[24/11 09:16] aji rasha: NERANGKEUN
Hidayat,
Darajat,
Ni’mat,
Rohmat
Hidayat ,
supaya terang,
sangkan babari kamafhum, urang make jeung upama.
ke raoskeun ,
kieu pikeun upamana, upamina urang teh,
mener dina hiji mangsa, kersa midamel kasawah,
seja rai bade macul,
maculna nu saenyana.
Ti isuk tepi ka burit,
barang dina parantosan,
teras mulih bae,
ku tina langkung hanaang, hayang geura barang tuang, ma’lum tas ngadamel kitu,
ku sadaya ge karasa.
Barang dongkap teh ka bumi, pareng Garwa teh teu aya,
ari tuangeun teu nyondong, lantaran Garwa keur nyaba, lajeng urang teh ngamanah,
didinya urang tuluy,
angkat ngabujeng ka putra.
Barang geus sumping,
sareng putra nyampak aya, sarimbit di bumina teh, tangtu urang teh nyebat,
aduh aing Hidayat, tangtu dina manah kitu,
Hidayat bet nyampak aya.
Teras urang ka bumi,
barang ninggali kang putra, eukeur popolah di pawon, keur nyangu jeung masak-masak,
katinggal seueur deungeunna,
manah teh tangtu, nyebat
nya aing Darajat.
keur mah aing ti tadi, hanaang ku hayang dahar, wantu-wantu tas digawe, ayeuna nyampak pun anak, keur sadia masak-masak, atuh aing teh geus tangtu, bakal dahar ponyo pisan.
Cing mangga raoskeun,
naha leres naha salah,
kitu carios urang teh,
leres taya lepatna,
sadaya ge tangtos kitu,
piomongeun dina manah.
barang saenggeusna putra, popolahna enggeus beres, terus bae diwadahan, ngaliud di tengah imah,ngamangga
keun bari imut,
katinggal atina ikhlas.
Putra mantu pada sami,
pada saruka manahna,
nu wangkeuh ka
kang rama teh,
bari ngamangga-mangga, mangga Mama geura tuang, tadiputra meser lauk,
tah geuning parantos asak.
Tangtu didinya urang,
geus tangtu kana ponyona, moal salah tuang raos, eukeur mah seueur
rencangna,
kawuwuh ninggal kang putra, budina kalintang alus,
beuki tegep we tuang.
[24/11 09:29] aji rasha: Dina jero tuang pasti,
urang nyaur dina manah,
duh naha ieu dahar teh,
Ni’mat teuing karasana, abong geus lapar pisan,
ti isuk can manggih
sangu, tur tas digawe rosa.
leres teu,
karaos tur kahartos, dawuhan taya lepatna, sapiwejang teh karasa,
tapi naha naon sabab, saparantos tuang kitu,
bet osok wuwuh teunangan.
Bet leuleus leuwih ti tadi, beuki teu aya tanaga, tambah lesu tambah lungse,
embung obah-obah acan,
eta naon sababna,
eta teh teluh sangu disebatna.
naha kunaon margina,
make aya teluh kejo,
kapan sangu teh geus kocap, pikeun ngaleugitkeun lesu, nambahan gede tanaga.
Tatapina anu bukti,
lain ngayakeun tanaga,
puguh mah karah lungse,
geura pikiran, eta teh
naon sababna,
da moal bet hanteu puguh geus tangtu aya sababna.
kapan tadi ceuk carios,
tina Ni’mat kana Rohmat,
tapi ari buktina,
tina Ni’mat kana lesu,
embung hudang-hudang acan.
kumaha jalan-jalanna, sangkan karaos kapaham,
pangna jadi lesu teh saentasna tuang Ni’mat, sabab eta anu asup kabeh
ge aya roh na.
Dina karek asup rohna teh can misah,tina kadaharan
na teh, lantaran can bubuk pisan, sasat can bijil acina, lami-lami sanggeus bubuk, aci jeung hampasna misah.
Hampasna kaluar deui,
aci mah tangtu tinggal, ngajadi getih sakabeh,
tuluy surup sinurupan,
roh tina kadaharan, jeung
roh jasmani teh tepung, kajadianna nya
Rohmat.
Jadina ti Rohmat ,
nya nu nimbulkeun tanaga, murakabah kasakabeh,
terang denge bengras tinggal, sowara ge bisa terang,
da nu teu dahar mah kitu, haroshos geuning sorana.
Tinggalna sok ruam pasti,
teu terang kawas biasa, denge sok rajeun torek,
nu kitu jadi teu Rohmat, sabab kurang getihna, kurang getih tangtu lesu, taya tangan pangawasa.
tah kitu jalanna teh,
eta roh kadaharan,
asal ti opat perkara,
bumi cai angin banyu,
di urangna ge opat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar