Minggu, 14 November 2021

ka manusa an 1

“MALURUH JATINING DIRI”.

Dina mangsa kiwari, kanyataan anu teges hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon kahirupan di gelar “Manusa”, sangkan tepung anu naon rupa nu di paluruh nyatana “Kasajatian diri dina ules watek anu nyata ka sifatan manusa ebreh dina lalaku jeung puguh lumakuna hirup anu “Ngama na(asal kecap kama= cukang lantaran hirup) sarta mampu ngawujudkeun dina tutur jeung lisan sarta sifat jeung tabeat nu hade tur nyata.Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah tur di pedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi, geusan nanjeurkeun tangtungan diru kasampurnaan, sangkan pa-ngadeg-na, jatining diri nu sampurna pikeun ngawangun tatanan hukum tangtu anu lima:
1. KA-TUHANAN.
Sangkan ngadeg kasajatian diri ka- manusaan (Tuhu Tuhuan Tuhan).Hukum hirup katangtuan salaku mahluh ciptaan nu miwanda aturan kapastian anu di sebut Takdir teu bisa di pungkir, kadar teu bisa di singlar salaku titis tulis maluk anu di sebut sifat manusa.
2. KA-MANUSAAN.
Ules watek mahluk anu mibanda ciri dina sifat
(1. Welas asih.
2. Tatakrama.
3. Undak usuk jeung asal usul. 4. Adat istiadat budaya.
5. Wiwaha yuda Naraga hartina apal diri, apar rasa jeung rumasa).Sangkan ngadeg kasajatian diri dina kabangsaannana (bangsa Manusa).
3. KA-BANGSAAN.
Wujud tangtu ku ciri dina (
1. Bangsa miboga Rupa.
2 Bangsa miboga Basa.
3. Bangsa miboga Aksara.
4. Bangsa mboga budaya.
5 Bangsa boga Nagara).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar