[23/11 13:55] aji rasha: NERANGKEUN
DZATULLAH,
SIFATULLAH,
ASMA’ULLAH,
AF’ALULLAH
pasal ieu anu opat perkara, ayeuna rek didadar
boh luarna, boh jerona sugan sapuk, mufakat sareng sadaya, nu geus ngagem tarekati.
Ayeuna luarna heula,
nyaeta luareun diri pribadi, supaya merele kitu,
tuluy engke kana jasad,
sanggeus beres dina jasad meureun tuluy, kana
hakekatna,
sabab mo beda saeutik.
Luarna ngaran Dzatullah, nyaeta alam disebatna teh, nya ieu anu ngawengku,
nu ngawengku alam dunya,
Sifatullah,
nya ieu caang
satungkebing langit,
sabab tadi ge Yang Agung, hiji dzatna hiji sifatna,
tapi mahi kasadaya
nga angliput,
teu aya anu kaluar, tina dzatna Maha Suci.
perkara caang teh eta
ngan hiji,
saalam dunya katutup,
Asma’ullah
eta teh
1.seuneu
2.angina
3.cai
4.bumi,
tah eta Asma Yang Agung, hiji mahi kasadaya,
sabab eta nu opat teh
jadi huruf,
jadi lafad Asma Allah,
Alif
Lam
Lam
He
geus sidik.
Af’alullah
mun teu terang,
pasal eta Af’alullah
nu dumuk, nyaeta
nyatana hawa, nu ngahirupkeun sabumi.
ayeuna cang sasar kana
diri pribadi,
naon nyatana anu dumuk, nyatana hiji-hijina,
nyatana, tumibana dina diri.
Dzatullah teh
sanyatana dina diri,
buktina badan sakujur,
nu ngawengku kaayaan, tek-tek bengek kaayaan
dina wujud,
Sifatullah
eta rupa urang,
kitu hanteu salah deui.
naha ning, pan tadi
Allah ta’ala ngan hiji,
rasa urang mun kitu,
Allah teh pirang-pirang, salobana manusa anu hirup, kade ulah kaliru.....
Coba ayeuna mah,
geura angkat kanu rame
di nagari, dina jalma
rebu-rebu, pek tinggalian, sugan aya nu sarupa
nu sapatut,
sarupa taya bedana,
jeung rupa diri pribadi.
boro-boro asup ka hiji nagari, neangan anu sapatut, sanajan saalam dunya,
moal manggih anu sarupa sapamulu, nu ceples
taya bedana,
jeung rupa diri pribadi
moal manggih.
[23/11 14:10] aji rasha: estu ngan sahiji pisan,
rupa diri pribadi teu dua sumawon tilu,
sajeroeun alam dunya, tawilna Allah ngan hiji.
Asma’ullahi,
naon nyatana anu puguh,
nu bukti di badan urang,
mun can mafhum,
nyatana Asmana Allah,
kulit
Daging
tulang
sungsum,
sidik geuning
jadi lafad, Asma Allah
Alif
Lam
Lam
He
geus puguh, pada opat jejeg pisan, teu kurang sumawon leuwih.
Af’alullah
mun can mafhum,
sanyatana Af’alullah,
nyaeta usikna diri.
Usik malik
wujud na urangsareng kalbu,
ayeuna eta anu tadi tea, diringkeskeun kana opat rupi,
sanyatana dzatullahi,
nyaeta pangucap urang, sabab eta pangucap teh
anu puguh, nu
ngajadikeun sagala, karamean alam dohir.
mun teu ku pangucap,
moal jadi sagala kahayang jalmi, gedong-gedong ge moal rentul, jadina jeung ramena, ieu dunya teu lian ku kecap tegesna teh ku omongan, da tadi ge
dzat teh bibit.
Sifatullah
sifatullah, enya eta
sifatna paninggal
eta nu mere tuduh,
kana sagala sifat,
anu hade anu goreng oge kumpul, gulungna dina paninggal, satungkebing bumi langit.
Geus gulung kana paninggal, caang poek beureum hideung bodas kuning, bulao biru jeung wungu,
pendekna sadayana, sakur sifat kana soca bae gulung, nu matak soca disebat, Sifatullah
nyatana Sifatullah,
bet malindes kana badan, beuki jero beuki karasa sumurup,
Asma’ullah
sanyatana
nyaeta pangdangu,
cepil wadahna geus tangtu, kieu katerangannana, geuning nyata
sakabeh sowara kumpul,
gulungna geus tangtu pisan, kana cepil geuning sidik.
pan sagala omongan, sakur-sakur nu diharuskeun ku biwir, sakabeh ge
asma wungkul,
asupna moal salah deui,
kana cepil sora nu gede nu
lembut,
kitu katerangannana,
[23/11 14:23] aji rasha: wajibna nyiar ilmi,
neangan pangarti tangtu,
tina poek hayang caang, ayena geus kaemut,
sakur nu geus diwejang,
sing nyacas bae jero ati.
Af’alullah
naon nyatana nu dumuk, nyatana dina badan,
kanyataan di salira, nya Nafas urang geus sidik.
nya eta Af’alullah,
sareatna anu aya dina diri, nafas nu kaluar asup,
wawayangan hirup tea,
nu ngawengku nguatkeun sakabeh wujud,
eta nu jadi tihangna,
taya nafas tangtu mati.
Tah palebah dinya,
wajib pisan ku urang
kudu kaharti,
nafas teh
kamana atuh,
tinggal dangu sareng ucap, mun kaluar tepi kamana
nya dumuk,
mun kajero sumawonna, dimana enggonna ngancik.
Moal leungit tanpa sabab, tangtu bae aya tempatna geus pasti,
mun dipikir lebah dinya, matak paur matak sieun pupus,
atuh
kumaha akalna,
sangkan urang kaharti.
naha make reuwas,
pan tadi Gusti Allah sifat adil, buktina nurutkeun ilmu, sareat sareng hakekat, tarekat jeung ma’rifatu,
eta teh perjalanan,
jalan manusa baralik.
Kana asalna baheula,
tempat roh urang
keur waktu di kadim,
keur dina
qudratullahu,
numatak ayeuna urang,
kudu daek ikhtiar neangan ilmu, ma’rifat,
ma’rifat ka asal tadi.
Sangkan puguh pangbalikan, ulah hanteu puguh piloseun nya balik,
hanteu puguh nu dijugjug, atuh mun teu puguh mah,
nu dijugjug
jadina teh usrak-asruk, tungtungna saha nu nyambat, didinya teh urang cicing.
Kumaha mun disambat,
ku Siluman ku Onom Jin,
anu mara kayangan ,
atuh tangtu cilakana,
najan urang bebekelan nyuhun nanggung,
nyaeta beunang ibadah,
keur waktu tadi di dohir.
mun teu aya tempat,
hak pribadi atuh bebekelan tadi, teu aya tempatna kitu, balatak taya wadahna,
nyaah temen urut tisusut
ti dungdung, hese cape ngalakonan,
ibadah di alam dohir.
Kitu upamana,
nu matak urang teh
sing ati-ati,
enggoning ibadah kitu,
kudu jeung ma’rifatna,
kana asal keur urang
waktu kapungkur,
jaman keur di qudratullah, pangbalikan nu sajati.
yaktos pisan,
umumna teh lolobaha jalmi-jalmi,
ibadah anu ti payun,
nyaeta ibaratna,
keur kukumpul keur engke pibekeleun wangsul,
mulih ti pangumbaraan,
nya ieu ti alam dohir.
Tapi keur pikeun tempatna, piwadaheun bebekelan anu tadi, sok tara pisan diemut, sumawonna dianjangan,
sok neumbleuhkeun kumaha bae Yang Agung,
ana kitu nyieun bujang,
ka Gusti nu Maha Suci.
pan tadi Gusti Allah,
Kun Faya kun
geus hanteu nungtut deui,
mahi kusakali tangtu, kari-kari manusa,
bet neumbleuhkeun deui
ka Gusti Yang Agung,
nyieun purah-purah pisan, kapan tadi geus maparin.
[23/11 20:47] aji rasha: di kira,engke na mah
Gusti nu Maha Suci,
ngan kari netepkeun wungkul, sabogana-sabogana, beubeunangan ti
pangum baraan kitu,
teu kudu nyiksa ngaganjar, sabab tadina ge Gusti.
Pang ngayakeun Naraka, jeung Sawarga lain keur sangaja Gusti,
ngaganjar sareng ngahukum, ngahaja pikeun manusa,
lamun kitu Allah teh tukang ngahukum, sinareng tukang ngaganjar,
saperti bangsa hawadis.
bener pisan, eta kabeh papahaman , yen
Gusti nu Maha Agung,
pang ngayakeun Sawarega, jeung Naraka lain keur baris
ngahukum, atawa baris ngaganjar,
manusa di dohir batin.
Sategesna Gusti Allah,
ngan ngayakeun geunah
teu geunah geus pasti,
bareng jeung ngayakeun mahluk, sumawonna
alam dunya,
geuning kitu sidik adilna Yang Agung,
lain sangaja keur nyiksa, ngan bareng ngayakeun jadi.
pan ku urang karasa,
ayeuna ge keur aya keneh
di dohir,
mun nyieun susah ka batur, nganyerikeun pada jalma, malik deui ka urangna
eta tangtu, karasa hanteu ngeunahna,
sabalikna kitu deui.
Lamun nyieun kahadean,
ka sasama papada
kaula Gusti, ka urangna ge
geus tangtu, malik jadi kangeunahan,
ning sidik sawarga naraka
dijieun ku urang sorangan, tina tekad laku jalmi.
Sanajan di akheratna,
pang ayana naraka sareng sawargi,
bawana ti dunya tangtu, sabawana-sabawana, sewang-sewangan
kumaha tekad
jeung laku,
.waktuna di alam dunya,
sa Ilmu-ilmuna tadi.
Dupi perkawis Allah mah, ngan netepkeun sabandana-sabandana tadi,
bawana ti dunya kitu,
mun mawa kagorengan, kajadian ngan jadi teu
ngeunah wungkul,
mun mawa kahadean, kajadian ngeunah deui.
Mun mawa kasampurnaan, nya jadina sampurna
teu salah deui,
balik ka asal kapungkur, kumaha bae elmuna,
da kabeh ge tunggal ilmuna Yang Agung,
moal ditampik ku Allah, kamana ge anu aing.
sing kahareti,
dina pangbalikan jalma,
kumaha ilmuna tadi,
geus moal sulaya deui, mung hal perkawis
Dzatullahi, hakekatna
karek di luarna,
kuma kajerona deui, Dzatullah
Sifatullah,
Asma’ullah
Af’alullah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar