[20/11 15:56] aji rasha: Nerangkeun
Asma’ul Husna
Asmana Gusti Allah
pasal Asma Gusti Allah, Asmana Gusti Allah, sadayana teh saratus,
tapi ari nu gelar mah.
Anu kocap unggel Hadist, salapan puluh salapan,
tapi nu sakitu oge,
ari pek diringkeskeun mah, ngan ukur jadi lima,
kahiji nu kasebut
Asmaullidzati .
[20/11 16:08] aji rasha: Kadua ngaran
Asmaullisifat
katilu ngaran
Asmaulliasma,
kaopat anu disebat, Asmaulliaf’al
kalimana. ngaran Asmaullijinsi,
tapi eta ge nu lima,
nu leres mah hiji bae,nyaeta
Asmaullijinsi
pasal Asmaullidzati teh,
nu nyebut jenengan Allah, manurut tina jentulna,
sabab Dzat teh
aya tangtu,
geus mohal hanteu ayana.
kadua Asmaullisifat , netepkeun Asma Allah,
nurutkeun tina sifatna, tegesna tina rupana,
katilu, Asmaulli asma.
Nyebutkeun Asmana Gusti, nurutkeun tina Asmana
kaopat Asmaulliaf’al , nyebutna jenengan Allah, nurutkeun Af’alna,
ka lima Asmaullijinsi, nyebutna Yang Manon
nurutkeun tina jinisna,
kitu bae sundana mah,
eta Asma anu lima,
ngan sahiji anu sae,
Geuning seueur pisan jalmi, nu ngaku dzat ka jentulna, jentulna jasad nu ‘aen,
ngaku dzat kana awakna, kana raga anu badag, sapedah tadi kasebut,
geus aya dina Hadistna.
Geus disebatkeun ku Hadist, Wallohu batinul insan,
Al insanu dhahirullah,
kieu pisundaeunnana, ari Allah teh disebut,
batin-batinna manusa.
Sabalikna kitu deui,
dohirna Allah manusa,
kitu eta sundana teh,
nu matak kek kana badan,
ieu teh dohirna Allah,
geus hanteu panjang
diemut, da kasaksi ku Hadistna.
Tah kitu teh salah
nyebut dzat kana ayana,
kana ayana wujud dewek,
sanes kana dzatna Allah,
anu dzatlaesa tea,
nu teu warna rupa
sumawon puguh jentulna.
Nu kitu eta teh pasti,
kufur dihukumanana, wujudiyah nu kitu teh,
ngaku Allah ka awakna, tur aya deui Hadistna,
Wallahu ghaibun,
[20/11 16:22] aji rasha: Al insanu ghaibun
kieu pisundaeunnana, perkara Gusti Allah teh,
ghaib teu aya jentulna,
kitu deui manusa,
sami bae pada kitu,
pada ghaib sadayana.
pan ieu mah jasmani,
teu ghaib da geus nonggerak, ngajentul beurang peuting ge,
kapan nu ngaran ghaib mah, aya tapi taya rupa,
da ieu mah nu ngajentul, ngarana wujud manusa.
Lain manusa sayakti,
da ghaib manusana mah,
tah sing kahartos,
mana nu ngaran manusa, wajib urang kudu terang, supaya ulah kaliru,
bisi nuduh kana awak.
Sing kapaham,
pasal Asmaullidzati teh,
Asmaullisifat teh,
sing kaharti, nu kumaha
nu sok lepat, nga hartikeun
pang sok jadi kalepatan,
sok seueur tekad manusa, netepkeun Asma Yang Agung, kana rupa manehna.
Sapedah ceuk dina dalil,
Allah teh teu aya dua,
tetep ngan sahiji bae,
barang ngareret awakna,
nu ngan hiji di manehna,
lian ti rupana kitu,
nu moal aya bangsana.
Sanajan ngider sabumi, ngider satangkarat jagat, moal manggih anu ceples,
nu hanteu aya bedana, sareng rupana manehna,
eta oge bangsa kufur,
sami bae wujudiyah.
disebatkeun lepat na teh, nuduh Allah ka rupana,
sanes ka sifatna Allah,
salah wesel anu kitu,
pantes jadi matak nyasar.
pasal Asmaulliasma,
anu kumaha nu salah na
kieu sababna pang lepat, mungguhing jalma nu bodo, sok gampang dibobodona, sabab seueur nu percaya, netepkeun Asma Yang Agung, kana ngaranna sorangan.
Perkara Allah teh pasti, nyaeta antero ngaran, sabab kapan tadi oge,
Allah teh
nu ngaliputan, kana
sakabeh sifat,
buktina teh kapan puguh,
diliputan ku ngaranna.
Jeung langgengna oge bukti, asmana anu teu ruksak, langgeng bae sapapaos,
jalma nu kitu tekadna, eta musyrik ngaranna, ngareuaykeun Maha Agung, kapan tadi unggel kitab.
Mungguhing
nu Maha Suci,
hiji dzat
hiji sifat,
hiji asmana
geus tangtos, sareng ngan hiji af’alna,
teu beunang direuay-reuay, samalahan lamun kitu,
lamun netepkeun ka Asma.
Atuh Allah teh geus pasti, sifat anyar disebatna,
sabab kapan tadi oge,
dina kitab geus kakocap, Dzat-Sifat-Asma-Af’al,
kapan eta geuning
puguh, pang ayana eta asma.
[20/11 16:32] aji rasha: Tina sifatna geus sidik,
kitu deui eta sifat,
tina dzatna geus tangtu,
tah kitu margi lepatna,
jalma nu kitu tekadna,
pasti eta ngaran kufur,
ngalobakeun Gusti Allah.
Lajeng
Asmaulliaf’al ,
kumaha pang jadi lepat,
nu kieu tekad manusa.
Nu ngaku Allah kana Af’alna, kana kalakuanna teh,
nya kalakuan manehna, pedah aya dalilna,
Laa haula wa laa quwwata,
pendek teu daya upaya.
Sasat teu usik teu malik, anging ku kersana Allah,
laku hade laku goreng,
tah nu kitu patekadan,
jalma teu boga akal,
saperti anu ngalindur, atawana jalma owah.
Atuh keur naon teuing,
Allah ngayakeun Agama,
para Nabi utusan teh,
jeung nurunkeun kitab Qur’an, keur ngahukuman nu salah,
ngayakeun Sawarga kitu,
pon kitu deui Naraka.
Tah kitu nu matak wajib,
ka Allah kudu ma’rifat,
ku sok kitu sababna teh,
sok jadi sasar tekadna, bakating ku poekna,
Allahna hanteu ka ilmu,
poek mongkleng buta rata.
Da nu geus yakin mah ning,
nu nyahona lain beja,
sagala perkara oge,
tara jadi kabingungan, padang caang narawangan, jeung boga pamilih tangtu, moal sakawenang-wenang.
Sabab ngaraoskeun isin, ngarasa geus teu papisah, teu aya antarana teh,
siang wengi babarengan, palaur sieun salah,
teu ngalajur hawa nafsu,
kana jalan kagorengan.
Kapan kitu kersana,
anu geus yakin mah ning,
tapi tadi nu nyarita,
majarkeun sagala rupi,
hade goreng ge ti Gusti, padahal mah ning kitu,
sidik yen Gusti Allah mah,
teu idin sama sakali,
teu maparin kana
jalan kagorengan.
Ngan wungkul bae miwarang, kana kahadean misti, kedah suci laku lampah,
teu kenging migawe dengki, ka papada makhluk Gusti,
sumawon ujub takabur,
piara laku,tekad, ati
teh kudu beresih,
masing soleh sabar tawekal darana.
Jadi ayeuna mah urang, poma sing mangarti, lamun bae kadatangan,
ku kereteg karep ati,
jadikeun budi pamilih,
kuma barisna dipayun,
samemeh prak dipilampah, sabab tangtu katawis, pijadieun kana hade
jeung gorengna.
Lamun pijatoheunnana,
kana kagorengan pasti,
nu kitu sanes ti Allah,
aya anu nyiliwuri, parentahanna Idajil,
da Allah tara kitu,
tara sok miwarang salah, wungkul miwarangna Gusti, kana jalan rahayu
dunya Akherat.
[20/11 16:43] aji rasha: Kitu deui sabalikna, mun datang kareping ati,
ngajak jalan kahadean,
kamulyaan lahir batin, geuwat ulah lami-lami,
pek lampahkeun buru-buru, nu kitu ngaran ibadah,
ibadah ka Maha Suci,
ibadah teh lain bae
wungkul ngan Sholat.
Sagala hal kalakuan,
nu hade mah eta tunggal keneh nya ibadah,
da tunggal parentah Gusti, sanajan getol ngabakti,
getol Sholat lima waktu,
tapi laku jeung tekadna, jongjon bae sirik pidik, amalna teh lir tipung
katiup barat.
Geus moal aya sesana, musna leungit tanpa lebih,
nu beunang hese capena, mubadir sama sakali,
di hijab deui ku Gusti,
numawi rai sing emut,
sing iyatna kudu kuat,
kana panggodana Iblis, masing pengkuh
keukeuh nyalindung
ka Allah.
Ulah kabengbat ku Setan,
nu narik jalan balai, balai Dunya Akherat,
sareng ngabatalkeun deui, kana jalan ma’rifati,
ma’rifat ka Maha Agung,
geus tangtu deui ka hijab,
jadi poek buta rajin, kapindingan ku kokotor
laku tekad.
pasal Asma anu opat,
nu geus didadarkeun tadi, kantun eta anu ka limana
Nu disebat,
Asmaullijinsi
ceuk eta nu enya,
kumaha enyana deui,
hayang enggal ngarti,
tah nu ieu mah engke heula ulah ayeuna di dadar na
moal bisa dicarioskeun ayeuna.
Kudu dina salse pisan, jeung kudu ditempat sepi,
bilih kadenge ku cakcak,
da kapan rasiah Wali,
pasal Asmaullijinsi,
Asma tina jinis kitu,
bagian nu ahli Qurbah, tegesna anu geus yakin,
anu ahli adep-adepan
jeung Allah.
ayeuna mah, pasal Iman
anu tilu,
Iman Taqlid
Iman Idlal
Iman Takhkiq .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar