[23/11 20:48] aji rasha: NERANGKEUN
Dzatullah,
Sifatullah,
Asma’ullah,
Af’alullah
[23/11 21:05] aji rasha: HAKEKATNA
kieu hakekatna
eta nu ngaran
Dzatullah,
rasa
moal salah deui,
Sifatullah
nyaeta nu
padang mulus,
caang padang narawangan, Jatining Sahadat
Sagarana hirup.
sing kapendak, Sifatullah
nu tadi, dina keur waktu tarekat,
keur narik ilmu dzat
parantos kapendak pisan, mung ngan sakali
teu leuwih,
Asma’ullah
ari eta Asma’ullah,
Nur Muhammad geus pasti, nya eta cahya anu opat tea.
Narun, cahyana beureum Hawaun cahyana koneng
tur bening,
Ma’un cahyana bodas.
mulus,
Turobbun cahyana hideung
tah nya eta
nu ngaran
Asma’ullah.
Eta anu opat warna,
jadi huruf opat rupi,
nya eta Alif Lam Lam, He
geuning sidik Asma Gusti, Lafad Allah nu saestu,
sing kapendak,
kudu katingali,
dina waktu keur ngalakonan
Ismu Dzat.
eta mah sok sering,
kapendakna, saban ngalakonan wajib,
sing bisa kapendak, jeung sagara Adam ,
nya eta tempat kasampurnaan jasad.
Af’alullah
nyatana af’alullahu,
awasna ingdalem ,
waktu Tajali,
nya eta Af’al Allah Ta’ala.
pasal Kangjeng Rasul,
nya Kangjeng Nabi Muhammad saw
kacapangan jalmi-jalmi,
sok disebat
awal akhir
ku sadaya.
Sarengna sok disebat,
Jeng Nabi panutup,
tah kieu mun can harti,
pasal eta Nabi urang,
pang disebut awal akhir,
atuh puguh bae,
pan tadi ge diluhur,
geus didadar,
hakekatna Muhammad Nabi, bibit tujuh bumi tujuh langit .
Beh dieuna oge nyata, sanggeus aya Adam Nabi, sinarengan Babu Hawa,
bibit ngaluarkeun jalmi,
tetep bae Kangjeng Nabi, Muhammad Rasulullahu,
jadi awal jeung akhirna,
pan adam sareng Hawa
arek putraan.
[23/11 21:20] aji rasha: Tangtuna patemon rasa,
pan rasa teh
hakekatna Rasulullah,
mun taya rasa mah,
moal kaluar Mani,
dua-duana ge luput,
ari eta mani tea,
Hakekat Adam geus pasti, sidik pisan Adam teh
sorot Muhammad.
Nya eta sorotna rasa,
barang eta mani tadi,
lila-lila teh mangrupa,
jadi
sirah
dada,
udel
suku ,
sidik jadi lafad ,
sirah nyaeta Emim,
dada teh jadi He sidik,
udel eta jadi Mim akhir
Suku teh jadi Dal,
geuning eta sidik,
ngajadi lafad Muhammad,
ahirna rasa nu tadi,
nya eta rupana jalmi,
nu mawi eta disebut,
Muhammad jadi wiwitan, jeung jadi wekasan deui, atawana awal ahir
disebutna.
nyata, karaos pisan,
eta katerangan teh,
cocog,luyu sareng kaharti, karaos pisan nyakitu, babasan teh hanteu salah,
Kanjeng Muhammad sinelir, dibasakeun awal akhir teh
geus nyata.
Sinarengan aya basa, panutup eta Jeng Nabi, panutup teh naonnana,
mun tacan mafhum,
panutup soteh ilmuna,
anu opat geus kasungsi,
nya eta
sare’at sareng hakekat.
Tarekatna dipilampah,
jalan ma’rifat ka Gusti,
tepi ka sapatinggalna,
jeung Gusti nu Maha Suci,
nu matak pangkatna Nabi, Muhammad Rasulullahu,
da geus ma’rifat ka Allah,
kitu sabab na teh ,
Mung aya kapanasaran,
aya basa opat deui,
1.Ihkrom,
2.Mi’raj
3.Munajat ,
4.Tubadil ,
tah eta kuma hartina,
jeung dimana pernahna deui,
mun tacan ngarti,
enya eta keur solat sajati tea.
eta basa, nyumponannana geus pasti,
sareatna mah di mMekkah, kunu rek marunggah Haji, hakekatna mah geus pasti, aya di pulo Jawa ge tangtu, geus tangtu pisan ayana,
mun tacan ngarti,
enya eta keur solat sajati tea.
Kieu katerangannana,
Ihkrom eta nu mimiti,
hartina teh peta-peta,
tekad seja rek indit,
mun diibaratkeun paksi, manuk arek niat ngapung, geus dibeberkeun jangjangna, ngan hanteu di kiplik-kiplik,
Mi’raj eta, enggeus jeung ngapung ngalayang.
Geus ninggalkeun alam dunya, lat poho ka alam dohir,
Munajat hartina,
geus munggah ka alam batin, rek nepi kanu dijugjug,
Tubadil hartina teh
geus tepi kanu diseja.
Sapatinggal sapocapan, kaula kalawan Gusti,
geus ngancik di kalanggengan,
dina Baetullah suci,
Baetullah nu sajati,
nu lain di kulon kidul,
lain dikaler di wetan,
jeung teu keuna ruksak deui, nya eta kiblat nyawa
nu sampurna.
[23/11 21:34] aji rasha: naon sifatna Baetullahi, Baetullah nu sajatina,
nya eta Dzat Yang Widi, sifatna teh padang alus,
Johar awal,
sagara hurip
pikeu kiblat dina
waktu wafat tea.
Sabab eta,
kiblat wafat,
wajib ku urang disungsi,
bisi jadi marakayangan,
nyawa urang teh teu nepi,
teu bisa mulih ka jati,
pulang ka asal kapungkur, atuh pantes arek aya, Naraka siksaan diri,
sababna teh
utrak-atrok taya jalan.
Numatak meungpeung
di dunya,
sing suhud urang milari, milari jalanna wafat,
sangkan nyawa bisa mulih, geura beuli ku prihatin, sangkana bisa kasusul, kusabab rugi pisan,
kudu reujeung kentel peujit, barang dahar
ulah sok sakama-kama.
Talunganan bab ibadah, hanteu sakumaha rugi,
da aya patokannana,
nyaeta Qur’an jeung Hadis, didinya enggeus mahi,
ngan kari suhudna wungkul, suhud ngapalkeunnana,
jeung prakna nyembah
ka Gusti,
ari jalan maot mah
sejen aturan.
Da eta mah panungtungan, panungtungan nu kumelip, tungtungna teh kedah wafat, nu ibadah oge sami,
sareng nu teu Gumusti,
teu ibadah ka
Yang Agung,
teu burung wae wafat mah, sareatna oge sami, sadayana pada aya sakaratna.
Tah dilebah dinya,
ku urang kudu kapikir,
kudu sing ka ilmu pisan,
kumaha sabab pang sami, pada sakarat bukti,
nu ma’siat, jeung nu suhud, suhud kana ibadahna,
mana atuh anu tepi,
mangga jawab ku diri
sugan kamanah.
Ari ceuk paham mah,
nu ibadah nu tepi,
ngan make lalakon heula,
nyorang siksa tilu rupi, 1.nyorang sakarati,
2.nu nyerina kalangkung,
siksa kubur
3.siksa akherati, dina waktu.
kiamat alam dunya.
Lila-lila oge bisa,
mungguh kasawarga deui, dupi nu teu ibadah,
tetep langeng eta misti,
di Naraka api pasti, langgeng taya wates kitu,
mufakat,
ngan utamana,
nu kumaha paeh teh
nu sampurna.
mun mufakat, utamana
nu mati, ulah nyorang
ku siksaan,
sumawonna tilu kali,
sakali ge alim teuing,
atuh kumaha petana, sangkan ulah bisa nepi,
kana eta siksaan
Allah Ta’ala.
kumaha jalanna deui,
pan tadi geus didadar,
numatak urang teh
wajib, kudu ma’rifat teh misti, kana Dzatna Maha Agung, nya eta supaya urang,
engke dina waktu keur mati, ulah nyorang kana siksaan sakarat.
[23/11 22:25] aji rasha: Sumawon siksa akherat,
tah kitu ganjaran ngilmi, jeung anu daek ibadah,
nurut parentah Nabi,
mun kitu atuh utami,
daek ibadah tur suhud, kalawan ma’rifatna,
kana Dzat Maha Suci,
tah nu kitu moal
nyorang siksaan.
teges ilmu kabatinan, kasampurnaan keur batin, nya ayeuna ilmu Cirebon
timbulna.
Ayeuna kantun ngajaga,
laku dohir sing beresih,
amal ibadah beresan,
imankeun beurang jeung peuting, supaya urang di dohir, bisa salamet rahayu, ulah keuna panca baya, sabab mun keuna balai,
osok jadi
moekan kana Agama.
bener ayeuna mah
ngan kantun ngajaga lampah, satungtung hirup di dohir, sumawon tekad sing bersih, ulah pasea jeung batur, sumawon bangsa sorangan, najan sejen bangsa deui,
ulah pisan rek goreng tekad.
Urang hirup babarengan,
da sarua umat Gusti,
pada dadamelan Allah,
mun urang ngewa ka jalmi, sami sareng ngewa deui, kanu ngadamelna kitu, persasat ngewa ka Allah, sumawonna tekad dengki, boga tekad hayang nyiksa pada jalma.
Mun kitu mah nyucud pisan, kalebet nu ngaran kafir, kajeun dina bangsa Islam, kapan ceuk hakna mah ning, kafir lain Cina Bugis,
teu beunang dituduh kitu, sategesna kafir teh,
nu jahat atina
ayana teh dina saantero bangsa.
Sabab mun jahat atina, kapada manusa deui,
sami jahat ka Pangeran,
anu ngersakeun sabumi, kapan ceuk
Qur’an jeung Hadis,
manusa teh geus disebut, anu pang mulya-mulyana, didamelna ku Yang Widi,
dibedakeun jeung saantero mahlukna.
ayeuna rek naros
kumaha beda-bedana, antara Mahluk jeung Khaliq,
mun can harti,
di jinisna anu yakin,
perkara nu ngaran makhluk,
sakur-sakur nu nyareat,
bukti nu aya dohir,
nu jarentul sajeroning
alam dunya.
Najan ieu alam dunya, seuneu cai angina bumi, makhluk bae disebatna,
sanjan Naraka Sawargi,
lebet makhluk bae ,
mung eta nu ngaran Khaliq, anu mana jinisna
anu saleresna.
nu ngaran Khaliq mah ,
eta mah bibitna dunya,
bibit antero hawadist,
nya anu kasebat tadi,
nu geus kaunggel
[23/11 22:29] aji rasha: nya eta
Nur Muhammad,
cahya nu opat pe,
beureum
koneng
bodas
hideung .
Nu langgeng
teu keuna ku ruksak, hakekatna Adam
Gusti Allah nu kasebat,
sifat Rahman sareng Rahim, Rahman teh murah di dunya, Rahim Allah teh nu asih,
di aherat geus pasti,
tah eta ceuk dalil kitu,
ayeuna hayang karasa murahna Allah di dohir,
nu mana nyatana
di badan urang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar