Rabu, 24 November 2021

bab ilmi pasal sembahyang sholat ibadah ka gusti nu maha suci

[24/11 15:30] aji rasha: Pamufakat 
bab ilmi, 
dina pasal Sembahyang, 
ibadah ka Maha Suci, 

naha kalebet wajib, atawa kalebet fardhu, 
lima waktu sapoena, 
pada dilakonan sami, kusadaya nu kasebat 
kaom Islam. 

naha dina sembahiyang, 
kumaha dina Usshalli, basana anu kauni, 
naha wajib 
naha fardhu, 

nu mimiti nganiatan, 
da basana mah fardhu  

Usshalli fardhu Isya, 
Usshalli fardhu shubhi, 

ning eta, 
fardhu disebatna sidik, 
teu Usshalli wajib shubhi, fardhu bae nu kasebut, 
sanajan saterasna, 

fardhu basana teh ning

na kumaha bedana, 
fardhu sinareng wajib, 

basana ge dua rupi, 
dua tapi sing ngahiji, 
hijikeun masingna gulung, 

kieu katerangannana, 
wajib mun dina bab ilmi, wajib eta 
parentahan Gusti Allah. 

Dina hadist geus kasebat, 
Wa kawa ‘Idul Imani, 
wajibul wajib anjalna 

unggel dalil, 
kabeh umatna Gusti, 
wajib kudu pada weruh, 
nganyahokeun kana iman, nyaeta iman sajati, 
ari iman hiji Nurna Gusti. 

Eta tanda kanyataan, kanyataan aya Aing, 
Hakekat Muhammadiyyah, 
Johar Awal , 
jatining syahadat , atawa sagara hirup, 
hirupna sagala rupa, saeusina tujuh bumi, 
taya lian asalna teh 
ngan hiji. 

Tina Hakekat Muhammad, nyaeta utusan Aing, ngajadikeun alam dunya, sarawuh eusina deui, tapi 
teu pisah jeung Aing,
[24/11 15:43] aji rasha: jeung Muhammad teu pajauh, sasatna geus sa dzat, 
Aing jeung Muhammad 
pasti, moal aya Aing 
mun taya Muhammad. 

Kitu deui sabalikna, Muhammad ge moal bukti, lamun teu aya Aing mah, 

ibarat panas jeung api, gulung ngajadi hiji, 
moal aya sifat hurung, 
lamun hanteu aya panas, panas ge pon kitu deui, 
moal aya mun 
sifat seuneu ilang. 

Tah kitu leresna, 
nu ngaran wajib teh, sadayana umat-umat, 
wajib ma’rifatna pasti, 
kana dzatna Maha Suci, nyaeta hakekat Muhammad 

pan Muhammad teh tadi, awal akhir didamel ku
Gusti Allah. 

Miwarangna Gusti Allah, 
ka sadaya umat Gusti, 
sanes bae ka umatna, 
Jeng Nabi, Muhammad Rasulullahi, 

tapi kasadaya makhluk, 
sakur nu boga Agama, 
wajib kudu kataringgali, 
kana eta sajatina Iman tea. 

Wajib pisan ma’rifatna, 
ka Aing kalawan yakin, supaya barisa mulang, 
baralik deui ka Aing, 
da maneh asal ti Aing, jalanna maneh teh kudu, 
nganyahokeun heula dzatna, nyaeta utusan Aing, 
nu kasebut 
hakekat Muhammad 

Mun geus yakin 
ka Muhammad, 
ka Aing geus tangtu yakin, sabab Aing teu papisah, 

ibarat gula jeung amis, 
cai jeung tiisna deui, 
ombak reujeung cai laut, 
tah kitu ibaratna, 

poma sing kaharti, 
Gusti Allah 
akrobna reujeung Muhammad. 

perkawis wajib sing kaharti, ari eta fardhuna, 
parentahna saha deui, 

perkawis fardhu teh, parentahna Kangjeng Rasul, nya jeng NabiMuhammad, miwarang ibadah misti, sabab makhluk kaulana 
Gusti Allah. 

Kudu pisan tumarima, 
jadi kaulana Gusti, 

matak fardhu nyembahna, 
bedana kaula Gusti, 
upama urang teu bakti, 
teu ibadah ka Yang Agung, 
atuh jadi nyaruaan, 
ka Gusti nu Maha Suci, henteu aya luhur handap 
jadi papak. 

Jadi hanteu tumarima, 
ieu teh wujud jasmani, kamurahan Gusti Allah, 

nu matak urang di dohir, 
kudu nurut saur Nabi, 
kudu ngalakonan rukun, 

rukun nu lima perkara, Syahadat 
Shalat , 
zakat 
Puasa 
Munggah Hajina. 

Fardhu teh kudu lakonan, parentahna Kangjeng Nabi, tapi kudu jeung wajibna, parentahna Maha Suci, 
nya anu kasebat tadi, dua-dua kudu paju, 
supaya urang sampurna, salamet lahir jeung batin, parentahna dua nana kacumponan. 

ari pasal wajib jeung fardhu, dines mana mistina, dipigawena kujalmi, 
dines fardhu atawa 
dines wajibna, 

mun can terang, 
nya meureun dines wajib, 
da eta mah parentahan, notok ti Gusti Yang Widi, pikeun ka sadaya jalmi, 
yen kudu
[24/11 15:56] aji rasha: kudu pada marafhum, 
ka asal maneh sorangan, sabab mun teu tingali, tangtu moal bisa balik ka asalna. 

mun teu bisa pulang, 
ka asal urang sajati, 
tangtuna teh nyawa urang, balikna teh geus pasti, 
kana dadamelan deui, dadamelan Maha Agung, 
boh Naraka boh Sawarga, tunggal dadamelan Gusti teu nyumponan lafad 
nu sok disebat. 
Inna lillahi  waina illaihi, raji’un
sundana 
asal ti Gusti, 
kudu balik deui misti, ka Gusti nu Maha Agung, 

ning lain ka Sawarga, 
da Sawarga mah geus yakin, jalan turun urang 
rek ka alam dunya. 

nya eta kani’matan, 
Ibu Rama waktu tadi, 
nya eta Sawarega, 
bener ning unggel Hadist, kabeh jalmi ti Sawargi, nyatana ti ni’mat kitu, 
tina rasana syahadat, sa’adatna waktu tadi, 
Ibu Rama nalika 
patemon rasa. 

pan sidik Sawarega, 
jalan rek ka dohir, 

numawi tekad urang mah, 
moal kadinya balik, 
eta mah Sawaregi, 
rek dipake jalan wungkul, jalan balik ka Allah, 
nyaeta sagara hurip, 
hirup Allah nu langgeng 
nu teu keuna ku ruksak. 

pan tadi Ibu Rama, 
pang ngaraos ni’mat pasti, kumargi aya hirupna, 
nyaeta dzatna Yang Widi, 

numawi urang mah, 
hayang balik teh ka hirup, ning sakitu sirnana, 
waktu urang memeh bijil, 
taya rasa ngeunah 
teu ngeunah   

eta perkawis Sawargi, 
lebah mana ka sorangna, 

nya lebah waktu sakaratil, mistina urang teh kudu, nampa rebu kani’matan, kani’matan rama tadi, 
da tadi ge 
datangna ti ka’nimatan. 

nya paingan, 
wajib ma’rifat ka Gusti, 
wajib teh nu pang dinesna, fardhu nuturkeun pandeuri, paingan fardhu mah, 
aya keneh kaol na, 
mun jalma nu teu kuat, hanteu wenang munggah haji, di angingkeun hanteu kedah jarah ka Mekkah. 

Zakat ge ari geus nisab, 
nu teu nisab mah teu misti, 

najan dina sembahyang, saperti mungguhing istri, mun keur kotoran mah anging, 
sanajan hanteu milaku, ngalakonan sembahyang, diwenangkeun 

unggel Hadist, 
hanteu kudu ngalakonan sembahyang. 

Dina perkara wajib mah, 
teu aya kaolan deui, 
kedah bae sadayana,
nyaho kana dzatna Gusti, mangsa-mangsa teu tinggali, tangtu moal bisa wangsul, 
ka asal purwa daksina, 
teu bisa mulih ka jati, 
teu bisa mulang ka asal sorangan. 

naha ning dina Sembahyang teu aya wajibna deui, 
fardhu bae 
teu nganggo aya wajibna. 

saniskara hal ge  
wajib teh tangtu aya,
komo dina hal Agami, 
ibadah ka Maha Suci, 
pasal sembahyang teh
[24/11 16:10] aji rasha: tangtu,
wajibna teh opat, 
1.nangtung nu utami,  
2.ruku dongko ulah 
   sambewara. 
3.sujud tea, 
4.lungguh geus pasti, 

sakitu eta wajibna, 

ari fardhuna mah , 
kudu ngucapkeun misti, sakur-sakur nu perlu, 
saperti maca Fatihah, Atahiyat,kitu deui, 
jaba eta naon bae 
anu lumbrah. 

Tah kitu ngaran fardhuna, tapi nu kuat mah wajib, 

fardhu ibarat sambara, 
wajib ibarat daging, 
sambara mun teu aya daging, geus tangtu mubadir lapur, hanteu aya gunana, 
moal katuang geus pasti, talunganan aya daging 
teu sambara. 

Sok rajeun kenging di tuang, hanteu nepi ka mubadir, mung rasana kurang ngunah, tapi aya oge hasil, mangfaatna kana diri, 
jadi kuat teu lesu, 
matak seger karasana, 
ibarat kitu tah 
nu mawi wajib teh kuat. 

Kitu deui hal Sembahyang, upama teu nganggo wajib, batal teu aya gunana, 

geura kieu saupami, 
urang maca Usshalli, 
maca Fatihah anu alus, 
nepi kana tahiyatna, 
terus aweh salam deui, 
tapi urang keur maca 
eta Tahiyat. 

Salirana gogleran, 
ebog dina tengah bumi, 

kumaha ceuk anu ninggal, 
disebut eta kang urang, 
keur ngalakonan wajib, Sembahyang lima waktu, 

tangtuna moal, 
nyebat keur shalat ka urang, sidik sare’atna batal. 

Geura mun bener wajibna, nangtung rukuna sing bukti, sujud lungguhna katinggal, raka’atna kitu deui, 
kajeun teuing dina ati, 
ngahariring lagu pucung, tatapi ceuk anu ninggal, 
tetep moal samara deui, 
urang tehkeur midamel Sembyang. 

kade sing kaharti, pasal wajib jeung fardhuna, 

naon anu jadi margi, dina shalat lima waktu, 
aya wajibna opat, 
kumaha asalna . 

kieu asalna teh  
eta pasal Sembahyang, 
wajibna opat perkawis, 
sasat ngamulyakeun Gusti, ngadegkeung Asma 
Yang Agung, 
nyaeta huruf lafad, 
nangtung teh nya huruf Alif, 
ruku teh huruf Lam awal. 
Sujud Lam akhir nyatana, lungguh He teu salah deui, 

dupi takbiratul Ikhram, nyatana nya huruf tasjid, 

ning eta sidik, 
Alif Lam Lam He 
geus dumuk, 
lafad jenengan Allah, 
moal samar puguh yakin, 

Mung eta Asmana Allah, 
Alif Lam Lam He nu tadi, timana asal usulna, 
da eta mah lafad tadi, saparantosna di dhohir, sangeus aya dunya dumuk, kumaha ti 
Kadim
na,
[24/11 16:28] aji rasha: pan eta mah rasiah, 
ulah lalawora   

Tapi sugan geus ugana, enggeus idin Maha Suci, sangkan ulah ka jongjonan, manusa di jaman akhir, hantem asma nu di aji, 
kitab Qur’an digugulung, eusina teu diteangan, 
nteu dirasakeun dalil, dilenyepan disurupkeun 
ku salira. 

Keukeuh ngajina kaluar, dirina diluli-luli, 
paalus-alus ibadah, 
nyembahna ka Maha Suci, laguna diaranggit, 
lagam Mesir nu ditiru, 
tapi kanu disembahna, 
weleh bae teu kapanggih, 
teu nyumponan dalil 
Qur’an nu disebat. 

Wa’abud robbaka hatta ya’ tiyakal yakin dalil, 
pan kieu sundana, 
lamun maneh nyembah 
ka Gusti, kudu aenal yakin, sing sidik ka Maha Agung, 
ulah dikira-kira, dijudi-judi 
ku ati, yen Allah teh 
ayana di luhur Arasy. 

Na teu emut dalil Qur’an, Wanahnu aqrobu, 
Ilaihi Min hablil warid  

sundana teh 
Maha Suci, 
geuning aqrob sareng wujud, geus teu aya antarana, 
sabab kitu kudu pikir, 
naon tea nu aqrob 
jeung wujud urang. 

Beurang peuting teu papisah, aqrobna jeung Maha Suci, mun yaktos aya di diri, meureun rentul Maha Agung, ayana di saban jalma, 

poma ulah 
rek kaliru patekadan. 

pan tadi Gusti Allah, 
Dzat laesa kamislihi, 
ari nu aqrob jeung urang, 
kakawasaannana Gusti, 
naon eta teh atuh, kakawasaan Yang Agung, 

nya etahirup urang, 
eta kawasana Gusti, 
nya eta Hakekat Muhammad tea. 

Kapan eta utusan Yang Widi, nu matak kedah diteangan, sifatna hirup urang teh, 
supaya balik ka hirup, 
hirup Allah nu langgeng pasti, henteu keuna ku ruksak, 
dzat Maha Agung, 
nu ngaran Haqullah tea, 
pangbalikan manusama’rifati, jatining kasampurnaan. 

sing kaharti, pasal eta nyatana Haqullah, 

ari Haqul Adam 
naon nyatana anu bukti, 
eta Alam Dunya, nyatana geus puguh, 
nu mawi poma, 
sing kapendak 
Haqullahna Maha Suci, 
sabab upama teu terang. 

Teu ma’rifat ka 
dzatna Yang Widi, 
moal bisa balik ka Haqullah, tangtos balik deui bae, 
kana Haqul Adam, 
tangtu nya balik kadieu deui, 
kakurung keneh ku dunya, marakayangan tangtu, 
asup kana engon siluman, kana onom atawa 
ka alam jin, atawa nitis-nitisan.
[24/11 17:17] aji rasha: Ka manusa jeung ka hewan bagong atawa buhaya, 
kana maung sareng monyet, nurutkeun ilmuna kitu, kanyahona keur didohir, 
meureun sok mendak, 
mun malim maung, 
paehna sok jadi macan, malim bagong jadi babi 
geus pasti, 
malim buhaya ge nyata. 

mun asup ka manusa 
ning, ngagerebeg bari barang penta, menta cikopi nu lekoh, atawa menta surutu, 
kuma kabeukina tadi, 
tah geuning nyata, 
yen teu bisa wangsul, 
tetep didunya ayana, 
sabab ari Wali mah, 
tara kapanggih, 
sok surup sinurupan. 

Da Wali mah geus sampurna geus dina Haq na Allah, nyaeta 
dzatna Yang Manon, 

yen nu teu ma’rifat, 
ka dzat Maha Agung, 
pantes moal bisa mulang, sabab sidik aya nyatana 
nu yakin, 
meureun sadaya ge terang. 

Nu ngageugeuh Gunung Gede bukti, rajana teh geuning sok disebat, nu sok sedep panggang lele, 
mun ayapekewuh, 
sasalad jalma garering, 
sok geuwat harajat, 
sangu punar kitu, sareng panggang lele tea, 
ujubna teh ka 
Embah Dalem nu linggih, 
di Gunung Gede Cipanas.

pan eta Embah Dalem tadi, ceuk cariosna 
asalnamanusa, 
malah jumeneng Bupatos, 
nagarana pada mafhum, Timbanganten nu kawarti, 
geuning ayeuna buktina, 
bet aya di Gunung, 
jadi rajana siluman, 
rahayatna rebu-rebu keti-keti, biasa cara nagara. 

Jadi tangtu rahayatna pasti, eta oge nyawana manusa, anu teu bias balik tea, 
ka asalna kapungkur, 
nya asup ka dinya deui, 
ka nagarana siluman, 
dina luhur Gunung, ngabedega ngarahayat, 
cara waktu manehna di 
alam dohir, 
aya nu ngabawah prentah. 

nu matak sing kaharti, 
eta kitu kajadiannana, 
jelema anu maraot, 
lobana ka dinya kitu, 
jadi badegana deui, 
raja siluman didinya, 
bari tunggu-tunggu, 
tunggu kiamat dunya, 
nya eta dina 
Walyaomil akhiri, 
ruksakna alam dunya. 

Saruksakna ieu alam dohir, ngajadikeun sagala Naraka, naraka seuneu jeung poek, poek tina bumi tangtu, 
jeung jadi Naraka cai, 
nu kaliwat tiisna, 
angin pon nyakitu, 
jadi sakur anu aya, 
nu masih keneh kakurung 
ku ieu langit, 
tetep di jero naraka. 

Naha urang rek lumpat kamendi, 
salegana ieu alam dunya, ngajadi seuneu sakabeh, sarta langgeung geus tangtu, jeung teu bias paeh deui, 
sanajan, jero Naraka, 
tetep moal pupus, 
ngan tetep rasa teu geunah, 
salanggengna teu kacampuran deui, 
ku rasa kangeunahan. 

Sabab ieu alam dunya pasti, ditetepkeun pikeun panjarana, keur ngahukum Idajil teh, 
nu di la’nat ku Yang Agung, Idajil La’natullahi, 
nu ngalanggar parentahna, Gusti Maha Agung, 
nu betah di alam dunya, 
embung balik ka Gusti 
nu Maha Suci, 
nya atuh tetep di dunya. 

Kitu deui mun nyawana jalmi, anu masih keneh ayana 
di dunya, 
sasat nu embung balik teh, 
ka Allah nu Maha Agung, nurutan tekad Idajil, 
nya
[24/11 17:32] aji rasha: atuh jadi bangsana, 
Idajil kapungkur, 
sasat jadi rahayatna, 
sang Idajil 
La’natullah geus pasti, 
tangtu bareng di naraka. 

nu matak wajib 
sing kapanggih, 
sing ma’rifat 
kana dzatna Allah, 
imankeuneun arek maot, sabab tadi geuning kitu, anging iman anu ditampi, 
ku Allah anu kawasa, 
elingna satuhu, 
lain eling ku carita, 
nyaeta ku ngucap 
asmana Gusti, 
nyebutkeun 
Allahu 
Allah. 

Sabab dina waktu sakaratil, moal bias rek nyebutkeunna, 
baroraah bisa ngomong, sagala enggeus ditutup, lawang dunya geus dikonci, 
kantun eungap anu aya, 
rasa rebu taun, 
lawang Akherat teu muka, sabab tadi koncina 
teu kapanggih, 
utag-atog taya jalan. 

Tungtungna teh teu bisa bijil, sumawonna asup teu bisa, lawang Akherat teu tembong, tetep hanteu bisa asup, 
tina ku bakating nyeri, 
kapaksa roh Jasmanina, 
jadi alam tangtu, 
nya eta alam antara, 

ceuk hadis 
mah Alam Barjah, 
nya eta alam antara. 

Ti dunya manehna geus indit, ka Akherat masih can datang, nya kitu mo salah deui, 
nu mawi make sakarat, 
ciri teu katimu, 
lawang Akherat teu muka, buktina teh molotot 
jeung larak lirik, 
siga anu neangan jalan. 
Mun can kapikir, nu tadi di saurkeun, nu ngajadi alam antara nu jadi teh 
roh Jasmani, 
naon kanyataannana, 
di badan sakujur, 

roh Jasmani teh nyatana. 
nya eta sifatna teh getih, 
nu ngajadi alam barjah tea, kapan tadi asalna ge, 
getih teh eta geus tangtu, asal tina aci-aci, 
aci seuneu jeung tanah, 
angin pon nyakitu, 
nya buktina katuangan, 
anu didahar ku urang  
beurang peuting, 
sasat aci alam dunya. 

pan bukti ning anu mati, 
nu maot teu aya getihna, 
da ngajadi alam na tea, 
alam Barjah kasebatna
geura bae titenan, 
mun aya nu pupus, 
paehna anu kapaksa, 
nu dibunuh atawa 
digeleng ku mobil, 
getihna ragrag didinya. 

Ririwana teu salah deui, 
nya didinya sok nembongannana, 
tah ning eta geus aen, 
getih balik deui tangtu, ngajadikeun alam gaib, 
nu mawi hanteu katinggal, kahalangan kitu, 
kahalangan ku alam na, 
nyawana teh ngaraga sukma geus pasti jadi dedemit siluman. 

Eta kitu kajadian jalmi, 
nu hanteu kapanggih, 
jeung asal, 
asal keur dina Kadim teh, nyaeta nyatana Nur, 
Nur Muhammad 
ceuk unggel Hadist, 
Hakekatna Adam tea, 
bibit dunya tea, 

atuh pantes moal bisa, 
ngan saukur bisa balikna teh kana asalna dunya. 

Dunya ieu 
bumi seuneu angin, 
nu bakal ngajadi teu ngunah, meureun sadaya ngaraos, seuneu dunya mah tangtu, karasana panas geus pasti, 
cai tiis rasana, 
bumi poek tangtu, 
atuh nya Naraka tea, 
pan tadi bibitna 
mah teu kawarti, 
taya tiis taya panas.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar