[25/11 13:04] aji rasha: aya babasaan, opat rupa
1.Maha Agung,
2.Maha Mulya,
3.Maha Suci.
4.Maha luhur
[25/11 13:21] aji rasha: naha eta basa opat perkawis, aya kanyataan dumuk, atanapi wungkul basa,
naon nyatana
di badan urang,
nu luyu nu karasa,
Agung Mulya Suci luhurna hayang kaharti,
ulah ngan babasan wungkul, teu hasil mun teu harti mah, salamina moal matak
jadi ilmu,
mun ngapalkeun bae asma, teu hasil mun
teu jeung bukti.
puguh bae aya buktina mah, perkawis Yang Maha Agung, nyatana di badan urang pangucap
kapan nyata,
najan tujuh bumi sareng
tujuh langit, nu gedena sakitu, diucapkeun sadayana,
malah Asma Allah ge disebut, dilisankeun ku pangucap, tanda ku agungna leuwih.
Maha Luhur,
naon kanyataan na,
di diri urang pribadi.
nyatana paninggal,
eta nu pangluhurna,
ning bukti eta langit
nu sakitu, luhurna
tanpa wangenan,
ku tingal mah geus kaberik.
Cacakan teu kahalangan, saluhureun langit ge
tangtu katepi,
ku awas tangtu kasusul,
ku bakat tinggi-tinggina,
Maha Mulya
nyaeta nyatana pangdangu
naha kumaha mulyana,
naha sok ngadangu,
nu nyebat nyeri dengena, rajeun oge nyeri ceuli.
Mulya bae salawasna, pangdenge teh
salawasna tara gering,
yaktos ari dengena mah, teges Mulya
tara kasebut-sebut,
nyeri denge tara aya,
bener mulyana teh sidik.
Maha Suci
nyatana pangangseu, nafasna dina pangambung, eta nu pang sucina,
geuning bukti nafas teh
tara belewuk,
sanajan tara dikumbah,
nafas mah tetep beresih.
genep Rusul,
1.Nabi Adam,
dipangkatkeun Adam Khalifatullahu,
2.Nabi Enoh,
pangkatna Habibullahi.
3.Nabi Ibrahim
pangkatna halillullohu,
4.Nabi Musa,
dipangkatkeun Kalamullahu
5.Nabi Isa,
pangkatna teh Rohullahi.
6.jeng Nabi, muhammad
dipangkatkeun
Muhammad Rasulullahi,
tapi ayeuna geus pupus, sadaya parantos sirna,
jadi meureun ayeuna nu
Maha Agung,
geus taya utusannana, sadayana geus lastari.
[25/11 13:39] aji rasha: moal enya
geus taya utusan Gusti, kapan Rusul mah teu pupus, sadayana oge natrat,
terus bae nepi ka
poe panutup, nepi ka kiamat teu robah utusan Gusti.
Sabab mun taya utusan,
teu aya alam dunya ge sepi, moal aya tangtu lebur,
nya eta kiamat tea,
poma ulah rek kaliru,
nu pupus mah majajina,
nya eta wujud jasmani.
Nu teu beda sareng urang,
nu sarupa wujud urang,
make sirah dada suku, Nyatana Mim He Mim Dal, tah eta hawadistna
nu pupus,
Rusul mah hanteu wafat, langgeng teu owah
teu gingsir.
Hakekatna mah berjalan, malah geus kumpul di urang
nu kagenep rusul ngagulung, kumpul dina hirupna,
kapan eta hirup ayana
sifatna aya diurang,
nu masih gumelar dohir.
naon hakekatna dina diri, buktina teh para Rusul,
kieu mun can terang, hakekatna para Nabi.
Nabi Adam,
nya eta Adam Khalifatullahi, teges Khalifatullahu,
wawakil Allah ta’ala,
pikeun bibit nurunkeun manusa kitu, bukti sadaya manusa, asal Adam Hawa
Adam teh nyaeta bibit,
bibit manusa saestu,
sanyatana, Adam eta nyata
di badan sakujur,
kapan nyata, eta adegan diri
Ti luhur sahibas sirah,
ti handapna sahibas suku sasat saadegna wujud,
tah eta nyatana Adam, iradatna Gusti anu
Maha Agung,
pikeun nurunkeun manusa,
sabab moal salah deui.
Nyieun jalma ku jelema, nyieun domba ku domba nyieun kerud nya ku kerud, kitu Allah kawasana,
iradatna Gusti nu
Maha Agung,
ngan sakali ngadamelna, tatapi sakali mahi.
Adam teh kaharti,
nyatana teh enya eta wujud,
Nabi enoh
hakekatna Enoh Habibullahu, naon nyata na di urang,
mun can harti.
Nyatana pangdangu urang, nya eta Enoh Habibullahi,
Ibrahim Halillullah,
hakekatna nyaeta paninggal nya awasna panon urang,
Musa Kalamullah,
hakekatna nya pangucap
Isa Rohullohu,
pangangsu hakekatna,
hakekat Muhammad Rosul,
nya rasana wujud urang,
Panghulu Rosul sadaya,
bukti kapan
dangu,tinggali,angsu,ucap
asupna teh kana rasa,
najan ieu wujud oge
nu nganggung, taya lian ngan ku rasa,
pang bisa
nangtung jeung usik.
Dupi eta rasa tea,
pangna kuat
aya nu nguatkeun deui, nyaeta nyatana hirup,
hirup ngokop kana rasa,
rasa ngokop kana wujud, wujud ngokop ka kahayang, kana nafsu opat rupi.
[25/11 13:47] aji rasha: ilmu wali nu
geus sidik ditampi,
ku Allah nu Maha Agung, sabab bisa ma’rifat,
enya eta kana
sajatining hirup,
sajatining Syahadat,
nyaeta dzatna Yang Widi.
Wali eta nyusulna tarekat jati, ku tapa mang taun-taun, bakat ku hayang ma’rifat, enya eta
ma’rifat jatining hirup,
urang, kudu tampa warisan ti Wali-wali, pira urang mah ngan macul, teu sakumaha bangga, ukur macul moal sakumaha ripuh, meureun
ari hasil mah, sarua jeung Wali tadi.
Sabab Wali sadayana, pangna suhud
tapa dibeuli ku pati,
neangan jatining hirup,
ku jalan tarekat tea, taya deui ku anjeuna nu dituju,
lain ngan keur salirana, hayang sampurna pribadi.
Bakating ku ngabelaan, umat-umat nu daratang pandeuri,
tina nyaahna kalangkung, sanajanna Gusti Allah,
pang maparin pangkat Wali-wali Kutub,
tina bakat Wali eta,
nyaah ka umatna Gusti.
Jadi kadieuna umat,
mun hayang kana kasampurnaan diri,
moal saperti kapungkur, tatapana naunan,
da geus hampang tadi
diibaratkeun kitu,
urang mah kantun maculna, moal bangga cara tadi.
sabab leleberannana,
tina karamatna Wali,
numawi kedah disusul, teangan tarekatna,
sabab mohal tarekat dicandak pupus,
tangtuna tinggal di dunya, pikeun umat Kangjeng Nabi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar