Pangiring Medal Kamulyan di Sumedang (jaman Kerajaan Salakanagara), nyaeta Karajaan nu corakna Hindu mimiti di Jawa Barat nu didirikeun Dewa Warman Tahun 52 Caka Sunda, Nagarana nyaetai Salakanagara, Ibukotanya :
"Raja Tra Pura" atawa "Kota Perak" di Pandeglang Banten.
Raja-Raja Salaka Nagara
1. Dharama Lokapala 130 – 168
2. Digwijagakasa Dewa Warmanputra 168 – 195
3. Singha Sagara Bimayayasa Wirya 195 – 238
4. Dharma Satya Nagara 238 – 252
5. Dharma Satya Jaya Waruna Dewa 252 – 290
Dina Versi Sajarah Tarumanagara, dina masa Raja ka 3 nyaeta, Raja Purnawarman (Sri Maharaja Purnawarman Iswaradigwijaya Bhimaparakrama Surya Maha Purusa Jagatpati Purandara Sakti Pura Wiryaajaya Lingga Triwikrama Bhuwanatala / Sri Purnawarman Bhimanarakrama Narendradhipa), 169 - 282 Caka, (395 - 434 M).
Wilayah Sumedang ka lebet diantara wilayahna bawahan karajaan Tarumanagara, nu disebatna Cupugiri jeung Gunung Cupu di Sumedang. Sacara kawilayahan wilayah kakawasaanna Pangiring Medal Kamulyaan Karajaan Salakanagara nu medalkeun ajaran hinduisme dina antara abad ka 3-4 Masehi di Sumedang, nyoko kana arah mata mata angin (papat ka lima pancer anu mibanda unsur : taneuh nu subur, unsur cai tiis nu loba, unsur cai panas nu daerahna salubur pikeun kahirupan jeung kahuripan), ka beulah kaler, ka beulah kulon, ka beulah kidul jeung beulah wetan.
Nalika Dharma Satyajaya Warunadewa marentah di Kerajaan Salakanagara jadi Raja nu ka 5 dina taun 129 - 177 Caka (242 - 290 M), putra-putrana 7 jalmi aya nu ninggalkeun ka Karatonan ngajugjug ka arah wetan ti Salakanagara, pikeun nyebarkeun kayakinan dina waktu harita sarta tumetep di daerah sakitar pagunungan, nu salajengna jadi dalem, batara guru atawa resi, aya oge nu salajengna janten pamimpin atawa Raja sabab ngalanjut Tarumanagra di Medal Kamulyan Sumedamg, Medal hartina datang, Kamulyan hartosna budina luhur jeung jembar manah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar