Minggu, 21 November 2021

agama

[21/11 21:04] aji rasha: Hartosna : 
Awal-awalna Agama kudu ma’rifat heula ka Allah ta’ala.
Dupi dawuhan Allah ta’ala dina Qur’an Surat Al-Hajr 
ayat 99 
Hartosna upami teu lepat : Kudu nyembah maneh ka Pangeran maneh sing tepi 
ka yakin.

Dina palebah ma’nana ieu dalil kumaha hartina? Kumaha tepina? 
rek yakin kana nyembahna bae, ti baligh nepi ka maot sae bae. 
Cenah rek tepi kana yakin nyembahna bari yakin kanu disembahna, 
atuh naon batalna? 
Piraku matak batal kana Islam mah, 
malah teu euweuheun nu ma’rifat ti baheula oge, 
nepi ka jaradi Wali gening, mungguh darajat manusa teh teu sami, 

kadua perkawis 
wajib ma’rifat teh, 
supaya urang hirup di dunya teh boga benteng anu kuat, 
pikeun ngajaga hawa nafsu kanu goreng, 
jalaran ngaraos isin 
ajrih siang wengi ku 
Gusti nu Maha Suci 
margi tos ngaraos tos teu aya antarana tea, 
salamina ngaraos 
ditingali bae”. 

numawi manusa 
wajib ma’rifat teh, 
pikeun syarat syahna 
amal ibadah ayeuna 
keur di dunya, 
supaya yakin nyembahna 
moal pegat tepi ka maot. Yakin kanu disembahna 
moal poho-poho 
tepi ka maot. 
Duanana kapigawe, 
amal kalawan iman na sanajan dina bagian dunya oge, bener nyembahna teh kedah tepung heula sareng nu disembah. 
Tara ngaheulakeun sembah 
samemeh kapanggih, benerna 
puji kedah bukti heula 
nu dipujina, 
mun urang tumarima 
jadi kaula kedah tingali 
di Gustina”. 
“Upami urang karep nyiar rizki jalan tina kuli-kuli, 
kedah milari pidununganeun nana heula, 
tara jol kana digawena, 
margi upami darapon meunang gawe mah, 
atuh da seueur pigaweeun mah, sajalan-jalan oge seueur tanah bukaeun 
aya sawah paculeun, 
aya kebonkoredeun, 
upami ku urang jol prak 
bae dipacul, teu carita 
heula kanu bogana, 
kumaha balukarna? 
Tangtos dongkap nu gaduh teh, tibatan daek muruhan mah kalah ngusir, 
da rasana eta sawah atawa kebon rek dipiboga kunu macul tea, atuh puguh bae rugi kadua katilu, saperkawis rugi ku jalaran geus
ngaluarkeun tanaga anu sakitu capena, kadua perkawis teu diburuhan, turug-turug bari diusir 
dicarekan”. 

ari dina bagian Agama mah wajib migawe amal ibadah sateuacanna ma’rifat ka Gusti Allah oge, 
sabab 
perlu kudu diajar heula supaya bisa, pibekeleun keur kumawula ka Gusti Allah engke dina geus ma’rifatna. 

Ngan bae eta ibadah urang lamun tacan nepi kana ma’rifatna ulah ujub bakal 
aya buruhan (ganjaran), 
di kengingna oge ganjaran make aya landratan heula. Tangtu ditimbang amal hadena sareng amal gorengna, 
kamana beuratna. 
Beurat kana amal 
hadean tangtu ragrag ka Sawarga (ganjaran kani’matan), 
beurat kana amal gorengna 
tangtu ragrag ka Naraka (kateugeunahan), 

tah kitu paurna urang lamun teu ma’rifat teh. 
Upami manusa geus ma’rifat mah moal aya landratan deui, moal aya timbangan
[21/11 21:17] aji rasha: deui, sabab di dunya geus bisa ngalandrat diri sorangan, geus bisa nimbang hawa 
nafsuna sorangan, 
mana nu katimbang goreng moal dilampahkeun, 
mana nu katimbang hade tangtu dipigawe. 

Kumaha upami jalmi teu acan terang kana jalan-jalan
ibadah, mung aya kadar ma’rifat ka Gusti nu Maha Suci? 
Jalanna tina tarekat?” 

Jalma kitu leuwih untung tanda eta jalma meunang taufik (pitulung) ti Maha Suci, ciri eta jalma dihampura dosana, 
ti mana bae jalanna mah 
tangtu nyorang heula tarekat, sabab pikeun ngabuktikeun sifat-sifatna hakekat, 
nyaeta 
sifat-sifatna hakekat teh Dzat,Sifat,Asma, 
barang gaib tea, 
nu ditingalina sanes 
ku panon kapala. 

Hadist nerangkeun kieu : 
Hartosna upami teu lepat : 

Ningali Dzat, Sifat Allah ta’ala di dunya ku awasna ati.

Tah kitu katerangannana 
nu ma’rifat 
ka Allah Subhanallahu 
wa ta’ala teh, 
henteu dipastikeun yen kedah tina sare’at jeung kudu bisa ngaji heula kitab, Qur’an bae 
da gening bieu diluhur disebatkeun ahli sare’at oge ari rek ngudag ma’rifat mah kedah nyorang heula tarekat, sareng elmuna pan 
Gusti Allah mah wenang, henteu kedah ka jalma nu bisa maca kitab Qur’an bae maparinna taufik teh, 
buktina para Wali oge 
aya nu teu masantren heula, da kadieuna oge teu kurang-kurang anu tarepi kana ma’rifat, 
nu sanes tina pasantren heula, 
sok komo deui kautamiannana ka anu mapay ti pasantren, teras dugi kana ma’rifatullah, 
margi kasaksi 
ku dalil ku Hadist. 

saperkawis pikeun 
syarat syahna amal ibadah, sangkan sampurna
ibadahna. 

Kadua perkawis pikeun ngabenteng hawa nafsu goreng, sangkan sampurna laku lampahna hirup di dunya. 

Katilu perkawis ma’rifat 
ka Allah pikeun laku kasalametan 
dunya rawuh Akherat, 
sabab sifatna anu mawa salamet teh caang, 
sifatna jalan cilaka 
teh poek, 
sanajan ahli agama oge upamu teu ma’rifat ka Allah ta’ala mah, 
sasat teu acan boga lampu, upami teu acan boga lampu, temahna sok hayang tutubruk bae ka batur 
ibarat ngajalankeun mobil 
ti peuting teu make lampu, kajadiannana nya tangtu diaradu bae jeung baturna, 
nu pada-pada teu make lampu. 

Nyakitu pisan, nu matak 
ngaji teh sing 
tepi kana anggeusna, 
anggeusna ilmu, nya ma’rifat. 

Tiap-tiap geus ma’rifat tangtu itikadna tetep dina bodo, 
sanggeusna mirasa bodo moal ujub ria takabur 
moal rek sirik pidik ka batur kanu kitu kanu kieu oge. 

Ayeuna pasal ma’rifat. Kumaha jalanna supados enggal tepina?” 

Teu aya sanes mimitina lamun hayang ma’rifat 
kedah pilari rukunna heula. Lamun teu kapanggih rukunna salilana 
moal bisa tepi, 
kapan sadayana 
oge ngangge rukun bae. Saperti hayang Iman 
aya rukunna 6 perkawis, hayang Islam 
aya rukunna 5 perkawis, hayang ngalakonan Agama aya rukunna 4 perkawis, nyaeta

Tidak ada komentar:

Posting Komentar