Hamo landung ku catur.Hamo panjang carita.Malar pibahaneun ngudag elmu Ajining Rasa ka-SAMPURA-an, pikeun netepan KA-SAMPURNA-AN.”GUSTI NU MA-HA (suci hirup) (sampura ‘Na).Manusa nu “Nga- Maha.(nu nyucikeun hirup, sampura’sun).- Ka-sampurna-an, sifat (ules watek) anu jadi cahayana sinar(cahaya awal) ti anu Wasa’Na, geusan ngawasakeun kanu di wasana pikeun ngawasaan pangawasana dina sagala kakawasaannana, nyaeta Pangawasa Sinar’na (Pancer diri).- Ka-Sampura-an.Wujud jeung laku anu nyinarkeun atawa nyahayakeun sinar Wasa ‘Na, anu jadi alak kawasana mancerkeun sifat pancerna.”Gusti nu maha, manusa nu nga maha.Wasana gusti di basa keun ku manusa.-Basa lisan.-Basa Tutur.-Basa Wujud.-Basa Budi, jll(Gusti pancerna sifat, ingsun nu mancerkeun dina ka-sifat-annana.Hirup geusan manceran dina sagala pangawasana, kersa anu geus di kersakeun pikeun nuju kana aji ning ka sampurnaan, tangtu mudu metik elmu ning kasampurnaan ieu, geusan ngahontal tur mampu-Ngagem ma diri.-Pangajian laku.-Pangajen diri anu mangrupa:
1. AJI LUHUNG . (Sangkan diri kaharkatan).
2. AJI KOMARA. (sangkan diri ka darajatan).
3. AJI WIWAHA. (sangkan diri ka martabatan).Tilu pang Aji di luhur, mangrupa dadasar elmu keur nyifatan laku ning lampah sangkan jadi “Diri nu ngagema ka-sinaran ku panceran asal, sangkan wawuh kanu “TILU DAWUH”, nu nyangking nyinaran Galuh (tempat cahaya suci (pura hyang). Sajero ning ati nu bakal nebaran sinar ules watek nyaeta Dawuh:
1. Nga- Sanghyang (diri mi-jati ka-tuhu-an), keur pangaji elmu suci anu wawuh kanu kagungan wasa.
2. Nga-Rahyang.(diri mirasa kamanusaan). Keur pangaji elmu suci anu wawuh ka kujur apal ka diri anu di kawasa.
3. Nga-Dahyang. (diri miraga ka Nusa an), keur pangaji elmu suci geusan apal kana hak jeung pancen mahluk salaku di gelar bangsa nusa (ka-Nusa-an) anu campur dina nagara ragana manusa campur sampurna.Cahaya nu jadi ules watek tilu Dawuh anu nyinaran Galuh tadi tangtu teu leupas tina diri, yen diri teh kawandaan sifat:
Tidak ada komentar:
Posting Komentar