Minggu, 21 November 2021

nerangkeun hal iman

[20/11 16:47] aji rasha: Nerangkeun Iman 
aya tilu panta

pihartoseunnana, 
hiji-hiji Iman 

Iman Taqlid, 
Iman tina beja wungkul, 
percaya ayana Allah, 
ngan wungkul beja ti jalmi, eta kitu Iman Taqlid 
 
Iman Idlal  
martabat undak ti tadi, 
eta mah nu geus percaya, 
kana ayana Yang Widi, 
tur kalawan aya saksi, 
tina dalil Qur’an kitu, 


Iman Takhkiq, 
tah eta mah martabat 
anu utama. 
Eukeur mah tadi percaya, 
di ayana Maha Suci, turug-turug nyaho pisan, 
boga saksi tina dalil, kawuwuh jeung 
bisa yakin, 
ma’rifat ka Yang Agung
[20/11 17:00] aji rasha: percayana geus teu samar, geus teu asa-asa deui, malah-malah geus teu ngarasa pisahna. 

Geus ngarasa aqrobiyah, jeung Gusti nu Maha Suci, wujudna geus jadi lafad, 
geus ngajadi wujud dalil, lafad Muhammad Nabi, 

naha kumaha hartosna, 
nu geus jadi lafad dalil,teh?

Sabab lafad Muhammad mah, dina saban-saban jalmi, sadaya pada mirupa, 
dina keur Attahiyati, 
dina Sembahiyang sidik, 
jadi lafad Muhammadu, sirahna jadi Mim awal, dadana jadi He sidik, 
Mim akhirna udel kanyataannana. 
Dal buktina teh sampean, 

acan jadi, dina keur Sembahiyang mah, 
lantaran teu aya hiji, 
teu aya hurup Tasjid, 
tacan syah upami kitu, 
teu uni lafad Muhammad, tacan jadi wujud dalil, 
didinya mah karek uni 
Mim-He-Mim-Dal.  

pasal Hakekatna Tasjid, lamun jalma tacan terang, 
hal praktekna Sholat Da’im, nyaeta Sholat sajati, padamelan Kangjeng Rasul, moal bisa kapaham, 
sanajan hayoh dipikir, 
kalah botak dipikir 
moal kapendak. 

Sabab pasal Tasjid eta, koncina Bumi jeung Langit, eukeur muka lawang hijab, hijabna ka Maha Suci, 
keur ngaburak jagat shagir, nimbulkeun raga nu lembut, upama kapanggih eta, 
geus tangtu ke kaharti, 
pasal tadi aya basa 
Nafi isbat. 

Lamun Wujudna manusa, tacan jadi lafad dalil, ngawujud dalil Muhammad, moal pinanggih jeung Gusti, sasat moal ma’rifati, 
kapan ning para Rusul, nyaeta utusan Allah, 
nya eta Nabi-nabi, 
Nabi Adam 
Nabi Enoh 
Nabi Ibrahim. 
Nabi Musa 
nabi Isa, 
sadayana teu diselir, 
geuning teu aya nu Mi’raj, 
salian ti 
Kangjeng Nabi, 
Muhammad Rasulullohi, 
nu diselir ku 
Yang Agung, 
sina ninggali Akherat, 
kayaan Alam Batin, 
memeh pupus 
anjeuna mah geus uninga. 

Cirina Nabi nu lian, 
numawi teu Mi’raj rai, 
da bukti tina lafadna, sadaya teu nganggo Tasjid, 
Heg tinggali, 
lafad-lafad para Rusul, 
lafad Adam lafad Enoh, Ibrahim, Musa jeung lafad Isa sadaya teu di Tasjidan. 

Lian ti lafad Muhammad, 
anu nganggo lafad Tasjid, sami sareng lafad Allah, cirina teu aya deui, 
nu dipaparin Kunci,
keur ngadeuheus
[20/11 17:01] aji rasha: ka Yang Agung, 
jadi sanajan ayeuna, sadayana umat Nabi, 
tangtu bisa lamun 
kapanggih Tasjidna. 

Asal sing suhud neangan, jeung dibeuli ku prihatin, tirakat mutih, puasa, sareng dibarengan deui, ku kalakuan nu suci, ucap tekad sareng 
laku, dijaga ulah rek salah, sing suhud bae ka Gusti, Insya Allah awal 
akhir tinekanan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar