[18/11 17:19] aji rasha: Emutan pa ibadahan
Sarat sah nyembah ka Gusti, batal haram jeung makruhna, sunat farduna sakabeh,
sasat nuduhkeun jalan,
jalan tuduh Agama,
mun prakna tah kudu kitu, kudu nurut kitab Qur’an.
Mereskeun jalan Agami, Agama sareat tea,
laku ucap anu aen,
nu katinggal ku sadaya,
anu kudu dilakonan, parentahna Gusti Rasul,
rukun Islam anu lima.
Ari hakekat mah rai,
tarekat sareng ma’rifat, bagian ilmu eta teh,
pikeun kayakinan nana, sadirina-sadirina,
keur kapercayaan kitu,
kanu baris
disembahna.
Jadi geus kaluar garis,
lain hukumaneun jalma, sumawon ku sareat teh,
boh salahna boh benerna, anging Allah nu uninga,
Allah nu pikeun ngahukum,
engke di alam Akherat.
Teu aya gunana jalmi, pipilueun ngahukuman, sareat ka tarekat teh,
mangsa bodo Gusti Allah,
da ari sareat mah,
ngan kudu menerkeun
laku, aturan amal ibadah.
Kapan ari Iman teh,
aya dua perekara,
hiji Iman ka Yang Manon, nyaeta eling ka Allah,
kana dzatna jeung sifatna, tapi sahna eling kudu, kalawan ma’rifat heula.
Sasatna kedah papanggih, sabab kumaha rek Iman, lamun teu acan paamprok,
saperti ayeuna urang, kumaha arek elingna,
kana rupa Mekah kitu, sababna tacan ma’rifat.
Ngan karek asmana badis, teu acan katinggal ku soca, atina teu daek nyaho,
sanajan dicipta-cipta,
weleh geuning pasalia,
jeung buktina nu diditu,
sidik henteu mangfa’atna.
Tapi kade salah ngarti, perkara nyaho ka Allah,
lain kudu sapertos,
urang ninggal tanah Mekah, sidik ku panon kapala,
ka Allah mah sanes kitu, kapan aya ceuk Hadistna.
Mimiti Ru’yatullahi, Fidun’ya anu kasebat,
Bi ‘ainil Qalbi sayaktos, hartina
ninggal dzat Allah, ti dunya teu meunang salah, kudu ku awasna kalbu,
ku awas panon atina.
Perkawis Iman ka Allah,
kudu parantos mangartos,
kantun
Iman anu ka dua,
naha Iman ka saha,
Dupi Iman hiji deui,
bagian ahli sareat,
Imanna eta geus tangtos, Iman kana Parentahna,
Gusti Allah nu kawasa,
kudu ngalokonan rukun,
rukun Islam anu lima.
Kapan geuning eta bukti,
anu sakitu suhudna, tanda-tanda elingna teh,
kana parentahannana,
kudu daraek ibadah,
buktina pasuhud-suhud,
dina nalika cageur mah.
Tapi dina waktu gering,
dina keur aya halangan, wujud teu bias migawe,
teu tiasa ngalakonan, ngalakonan Sembahyang, atuh teu Iman mun kitu, sabab teu aya cirina.
[18/11 17:19] aji rasha: Syahadat
syahna ngucapkeun
Asyhadu, hana cukup ke pangucap, geus jadi Islam sajati. naha enya?
Nya jadi bae
Ngan teu acan jadi utami,
teu acan Islam satuhu,
karek dina kaomna,
lamun karek bisa maca
bae wungkul,
da maca mah Ferduna, wajibna mah kedah ngarti.
kapan geus aya rukunna,
arek maca Syahadat
kalimah kali,
kahiji urang teh kudu, netepkeun heula dzatna, kaduana netepkeun sifatna kitu, sifatna Allah ta’ala, katilu asmana deui.
Ari anu kaopatna,
kudu bae netepkeun heula, disidikna para Rasul,
teh geuning kitu rukunna, kakara syah
pang macana urang tangtu,
numawi wajib kapendak,
eta dzat nu Maha Suci.
Kumaha netepkeunnana, lamun tacan ma’arifat
anu sajati, kana dzat
Gusti Yang Agung,
sumawon kana sifatna, sabab henteu beunang ku
omongan wungkul,
syahna sing kapendak heula, sing sidik sarta
sing yakin,
Kapan kieu ceuk ma’nana, sundana teh Syahadat kalimah kalih,
kaula nekadkeun kitu, satemen-temen kaula,
hanteu aya anu wajib disembah tangtu,
lian ti Allah ta’ala,
Gusti Allah ngan sahiji.
Anu kadua kalimah,
jeung kaula satemen-temen nyakseni, yen
Kangjeng Muhammad Rasul, eta teh utusan Allah,
kapan sidik sundana teh
kitu, bet make enggeus nyaksian,
na kumaha ari saksi.
Kapan syahna saksi tea,
kudu nyaho kalawan
aenal yakin,
sing sidik kanu diutus, sumawon kanu ngutusna, kudu yakin ulah ceuk beja
ti batur,
na iraha kitu diri urang tepang,
sinareng Muhammad Nabi.
Sareng ngutus naon tea, Gusti Allah
ka Kangjeng
Muhammad Nabi,
Tangtuna urang teu acan patepang, sareng Nabi sumawon
sareng Yang Agung,
atuh gagal, eta pangakuan urang teh
Kapan ngaku geus nyaksian, waktu maca
Syahadat kalimah kalih,
lamun kitu saksi palsu,
na teu sieun ku hukuman, kapan bukti di dunya
ge saksi palsu,
tangtu meunang hukum beurat, tilu taun mah geus pasti.
aduh kutan,
hayang Islam rugina
kaliwat saking,
sugan teh cukup ku rukun, ngalakonan rukun Islam,
anu lima
sihoreng teh gening
kitu, ari diboker eusina,
ku Syahadat ge sahiji.
[18/11 17:19] aji rasha: Teu Iman ka parentah Gusti, Sumawon Iman ka Allah,
atuh rek eling ka naon,
rek eling ka parentahna,
da geus teu bisa hudang,
rek eling ka Maha Agung,
da can nyaho ti tadina.
Mun kitu kafiran pasti,
paeh henteu reujeung Iman, atuh meureun poek bae,
jadi linglung rarasaan,
nya meureun nyasab jadina, nyawana teh kapidangdung, teu bisa balik ka asal.
Numatak urang mah ,
kudu bae dua-dua,
Iman teh urang pigawe,
kahiji Iman ka Allah,
nya kana dzat sifatna,
nu henteu diwaktu-waktu,
eling bae salawasna.
Bari leumpang bari cicing, eling bae hanteu pegat,
keur cageur keur gering komo, salawasna moal pegat, nepi ka rek maot pisan,
geus Wahua wama’akum, siang wengi reureujeungan.
Kaduana Iman deui,
kana parentahannana, lakonan waktu lima teh,
dina keur nalika jagjag,
keur wujud taya halangan, masih keneh bisa nangtung, lakonan sakuat-kuat.
kumaha mun geus teu kuat, badanna geus ruksak kabeh, geus teu bisa walakaya,
tangtuna moal pegat,
Iman mah geus tangtu terus, Iman kanu marentahna.
Asal geus ma’rifat jati,
moal samara moal hilap,
da hanteu kudu jeung
praktek,
sanajan badanna ruksak, hanteu bisa walakaya,
da teu kudu ruku sujud,
teu ku lisan-lisan acan.
Sababna enggeus ngahiji, jalanna tina tarekat,
teu jauh sareng dzatna teh,
najan nepi ka ayeuna,
hanteu ngarasa papisah, cicing leumpang diuk
nangtung,
henteu weleh reureujeungan.
Tah manusa mah kedah kituna,
kakara bisa kasusul,
bisa balik ka asalna.
Mung ayeuna aya deui, bade tumaros , ari masih keneh poek, margi Hadist enggeus nyebat,
yen eta dalil Qur’an, pangandikana Yang
Agung, disebatna Kalamullah.
Saha jalma anu mungkir, hanteu percaya ka Qur’an, yen eta Kalamullah
teh, kufur kafir kasebatna, tapi aya deui kitab,
nerangkeun yen
Maha Agung, ngandika
Gusti Allah.
Teu huruf sowara deui, tapi eta dina Qur’an, kapan make huruf eces,
kalintang tangtu sesahna,
teu acan tetep mikiran,
hate masih kalangkabut,
percayana masih mangmang.
Sieun jadi kufur kafir,
tapi upami percaya,
kumaha da can karaos, kapan kedah sareng sahna, sagala pangakuan,
ibarat nyebatkeun cau,
boh amisna boh kesedna.
Kedah geus di dahar misti, kakara sah pangakuna,
moal taklid
moal bohong,
rek nyaritakeun rasana,
boh kesed boh amisna, nyaritakeun rasa cau,
moal arek asa-asa.
[18/11 17:19] aji rasha: Anu sakitu banggana,
nya paingan dibarerikna
ku Wali, kutapa mangtaun-taun,
toh pati jiwa raga,
hayang nyusul
ka jatining Asyhadu,
jadi mun ayeuna urang, dikadarkeun bisa mangih.
[18/11 17:19] aji rasha: Atuh untung sarebu kali
nya untung,
pangasihna Allah,
nampa
leleberanna ge,
leleberan ilmu Wali
nu baheula.
[18/11 17:19] aji rasha: Sabab tadi geus ka ilmi,
geus nyaho sareng bisana, kana migawe korsi teh,
teras di tarekatan,
nepi ka nyareatna,
sifatna sidik ngajentul,
rupa korsi teu sulaya.
Kapan ieu mah keur ngilmi, tegesna eukeur neangan, ma’rifatna
ka Yang Manon,
enya eta kana dzatna,
jeung sifatna Gusti Allah,
nya eta wujudna elmu, atawa jati Agama.
Geus tangtu kengingna ,
ku rukun Agama tea,
sareat hakekat tangtos,
tarekat sareng ma’rifat,
tapi anu sajatina,
dina bagian bab ilmu,
rasa anu narima na.
Jalanna ku rukun tadi,
anu opat perkara,
anu aya di badan dewek, poko sareat hakekat, tarekat jeung ma’rifati,
anu aya dina wujud,
di sajero badan urang.
kahartos atuh kitu nya, ngaran rukun Agama teh,
bagian ilmu ayana,
keur nyusul wujud Agama, nyaeta sifatna hirup,
nu ngangliputi sadaya.
paham basa anu opat, buktina nu dina wujud,
naon nyatana sareat.
Hakekatna pon kitu deui, nyatana di badan urang, tarekat ma’rifat oge,
Dupi sareat teh,
poko-pokona teh baham, jalan omongan geus
tangtos, tah eta
pangucap urang,
sajatina sareat,
kapan pangucap teh
puguh, nu ngabuktikeun sagala rupa.
Karamean alam dohir,
rentul sakur anu aya,
bibitna tina carios,
heg pikiran dimanah,
ieu kaanehan Kota,
karesikan Nagri, gedong-
gedong nu marakbak.
Model gedong rupi-rupi, paalus-alus bangunna nu ngadamel eta
gedong, buktina teu lepat,
pokona tina pangucap,
nu ngabuktikeun samaksud, piraku hanteu kamanah.
Najan aya niat diri urang, bahan-bahan geus sadia, moal jadi mun teu ngomong,
ngabetem teu sasauran, sayaktosna eta kitu pan.
Pokona sareat yakin,
teu lepat deui pangucap,
nya eta sajatina teh,
paingan ceuk unggel kitab, lamun nu ngaji hakekat,
teu sareng sareat kitu,
batal
ku Hadist disebat.
Ayeuna mah kaharti sugan, batalna karaos pisan,
sabab hartina batal teh,
henteu jadi ceuk sundana, kapan nyatana hakekat, keretegna ati kitu,
niat sagala perkara.
paingan kamari engkong, kereteg niat ka pasar, maksud teh rek meser bako,
barang dongkap teh ka pasar, nangtung hareupeun nu dagang, bet Cina teu buru-buru, ngaladangan bako tea.
[18/11 17:19] aji rasha: HARTINA AGAMA
Kieu hartina Agami, sategesna hirup tea,
sabab mun taya hirup teh, mo aya ngaran Agama,
Islam ge moal aya, sumawonna rukun-rukun,
enggeus tangtu moal aya.
Jadi sifat hirup pasti,
nya sajatining Agama, atawa sifat elmu teh,
numatak ngelmu teh urang, sing nepi kana caangna,
sifat Agama kasusul,
ulah ngan ku kira-kira.
Sing kapanggih,
nya eta ku rukun tea,
ku rukun Agama tangtos,
sareatna
hakekatna,
tarekatna
ma’rifatna,
dina bagian bab ilmu,
sanes bagian ibadah.
Dina Sembahyang mah , ma’rifat laku ibadah,
tina kitab kenging nyonto, najan di sagala barang,
tetep eta anu opat,
sareat hakekat kitu,
tarekatna jeung ma’rifat.
Ibarat rek nyieun korsi,
niat eta mimitina,
ari geus niat mah tangtos,
tegesna eta hakekat,
ari terbitna hakekat,
tina ma’rifat geus tangtu, nya tina kanyaho tea.
[18/11 17:19] aji rasha: Salila-lila engkong, nangtung hareupeunnana, sapedah teu ngomong,
jongjon hanteu ngaladangan, sakitu dina ati mah
ngomong, ngomong
bae dina kalbu,
meuli bako anu ngeunah.
Barang pok mah ngomong, Babah meuli bako kula,
ku Cina teh sok bae, teu lami deui ngantosan,
bener mun ngaji hakekat,
teu make sareat lapur,
hanteu jadi pamaksadan.
Poma sing kaharti,
tegesna poko sareat, pangucap ,
anu aya di badan urang, ayeuna nu kaduana,
hakekat nu kasebut,
naon nyatana di badan.
kieu mun can terang, hakekatnageus tangtos, nyatana pangangseu tea,
nu aya di wujud urang, sinareng anu tipayun,
kieu katerangannana.
Ibarat rek tuang bistik, memeh ku baham karasa, pangangseu nu tipayun teh,
hakekat pada hakekat,
sabab hakekat teh aya,
aya tapi taya jentul,
sabab seungit bistik tea.
Seungitna mah taya rupi,
kitu deui angseu tea,
teu aya rupina tangtos,
dupi ari buktina mah,
sifatna bistik tea,
bagian paninggal tea,
anu nyidikeun sifatna.
teu sulaya jeung barangna,
ayeuna anu katilu,
tarekat naon nyatana. nyatana pangdangu urang, salamina ge digawe,
teu aya pisan eureunna,
dina keur waktu nyaring mah, sora naon oge kumpul, pangdangu anu narima. tetela karaos pisan,
eta jinis tarekat teh,
nyatana di badan urang,
moal lepat deui
ayeuna ma’rifat nukaopatna.
mun teu harti, nyatana eta ma’rifat, dina diriurang teh,
nyaeta paninggal tea,
sifatna panon nu nyata, sagala sifat teh kumbuh,
panon nu ngesahkeunnana.
Sifat-sifat nu di dohir, gulungna kana paninggal, numawi disebatkeun teh, panutup kanyaho tea,
kakara sah kanyahona, beja-beja ti batur teh,
kapanggih sareng buktina.
Lahir batin oge sami,
moal bet aya bedana,
pokona ku eta bae,
enya eta sategesna,
nu ngaran rukun Agama, atawana rukun Ilmu,
keurnganyahokeun Agama.
Agama anu sajati,
enya sifat hirup urang, samangsa parantos nyaho,
kana jatining Agama,
nya Islam eta ngaranna, sanggeus Islam
kudu suhud,
ngalakonan jeung rukunna.
Nya anu lima perkawis,
kahiji maca Syahadat,
dua Sholat lima waktos,
tilu kedah Zakat,
opat kedah Puasa,
lima Munggah Haji kitu,
mun kabedag ku saratna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar