Sabtu, 20 November 2021

pang balik an diri nu sajati

[20/11 13:10] aji rasha: Nerangkeun Dalil 
انواناران
Pasal nu Balikna. 

bener kudu balik, tapi lain ngingkig kitu, kawas ti luar 
ka bumi, 
balik soteh balik raos. 

Rasa Dunya 
balik rasa kapungkur, 
tapi pangbalikan teh, pangbalikan rasa kitu, 
aya tilu perekawis, 

hiji Haqna Adam 
dua Haq Muhammad Nabi, katilu Haqna Yang Manon, 

tah sakitu pikeun balik, kumaha ilmuna tangtos. 

Lamun rasa 
balik ka Haq adam kitu, cicing di Naraka pasti, ngarasa kanyeri wungkul, sasatna di jalan cicing, 
dina jalanna bareto. 
Lamun turun keur dibabarkeun ku Ibu, 
kapan didinya teh nyeri, karaos ku tuang ibu, 
tah lebah dinya , 
Haqna Adam 
teh geus tangtos. 

Nu kadua Haq Muhammad , rasa Dohir lamun balik, 
kaHaqna Muhammad tangtu, jadi ni’mat geus pasti, Sawarga ngaranna 
 
Tetep langgeng dina ni’mat taya tungtung, 
teu dicampuran ku nyeri, 
kapan di Dunya mah campur, kangeunahan jeung kanyeri, kalem timbul 
sapapaos. 

Tapi engke dimana urang geus pupus, pipisahan enggeus pasti, 
ngeunah teu ngeunah teh tangtu, 
mun nu jatoh ka Sawargi, tetep ni’mat bae 
jongjon. 

Anu balik ka Naraka pon nyakitu, teu selang-selang deui, ku kangeunahan kitu, tetep langgeng dina nyeri, salamina taya tempo. 

eta nu ngaran Sawargi, 
naha siga naon atuh, 
naha saperti di Dohir, 
make aya gedong-gedong.
Barang-barang meja korsi nu aralus, jeung istri anugareulis, 
 
bet piraku, 
kawas keur di Dohir deui,  ih.ula kawas nu ngaco. 

Ari mungguh Sawargana Maha Agung, 
gaib hanteu aya bukti, 
teu katinggal soca kitu, hanteu kadangu ku cepil, ngan ni’mat anu karaos. 

Kani’matan di 
Sawarga Maha Agung, 
teu karana dipigawe deui, 
teu saperti Rama Ibu, sapatemon waktu tadi, 
keur waktu ngajadi orok. 

Kani’matan Akherat mah 
rasa kitu teh geus pasti, 
teu karana deui kitu, 
ni’mat bae salamina, 
tah kitu anu sayaktos. 

Tah nyaeta ieu
Haq Muhammad Rusul,  

Mun nu tepi balik 
kana Haq Yang Agung, 
jadina kumaha?, 

nu tepi kadinya 
eta tetep langgeng 
dina poho.
[20/11 13:21] aji rasha: Nya sampurna balik 
ka rasa kapungkur, 
samemeh ka Dunya lahir, keur masih ngajadi Enur, 
Nur Muhammad waktu tadi, teu ngaraos naon-naon. 

Hanteu aya ngeunah 
teu ngeunah ge luput, 
Dzat laesa kamishlihi, 
teu arah teu enggon kitu, hanteu warna hanteu rupi, sajatining suwung raos. 

Di dunyana nu nepi 
pangkat kitu, 
ngilmuna eukeur di Dohir, pangkatna geus ma’rifatu, kana sagarana hurip, 
nyaeta dzatna Yang Manon. 

Dupi anu balik 
ka Sawarga Agung, 
nyaeta nu ma’rifati, 
nu geus ma’rifat kana Nur, Nur Muhammad opat rupi, 
nu diluhur kacarios. 

Barang anu balik ka Naraka di Dunyana nu teu manggih, 
kulantaran kurang suhud, ngan ukur tuturut munding, ibadahna luak-leok. 

Ngalakonannana ngan era 
ku batur, 
hanteu isin ku Yang Widi, 
teu sieun ku siksa kubur, Akherat pon kitu deui, kaduhung engke karaos. 

Sing kamafhum, pasal eta pikeun balik, 
aya tilu tempat kitu, 
kumaha waktu di Dohir, tepina ilmuna tangtos. 

Nalika urang tadi di Qadim, keur waktu keneh dina Nur, rasa teh sama sakali, 
teu ngaraos naon-naon.

Barang dongkap ka Dunya urang geus dumuk, 
bet boga rasa kanyeri, 
kangeunahan pon nyakitu, 
na kumaha sajarahna deui?

Sugan aya ibaratna 
sangkan puguh, enggal
kaharti, hayang caang 
teu bingung,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar