Selasa, 14 Desember 2021

KURING ( BUDI DAYA 1 )

KURING

patapaan WARUGAJATI,  di JATIRASA 

sing aya dina kasalametan, teu kurang-kurang 
nya ngahaturkeun rebu nuhun, 
Agungna ka nu KAWASA, 
ari jembarna mah nya ka nu ngalantarankeun, 

pituduh jalan anu lempeng kangge nyungsi kasalametan.

pikeun ngaulaan “lahir”  
perlu meunang pamanggih sangkan meunang jalan keur kaperluan “jasmani” ; 

pikeun ngaulaan “batin”  nya  perlu meunang pamanggih sangkan meunang jalan keur kasampurnaanana “rohani” ; 

sugan carita  beunang dipake OBOR 
anu nerangkeun barang mana anu 
WAJIB dipilampah , jeung 
barang mana nu TEU WAJIB di pilampah  , 

sugan sanggeus  nyaho mah,  
moal arek daek ngaula ka nu teu wajib di kaulaan  sabab eta balukarna matak cilaka jeung 
sabalikna  tuluy tumuluy daek ngaula 
ka nu wajib dikaulaan, 
anu balukarna matak salamet tea.

 “AWAL” jeung “AKIR” sing ka ilmu (kaharti) 
ari sababna palajaran ieu mah geus kabaca , seperti “AWALNA DUNYA”  jeung 
“AKHIRNA DUNYA”  
ari ieumah rek nu baris manjing kana “KANYAHO”  kalawan nu bisa kasaksi ku akal pikiran ; 
geus nyaho can “BEDANA” dongeng jeung elmu?

dongeng mah “nyarioskeun anu parantos kajantenan atanapi anu teu acan kajantenan”  

elmu mah sanes dongeng (beja ti anu sanes) namung estu anu natrat ka uninga sareng kasaksi ku akal-pikiran pribadi.

sing kahade loba jalma “TUKANG DONGENG” 
nu hayang disebut “TUKANG NGELMU” , samarukna ari elmu aya tukangna; 
jeung loba anu ngaku geus tutup elmuna, samarukna ari elmu aya tutupna.

ari hartina ILMU.nyaeta hiji sifat Pangeran, 
anu perhatieunana “UNINGA” , 
ku sakitu oge  kudu ngarti 
“MOHAL” aya hiji mahluk anu tutup ilmuna, 
sabab anu tutup ilmu mah 
ngan Wujudna Pangeran, 

jeung “MOHAL” aya mahluk anu jadi tukang ilmu sabab anu jadi tukang ilmu mah 
ngan Anu Uninga (Aliman) 
nya ngan sipatna Pangeran keneh bae. 

Ari mungguh di mahluk mah kanyahona teh 
ngan sakadar kasipatan wungkul. 

Kateranganna kie:  
Saparti urang waktu gubragna ka alam lahir, gening di jasmanian dirohanian, 

ari anu disebut jasmani teh nya-eta 
anggahota lahir,  
anu disebut rohani nya-eta 
anu ngusik malikkeun anggahota tea, 

tapi dina waktu harita (keur acan baleg) ,  
urang teh mun ceuk sompralna mah , 
boga panon acan nyaho nenjo, 
boga ceuli acan nyaho ngadenge, 
boga uteuk acan nyaho eling, 
boga ati acan nyaho mikir, 
boga sungut acan nyaho ngomong, 
boga sarap acan nyaho ngarasa, 
boga irung acan nyaho ngambeu, 
boga leungeun acan nyaho obah, 
jeung suku acan nyaho ngalangkah; 

tina kanyaahna  anu ngurusan, 
jasmani  diurus lahirna, jeung 
rohani  diurus budina, 

atuh ku ayana pangurus tea, 
laun-laun sanggeusna baleg 
tuluy tina urusan lahir (dunya)  
boga pangarti, 

sarta tina urusan batin  boga budi . . . . . .
Tah sanggeus aya eta budi jeung pangarti 
tuluy  ngarasa baroga ngaran  
tuluy ngarasa baroga kawajibab sorangan kalawan teu kudu ditungtun deui kubatur 
pikeun ngamudi  
sangkan lahir jeung batin  ulah pinanggih 
jeung  katugenahan, 

buktina  (pangarti jeung budi ) 
teu eureun-ereun udar-ider di barengan ku curiga sieun jasmani teu kaurus, 
sieun rohani dipake kana jalan anu teu pantes karena palebah dieu jadi bukti anu tetep, 
kajeun boga pangarti tur bisa maca kitab ge  
ari teu boga perasaan mah 
eta sarua bae jeung jelema TEU BERBUDI 
alis teu nyaho kana “KABATINAN” 
(komo ka Allah an mah!) 
sarta sabalikna 
kajeun teu ngarti maca kitab oge, 
lantaran teu diajar tea, 
ari daek ngajalankeun parasaan hade mah 
eta sarua jeung nyaho kana “KABATINAN” ; 

nu matak sok aya carita kieu : 
Saha-saha anu nyaho kaperluan dirina 
eta sarua jeung nyaho kana kaperluan ka Allah an 

kitu deui kajeun nyaho kabatinan 
ari teu nyaho ka lahir 
eta sarua jeung teu BERPANGARTI 
(mohal nyaho kana dunya-dunya acan).

ayeuna !, lamun hayang salamet 
sanggeus nyaho (ngabogaan pangarti jeung budi) atuh tinggal ngajalankeun bae, 
sakabeh anu teu wajib aya di Alloh 
ku maneh ulah dijalankeun, 
Insya Allah tangtu maneh bisa salamet !!!     

,yen ayana “NGARAN ” teh sanggeus  baleg 
(boga pangarti sareng budi) 
sarta eta pangarti keur ngaulaan lahir , 

kedah ngajalankeun pagawean anu wajib aya 
di sifat Allah , 

sareng teu ngawajibkeun pagawean 
anu teu aya di sipat Allah , 

yen pangarti jeung budi eta 
jadi parabot pikeun “ngamudi” tujuan  
kana “kasalametan” – 

ari kasalametan teh nya nu aya dina “salamet”  -- ari nu “salamet” teh 
nya eta nu geus jadi “kaulana Gusti” – 

ari anu jadi “kaulana Gusti” 
nya eta nu geus bisa “ngaulaan kalawan sampurna (euweuh cawadeunnana = Suci Hade) ka Gustina”.

Ari ayeuna mah kieu bae mun  “nyaho” 
yen Gusti  teh ngagaduhan 20 sipat Nu Maha Suci atuh prak bae geura : 

Wujudkeun kalakuan hade, 
sabab Pangeran  “WUJUDNA” Maha Suci.

Heulakeun kalakuan hade, 
sabab Pangeran  “KIDAM” (tiheula) Maha Suci na.

Langgengkeun kalakuan hade, 
sabab Pangeran “BAQO” (langgeng) Maha Sucina.

Adegkeun kalakuan anu hade, 
sabab Pangeran  “MUHALAFAT-ULILHAWADIS" (ngadeg ku anjeun) Maha Sucina. 

Bedakeun nu wajib jeung nu teu wajib 
aya di Sipat Gusti , 
sabab Pangeran  KIAMUHUTAALA BINAFSIHI (beda). 

Tunggalkeun  jeung kalakuan hade, 
sabab Pangeran  WAHDANIAT (nunggal) 
Maha Sucina.

Sing kawasa ngajalankeun hade, 
sabab Pangeran  Nu Kawasa (Kodiran) 
Maha Sucina.

Sing daek ngajalankeun hade, 
sabab Pangeran  Nu Kersa (Muridan) 
Maha Sucina.

Sing nyaho ka nu hade dipilampah, 
sabab Pangeran  Nu Uninga (Aliman) 
Maha Sucina.

Hirupkeun anggahota  keur ngajalankeun hade, sabab Pangeran  Nu Hirup (Hayan) Maha Sucina.

Dengekeun kana kahadean. 
Sabab Pangeran  Maha Suci Ngarunguna (Samian).

Tenjokeun kanan kahadean, 
sabab Pangeran  Maha Suci Ningalina (Basiran). 

Ucapkeun kahadean, 
sabab Pangeran  Maha Suci Ngandikana (Mutakaliman)

Ari parabot keur migawena kapan aya di diri :

Dat jeung a-dat urang nu asal ti kudrat Maha Suci
Kadaek urang nu asal ti iradat Maha Suci
Kanyaho urang nu asal ti ilmu Maha Suci
Hirup urang nu asal ti hajat  Maha Suci
Denge urang nu asal ti sama  Maha Suci
Awas urang nu asal ti basar  Maha Suci
Ucap  urang nu asal ti kalam Maha Suci

Jadi lamun urang nirca (sulaya) 
nya lampah atuh ursng teh 
“lain” jadi kaula-ning Allah, 
tapi nu tangtu jadi Kaula-ning Setan ! ! ! 
sabab ?

Saha-saha nu sok “ngawujudkeun goreng” 
kajeun teuing bisa ngadongeng rupa-rupa basa atawa macananahon oge 
“tetep” ngarana “teu nyaho” di bener! 
Nya eta :
Nu sok miheulakeun goreng
Nu sok ngalanggengkeun goreng
Nu sok ngadegkeun goreng
Nu sok teu bisa ngabedakeun goreng jeung hade
Nu sok nunggalkeun goreng
Nu sok kawasa ngajalankeun goreng
Nu sok daek ngajalankeun goreng
Nu sok nyahona ngajalankeun goreng
Nu sok hirupna dipake ngajalankeun goreng
Nu sok dengena dipake ngajalankeun goreng
Nu sok tenjona dipake ngajalankeun goreng
Nu sok ucapna dipake ngajalankeun goreng

Lantaran kitu anu tangtu “euweuh” hadena, 
malah sabalikna  teh jadi :
Kawasa ning dina goreng
Daek     ning dina goreng          
Nyaho   ning dina goreng
Hirup     ning dina goreng
Denge   ning dina goreng
Tenjo    ning dina goreng
Ucap     ning dina goreng

Ari goreng teh lain sipat Pangeran 
tapi sipat Setan, 

nya kitu deui saha-saha nu ngaulaan Setan, ayeuna oge geusa jadi “Kaula-ning Setan!”  

Cindekna sipat setan teu wajib ayana 
dina sipat Pangeran! 
Nu matak  teu wajib dilampahkeun, 
nu temahna matak cilaka ! ! !

dikedahkeun (ngagaduhan kawajiban) 
ngawulaan ka nu wajib di kaulaan  nya eta :
NGALAMPAHKEUN 20 SIPAT NU HARADE
NUMUTKEUN 20 SIPAT NU MAHA SUCI
NGAJAUHAN 20 SIPAT NU TEU WAJIB

sabab jadi KAWULANA-ALLAH (Inni lilahi) 
JEUNG (wa) hayang jadi  KAWULA NU PASRAH (Inna lilahi) sarta TEU PISAH JEUNG GUSTI (Rojiun) – 

Bongan  nyaho sarta geus nga’enyakeun 
yen teu pisah jeung 
Kawelasna (Rochman) – 
Ka’asihna (Rochim) Pangeran oge bet sakieu ngeunah ngeunahna – 
Komo meureun dina WUJUD RASUL ALLAH 
nu ngagaduhan sipat Rochman-Rochim mah!

Supaya leuwih terang  deui :
Pangeran  (NU AGUNG) Sifatna 20 “MAHA SUCI” (sagarana suci = pang suci-sucina, pang sampurna-sampurnana) 
atuh  (makhluk) lamun hayang jadi 
(hayang ngabogaan titel “Kawula Gusti”, 
nya kudu migawe kalakuan” 20 Sipat Suci “ , 
sing enya, sing jati, ulah palsu, 
sing sampurna, ulah aya cawadeunnana 
ngawula teh, 
geura jaga “jasmani”  ulah pikateuresepeun, “rochani”  ulah ngagerakkeun jasmani kana jalan nu teu suci, kanu teu sampurna! 

Sabab nu bisa boga pangkat “Kawula” 
ngan “nu kumawula” 
ulah ngan di APALKEUN bae parentah teh, 
tapi kudu di AF’ALKEUN !

yen enya” tiasana ngagaduhan titel “kawula” teh kedah migawe pagawean kawula (kumawula tea), ari parabotna nya Jasmani  
nu ngawujud di lahir, 
sareng Rochani nu ngawujud keun nana pagawean, 
diri urang nu nekad keun nana.

pan bareto ning diajar ngucapkeun kalimah “Sahadat” nu pihartieunnana  
Abdi Nekadkeun yuen teu aya deui nu disembah (dikawulaan) anging Allah, 
jeung abdi nekadkeun yen K.N. Muhammad (Kakasih nu geus bisa kumawula) 
jadi utusannana Allah, lain kitu? 

Tah ari ayeuna geus kapanggih, 
tur waktu ieu  keur aya dina jasmani anu lengkep jeung Rochani-na, 
prak atuh geura tekadkeun, 
da nu migawena mah lain urang.

Diri urang kudu boga tekad sorangan, 
cindekna mah dipiwarang “migawe perentah” tea, dupi parabotna nya Ruchani 
nu aya dina “Jasmani.”


hartosna “Kalimah Sahadat” teh kieu :

1 harti : 
abdi angawaruhi (nganyahokeun) yen teu aya deui Pangeran anging Allah, sareng K.N. Muhammad teh UtusanNa.

1 harti : 
Abdi anakseni ( nyaksian) sareng

1 harti : 
Abdi anekadaken (nekadkeun), 
tah ku margi eta, kumaha eta teh ?

nya eta pangna  kudu nganyahokeun teh 
sangkan  ulah salah nya Mangeran , 
ari parabotna pangna bisa nganyahokeun 
nya eta ku kanyaho urang anu asal ti ilmu tea , 

kapan kieu geura : 
sanajan sakitu rapetna (estu teu aya antarana) urat beuheung jeung beuheungna , 
ari geus nyaho mah kapan bisa nuduhkeun 
anu mana anu disebut beuheung 
jeung mana anu disebut urat , 
lain kitu? 
Jadi lamun  teu nyaho mah 
sanajan dituduh-tuduh oge tetep bae  moal nyaho 

Saperti gula jeung amisna oge 
nu “siga” euweuh antarana , 
kapan ari geus nyaho mah maneh bisa nyebut gula teh kana wujudna,  
nyebut amis teh kana rasana ! ...... 

Jasmani  teu aya antarana jeung Rochani 
tapi ayena  sanggeus nyaho mah meureun 
bisa nuduh 
yen jasmani mah nu di-daya upayakeun 
rohani mah nya eta anu ngadaya-ngupayakeun , 

numatak sanajan sakitu pondokna katerangan , sugan ayeuna kaharti yen “enyana”  teh 

sanajan rek migawe agama oge 
kudu “nganyahokeun” 
sanggeus nyaho tuluy bisa “nyaksian” 
mana nu di asmaan Allah 
jeung mana “Rasulna” – 

Ari geus nyaho sarta geus nyaksian 
ku kanyah tea, 
atuh nya tinggal “NEKADKEUN”-nana . – 

Migawe nya ku jasmani 
nu di daya-upayakeun ku Rohanina ; 
kumaha kaharti ?

sing nambihan kanyaho tina per-elmuan , 
ana kitu pangna ari geus nyaho mah 
sanajan cai jeung kopi nu geus ngagulung  
jadi hiji oge , urang tiasa ngabedakeun  
mana anu disebut cai jeung mana anu 
disebut kopi, 
nyaeta ku  parabot kanyaho tea , 
ana nyebut cai tangtu kanu ngemplangna sareng nyebut kopi teh kanu ngambangna.

ari geus kanyaho mah teu kudu nanya kanu jauh, geura tanya kanyaho tea nu geus bisa misahkeun hade jeung goreng.  ........

Ari guruna pikeun conto 
geura guruan diri maneh pribadi, 
saperti : 
ning dimana-mana salah sahiji anggahota maneh meunang kacilakaan sakabeh anggahota maneh  sok milu ngarasa tugenah 
malah dina silih tulungannana oge tara nunggu diparentah deui , 
sabab pada ngarasa boga kawajiban 
mangeran kana wujudna, 
nya kitu deui wujudna teh manut kana rasana. 

Contona : 
Lamun cingir maneh meunang cilaka, 
katojos atawa naon bae, geuning sakabeh ramo 
ti sejen leungeun kalawan teu diniatan deui 
ku maneh kanyaho-kanyahoan geus teu ngarontok, 
maksudna nulung kanu meunang cilaka tea, meureun maneh ge ngarasa, 
boh keur waktu kapeureumpeunan , titajong, jeung naon bae, yen enyana sakabeh anggahota milu ngarasakeun jeung tuluy silih belaanana sangkan pada jadi anggahota ulah aya sahiji nu meunang cilaka.....

Tah lamun  nggeus ngarti kana caritaan anu bieu, sugan sanajan sakitu pondokna cing sing daek nulung kanu butuh, 
nalang kanu susah, 
nganteur kanu keueung, 
turutan cara anggahota anu geus minangka  
jadi guru laku lampah, 
sangkan  daek silih pakanyaah , 
silih pikasih jeung sasama 
nu pada jadi anggahota (eusina) dunya ieu, 
da eusina dunya teh 
saruwa jeung anggahota nu aya di badan .

.

sing daek ngajalankeun kalakuan nu harade. Komo lamun  geus ngaku jadi umat Nabi, 
ulah wani ngalampahkeun nu sulaya jeung parentah Nabi, 
sabab eta oge ku nu teu nyaho mah 
Nabi  teh matak teu aya nu percaya, 
ana Nabi  teu dipercaya , 
atuh Rasul  oge moal dijieun panutan, 
ana Rasul  teu dijieun panutan , 
Pangeran  oge Wujudna 
moal disebut Nu Maha Suci ....

Tah ku sakitu oge meureun kaharti 
jadi sidik nu salah teh tekad , 
geus bae Jasmani jeung Rochani oge 
kabawa goreng , 
padahal Jasmani jeung Rohani mah 
ngan wungkul nyumponan kanu boga tekad 
(nya urang tea!) . 

Ana Jasmani jeung Rochani ku  dipake goreng , 
eta sarua jeung  ngagogoreng ka Pangeran  , 
ana ngagogoreng ka Pangeran , 
atuh urang teh teu Syahadat , 
upama  teu Syahadat, 
atuh moal bisa kasebut bisa Solat, Zakat Pitrah sumawona, Puasa komo, 

boro raah bisa ngaji rasa batur, 
rasa sorangan oge te kaaji , 
atuh ana kitu mah urang teh 
(lamun ngalampahkeun goreng ) 
munggah jadi hijina oge tangtu jeung Setan !


bisi aya nu ngolo-ngolo , nu maksudna ukur nipu kana kaayaan urang , 
nyaeta jalema nu sok wani tudah-tuduh 
atawa umaku pinter , majar geus panggih 
jeng Allah nerangkeun eusi swarga 
ku hayangna di percaya. 
Sawajibna urang ulah rek ngaduwan, 
nyempad kana caritana bisi manehna 
teu ngeunaheun , 

ngan satungtung  nyanghareup 
geura tanya diri , kanyaho nu tadi tea, 
sina nguji caritana, akal pikiran deukeutkeun, sangkan nyaksian salah benerna, 
mun teu kaharti ku akal, 
teu asup kana pikiran 
eta ulah percaya.


Kumaha bentena “Kaayaan dunya, 
boh Datna, Sipatna, Af’alna sareng Asmana 
upami diterangkeun sareng kaayaan Gusti ?”

 :

Ari nu lumbrah disebut “dunya” 
nya ieu sakabeh kaayaan “lahir” – 

kaayaan “lahir” nyaeta sakabeh kajadian nu make lantaran “seuneu, cai, angin jeung bumi” – 

ari seuneu, cai, anging jeung bumi nyaeta “NGARAN = ASMA” tina rasa nu geus ngawujud.

Saperti : 
Rasa panas, 
kajeun teuing miliunan graad panasna, 
tapi ari acan ngawujud mah 
eta “acan” boga ngaran seuneu , 
sanggeus eta rasa “ngawujud” 
nya tuluy dingaranan seuneu, 
jadi anu dingaranan :SEUNEU, 
nya-eta Rasa panas nu geus ngawujud

CAI, nya-eta Rasa tiis nu geus ngawujud

ANGIN, nya-eta Rasa hiliwir nu geus ngawujud

BUMI, nya-eta Rasa tetep nu geus ngawujud

Jadi :  
Wujudna “Rasa panas” eta DATNA seuneu. Sangkan ulah hese nerangkeun 
“beureum eta SIFAT na seune. 

Ngaran kumaha basana ba, 
eta ASMA na seuneu. 
Nu nyahoeun nya jadi AF’AL na seuneu. 
Nya kitu deui :

Wujud Rasa tiis eta DAT na cai, 
Bodas eta Sifatna cai, 
Ngaran (kumaha basana bae) eta ASMA cai, 
Nu nyahoeun nya eta jadi AF’ALNA eta cai.

Wujud Rasa nu Ngahiliwir eta DAT na angin, Koneng eta SIFAT na angin, 
Ngaran (kumaha basana bae) eta ASMA na, 
Nu nyahoeun  eta AF’AL na angin.

Wujud Rasa tetep eta DAT na bumi, 
Hideung eta SIFAT na bumi, 
Ngaran (kumaha basana bae) eta ASMA na bumi, Nu nyahoeun eta AF’AL na bumi.

Tah kitu ari katerang na,
” Dat, Sifat, Asma, Af’al na” lantaran nu jadi Dunya, ari geus jadi dunya mah tuluy jadi deui rupa-rupa kajadian anyar, 
nu aya Dat tan (Wujudan), 
Sipatan (Rupaan), 
Asmaan (Ngaranan), ari 
Af’al na ku nu” nyaho” deui bae.

Ari Rasa-rasa nu diterangkeun tadi eta kabeh “mun teu salah” asal ti : “ Rasul Allah.”

DATNA Pangeran nya eta “Wujud” Rasul-Allah
SIFATNA  Pangeran nya eta Rochman-Rochim
ASMANA Pangeran nya eta Kumaha basana bae
Ari AF’ALNA  Pangeran nya eta ku kawula-Na, 
      nya eta Nu Suci = Sampurna ngawulana



Wujud dunya jadi kanyataan ayana Wujud Allah.
Rasa dunya jadi kanyataan ayana Rasul Allah.

Nu matak lamun  geus ngaharti bener, 
yen Cageur Anggahota , bageur kalakuan  
eta matak salamet. – 

Sugan ari aggahota  salamet mah 
tuluy  bisa jadi anggahota nu hade tina 
“Dunya iyeu nu gede”, 
sabab badan  teh samestina milu jadi 
tur nyalametkeun nu jadi 
“jiwana dunya iyeu nu gede”, 
prak-prakanana nurut (“miconto”) sacara kalakuannana aggahota nu aya di dunya nu leutik (badan) tea.

Sakali deui ieu  nerangkeun : 
“Yen saenyana sakabeh nu aya di dunya ieu 
nu gede teh jadi “anggahotana”  
ari anggahota teh nya jadi jiwana ! 
Nu matak lamun ngajalankeun goreng, 
eta lain ngan ngaruksak kana kapercayaan diri  bae, tapi sarua jeung ngaruksak kana kapercayaannana dunya ieu nu gede ! 
jadi ayeuna:   
“geura nyaah ka diri”  -- 
“gera nyaah ka Dunya” 
“geura pandang diri batur,
sing cara ka diri  sorangan ! “ – 
sabab saha-saha nu teu nyaah kana dirina 
(resep ngalampahkeun goreng) 
eta sarua bae ngotoran dunya iyeu nu gede !


Anggahota  sing mulus 
(ulah cawadeun jeung sehatna), 
ari anggahota eta teh jadi jiwana badan. 

mun anggahota  teu mulus,
jiwa  tangtu jadi kalang-kabut,
badan  nu tangtu ngarasa rugi !”

Sabalikna mun badan  salamet,
badan teh bakal bisa dei 
jadi anggahota dunya gede,
ari anggahota teh jiwana tea, 
sarta jiwana dunya gede gumantung 
ka anggahota nu marulus,
tapi lamun  teu salamet (jahat), 
dunya gede oge ku “ayana”  teh, 
tangtu milu ngarasa rugina.....

sabab di dunya ieu teh urang sarerea 
ngan ibarat nu keur tooneel (ngalakon) 
dina luhur panggung kamedi, 
bari ngarigelkeun (ngamaenkeun) 
sapakean-sapakeannana, 
ku lantaran eta geura turut sarta kanyahokeun kumaha pipanteseunnana jasmani  
di daya upayakeunnana di dunya gede ieu, sangkan ulah kacawad ku dunya jeung pangeusina, tur ulah ngalanggar kana paraturannana nu geus ditetepkeun 
ku Drigama jeung Agama, 
nya eta :


Mun make jasmani manusa, 
geura lampahkeun kamanusaan.
Mun  make pakean haji, 
geura lampahkeun kahajian.
Mun  ditiung, geura ditiung ku lampah nu harade.

Sabab ti badan nepi kana pakean 
eta geus mere pagawean ka urang, 
sarta pikeunv nyusurupna 
nya-eta ku kanyaho  tea.

Karena lamun  teu nyaho, 
kumaha engke dina luhur panggung, 
ari pakean cara (dijieun) ki-kiaian 
ana prak laku lampah siga anak muda 
(budak ngora), 
atuh anu tangtu  nu lalajo oge teu resepeun , lantaran ku teu surup tea, 
komo ari cara anu jadi tooneel-directeurna mah, tarakadang maneh moal dijieun anggahota (panggawe) deui tina ena tooneel.

Kumawula ka Gusti oge 
eta teu sabaraha bedana, 
numatak geuning ku aksara BISMILAHI 
(pamuji ka Gusti) oge 
sok dimimitian ku ALIF heula, 
sigana bae eta ngandung maksud nu kieu hartina: 
Samemeh nyebut asma Pangeran teh 
samistina mah kudu lempeng heula patekadan, sabab lamun teu lempeng nya lampah mah sanajan muji ku ucap ka Gusti taya eureuna  oge,
eta teh taya gunana....., 

ku lantaran eta samistina kudu boga curiga, sacara urang ka nu jadi dunungan geuning sok boga sieun aya kasalahan lampah atawa pagawean , 
tampolana eta kasieun teh sok kabawa ka imah, cing atuh ka Pangeran oge sing nepi ka kitu, 
ulah ngan nyuriga 
sieun teu kapake ku dunungan bae, 
sieun barang aya nu maling bae, 
tapi sing boga oge curiga sien KUMAHA 
lamun Rochani nu ngusik-malikeun jasmani urang ninggalkeun? 

Kapan eta nu mahal hargana teh. 
Malah ceuk nu nyanyahoan mah 
Rochani nu aya dina badan urang teh 
beunang oge diibaratkeun 
swarga urang di dunya anu leutik. 
Sarta karaosannana taya tandingna, 
ibarat widadarina, hayang majik teh salawasna.


Sanajan ngabogaan dunya oge, 
kumaha lamun teu boga pangawasa ?

Sanajan ngabogaan dunya oge, 
kumaha lamun teu boga kadaek ?                                         
Sanajan ngabogaan dunya oge, 
kumaha lamun teu boga kanyaho ?

Sanajan ngabogaan dunya oge, 
kumaha lamun teu boga hirup ?

Sanajan ngabogaan dunya oge, 
kumaha lamun teu boga denge ?                                           
Sanajan ngabogaan dunya oge, 
kumaha lamun teu boga tenjo ?

Sanajan ngabogaan dunya oge, 
kumaha lamun teu boga ucap ?

Jeun kumaha cing raosna ?

Aya rasa nu nandingan ?

Sugan ari  geus kaharti 
yen enyana rochani teh hargana leuwih mahal 
ti batan kaayaan dunya nu sakieu gedena, 
tur euweuh hiji toko anu bisa ngajuwal, 
sugan geugeuy maneh moal arek migawe 
hiji pagawean  nu temahna matak nyilakakeun 
ka batur nu jadi sasama  hirup, sumawonna keur diri  pribadi.


sing bener jajarannana, 
sing ati-ati nya ngajagana, 
ma’lum usum hileud, 
ari hileudna teh nya eta babakuna 
nu nomer hiji anging makhluk nu sirik-pidik , gawena upat-simuat, caritana kitu-kieu 
tapi teu maksud menerkeun , 
malah anggur ngagorengkeun 
nu lempeng ge di pengkolkeun , 
ni kitu mending pek ingkeun. 
Sabab lamun dilawanan, carita jeng siluman, 
ka urang sok molototan, 
rasana bener sorangan.

Palebah dieu sing sabar teh, 
turutan tuh sakabeh tatangkalan 
nu jadi eusina ieu dunya, 
naha aya hiji tangkal nu buahan lain buahna, daunan lain daunna , kembangan lain kembangna, enz ?.................. 
Geuning tuh kalapa, tangkalna kalapa buahna kalapa malah sagala-galana oge kalapa, 
nu sejen ge kitu deui !..... ......

Jeung sakabeh , 
hirupna teh estu berguna keur sakabeh mahluk anu ngareusian dunya gede  ieu, 
contona tina tatangkalan jeung bubuahan 
nu ngareunah nepi ka tatangkalan nu ngandung racun pisan eta berguna . . . 
karena lamun teu aya nu karitu , 

kamana sarina ieu dunya surupna? 
Mohal sugan ari kalapa  atawa racun mah surup ka urang !!! 
Sari buah kapan surupna ka buah deui. 
Haseum, amis, peuheur, enz. 
Kapan puguh surupannana ! .... 

Nya kitu ayeuna , gera petakeun kanyaho, 
sing surup ka adeg , da  oge bangsa mahluk, 
nu wajib jadi kawula, 
tur saeutik-eutikeun geus nyaho :

NAON HARTINA I L M U ?

NAON HARTINA ILMU ?
Mun urang nyaho ka diri,
Sugan moal hiri dengki,
Malah loba suka seuri,
Ngumbara di alam Mulki,
Mulki teh bejana dunya,
Nu peutingna nanding beurang,
Matak diri sing karunya,
Ka sasama nu teu terang,
Bejaan geura bejaan,
Ulah resep maseaan,
Mun puji diri enyaan
Tangtu miceun kasatoan
------------------
Terasna carita

Di saamparan jagad jeung satungkebing langit rata-rata anu rupa mahluk Pangeran 
sarta bersipat manusa mah sabagian gede pada ngaraku ngabogaan Agama, 
malah anu tara-tara oge ngajalankeun prakna tina per-adatan Agama, eta teh babakuna sok embung ana disebut teu ber-agama ku anu sejen teh.

Ku lantaran eta atuh urang teh perlu kudu nyaho kana maksud-maksud jeung tujuan Agama, 
sabab ngan eta kaperluan urang pikeun 
anu saumumna di lahir jeung di batin 
ari pihartieunnana Agama teh nya-eta 
ibarat ageman (cecekelan) pikeun puntanganeun urang dina enggon-enggoning 
neangan kasalametan ti awal nepi ka-akhirna.

Jadi lamun urang hayang salamet teh 
nya-eta kudu beragama, 
sabab lamun teu ber-agama urang teh 
mohal nyaho di bener 
nya-eta jadi sok carekcok tea!

Palebah dieu tetela kajeun urang geus nyaho beredelannana (bilangan peteuyna) 
Rukun-rukun Agama lamun teu jeung prakna make peradatan Agama, 
jadi kumaha disebutna.

Jeungna deui geus diterangkeun di luhur 
yen meh sakabeh pada ngaku baroga Agama, 
tapi kulantaran dunya teh lega 
sarta bangsa jeung bahasana oge beda-beda, 
ana kitu pantes timbulna kanyaho (theori na) teh beda-beda , 
dimana-mana teorina beda geus tangtu prakna milampahan per-adatan Agama oge beda-beda. Nya kitu deui tina hal katerangan (tuduh jalan) kana kaTuhannana oge sejen, 
nurutkeun kumaha kabangsaan 
jeung  adat turunan ti luluhurna bae.

Ari ka-Tuhanan teh nya-eta kapercayaan; 
pangna urang daek nyekel Agama teh 
kulantaran boga kapercayaan ; 
tapi enggon-enggoning urang  boga kapercayaan teh kudu nyaho heula sarta oge kudu nyaho sabab-sabab pangna urang kudu percaya teh! 

cindekna mah "ulah rubuh-rubuh gedang!" 
Sabab ari teu nyaho , atawa sok tuturut munding  mah eta kapercayaan teh moal ajeg, 
anu matak memeh percaya teh 
kudu dikanyahokeun heula sing nepi ka terangna ku uranga sorangan. 

Katerangannana kapercayaan sangkan jadi IMAN

Ari hartina Iman teh nya-eta geus percaya, 
tetep, pageuh, geus teu beunang 
diongget-ongget deui dina enggon-enggoning migawe sagala pagawean, 
lantaran geus terang anu tangtu ka nu di tujuna.

Tah nya kitu deui dina hal Agama 
jeung ka-Tuhanan oge teu aya bedana 
samemeh urang migawe teh kudu terang heula 
ka nu dipercaya, 
sangkan dina jero digawe ulah rek ham-ham 
jeung terang naon sababna nu matak urang 
kudu migawe Agama.

Di sakabeh Agama jeung ka-Tuhanan 
atuh tangtu  aya Rukun-rukunna 
(bagian-bagiannana anu kudu dipercaya 
jeung dipilampah), 
saperti dina kanyaho pribadi bae : 
mimiti Iman teh nomer hiji urang kudu :

Percaya ka Allah

Ari jalan-jalanna urang rek percaya ka Pangeran urang kudu nyaho sing bener heula 
naon ari Pangeran teh ? 
jeung kumaha jalannya percaya? ...... 


Lamun urang hayang nyaho sarta ulah nepi 
ka beunang dibobodo , 
urang ulah pisan rek gampang percaya kana beja atawa tuduh batur anu teu kaharti ku akal urang, sabab ari Pangeran mah moal beunang 
ku di tuduh-tuduh kana barang kajadian 
anu sipat anyar, 
anu matak ulah pisan urang kumawani 
arek mapandekeun  Anjeunna 
ka nu sifat wujuding dunya, 
kana cahaya, 
suwung jeung sajabi ti eta.  


Naon sababna ? 
Ari sababna, WUJUD Pangeran mah 
lain barang kajadian, 
tapi ESTU asalna sakabeh kajadian (lahir-batin), jadi palebah dieu tetela sarta omat urang ulah rek kagelo nyebut Pangeran ka nu lain-lain ! 
nya-eta anu geus  dicaritakeun di luhur tea. 

Ari katerangan nu babaku 
pikeun tuduh ka Pangeran 
nya-eta kudu make jalan katerangan sipat anu 20, sabab lamun henteu make jalan eta mah 
urang hese rek ngahartina, 
ana teu ngarti atuh bororaah rek percaya , 
nyaho oge moal !....

Jeung deui lamun rek neangan 
WUJUD Pangeran di alam kasar mah 
moal panggih, 
sabab anu araya di alam kasar kabeh oge barang anu anyar , saperti 
wujud (badan) urang mah asal tina acina kadaharan anu didahar ku indung-bapa , 
ari kadaharan nya asal tina kaayaan dunya 
anu geus mangrupa (ngawujud) sarta katerapan rupa-rupa sari anu kajadian tina ayana 
seuneu , cai, angin jeung bumi katut hawa-hawana anu asal tina kaayaan alam (natuur), 
ari pangna urang nyaho kana eta rupa-rupa katerangan anu disebut di luhur lantaran 
ayana cahya (katerang) 
anu aya dina suwung (batin). 

Jadi tetela kabeh sakur nu diterangkeun bieu LAIN Pangeran, tapi ngan Kamurahanna bae atawa aya oge anu nyebut "Rachmatulah" tea. 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar