Minggu, 21 November 2021

nerangkeun bismillahi

[21/11 12:57] aji rasha: Nerangkeun Pasal Bismillahirrahmanirrahim.

kaula mimiti muji, nyebutkeun jenengan Allah, Rahmanirohim disebut, 
kieu sundana teh 
Rohman murah di dunya, 
Rohim, Allah asih di Akherat, ka sakur jalma Muslimin. 

kumaha Allah murahna, 
ka manusa keur di dohir. 

pan puguh, 
murahna nu Maha Suci, 
bukti ieu di dunya, 
geus ngayakeun 
cai bumi, seuneu angin tea, bibit sakur nu kumelip. 

Tatanduran ting pelentung, pang jadina taya deui, 
anging ku opat perkara, tangkal asal tina leutik, 
jadi gede jeung buahan, rasana ge rupi-rupi. 
Sanggeus jadi buah tangtu, keur dahareun jalmi-jalmi, nya didahar ku sadaya, makhluk nu gede nu leutik, tah kitu murahna Allah, 
nu bukti di alam dohir. 

naha teu aya undakna, 
salangkungna tinu 
eta murahna Gusti. 
Sabab buktina teh puguh, geuning urang saupami,
hayang dahar bubuahan, 
mun sanes pelak pribadi, geuning langka kasorang, lamun urang hanteu meuli. 

Mun maksa ngala nu batur, kadangkala sok dibui, 
tah dina lebah etana, 
ewed liwat saking, 
malahan ceuk dina kitab, geus unggel dina Hadist. 

Lamun manusa keur hirup, sok miresep kana maling, maling barang anu lian, engke di Akherat misti, 
bakal disiksa ku Allah, 
asup ka Naraka pasti. 

murahna nu Maha Suci, 
da teu rata ka sadaya, 
eta mah emutan nafsu, kamurahannana Allah, 
sanes murahna Yang Widi.
[21/11 13:07] aji rasha: Kade ulah salah harti
murahna nu Maha Suci. 

Murahna Gusti Yang Agung, ka manusa keur didohir, parantos maparin tangan, 
ka manusa dua siki, 
keur ngajadikeun sadaya, kaayaan alam dohir. 

Geura mangga bae emut, 
ieu kaayaan dohir, 
nu sakitu arahengna,
saperti adegan bumi, kareta api jeung kapal udara mobil. 

Pang bisana jadi tangtu, 
ku tangan teu salah deui, sanajan pabrik-pabrikna, 
anu golangna ku cai, atawa ku seuneu tea, kenging leungeun 
bae. 

Maju eureunna ge puguh, 
boh kapal boh pabrik-pabrik, motor-motor saterasna, 
ku tangan bae geus sidik, naon nu henteu ku tangan, 
nu jadi di alam dohir. 

Najan tatanduran tangtu, sakur nu jadi di bumi, 
asalna aya nu melak, 
di pelak ku leungeun jalmi, ahirna jadi buah, diala ku tangan deui. 

Malah keur ibadah kitu, tangan bae nu mimiti, 
nu dipake ngabantun 
Qur’an, dibukana kitu deui, 
ti awal tug dugi ka ahirna, 
ku tangan bae geus misti. 

Malah dina waktu keur, ngalakonan Sholat geuning, dina waktu Sembahiyang, tangan bae anu mimiti, 
tina kawit wulu mula, nepi ka nangtungna deui. 

Tangan mimiti dijungjung, kaluhur dianggo takbir, 
terus dongko ruku tea, 
ku tangan dibantu deui, 
dina tuur pake nulak,mun teu ditulak mah pasti. 
Meureun tijongklok geus tangtu, sujudna ge kitu deui, mun teu dibantu ku tangan, tisusud teu salah deui, 
rek hudang tina sujudna, 
niat bade lungguh calik. 

Mun teu ku tangan dibantu, rek lunguhna hese atuh
sidik pisan teu sulaya, 
bukti. 

Rohimna Yang Agung, 
nyaeta asihna Gusti, 
di alam akherat, 
naon sifatna nu bukti, 
pan eta keneh  

pang bisa ningali kaayaan 
di akherat, ku asih-asihna Gusti, 
waktu keur jalan tarekat, 
bisa nyaho alam goib. 

Akherat samemeh pupus, malah ayeuna ge geuning, akherat teh kababawa, babarengan siang wengi, dunya sarawuh akherat, geus gulung ngajadi hiji. 

 pasal puji.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar