[26/11 16:22] aji rasha: Nerangkeun
RUKUN AGAMA
nu wajib heula kapendak, rukun Agama ,
ku urang kedah kapanggih, supaya urang teh puguh, ngalakonan rukun Islam, Islamna geus kapanggih,
kapanggihna tangtu
ku rukun Agama.
Kapan basana ge ,
Iman Tohid Ma’rifat Islam, ning kitu dalilna ge,
Islam teh geus sidik pisan, saparantosna ma’rifat, jalanna ma’rifat kudu,
nyaeta ku tohid tea.
Ari hartina teh tohid,
cengeng jeung khusu tekadna,
nya suhud milarina teh, temen wekel teu bengbatan, milari jalan ma’rifat,
pangna suhudna teh ,
asal tina iman tea.
Teges tina eling ,
eling sieun ka Naraka,
Naraka di alam baqo,
nu langgeng taya tungtungna, asalna kasieun eta,
tina Qur’an Hadist kitu,
nu nerangkeun di Akherat.
Tuduh jalan eta Hadist, kasalametan manusa,
di dunya Akheratna ge,
ning bukti di dunyana,
mun jalma teu beragama, lantaran teu daek campur, sareng nu ahli Agama.
Teu ngupingkeun dalil Hadist, jadi buta tuli pisan,
teu nyaho diakhirna teh,
yen aya Sawarga Naraka,
jadi geus tangtu pisan,
teu aya kasieun na
da hanteu ngadenge beja.
Numawi manusa wajib,
daek ngaji kitab Qur’an, sangkan aya kasieun na
mun geus sieun ma mokaha, moal sakama-kama,
laku goreng mo dijujur, kapager ku kasieunna.
hal rukunna Agama ,
tegesna rukun Agama,
aya opat perekara,
Sareat
Hakekat.
Tarekat
Ma’rifat,
kapan eta mah kalakon,
dina Sembahiyang cukup, sareatna hakekatna.
[26/11 16:29] aji rasha: Tarekat ma’rifat deui,
geus gulung bae didinya,
eta ge bener pisan,
gulungna anu opat,
sareat hakekat
tarekat ma’rifat.
ma’rifatna waktu eta,
geus ninggali naon,
dina waktu Sembahiyang, tadi geus ngaku ma’rifat, tegesna geus nyaho kitu, nyaho kana naon tea.
Naha ninggali ka Gusti,
ku tinggal panon kapala, mutajillah mun kitu teh,
sanes ninggal Gusti Allah,
nyebat soteh kitu,
terang soteh pertingkahna.
Pertingkah
nyembah ka Gusti,
kapan eta geus ma’rifat, tegesna parantos nyaho, Sembahiyang Subuh eta, terang dua rakaat,
pujina oge pon kitu,
geus awas ti samemeh prak.
Kitu deui waktu Dzuhri,
eta parantos ma’rifat,
terang rakaatna Lohor,
nyaeta opat rakaat,
sumawon ushallina,
eta saterusna kitu,
nepi kana waktu Isya.
Tarekatna mah pan bukti, migawe dina waktosna, Nangtung Ruku Sujudna
eta mah,
lain ma’rifat ka Allah,
ma’rifat nyembahna wungkul, da eta mah rukun Islam.
Sanes rukun Agami,
ari rukun Agama mah,
anu ngabuktikeun aen,
aen kanu disembahna,
pikeun kayakinan urang, Agama nu Maha Agung,
pikeun ngesahkeun ibadah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar