[25/11 23:04] aji rasha: Ieu suluk dijieun sya’ir,
Sugan kasasar ku pikir.
Carita kitab nu ditukil,
Nyokot misil nu jadi hasil,
Ieu jaman parantos akhir,
Bakal maot kudu kapikir.
Ulah atoh ku loba duit,
Lain duit pati hurip,
Raoskeun mun datang sakit,
Sakumaha lobana duit.
Ari diri saperti kembang,
Di dunya pikir kumambang,
Malati di pinggir lobang,
Geus ligar murag
kalombang.
Poe ieu bisa leumpang,
Poe isuk can kawangwang,
Poe ieu urang senang,
Isukan mah biheung mulang.
Kembang malati
rupana putih,
Sedep seungit sajero ati,
Sok bingbang mikiran diri,
Kumaha isuk nepi ka jangji.
Nu kasebat enggeus yakin,
Rasa dua ngangin-ngangin,
Ngangin rasa sajati,
Karaos hirup jeung mati.
[25/11 23:07] aji rasha: Pikiranbsadaya Sobat,
Istri dibeuli ku Syahadat,
Rek nampa rasana madat,
Supaya jadi Syahadat.
Haram lamun hanteu nikah,
Anakna sok jadi jadah,
Urang sing suhud ibadah,
Ibadah ka Gusti Allah.
Sing suhud urang di dunya,
Neangan elmu nu enya,
Supaya bisa sampurna,
Pigeusaneun dina paehna.
Mun urang lolong di dunya,
Lolong jaga di Akheratna,
Pangeran awas ka urang,
Urang sing ninggal Pangeran.
Gusti Allah wajib ayana,
Euweuh na dina aya na,
Geura tareangan dzatna,
Engke harti sadayana.
Dua puluh sifatna Pangeran,
Dzatna kudu tareangan,
Sangkan ulah kabingungan,
Kakat di diri sorangan.
Wali turutaneun urang,
Ulah salsah tekad urang,
Ulah ngagugu nu ngalarang,
Eta teh omongan baruang.
[25/11 23:10] aji rasha: Ulah Iman ka barang ruksak,
Qur’anul Adzim
sing kapendak,
Ulah ereun memeh mendak,
Ulah kawas ngaji budak.
Ulah katungkul dudunya,
Teangan elmu sampurna,
Nafsu mah taya putusna,
Karasa dina pupusna.
Kafir lain Walanda Cina,
Kafir teh nu jahat atina,
Nu ngumbar bae nafsuna,
Kanu goreng taya pegatna.
Jalan jahat mah babari,
Jalan hade rasana nyeri,
Elmu teh kudu pilari,
Nuduhkeun jalan lastari.
Kufur teu percaya ka kitab,
Nu dusun teu nyaho adab,
Nu kitu ngarana Murtad,
Sabab bongan salah tekad.
Mudu Guru pondok caritana,
Sangkan babari kahartina,
Da lafad mah taya beakna,
Beak umur can sampurna.
Ari nafsu opat kabehna,
Masing-masing eta karepna,
Nu tilu karep balaka,
Diturut matak cilaka.
Nu hiji karep nu muji,
Nya eta nafsu nu suci,
Ulah jail ka pada jalmi,
Matak poek kana ilmi.
[25/11 23:14] aji rasha: Ulah Guru loba omongna,
Matak keder pikirannana,
Ngagulung caritana,
Tapi teu jeung barangna.
Ulah sok ngarah ngarinah,
Matak pinanggih tugenah,
Jeung poma ulah mitenah,
Wawalesna sok teu ngeunah.
Sing isin kunu kawasa,
Nu bareng hanteu papisah,
Eta nu murba kawasa,
Terang ka sagala dosa.
Malikan Malati tadi,
Resep kanu beresih ati,
Amis budi carita ilmi,
Matak narik manah resmi.
Ngajelengit inget teu leungit,
Nyaurkeun ilmu nu repit,
Selap-selip mapay peujit,
Nyaurkeun jatining hurip.
Nyaur ilmu matak tiis,
Carita ilmu ngajinis,
Ka kuping beres patitis,
Jasmani sok panas tiris.
Beda jeung saur nu sompral,
Kakuping matak garihal,
Loba omong salah pasal,
Ngabegal elmu nu asal.
Mudu mulung kanu susah,
Engke diwales kunu kawasa,
Urang kudu ngaji rasa,
Sing inget bakal papisah.
[25/11 23:17] aji rasha: Ulah Guru loba omongna,
Matak keder pikirannana,
Ngagulung caritana,
Tapi henteu jeung barangna.
Ulah sok ngarah ngarinah,
Matak pinanggih tugenah,
Jeung poma ulah mitenah,
Wawalesna sok teu
ngeunah.
Sing isin kunu kawasa,
Nu bareng hanteu papisah,
Eta nu murba kawasa,
Terang ka sagala dosa.
Malikan Malati tadi,
Resep kanu beresih ati,
Amis budi carita ilmi,
Matak narik manah resmi. Ngajelengit inget teu leungit,
Nyaurkeun ilmu nu repit,
Selap-selip mapay peujit,
Nyaurkeun jatining hurip.
Nyaur ilmu matak tiis,
Carita ilmu ngajinis,
Ka kuping beres patitis,
Jasmani sok panas tiris.
Beda jeung saur nu sompral,
Kakuping matak garihal,
Loba omong salah pasal,
Ngabegal elmu nu asal.
Mudu mulung kanu susah,
Engke diwales kunu kawasa,
Urang kudu ngaji rasa,
Sing inget bakal papisah.
[25/11 23:29] aji rasha: Mudu mandi cai suci,
Lain cai ngala ti kali,
Cai suci ti jero ati,
Cai suci matak beresih.
Teangan di badan urang,
Aya cai bening nya herang,
Mudu nyandak ka gunung larang
Kunci larang alam padang.
Meungpeung hirup kudu Guru,
Sangkan salamet diditu,
Laku lampah kudu jeung ilmu, Lahir batin gampangkatimu.
Teangan hirup sajero hirup,
Sing inget urang bakal ditutup,
Walanda Cina Geus ditutup
teu nyaho ka incu.
Teangan kubur nu tangtu,
Lain kubur tutup batu,
Kubur hirup dijero kalbu,
Nya eta sifatna elmu.
.
Ahadiyat
naon hartina, Basa Baqo langgeng sundana,
Poe tujuh aya dimana,
Ulah ngitung beurang peutingna.
Ari Qudrat teh kawasa,
Bisa leumpang urang ku saha,
Jeung urang asal timana,
geusna balik kamana.
Ahadiyat
eta geus tangtu,
Kangjeng Rasul nteu pupus,
Mun pupus dunya ge lampus.
[26/11 10:44] aji rasha: Ulah loba nu diaji,
Syahadat heula nu misti,
Kitab Qur’an jieun saksi,
Asupkeun ka jero diri.
Tilu puluh Juz kudu tamat,
Sajero eta teh tobat,
Sajol bulan eta tamat,
Nembe salamet Akherat.
Poek ati poek bulan,
Poek bulan poek iman,
Lain caang caang bulan,
Caang soteh caang iman.
Paribasa ditetepkeun iman,
Tetepna dimana kutan,
Nyaho ge iman teu acan,
Da lain caangna bulan.
Diteangan leuwih rugi,
Sarebu hiji anu manggih,
Dibeulina satengah mati,
Tutup mulut buka kunci.
Ngaji teh ulah ngajibris,
Mudu ngaji kudu ngajinis,
Ngaji badan masing tapis,
Ma’na Qur’an lapis-lapis.
Bisa ngaji Ulah kumaki,
Mun tacan isbat jeung nafi,
Dalil Qur’an tuduh harti,
Jauh keneh kana katepi.
Teu gampang neangan iman, Jauhna tanpa wangenan,
Enya soteh deukeut pisan,
Saur Jeng Nabi Utusan.
[26/11 10:47] aji rasha: Mudu nyaho ilmu Pangeran,
Ulah jongjon ka kitab Qur’an,
Ulah dipake andelan,
Dalil naon nu jadi iman.
Guru teh kakasih Allah,
Gagntina Rasulullah,
Anu Guru ahli rasa,
Nu sidik kanu kawasa.
Kasebatna Guru Mursyid,
Bisa nuduhkeun nu wahid,
Kalawan nerangkeun Tohid,
Laku lampahna ge tartib,
Hewan anu hanteu iman,
Kasebat ceuk kitab Qur’an,
Hanteu daek nareangan,
Pikukuh patokan Islam.
Hanteu sahil cicing di dunya,
Lamun barisan cilaka,
Dahar nginum jadi Naraka,
Sabab lacuna teu diriksa.
Euweuh deui sifat hirup,
Anging dzat Allah nu cukup,
Masing ngarti urang hirup,
Mun harti ngelmuna cukup.
Ulah hirup nya hirup urang,
Nuduh Allahdiawang-awang,
Nu kitu jalama badawang,
Kahakanannana bugang.
Allah ninggali ka urang,
Urang ninggal hirup urang,
Panon teh pipinding terang,
Manahan ku ahli ngarang.
[26/11 10:49] aji rasha: Sembahiyang kudu khusu,
Mudu tutup sakabeh nafsu,
Nafsu opat ulah metu,
Lain Shalat nangtung kitu.
Allahu akbar kudu ta’yin,
Mudu sidik ka alam batin,
Lain beurang lain peuting,
Lalangse beureum jeung kuning,
Geus euweuh wujud kaula,
Didinya naon nu aya,
Lain akbar mata kapala,
Akbar anu sajatina.
Kaula geus hanteu aya,
Ganti Pangeran nu aya,
Nyebut aya teu ngarasa,
Manahan ku ahli rasa.
Silokana sing kapanggih,
Kunci Muhammad nu rugi,
Rasiahna Maha Suci,
Teangan tarekat jati.
Lain Muhammad di Madinah,
Hakekatna kudu kamanah,
Da aya awal akhirna,
Pek taroskeun ka Ulama.
Taroskeun ka Ajengan Kolot,
Anu dzikirna ngageot,
Nya eta elmu nu kolot,
Duit meunang berekah kolot.
Resep ninggal istri sae,
Rasana lacuna hade,
Dzikirna dilewe-lewe,
Allah mah nurutkeun bae.
[26/11 11:10] aji rasha: Jalaran gogoda diri,
Pujina ngarah sasaji,
Ajengan hayang dipuji,
Ganjaranna geus bukti,
Ijrail teu ninggal puji,
Ninggalina iman nu suci,
Lampahna gemi nastiti,
Karesepna dana dini.
Teu iman jagana poek,
Di kubur tangtu dipekprek,
Lampahna sadaek-daek,
Nurutkeun nafsuna dewek.
Barang ruksak dibeberik,
Nu langgeng hanteu diberik,
Katungkul ku sirik pidik,
Nu kitu teh kafir Jindik.
Pang urang sagala gampang,
Di dunya sab aya caang,
Di Akherat kumaha leumpang,
Di dunya teu daek neang.
Geura tinggal rupana Guru,
Tinggali ilmu nu tangtu,
Ulah rasa guru jauh,
Geus megat dilawang buntu.
Mudu terang wuruk Guru,
Lain terang omongan kitu,
Terapkeun ramo jeung suku,
Teu lila amprok jeung Guru.
Ari Guru wajib disembah,
Lain nyembah kanu aya,
Nyembah kanu euweuh aya,
Eta Guru anu mulya.
[26/11 11:13] aji rasha: Ibu Rama wajib disembah,
Sabab miara ti baheula,
Wajib deui nyembah ka Raja,
Wakilna anu Kawasa.
Agungkeun Guru jeung Ratu,
Sangkan urang teh rahayu,
Lahir batin ulah tatu,
Diri ulah laku satru .
Mudu Guru sajero hirup,
Eta nu wajib diturut,
Nafsu opat kudu tutup,
Karasa paeh jeung hirup.
Nya eta Guru sajati,
Nuduhkeun jalan nu suci,
Gawena tirakat nyepi,
Tanda Guru nyekel sosi.
Ari iman sifatna caang,
Laku lampah kudu terang,
Jalmana pantes lalenjang,
Gawena sok kirang tuang.
Dahar ulah kawas kebo sapi,
Beurang peuting teu berenti,
Jalma teu inget ka pati,
Lampahna teu ati-ati.
Beuteung jemblung awak gede,
Sasauran jiga Kalde,
Ngawakseun ka jalan gede,
Nempoan istri nu hade.
Meujeuhna dahar sakali,
Nurutkeun karepna ilmi,
Ulah sare satengah mati,
Matak lali ka Maha Suci.
[26/11 11:15] aji rasha: Cukupna urang di dunya,
Lampahkeun lima perkara,
Sahiji nyaho Syahadat,
Kaduana kudu Shalat.
Syahadat syahna teh opat,
Dzat sifat asma af’alna,
Sholat nyaho asal opat,
Nangtung ruku
sujud lungguhna.
Katilu kudu jazakat,
Zakat pare geus mufakat,
Eta mah teu matak kuat,
Zakat diri matak kuat.
Kaopat kudu puasa,
Ramadhan kudu sabulan,
Sasatna sing manggih bulan,
Dina sajerona badan.
Kalima leumpang ka Mekah,
Lamun cukup aya bahan,
Samemeh indit ka Mekah,
Teangan Bet dina badan.
Sya’ir waca senangna pikir,
Mun lepat manggadipungkir,
Wantu-wantu kecap sya’ir,
Sabijilna tina pikir.
[26/11 11:17] aji rasha: Saena kedah ku istri,
Laguna pantun manyanyi,
Komo mun gentrana istri,
Halimpu jeung mawa sari.
Pasosore kudu mandi,
Disamping baju beresih,
Make subal kembang malati,
Sholat tuluy manyanyi,
Jalaran saurna Guru,
Nyegah ulah sore turu,
Istri kitu leuwih lucu,
Matak beurat batan batu.
Dipiresep ku pameget,
Nyaeta istri kameumeut,
Manyanyina matak resep,
Duriat ge matak tetep.
Moal kagembang ku wayang,
Istri urang bisa tembang,
Sora ngeunah matak senang,
Geus manyanyi tuluy tuang.
Ieu sya’ir sedeng ditutup,
Geus wengi urang arasup,
Seungit malati geus kaambu,
Kulambu geura pek ingkup.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar