[26/11 13:57] aji rasha: Nerangkeun :
1. Muhammad Haq,
2. Muhammad Hakeki,
3. Muhammad Harid,
4. Muhammad Majaji
Kieu perkawis eta,
barangna nu opat rupi,
nu disebat
1.Muhammad Haq,
eta teh dzat sifat Gusti, rupina caang dumeling,
nya eta sagara hirup,
bibit nyawa sadayana,
tah eta barangna teh,
2.Muhammad Hakeki
eta teh naon sifatna,
nyaeta nu opat
sorotna tina dzat sifat,
bijil cahya opat rupi, sategesna nu kasebat
Narun
Cahaya beureum sifatna,
Hawaun
cahya koneng ,
Ma'un
cahya bodas
Turobun
hideung cahya,
kapan sidik jadi lafadna
Muhammad.
Nu bereum huruf Mim awal, nu koneng huruf He pasti, cahya nu bodas beresih,
nya jadi huruf Mim akhir, cahya nu hideung nyata,
nya eta huruf Dal pasti,
ning sidik jadi lafad Mim-He-Mim-dal.
Tah eta anu kasebat, Muhammad Hakeki teh,
Muhammad Harid
nyatana, nyaeta rasa pribadi, nya ieu rasa jasmani,
eta sifatna teh tangtu,
Muhammad Majaji
nya ieu rupa jasmani,
Mim teh mastaka ,
He teh nya dada
Mim teh udel
Dal na eta sampean
[26/11 14:06] aji rasha: sidik eta teh
Mim-He jeung Mim-Dal.
Jadi unina Muhammad,
ari eta Kangjeng Nabi, Muhammad Rasulullahu,
nu sumareh di Madinah
naon disebatna deui,
eta mah
Muhammad pangkat.
Pangkat Nabi Rasulullah, utusanna Maha Suci,
nya nu ngagelarkeun Agama, sare’at tarekat deui,
hakekat ma’rifat ,
sangkan manusa teh mulus, salamet dunya Akherat,
jeung supaya terang deui, jeung percaya
ayana Allah ta’ala.
Sabab nabi Muhammad mah, kabagi ma’rifat jati,
ma’rifat ka Gusti Allah,
kana dzat sifat Yang Widi, sabab bisa mi’raj rai,
ari nu liana Rusul,
teu kabagian ma’rifat, umatna pon kitu deui, Muhammad mah teras ka
umat-umatna.
Sabab aya wawakilna,
nya eta para Wali,
Wali Kutub disebatna,
nya jeng Syekh Abdul Qadir, nu mimitina teh,
tarekat ma’rifat timbul,
nya eta awal-awalna,
tibana ti Kangjeng Nabi, akhirna mah nya
Gusti Syarif Hidayat.
Teras ka Wali salapan,
di Cirebon anu bukti,
tah didinya mencar-mencar,
terus ka ayeuna pasti,
mana nu kabarengan ,
ku pitulung Maha Agung, tanwande bisa narima, nampa tarekatna ilmi,
nya eta tarekat ma’rifat tea.
Nya eta jalan tarekat,
tilas Wali anu tadi,
jeung kalawan dibarengan, ku pitulung Maha Suci,
numawi ulah sok mungkir, ilmu Wali mo kasusul,
hoream neangannana,
pan tadi Maha Suci,
sifat Rahman
nu murah dialam dunya.
Piraku mun cengeng tekad, keukeuh neda ka Yang Widi dibarengan sareng prakna, dibeulina ku prihatin,
sageuy teu tiasa nepi,
atuh mun kitu mah palsu, murahna di alam dunya, hanteu cocog sareng dalil,
kapan dalil
wajib pisan dipercaya.
Sabab eta tuduh jalan, numawi Gusti Yang Widi, nurunkeun ayat sa Qur’an sing kasungsi,
ulah ngan tulisna wungkul, eta mah pangandika na,
Allah anu Maha Suci,
wajib susul eta
anu ngandikana.
Sabab basa Allah eta, sategesna ngaran Gusti, tiap-tiap aya ngaran,
tangtu nyandak tina bukti, tina dzat sifatna pasti,
mung dzat sifatna
Yang Agung,
gaib pisan pang ayana,
moal kenging katingali,
ku awasna panon kapala
anu nyata.
Kengingna ku panon rasa, hakekat Muhammad Nabi,
nu nganepikeun kana
dzat, sifatna Yang Maha Suci, dupi nu nganepikeun pasti, kana sifatna Yang Agung, nyaeta ku asma tea,
kapan awalna ge,
mimitina nya eta
dzat anu kasebat.
Kaduana kana sifat,
tilu asma nu kawarti,
eta tiluhur ka handap,
ayeuna kedah dibalik,
mun hayang kasungsi,
kedah ti handap kaluhur,
[26/11 14:12] aji rasha: kedah tina asma heula,
naek kana sifat deui,
terus kana dzat naekna.
Atawa
Allah Muhammad, Adam
nu tipandeuri,
tadi tiluhur ka handap,
ayeuna kedah dibalik, tihandap ka luhur deui,
Adam Muhammad, Allah
sing tepi, perelena nya
Adam Muhammad Allah.
Geuning bukti di manusa, pang gumelarna dohir,
nya eta ku tilu basa,
Hirup-Rasa-Adeg ,
hirup kanyataan Gusti,
rasa kanyataan Muhammad adeg kanyataan Adam .
Tah geuning kitu geus nyata, jadi lamun hayang terang,
ka Allah nu Maha Suci,
kedah heula kasungsi, Muhammad nu tipayun,
eta hakekatna,
da majajina mah geus bukti, parantos pupus makamna ge di Madinah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar