Minggu, 21 November 2021

nerangkeun hal elmu

[20/11 23:15] aji rasha: Nerangkeun : 

Elmu 

nyaeta gulungna 
Sare’at, Hakekat, 
Tarekat, ma’rifat


aya basa opat , 
kahiji  Sare’at, 
kadua Hakekat , 
katiluna  Tarekat . 
Kaopat Ma’rifat, 

eta anu opat rupi, 
ceuk dina unggeling Hikam, 
eta anu opat tadi, 
sing bisa ngajadi hiji, rukunkeun sangkan kasusul, 
sabab kieu ibaratna, 

Sare’at 
upami, parahu ngambang dina luhureun sagara. 

Hakekat 
upamana, ibarat lautan cai, 

Tarekat 
lir upamina, kemudi, pangboseh supaya tepi, 
ka tengah-tengahna laut, 

Ma’rifat 
mah lir upamana, inten didasaring cai, 

eta kitu ceuk 
unggeling kitab Hikam. 

Tah kumaha ngalarapna, saenyana dina diri, 
naon kanyataan nana, 
nu disebat 
parahu tadi,  lautan cai, kemudina nya kitu, inten 

naon nyatana,  
pasal dina kitab Hikam, 
nyebatkeun Sare’at,Hakekat Tarekat ,Ma’rifat na 

pon nyakitu, 
sanes dina bab Sare’at, tegesna eta  nyarioskeun dina bab elmu Hakekat. 

Da ku ilmu Sare’at mah, netepkeun Sare’at tadi, parantos umum sadaya, 
yen eta Sare’at  netepkeunnana pasti, 
kana kalakuan , 
kalakuanna ibadah, 
nyaeta dzikir jeung ngaji, getol Sholat anu lima waktu 

Ari Hakekatna eta, 
ceuk ilmu Sare’at mah 
ati kanyataan nana, 

Tarekatna  
nyaeta puji dzikir, 
anu geus lumbrah 
disebut, Qodariyah 
Satariyah, sareng saterasna 

Ma’rifat ahli Sare’at. 
Asal bae sing percaya, 
yen ieu bumi jeung langit, dadamelan Gusti Allah, 
eta moal salah deui, 
tiap-tiap aya bukti, dadamelanna kitu, 
geus 
tangtu ayana Allah, 
nu ngadamelna geus misti, kitu bae lumbrahna 
elmu Sare’at. 

Malahan dipigawena, ditungtut sahiji-hiji, 
teu bareng opatannana, kapan ceuk Hikam mah tadi, nu opat teh sing ngahiji, 
kudu barengan sing rukun, ulah sina patorengga, 
da puguh Hikam mah tadi, nyarioskeun dina bab 
ilmu Hakekat.
[20/11 23:27] aji rasha: Sok moal barung sulaya, 
mun nyurupkeun pahili, puguh bagean Hakekat, 
keur ngudag inten nu tadi, hayoh disurupkeun deui, 
ka ilmu Sare’at kitu, 
atuh moal weleh mijan, 
najan dipaksa ge , 
da teu ninggang kana pibarangeunnana. 

Kieu rai saenyana, 
lamun teu acan mangarti, pituduh kitab Hikam mah, 
supayana bisa katepi, Ma’rifat ka Maha Suci, 
ku ilmu Hakekat kitu, 
nyaeta kudu bisa, 
nu opat sing jadi hiji, 
nya Sare’at Hakekat jeung 
Tarekatna sing gulung kana Ma’rifat, anu matak geuning tadi, kitu diibaratkeun nana, Sare’at teh lir upami, parahu Hakekat ibarat laut, 
Tarekat lir kemudina, parabot supaya nepi, kana tengah-
tengah pusering sagara. 
Pikeun ngudag inten tea, nyaeta Ma’rifat jati, 
naon buktina nu yakin, 
pasal parahu tadi, 
jeung anu kasebat laut, 
katilu kemudina, 
kaopat intenna deui,  

nyatana parahu tadi, 
nya ieu buktina badan, 
nu ngaran wujud jasmani, dupi lautna nyatana 
roh urang kitu, 
anu ngobahkeun ka jasad, pang bisa usik jeung malik, taya lian ngan ku idin roh tea. 

Saperti parahu tea, 
pang parahu bisa usik, diusikeun ku sagara,
eta moal salah deui, 
persis saperti jasmani, diusikeun ku roh kitu, kemudina, nyatana nu bukti, larapna panangan 
kenca katuhu, 
eta anu ngamemenerna, mawa ka tengah jalan, nyaeta ka tengah-tengah sagara. 

Tapi najan geus ditengah, mun teu jeung teuleum mah inten teh 
moal beunang, sabab jero liwat saking, lamun tega ka pati, wani teuleumna ka laut, hamo pibisaeun beunang, turug-turug seueur jurig, 
barehala anu nyingsieunan. 
Rupa badawang barongsai, bangbarongan cuat-cuit, ngagoda supaya bolay, sangkan teuleumna teu jadi, kadarat mulih deui,
diakhir tangtu kaduhung, beunang kagoda, 
maotna teu bisa nepi, 
tetep ngangkleung 
palid ngambang di lautan. 
Kaombak-ombak ku lambak, ting dalagor kana curi, kana batu karang tea, sareng campur deui pasti, sareng nu bangsa narajis, kokotoran luhur laut, bangke anjing bangke oray, siksaan anu hanteu nepi, kana dasar 
sagara berlian tea. 

Sasat tempat kani’matan, 
nu langgeng teu owah gingsir, anu taya upamana,
[20/11 23:32] aji rasha: hal perkawis inten  naon 
nyatana nu sidik, 
da meureun sanes deui, 
lain inten dunya kitu, 
da inten di dunya mah, kenging di peser ku duit, 

nu diibaratkeun tadi, 
inten dijero sagara, 
sanes inten dunya  
lain inten biduri, 
nu jadina tina batu, 
dupi saenya-enyana, 
inten sajeroning diri, sategesna 
hiji Nurna Gusti Allah. 

Nyaeta nu ngaran Iman, sifatna Iman Sajati, 
nu diudag ku sadaya, 
ku kaom Islam sabumi, 
saha anu bisa nepi, martabatna leuwih luhur, 
pangkat Nabi Willayah, 
nu geus diharamkeun misti, diharamkeun nyorang ka 
api Naraka. 

Sumawon nyorang sakarat, siksa kubur kitu deui, sanajan siksa Akherat, geus moal kasorang deui, dilepas samasakali, kantun nampa baewungkul, ganjaran ti 
Gusti Allah, sarebueun ni’mat dohir, sarta langgeng 
nu moal aya putusna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar