Rabu, 15 Desember 2021

Kumaha ngagawekeun nana Kudrat ? 7 sipat ma ani

Kumaha ngagawekeun nana Kudrat ?


Ari ngagawekeun Kudrat, 
nya-eta : 
urang kudu daek IRADAT, 
hartina daek tarekah metakeun Kudrat tea, 
jadi palebah dieu tetela pisan 
yen samangsa-mangsa urang katerapan Kudrat sarta daek Iradat atuh anu tangtu tea 
urang bakal "NYAHO" , 
tah eta kanyaho teh sidik lain beja ti batur, 
tapi estu kanyaho pribadi 
lain rubuh-rubuh gedang, 
nukitu disebutna ILMU.

Tapi dina enggon-enggoning  boga kanyaho teh , nya-eta tina urang daek   I r a d a t,    
ladang K u d r a t, 
eta kudu disaksi ku nu terang  :

HAYAT (hirup), 
ari hartina hirup teh lain ngan nyawaan bae, 
tapi ari hirupna Hayat mah lain ku napas, 
tapi nu ngabogaan akal pikiran 
sarta kalawan dipakena tara sok tuturut munding, cindekna mah nya-eta batin nu titih.

SAMA (ngarungu), 
ari ngarunguna Sama mah lain nu make ceuli, 
tapi nu suhud dina enggon-enggoning milampah sagala gawe.

BASAR (ningali), 
ari ningalina Basar mah teu make panon, 
tapi awasna hate, lantaran nggeus ka-elmu, 
urang teh bisa nyaho kana bakal kajadiannana anu rek dipigawe.

KALAM (ngandika), 
ari ngandikana Kalam lain ku sungut, 
tapi ucapna batin, 
hartina sanggeus 3 saksi ngagulung jadi hiji, 
nya-eta : 
Akal pikiran, 
Suhud jeung 
Nyaho kana pijadieunnana, 
nya tuluyna jadi TEKAD anu saenyana 
(Kalam) tea.

katerangan nudi luhur sugan piraku teu kaharti, sabab rek nyokot jalan mana 
urang neangan WUJUD  
lamun lain ku jalan make katerangan 
ti eta 7 sipat? 
sarta sok asa mustahil 
lamun urang geus terang 
kana ayana Wujud Pangeran, 
urang masih keneh rek henteu percaya? ! . . . 

jeung mustahil rek kumawani 
rek mapandekeun Anjeuna kana Alam 
jeung kaayaannana (lahir-batin) mahlukna? . . . 

Karena entong-entong ka Pangeran , 
cacak kana aya  Kudrat oge 
geus teu bisa mapandekeun  - - - 
Cindekna mah ari Wujud teh 
anu jadi asalna, 
nu "aya " jeung nu "euweuh".

Katerangana kieu :
Pangna urang nyaho 
"ayana" jeung "euweuhna wujud dunya 
anu alanyar oge 
lantaran urang geus katerapan Kudrat , 
saperti : elingan - tenjo - denge - ngambeu - ngucap - mikir - ngarasa - obah - jeung ngalangkah -- 
ku sakitu  oge urang geus bisa 
ngucapkeun omongan "aya" jeung "euweuhna" wujud anyar kujalan urang daek metakeun Kudrat.

Ayeuna urang geus terang 
yen Kudrat (Pangawasa Pangeran) teh 
lain asal tina natuur (kaayaan Alam -- Rochmat'ulah) 
tapi asal tina Kudratulah (Wujud Pangeran) -- Nafsiah ?
Nya-eta jalanna make karerangannana 
7 sipat Ma'ani tea: 
Kudrat, Iradat, 
Ilmu, Hayat, 
Sama, Basar jeung 
Kalam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar