Dunya. 

Lamun henteu kapanggih Solokan kitu, jalan cai tea, 
cai hujan nu tadi teh, terusannana anu bras 
ka Laut tea. 

Bakal tetep didarat bae 
geus tangtu, 
teu pulang ka asal, 
dina rasa dunya bae, 
tetep langgeng 
dina rasana Naraka. 

Marakayangan 
jadi salundang salindung, saha anu nyambat, 
lamun disambat ku Onom, nya jadi rahayatna Onom tea.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar