[18/11 19:36] aji rasha: hal rukunna Agama
nu aya di wujud urang,
nya eta nu opat tea,
sareat
hakekat
tarekat
ma’rifat.
hartina, ngaran rukun,
Nyaeta bareng
hanteu pili ganca.
Paribasa sepuh ,
ka urang sok mituturan,
yeh anak-anak sakabeh,
engke bapa geus teu aya, omat turut weling bapa,
jeung dulur teh kudu rukun, ulah arek panca bagah.
Ka cai kudu saleuwi,
ka darat kudu salebak,
jeung kudu bongkok
ngaronyok, bengkung ngariung ceuk basa,
supaya maneh waluya,
mun
rempug jungkung jeung dulur, salamet dunya akherat.
ari rempugna nu opat tea, rukunna
paninggal
dangu,
pangangseu
pangucap.
Margi keur kieu mah geuning, ieu nu opat perkara,
lakuna teh nu karaos,
masih bae pili ganca,
hanteu bareng lakuna,
ucapaucap
dangu dangu,
angseu sumawon paninggal.
Teu nurut babasan tadi,
yen kudu sabilulungan,
nya eta bongkok ngaronyok, jeung bengkung ngariung tea, ka cai saleuwi pisan,
kitu anu ngaran rukun,
atuh dimana barengna.
Rukun na nu opat eta
dina waktu eukeur Sholat, Sholat sajatina tea,
waktos Nafi Isbat gulung,
nerapkeun Muhammad.
Aworna kalimah kalih,
huruf Ta’udz jeung Bismallah, keur nyalindung ka
Yang Manon,
kapan didinya barengna,
nu opat teh ngahijina, ilangna dunya jeung wujud,
kapendak wujud Agama.
Nembe Islam
mun geus panggih,
kana sajati Agama,
nyaeta hirup urang tea,
anu matak wajib pisan,
nyaho jatining Agama, sangkan sah ibadah
nyaho bibit rukun Islam.
nya didinya barengna teh, babasan tadi teh keuna, bongkok ngaronyok teh nyata, sumawon bengkung ngariung, kacai saleuwi pisan.
Ayeuna mah kaharti sugan, babasan sepuh baheula,
aya Hekekatna horeng,
kudu rukun teh nya eta,
nu opat di badan urang, ngaran dulur nu saestu,
opat kalima pancerna.
Ayeuna dina Hadist nyarios,
aya basa opat rupa, ngaran Dalil
Hadist,
Ijma,
Qiyas ,
eta hartina.
[18/11 19:56] aji rasha: Nerangkeun
Dalil, Hadist, Ijma, Qiyas
pasal eta nu opat basa,
kieu pihartieunna teh,
hartina dalil teh ,
pangandika Maha Suci,
nya Qur’an
eta buktina,
anu mawi kudu,
wajib percaya kana Qur’an, lamun henteu percaya teh kufur kafir, cadang Naraka Jahanam.
Ari Hadist
pangandika Nabi,
enya eta Rusul-rusul tea, utusan Gusti Yang Manon, eta wajib digugu,
ngaran Ijma tea,
nyaeta pangandikana,
para Wali jeung
para Muslim deui,
eta ge wajib percaya.
Qiyas hartina teh
akal sategesna,
pikeun ngakalan
geus tangtos,
ngakalan tadi nu tilu,
Dalil Hadist Ijma pasti, sangkan bisa karasa,
ma’na Dalil kitu,
Hadist Ijma sumawonna,
da eta teh pikeun
pikiraneun deui,
sangkan nyata jeung barangna.
Sabab geura pek pikiran, sagala hal mun teu make akal, moal bisa jadi bae, ibaratna kapan puguh, karamean Alam Dohir,
karajinnana manusa, tambah beuki maju, ayeuna ge kabuktian,
kajadian kapal udara
jeung mobil,
jadina tangtu ku
akal.
Anu matak ngilmu ge,
lamun ngilmu pikeun kabatinan,
kalanggengan Alam Baqo, ulah cicing bae atuh,
dina asma bae badis,
tegesna dina omongan, kapan asma mah tuduh, najan Dalil Hadist Ijma,
eta oge pituduh
teu salah deui,
tuduh jalan pikeun
mulang.
Sareng tuduh ka manusa, pikeun urang gumelar di Dunya,
kudu daek ibadah teh,
ka Gusti nu Maha Agung, kalawan jeung sah na misti,
nyaeta
sahna ibadah,
kudu ma’rifatu,
kana Dzat Sifatna Allah,
enya eta
piwadaheunnana ,
amal ibadah urang.
Ulah cicing dina Asma badis, tetep cicing dina panunjukna, mun kitu mah tangtos bae, mo tepi kanu dijugjug, nyaeta ka asal tadi,
da teu disorang jalanna, cicing ngadedeluk, nyaeta dina tunjukna,
nu ditunjuk teu disusul dipilari,
mun kitu mah moal datang.
Ibaratna upami urang
hayang terang ka hiji Nagara, upama Batawi bae,
barang dileresan Bandung, lajeng urang ninggali,
hiji jalan parapatan,
jeung ninggal nu nangtung, hiji pilar make papan,
dina papan aya aksara Batawi, ditunjuk
ku gambar tangan.
Ramo nunjuk
ka huruf Batawi,
boh ka kulon
ka kaler
ka wetan,
terus urangna cicing bae, dina hareupeun panunjuk, naha kira-kira iyeu,
dikirana bakal datang,
ka Batawi tunjuk, pastina atuh moal, sabab cicing di dinya teu maju deui, sumawon ka Batawina.
[18/11 20:09] aji rasha: Jalanna ge teu disorang deui, nu ditunjuk ku gambarna tea, kumaha bisana nyaho,
da betah dina panunjuk, hurupna asma Batawi,
tah kitu ibarat na
nu ngaji asma wungkul,
teu terang nu diasmaan, lamun kitu ngaji teh
teu bisa nepi.
Panunjuk teh
ibaratna Dalil,
kitab Qur’an
eta sategesna,
tuduh jalan nu sayaktos, numatak urang teh kudu, hukum Qiyas
geura tungtik,
kumaha pikeun akalna, tarekatna ilmu,
sangkan urang bisa
datang, ka Batawi
nepi ka ‘aenal yakin,
sidik teu ngandelkeun beja.
Mun geus cicing dina panunjuk tadi,
kantun bae neangan akalna,
sangkan tereh tepina teh, naha rek leumpang suku, atawa rek tumpak mobil, kapal udara, da aya geus tangtu,
ari eta tutumpakan,
ngibaratkeun tarekat ilmu kapan tarekat
teh loba.
Qodariyah Satariyah Anfasiyah jeung Muhammadiyah, Juziyah Hak Maliyah ,
kantun milih bae atuh,
mana nu gancang tepi,
nu pangheulana datang,
bisa ma’rifatu
kana dzat sifatna Allah, sagarana hirup
tujuh langit tujuh bumi,
Johar Awal kasebatna.
Lamun hanteu make akal enya eta milih tutumpakan, mana anu gancang bae,
misti kudu buru-buru,
bisi kaburu ku pati, payunkeun hukum akal, kajeun rada ripuh,
geura beuli ku tirakat, gancangna teh teu lian
kudu prihatin,
dahar sare dikurangan.
Rukun Islam,
naha aya rangkepan nana
[18/11 20:15] aji rasha: NERANGKEUN
Rukun Islam
Sare’atna
Hakekatna
Tarekatna,
rukun Islam nu
lima perkara,
dina hiji perkara teh, opat-opat geus tangtu,
dina sahiji perkawis,
saperti dina
Syahadat,
opat pangkal kitu,
aya sare’at hakekat ,
tarekat ma’rifatna
Sholat
opat perkara.
Enggeus tangtu opat aya sare’at hakekatna,
tarekat ma’rifat geus tangtu,
Zakat
Puasa
Hajina,
opat-opat kitu,
NERANGKEUN
Sare’at Hakekat
Tarekat, Ma’rifat
dina Syahadat.
[18/11 20:26] aji rasha: Syahadat
sare’atna Syahadat teh ngucap, ngucapkeun
kalimah roro,
nya eta
Asyhadu Anlaa Ilaaha Illallohi,
teras
Wa Asyhadu Anna, Muhammad Rosulullohu,
eta Syahadat sare’at,
hakekatna
ngaran Syahadat teh ,
hirup eta tegesna.
Tarekatna Syahadat teh ,
dina waktu Shalat sajatina, keur tajali ka Yang Manon,
ma’rifatna mah kudu,
sing ngarasa kaangliputi,
nu moncorong lintang Johar, caang padang alus,
nya eta dzat sifat Allah,
Duh ning bet tepi kadinya, cacarita teh nyah......
nataku engkong isin ku
Yang Agung,
mun engkong nyumputkeun
ilmi, da aya hukumannana, mun sumput salindung, tur aya nu naros pisan,
goreng temen mun engkong ngabuni-buni, turug-turug ku
Ikhwan.
Namung aya nu dibuni-buni, saperkawis anu hanteu beunang, diterangkeun kanu sanes, nu sanes saikhwan kitu,
nyaeta tarekat ilmi,
sabab eta mah titipan,
Nabi Wali ,
sabab lamun samarangan,
diterangkeun ka jalma nu lain-lain, doraka Dunya Akherat.
Sarta matak pecat iman pasti,
Gusti Allah moal rek
narima, ibadahna
najan getol,
dila’nat enggeus tangtu, disamikeun jeung Idajil, sakumaha mujina,
ka Allah nu Agung,
tetep moal dihampura,
tetep bae keur eusi
Naraka Jamhim, langgeng teu aya putusna.
Sholat ,
naon sare’atna,hakekat
tarekatna, ma’rifat ,
[18/11 20:33] aji rasha: NERANGKEUN
Sare’at Hakekat
Tarekat, Ma’rifat
dina Sholat (Sembahiyang).
Sareatna Sholat
nya eta
nangtung
ruku
sujud
lungguh
bukti ‘aen,
hakekatna ,
Alif
Lam
Lam
He
geus pasti, nyaeta
lafad Allah,
hanteu salah deui,
tarekatna Sholat,
tetep bae dina keur
Sholat sajati, Tajali ning Dzattul Mutlaq.
Ma’rifat
oge kudu kapanggih,
sareng Nur Muhammad tea, ka cahya
opat sing ‘aen,
Narun
Hawaun
Maun,
Turobun,
nya eta nu
ngaran Sholat,
memeh awang uwung,
tah eta anu geus aya,
anu matak
Sembahiyang teh wajib, sabab asal tina Shalat.
kade sing kahareti,
dina pasal eta Sholat yeu,
Zakat
anu geus kamayhur,
naon sare’atna , hakekat tarekatna, ma’rifat na.
[18/11 20:38] aji rasha: NERANGKEUN
Sare’at Hakekat
Tarekat, Ma’rifat
dina Zakat.
mun can harti, rukun Islam anu katiluna,
Zakat
bade dicarios,
sare’at
mah geus umum,
hajat pare atawa duit, ditarima ku jalma,
fakir miskin kitu,
hakekatna
ulah salah, kudu bae urang
ngazakatkeun diri,
ka Gusti Allah Ta’ala.
Tarekatna
nya kudu Tajali,
ma’rifatna
sing bisa ngarasa,
ilangna jasmani kabeh,
tanda ditarima kitu,
ku Gusti nu Maha suci,
tah kitu
sahna Zakat,
ulah rek kaliru,
[18/11 20:43] aji rasha: NERANGKEUN
Sare’at Hakekat
Tarekat, Ma’rifat
dina Puasa.
Puasa
sare’atna
pan geus ilahar,
dina bulan Ramdhan tangtos, tilu puluh dinten tutup,
hakekatna
mah geus pasti,
kudu nahan nafsu hawa,
ulah rek diturut, temahna matak cilaka,
tarekat
nya gulung dina Tajali,
ma’rifatna.
Kudu panggih jeung Ramdhanna diri,
nya eta jeung saperti bulan, lir bulan pat belasna teh, rain, paingan disebut,
Puasa di bulan Ramedhan, sihoreng teh yen
urang kudu ninggali,
lir bulan opat belasna.
[18/11 20:47] aji rasha: NERANGKEUN
Sare’at Hakekat
Tarekat, Ma’rifat dina Munggah Haji.
sare’atna Haji,
nu geus lumbrah nya jarah ka Mekah,Baitullah nu dijugjug teh,
hakekatna
mah tangtu,
ngalebur dosa nu tadi,
tarekatna
mah teu lepat,
dina eukeur waktu Tajali tea,
ma’rifatna
kudu
ngarasa ngahiji,
jasmani jeung rohanina.
Seug itung ayeuna ,
rukun Islam
anu lima tea,
sabaraha jumblahna teh, opat-opat hiji rukun,
atuh lima kali opat,
jadi dua puluh,
geuning eta
sifat dua puluh
sifatna Allah Ta’ala.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar